Amuk - Dédén Abdul Aziz

"Experiencias de Paz" kénging Carmen Rafecas.


NGALENYAP. Sajorélatan silalatu témbong tungtungna. Hateup-hateup eurih tinggal ruhakna. Ruhay sakedapan. Tuluy pareum diusap réma-réma angin. Tuluy murag, burakrakan tina rangkay-rangkay nu tinggal tulang. Tuluy ilang.

Sakedapan Irin museurkeun paneuteup. Bola-bola kaca nu ngembeng ku cimata. Boborélakan. Jadi eunteung seuneu tina unggal suhunan nu beuki lila beuki ngaleutikan. Musnah. Angin mareuman panon Irin. Mépés napsu. Lus-les ukur ninggalkeun tapakna.

Huh!

Rénghap panjang, bada tutas ditahan-tahan.

Kahayangna mah tuluy nyegruk. Boa, mun bisa mah ngagoak. Tapi, kasimpé nahan sora kaluar. Ukur bedah jadi wahangan, tina talaga nu ngembeng dina bola-bola kaca. Mata Irin. Cimata Irin.

Tina jandéla nu dibalur simpé. Sapasang mata Irin ngan wasa nyaksi, tapi teu wasa wakca. Saksi tina amarah rébuan pasang panon nu ngabebela ku seuneu. Imah-imah rubuh dihuru. Saksi tina murkana papasangan leungeun nu ngagalaksak. Babatang-babatang rangsak ditandasa. Tanpa daya. Tanpa walakaya. Jasad-jasad nu dipaksa perlaya. Raga-raga ilang nyawa dihakan amarah.

Byaaarr!

Mun wasa mah Irin hayang ngagoak nempo getih lalambaran di buruan, dina téras, dina panto, dina kaca, dina bilik. Dina sakujur badan nu raca tapak ngakaya. Beuheungna. Beuheung nu lir teu wasa nyambungkeun sirah katut ragana. Hulu nu méh paragat ti kujur. Ukur disambungkeun ku sésa-sésa kulit luar jeung getih lalambaran.

Nu katempo ku panon Irin ukur téror. Thriller nu meupeuskeun kasimpé kampung. Nonjokan haté-haté nu terus sabil.

Kertasari ketir.

Kampung nu keur Irin asalna jadi pamépés haté téh salin rupa jadi jaladri nu pinuh ku tatit. Nyawa-nyawa ilang dina itungan poé. Welasan imah jadi ruhak. Jadi tumbal amarah rébuan jalma nu masing-masing lir nyandingkeun ruhna Dasamuka.

Dina itungan Irin, geus tepung saratus poé lembur-lembur nu aya di pakidulan ditarajang téror. Nyawa-nyawa siga nu gampang leupas tina banusanana. Salasa kalahanganana Aki Anu. Jumaah kaliwat Nini Itu. Salasa deui Amang Éta. Jumaah deui Ibi Ieu. Salasa deui. Jumaah deui. Salasa. Jumaah ....

Poé-poé nu lir dipola. Dipatok tanpa bisa robah. Tinggal unggal keteg angen ngilu ngabsén: Salasa ayeuna saha? Jumaah hareup lembur mana? Aing ...?

Itungan nu ahirna tepi ogé.

Lain jol ka jinisna, tapi kasebut beubeulahan jirimna. Ma Raki. Kolot nu salila ieu méré tempat sacangkéwok na haténa keur tempat ngarereb. Tempat reureuh Irin.

Soulmate Irin.

Jirim Ma Raki nu ngelemeng lir taméng na pikir Irin témbong ngalungsar. Ngababatang. Raga jeung rupa nu geus teu mangrupa.

Harita Irin hayang ngajerit maratan langit. Tapi goakna ukur tepi kana gegenggerong. Awakna nu rék ngoléab rubuh téh kaburu dijéwang satengah digusur dibawa lumpat ku Sambas. Sambas?

“Kumaha Ema, Kaka?”

Kunyem biwir nu teu soraan téh dipeungpeukan leungeun nu ngageter. Lain ngageter, tapi ngadégdég. Laju satengah ngorondang Irin katut Sambas ngalolos mapay rerembet kakayon jeung saliara. Sakapeung ngaraas tegalan bari dipindingan ku pepedut. Ngajauhan renghos hawa amarah nu masih ngambang di awang-awang.

Gusti!

Bari ngarebahkeun awakna nu rampohpoy, Irin nyegruk kana dingding leuit di pipir hiji imah. Teu jauh, Sambas ngajanteng, nyérangkeun tapak nu tas disorang. Ukur sakapeung kacaangan ku kingkilaban, awak Sambas tembong lir kalangkang batu nu ngabisu. Ngabigeu ...

*

SADAR Alam. Tingkaretip lampu-lampu sapanjang wahangan Cipandak. Cahaya damar nu keur ngaheurap.

Lembur masih kalingkup meredong peuting. Tapi hawa karasa bébas tina seuneu amarah. Héab murka nu saméméhna nungkeb jagat, di dieu, ilang teu sakara-kara.

“Hiap, Jang. Ajak nu di luar ka dieu. Peuting masih kénéh panjang ambahan,” cék sora linduk nu ngagero ti jero imah. Agem tapi mikasono.

Panto ngeblak ti jero. Cahaya lampu nyebrot kana awak Sambas nu keur nukang.

Bari malik sakaligus, Sambas ngasongkeun leungeun. Irin hayang muntangan leungeun nu témbong ngageter, tapi teu katepi. Ngan satengah jalan leungeun Irin mapag pangajak Sambas. Tuluy ngulapés deui. Ilang pangawasa.

Satengah digusur deui. Disangkéh. Dituyun, dibawa asup.

"Amang!” sora Sambas ngeleter.

“Tong geruh, Jang. Masing tumaninah. Mun geus pépés, jig geura ka tajug. Keun, nu dibawa mah tong dipimélang deui. Geus merenah di tempatna,” cék nu ngabagéakeun.

“Amang!”

“Teu kudu digalantangkeun da kajeueung ku gerentes gé, Jang. Mending longsongkeun heula pikir jeung rasa.”

Gusti! Idiolog dua waruga béda jaman. Nu rék ngageuri jeung nu mépés pada-pada ngedalkeun kecap nu béda. Irin ukur bisa ngararasakeun dua sora nu patémbalan téh pada-pada nyidem rasa, najan teu nepi ka nembrak.

Jung!

Awak Sambas nu asalna numpra luhureun palupuh téh cengkat. Teu sakara-kara. Tutas paamprok teuteup, manéhna ngaleos. Ngariksa ka palebah Irin gé ukur ku sarérétan. Tuluy ngaléos ka luar. Ngagedig, nyisi wahangan Cipandak ka girangkeun.

Irin ngan wasa nyatet potongan adegan bieu jadi frame-frame gambar bisu, sedengkeun uteukna masih kénéh lelet muter rékaman thriller panjang nu can lila kaalaman ku manéhna.

*

SORA-SORA. Gumuruh suku ngalindih lemah. Séah amarah. Ratusan pasang leungeun nu mawa obor jeung pakarang. Tingkariceupna seuneu jeung tinggurilapna samurai.

Dok-dak sora panto dibalédogan.

“Kaluar! Kaluar! Kaluar!

“Kaluar Nini Raki!”

“Gantung Rawé Ronték!”

“Gusur! Rurud!”

“Oyod!”

“Géyot!”

“Paéhan sakalian!”

Sora panto didobrak kalawan paksa. Dengékna sora awéwé kolot. Lain, lain ménta pangampun. Tapi, takbir nu teu tutas. Teu parat, kaganti ku segorna sora nu paragat.

Awakna témbong digusur ti jero imah. Didamparkeun di luar. Di buruan.

Siga nu dikomando, ratusan leungeun nu ngabar pakarang paheula-heula ngaheumbat muru jasad nu geus ngalungsar.

Crut-crot. Lalambaran. Maseuhan lemah. Getih di buruan, dina teras, dina panto, dina kaca, dina bilik.

Pikiran Irin geus miheulaan kaluar. Muru waruga nu geus ngababatang teu mangrupa. Tapi, réspon badan nu lambat batan pikiran lir katarik ku tanaga gaib. Kateug teu lepas. Ngaraga meneng dina tempatna.

“Hiji deui!”

“Téang saurang deui!”

“Hijikeun!”

“Sakalikeun!”

Seuneu geus ningker sakurilingna.

Irin kajebak di jero kamar nu geus pinuh ku haseup. Di luar, obor-obor masih terus ngahuru imah. Peureup paseluk jeung bedog nunjuk ka jero imah bari sora terus cowong tingjorowok. Meupeus jomantara. Ngisit langit.

“Iriiin ...!”

Teg. Moal ka mana maksudna.

*

GAMBAR ilang.

Rékaman jalan nu simpé. Rerembet nu disorang satarabasna. Sapasang leungeun. Dampal nu ngabekem baham. Obor-obor nu kokolébatan satukangeun léngkah. Siga nu teu reureuh ngabeberik. Kawas nu terus nunutur. Jalan nu disorang siga nu taya tepina.

Sora panto meundeut meuyarkeun fragmen nu keur muter lelet na uteuk Irin.

Taya adegan nu kaliwat. Sirah Irin ngawadahan sakabéh rékaman. Rékaman Irin lengkep, lantaran teu sadetik ogé lelembut Irin leungiteun pangawasa.

“Hadéna ngagaduhan haté nu teu weléh nyaring, Juag!”

Irin siga nu kalilirkeun ku sora nu agem tapi linduk. Teu jauh ti dirina, lalaki nu ku Sambas disebut Amang témbong nyérangkeun. Sorot panonna nu seukeut tapi leleb téh lir cai nu nyeuceuh embun-embunan Irin.

“Reureuh. Reureuh. Reup. Mata turu. Turu. Ati tanghi. Tanghi!”

Irin teu walakaya hayang mukahkeun mata. Panon peureum. Tapi panénjo haté malah jadi leuwih béngras. Batin Irin siga nu dilésotkeun tina bangbaluh.

Huh!

Rénghap panjang ngalubarkeun rereged.

Karasa longsong pisan.

Irin cengkat. Nyampeurkeun. Madep lain ku paneuteup, tapi ku ati nu cengeng.

“Cekap, Juag. Geura lugay!”

Teu sakara-kara. Mata Irin beunta. Paamprok jeung panon nu pinuh ku pangajak. Ngajak miceun ruhak nu masih kénéh nyésa na tempat-tempat nu pangbunina di jero haté Irin.

Dua pasang mata pada-pada nyebrotkeun paneuteup. Siga nu silih téangan. Silih ajén. Silih ukur kakuatan. Sorot mata Irin nu jojorélatan némbongkeun jandéla nu masih kénéh nyésakeun cucuk-cucuk kaceuceub. Napsu. Amarah. Murka. Dendam. Katugenah. Putus asa.

Sabalikna, sorot mata nu angger ajeg tapi liuh. Sorot mata nu kandel ku rasa percaya ti sepuh nu disebut Amang. Bari teu lésot paadu teuteup, manéhna imut bangun anu ajrih ka Irin. “Anaking,” cenah. Paneuteupna nanceb kana hihideung panon Irin.

Dua pasang mata masih lelet pateuteup. Ngan, geus teu patéangan-téangan deui. Dua seuseukeut mata nu geus peuray jadi teuteup saujratna.

Luk!

Irin tungkul. Kadéngé rahuhna.

Nu jojorélatan dina bobodas mata Irin musna. Diganti ku keclakna cai nu beuki lila beuki kerep siga hujan silantang nu bedah.

“Gusti!”

Haté nu jumerit.

Sora nu kedal ngan rénghap.

Segruk wé.

*** 

Cianjur, Oktober 2010 







DEDEN ABDUL AZIZ, lahir di Cianjur taun 1972. Pangarang, wartawan, bobotoh Liverpool FC garis keras. Nulis sajak, carpon, jeung novél. Taun 1990 kuliah di Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia IKIP (UPI) Bandung. Ngadegkeun sarta jadi ketua munggaran UKM ASAS (Arena Studi Apresiasi Sastra) IKIP Bandung. Kungsi dilélér hadiah sastra DK Ardiwinata taun 1994 jeung taun 1997. Bukuna anu geus medal, lian ti antologi gabungan, nyaéta novél Pangantén (taun 2003, dilélér hadiah Rancagé taun 2004), kumpulan sajak Ibadah Daun (taun 2012), jeung kumpulan carpon Sagagang Simpé (taun 2020).

Posting Komentar

0 Komentar