Zoom - Imas Rohilah

Ilustrasi: Weeping Woman kénging Pablo Picasso (1937)

GAUK deui Arsy ceurik ngarangkul indungna. Indungna cengkat ngarangkul Arsy. Nyungkruk na dada indungna. Paungku-ungku. Bapa Arsy colohok rut-rét, ka anakna, ka pamajikanana, konci motor masih kénéh dikeukeuweuk. 

*

AYA tilu pelajaran ti jam tujuh tepi ka jam dua belas téh. Kabéh pelajaran maké zoom. Biasana mah paling sapelajaran anu zoom-an téh. Atawa malah henteu sama sakali. Malah aya pelajaran nu ukur dititah nyalin eusi chat WA ku guruna. Poé éta mah Arsy kudu siap-siap camekblek hareupeun léptop. 

Ngan untung indungna tara ngantep. Ti anggalna kénéh sok nyadiakeun cai na gelas gedé jeung lalawuhna. Naon baé nu kira-kira ngadaharna teu hésé. Jiga poé éta. Bajigur sagelas gedé. Ngahaja indungna nyieun. Ambéh teu tiris, cenah. Ma’lum usum hujan. Goréng pisang sapisin. Puguh wé karesep Arsy. Sasarap mah geus puguh tara tinggaleun. Indungna sok céréwéd ngahayoh-hayoh. 

Lila kénéh ka jam tujuh mah, pelajaran kahiji, Pa Ikbal, guru kameumeutna. Arsy leumpang muru téras. Los ka luar. Kasampak Indungna anteng ngulinkeun gunting di antara pot-pot kembang kaladi. Koléksi anyar ti saprak aya sasalad. Kituna téh ampir unggal isuk, sanggeus saréréa rérés sasarap. Sok ngaheulakeun kekembangan, puguh karesepna. Cekrék-cekrék motongan dangdaunan anu lalayu. Leungeun dasterna disinglidkeun. Buukna dibeungkeut ku karet geulang. Awir-awiran sawaréh teu kabeungkeutkeun. Polah indungna dibandungan ku Arsy sakedapan. 

Boro-boro usum sasalad kieu, usum biasa gé indungna mah tara ka mamana. Ka pasar gé diaanteur ku bapa Arsy saminggu sakali. Éstuning nguyek di imah téh enyaan. Bébérés-beberesih, supa-sapu, sasah-seuseuh. Katingali rinéh jeung dangdan téh méméh lohor jeung pasosoré minangka ngagaya, ngararapih awak, nungguan salaki. Bapa Arsy matuh balik heula palolohor, tara lila ukur ngadon salat jeung ngawadang. Balikna deui ka imah ngahaeub ka magrib.

Arsy nangoh dina pager. Sukuna rada jéngké. Leungeunna naleukeum kana panto pager. Jadi dadampar pipina. Sirahna déngdék nyanghareup ka jalan. Pelongna kosong. Aya ku tiiseun. Sésa hujan peuting singgarenclang kénéh dina aspal. Sakapeung motor ngadius liwat hiji-hijieun.

“Ci, rék ka mana?” tanya indungna hookeun. Rut-rét kana tangtungan Arsy ti luhur ka handap. “Sakola?” tanyana deui. 

“Muhun,” témbal Arsy.

“Sakola … ka sakola?” tanyana deui bari cengkat. Gunting kembang diécagkeun. 

“Sakola di dieu, Mah. Di bumi, zoom.” Arsy kéom.

“Naha kudu disapatu kitu saur Pa Guru?” indungna nyureng.

“Henteu, ah hoyong wé disapatu. Lebar tara dianggo,” pokna deui. 

Indungna seuri maur. 

“Rada sereg ayeua mah tuh, Mah!” Arsy ngageblig-gebligkeun sukuna. Nuduhkeun yén sapatuna mimiti sereg. 

“Heueuh, lebar,” ceuk indungna semu humandeuar. “Kumaha silana meureun disapatu mah?” tanya indungna deui bari nengetan dangdanan anakna. Dasi ngagamblék na dada, katutupan sawaréh bagian luhurna ku tiung. Papan nama naplok na tiung lebah dada beulah katuhu. “Erok gé rada ngatung geuning, Ci,” pokna, dangdak-déngdék niténan erok biru Arsy nu rapih. Lipitanana ngajariripit semu sareukeut, meunang dirina ngalicin, tara ngandelkeun Arsy, can pati bisaeun ari erok lipit mah. 

“Muhun, Mah, pan Aci ngajangkungan,” ceuk Arsy bari seuri. “Tapi saé kénéh, lebar nya?”

“Ké meuli deui mun sakolana di sakola mah,” ceuk indungna.

“Ari ieu ka manakeun? Saé kénéh pisan,” Arsy ngiwirkeun erok seragamna, rada disingsatkeun. Témbong léjing nutupan bitis Arsy, sapulas jeung erokna. 

“Bikeun wé ka nu butuheun.” Ceg deui kana gunting kembang. Arsy ngahuleng.

Kirining alarm disada. 

“Tah alarm, hayoh ka dituh.” 

Arsy ngojéngkang. 

“Arék disapatu waé kitu zoom-na?” 

“Muhun.” Arsy ngiles ka kamarna. 

Ngahaja Arsy sok masang alarm tanda kudu mimiti diajar, ambéh teu elat. Gék Arsy sila na babantalan hareupeun méja modél Jepang nyanghareupan léptop. Puguh wé rada ugal-ugil nempatkeun sukuna da paguh disapatu. 

Arsy mariksa deui eusi kuota dina hapé sieun kurang. Sieun keur zoom-an, ujug-ujug saat kuotana. Sieun teu bisa on cam, apan mun diajar maké zoom, kudu on cam waé. Baju kudu rapih. Kudu berséka. Malah sok dipariksa, geus mandi acan, geus sasarap acan. Geus puguh ari telat asup kana room mah ulah pisan. 

Bray laptop dihurungkeun. Tétring dikonékkeun. Asup kana classroom. Ngeusian absén. Klik link zoom dina kantong tugas. Sup meeting id. Mariksa kaméra jeung mik, sup password. Muir sakeudeung, bray rohang zoom. Kasampak sababaraha urang babaturanana geus naronghol na layar, récét. Sok diantep heula mémang ku guruna. Sina balacéprot heula ngalobrol. Kira sapuluh menit ti dinya, kakara pangajaran dimimitian. 

Pelajaran nu ieu mah Arsy sumanget pisan, pédah Pa Ikbal mah motékar. Sok aya game interaktif, maké vidéo kartun nu aralus. Kartunna téh tangtungan guruna wé, dipéci. Sorana, sora guruna deuih, agem, gentem. Arsy mah sok pogot wé ari diajar maké vidéo nu wandana kitu téh. Béda jeung pangajaran anu ukur maké WhatsApp. Matéri pangajaran ngagebay dina chat WA. Sok horéameun Arsy macana, kalan mah ukur di-scroll da seseringna mah eusi chat WA kitu téh sok aya dina buku pakét gé, tinggal macaan. Bosen kitu jeung kitu. Resep kénéh zoom sabenerna mah. Arsy sok raise hand. Atawa ngajawab pertanyaan guruna dina chat room. Malah sakapeung mah, Arsy sok dijadikeun co-host ku guruna.

Réngsé aras-urus kekembangan, indung Arsy sasapu, ngepél. Réngsé éta, sup ka jamban, gusrek nyeuseuhan. Néma kana sukat-sikat ubin jamban. Kaluar deui ti jamban, rék popoé, susuganan aya panas ka beurangnakeun. Ras ka anakna nu keur diajar, jorojoy hayang nempo. Sok émbér seuseuhan diteundeun heula deukeut tétécéan. Rada ngeteyep muru kamar anakna. Lain ku nanaon sieun ngaganggu. Ngintip sakeukeudeung, ngadédéngékeun. Kareungeu aya sora guru keur nyarita, bangun keur nanya ka hiji-hijina murid. 

“Arsy Astuti Aisah ….” Jempling. “Arsy Astuti Aisah …, Arsy … Arsy ...” cenah sora agem tina léptop. Giliran Aci, gerencemna. Ceulina tirancung-rancung hayang ngadéngé jawaban anakna.

“Arsy, bisa? Coba ulangi yang Bapak jelaskan tadi …! Arsy .… Lho, on cam, tapi Arsy-nya ke mana?” Sora gentem kareungeu deui. Kareungeu sora barudak singaraci. “Aci-nya nggak ada Pak,” ceuk salasaurang. 

Indungna hémeng, naha nggak ada cenah. Panto kamar lalaunan disurungkeun, muka. Ana bréh, Arsy témbong keur nyangkéré, babantalanana ditangkeup. Sapatuna sabeulah nogél deukeut suku méja, sabeulah dipaké kénéh. Bajigur tinggal satengah. Tunjangeunana, pisang goréng kari hiji. Léptop mah hurung ngagagateng.

Kapireng deui sora guruna, “Arsy …. Tinggal Arsy yang belum.” Ditéma sora barudak rada raéng. “Ke jamban, Pak.” “Tidur, Pak.” “Ke kantin, Pak.” Bari saleuseurian kituna téh. 

Indung Arsy ngeteyep nyampeurkeun. Lol kana layar léptop. Héran, naha dirina aya dina layar. Rét kana layar, raronghok beungeut barudak pantar-pantar Arsy, keur singcalengir. Ditingali deui aya lalaki kasép dipéci, umurna kira sahandapeun dirina. Nu singcalengir robah jadi saleuseurian. 

“Ssstttt … stttt …. Jangan gitu anak-anak, udah, udah! Maaf Bu, Arsy-nya ke mana?” 

Hah? Ngajak nyarita? Oh, guruna Arsy. 

“Muhun, Pa, kumaha?” ngajawab ahirna mah bari mencrong seukeut kana layar léptop. 

“Arsy-na ka mana, Bu?” tanya Pa Guru deui. Indung Arsy olohok sakedapan, kasima ku pamulu nu sieup dina layar, sora nu hipu, jeung pangalaman nu anyar. Barudak dina ruang zoom sahéng teu beunang dicaram ku guruna, singcalengir, malah aya nu seuseurian lepas. 

Arsy gigisik. Engeuh kana kaayaan, koréjat hudang. Indungna kadupak rada ngadayagdag, tapi geuwat ngajaga kasaimbangan. Dina layar singbarakatak babaturan Arsy saleuseurian. Tapi teu lila sorana euweuh, ukur témbong singcalawakna. Di-mute ku guruna. 

“Mamah ka ditu!” Arsy nyurungkeun indungna. 

“Ku naon ieu téh?” indung Arsy kagét dikitukeun, tapi teu burung mundur tina hareupeun léptop, bari olohok kénéh kituna téh. Arsy gasik nutup kaméra jeung mik zoom. Katingali kénéh babaturanana cacalawakan, tangtu keur aréak-éakan kénéh nyeungseurikeun dirina dina rohang zoom. 

“Jangan gitu sama mamahnya, Arsy, ga papa …. Sudah, sudah, ga papa!” kareungeu guruna cacarita ngalelemu.

“Mamah mah kitu!” Arsy camutrak bari sahinghingeun ceurik. 

“Arsy, ga papa, ayo dilanjut lagi belajarnya. Mamah Arsy, maaf ya, ga papa, ga usah dimarahin Arsy-nya, anak-anak mah biasa.” 

Teu didéngé caritaan guruna ku Arsy. Klik, klik, Arsy langsung kaluar tina rohang zoom, teu pamit teu sing ka guruna. 

“Éta Pa Guru gegeroan ti tatadi, geuning kaluar tina léktop” ceuk indungna nunjuk léptop, leungeunna ngaronghéap kana taktak Arsy. 

“Isin, Mamah!” ku Arsy diképéskeun bari nyingkah. 

“Éra ku naon?”

“Isin!” Arsy sahinghingeun ceurik. Geblug meubeutkeun maneh kana kasur. 

“Har, ku naon maké éra? Da Mamah mah teu nyarita nanaon ka Pa Guru.”

“Isin!” Arsy mimiti ceurik.

“Pa Guru nu nanya. Ku Mamah dijawab, ku naon maké jeung éra?”

“Isiiin!” Arsy narikan ceurikna. Tiungna pasiksak, sapatuna lésot.

“Isin, isin, ku naon atuh maké saré?!”

“Isiiin Mamah, éra!” Sirahna cengkat, morongos ka indungna, merong seukeut, terus nyuuh, ngagukguk deui. 

“Éra? Éra nyah boga indung pantar kieu? Boga indung belet, euweuh kabegug!” Indungna ngajéngkat, ngageblugkeun panto kamar, kaluar. 

Sirah Arsy cengkat, ceurikna eureun, ngahuleng sakedapan, melong panto kamar nu rékép, simpé. Arsy ngoréjat. Muka panto. Gentak ngudag indungna. “Sanés ih, Mamah, sanés kitu.” 

Indungna teu miduli, satahap-satahap nincak tétécéan bari ngajingjing émbér seuseuhan. Arsy nuturkeun. 

“Mamah sanés kitu ih!” 

Indungna teu maliré. Tonggoy wé moé-moékeun pakéan meunang tadi nyeuseuh. Tangka bérésna teu nyarita, teu ngarérét-rérét acan ka Arsy. Cimata Arsy merebey deui. Kuku jempolna sakapeung digégélan. Sakapeung kareungeu sorana hapunten-hapuntenan. Teu dipalire ku indungna. Réngsé popoé, nurugtug deui turun, sup ka WC, gebrus mandi, laju dangdan, ngararapih diri. Saolah-olah teu aya sasaha, ukur dirina di imah. 

Arsy turun lalaunan, gék na tétécéan panghandapna, ngajejentul salila-lila. Inghakna geus leungit, pelongna kosong. Teu lila ti luar kareungeu durugdug panto pager aya nu nyurungkeun, dituturkeun ku dorotdotna motor, bapana. 

“Mana Mamah?” melong héran ningali Arsy kusut. Panonna beueus. 

Arsy gideug. 

Bapana héran, “Ku naon?” 

Arsy gideug, sun tangan ka bapana, gauk ceurik nanangkeup bapana. 

“Ku naon?” Bapana rusuh muru kamar. Kasampak indung Arsy keur nyuuh kana bantal, taktakna semu oyag. Arsy ngajajanteng hareupeun panto kamar kolotna, teu wanieun asup. 

Bapana kaluar, Arsy dibetot, “Aya naon ieu téh?” 

*** 

Cjr’ Januari 2022



IMAS ROHILAH,
 lahir di Cianjur, 12 Nopémber 1971. Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah IKIP Bandung (UPI ayeuna). Carpon, sajak, jeung éséyna dimuat dina Manglé, Galura, Cupumanik, jeung sajabana. Bukuna anu geus medal nyaéta kumpulan carpon Bulan Sésa (Silantang, 2020). Kiwari matuh di Cianjur, jadi guru basa Sunda di SMPN 1 Warungkondang sarta kapeto jadi pupuhu MGMP Basa Sunda SMP Kab. Cianjur.

Posting Komentar

2 Komentar

  1. Naha abdi ngagejlug, ti nu seuri kana ceurik. Hapunten abdi Mah, tangtos abdi loba salahna. Ukur ngarérépot jeung mimiti mopohokeun Mamah alatan pagawéan. :(

    BalasHapus