Citangis Ratri - Toni Lesmana

"Young Girl with A Doll" (1924) kénging Jules Pascin.


“ABDI téh ayeuna gaduh hiji bonéka, teu kinten saéna sareng lucuna…” Kapireng sora nu ngahariring di téras hiji mini markét. Budak  awéwé umur sapuluh taunan, buukna galing, panon cureuleuk, bajuna kuleuheu. Nyanghunjar ngalahun kérésék hideung.

“Ratri, tos emam?” Mang Hadi, tukang parkir nu leumpangna cingked, nyampeurkeun. Neuteup nu hahariringan semu geugeut.

Ratri gideug. Imut. Ratri ningalian nu laleumpang bangun rusuh di trotoar, nu mareuntas ka alun-alun. Jalan keur meujeuhna ramé. Bubaran sakola. Tingalabring. Mobil jeung motor tingbelesat. Keur Ratri mah éstu matak hélok. Bubuhan karék saminggu manéhna cicing di dayeuh. Karék saminggu ninggalkeun lembur, dibawa ku Emangna nu lawas cicing di dayeuh. Rék diajak uubar cenah.

Bari humariring Ratri neuteup langit. Kapinis tingkalayang luhureun alun-alun. Girimis. Imutna mah imut, ngan aya citangis ngamalir na pipi Ratri. Diusap ku tonggong leungeun kéncana, ari leungeun katuhuna tipepereket nangkeup bonéka bérbi. Sirahna méh nyarandé kana kotak amal nu nangtung gigireun panto asup minimarket.

“Priiiiit!” Mang Hadi niup piriwit bari ingked-ingkedan mapagkeun mobil sédan bodas anu asup ka palataran parkir. Reg hareupeun Ratri pisan. Mang Hadi ngasongkeun payung sabada panto hareup mobil muka. Jrut turun wanoja geulis. Leumpang diiuhan payung. Ngarandeg waktu nénjo Ratri. Ngodok tas. Lung wé, kencring raragragan kana lahunan Ratri. Wanoja geulis ngaléos asup ka mini markét. Mang Hadi lumpat deui markiran mobil jeung motor nu tingkurunyung.

Ratri nyokotan kencring. Rurat-rérét. Lain diasupkeun kana kérésék hideung, kencring téh kalah diasupkeun kana kotak amal. Kotak amal tina kaca. Ratri anteng deui neuteup girimis. Neuteup kapinis nu tingkalayang luhureun alun-alun, bangun saruka bungah mandi girimis.

Adan Asar. Girimis beuki kerep. Jul-jol. Aya nu laju geblus balanja. Aya ogé nu ukur ngadon ngiuhan di téras, dariuk dina korsi, sésana tingjaranteng. Téras minimarkét saharita haneuteun. Anu ngobrol. Anu tingcakakak. Anu tingcikikik. Anu teteleponan. Anu ngalamun.

Méh saréréa ngalungkeun kencring minuhan lahunan Ratri. Siga tadi, Ratri rurat-rérét bangun anu sieun kanyahoan, ningalian sabudeureunana, méméh gagancangan ngasup-ngasupkeun kencring tina lahunan kana kotak amal lebah siraheunana.

Nu ngariuhan kerung ningali polah Ratri. Sakedapan. Tuluy aranteng deui jeung obrolanana séwang-séwangan, hapéna séwang-séwang, lamunan séwang-séwangan. Ari Ratri ukur rut-rét wé, bangun réa kasieun.

“… ku abdi diacukan, acukna saé pisan…,” hariring Ratri ngayun-ambing bonéka bérbi. Neuteup ka jauhna. Ka langit. Bangun anu hayang maluruh sungapan hujan. Sungapan cimata. Boa néang jalan mulang ka lembur. Inget ka Aki jeung Nini nu lawas ngarawat jeung mikanyaah. Ratri mah teu apal ka indung bapa. Cék Aki jeung Ninina mah, ngumbara ka tempat nu jauh. Jauh pisan, kudu meuntas laut. Ratri sono ka Aki jeung Nini, Hujan ngagebrét. Mang Hadi jibreg, teu eureun niupan piriwit, markiran mobil jeung motor nu datang ogé nu miang. Payung nu dicekelna kalah hantem wé dipaké mayungan anu kalaluar tina mobil, ari awakna sorangan teu dipaliré.

Mah, pingin bonéka itu!” aya saurang budak awéwé ngerewih ka indungna bari nununjuk bonéka dina tangkeupan Ratri. Karék jol maranéhna téh dipayungan kénéh ku Mang Hadi.

Ih, jelek itu mah! Liat, kotor begitu! Ih, jijik!” témbal indungna nu keur ngasupkeun konci mobil kana tas. Budakna keukeuh. Ceurik. Gancang ku indungna diajak asup ka jero mini markét.

Ratri nangkeup bonéka leuwih tipepereket. Teuteupna nuturkeun budak anu semu digusur ku indungna. Budak anu tuluy nerejel. Kokoséhan hareupeun panto. Indungna taak. Budak diciwit. Lain répéh. Ceurikna tambah tarik

Mamah jahaaat! Pingin boneka ituuuuu!” cék éta budak jejeritan. Gogoléran dina téhel anu baseuh jeung kotor. Indungna béak déngkak. Diolo ku naon-naon. Angger mugen.

Nu ngariuhan asa manggih tongtonan. Nu ditongton béak kasabaran. Wirang pada narénjokeun. Beungeutna euceuy. Kekerot. Leungeunna meureup tipepereket. Malik. Mencrong ka Ratri. Saréréa milu neuteup ka Ratri. Ratri murungkut. Tungkul. Bonéka disumputkeun dina tangkeupan.

“Yeuh!” indung budak anu lolongséran téa ngasongkeun duit sapuluh rebu. Ratri gideug.

“Sakieu?” lambaran duit lima puluh rébuan diasong-asong ka Ratri. Ratri keukeuh embung.

“Tah! Kadieukeun bonékana!” duit saratus rébu dialungkeun kana lahunan Ratri.

Ratri gideug bari tambah murungkut nanangkeup bonéka.

“Kurang kénéh? Tah, kabéh!” ngalungkeun duit nu tadi ukur diasong-asong. Tuluy sakilat ngarebut bonéka tina tangkeupan Ratri. Budakna nu keur gogoléran jeung jejeritan dipangku harita kénéh. Regeyeng. Dibawa kana mobil. Dipaksa. Blus. Bonéka Ratri dibabétkeun ka jero mobil. Pantona dijablogkeun. Gerung. Biur.

Saréréa olohok. Kasima. Mang Hadi ngajanteng handapeun hujan. Curukna nunjuk kana tapak ngabelesurna mobil. Payungna ragrag. Sajongjonan siga patung. Patung rancucut.

“Abdi téh ayeuna gaduh hiji bonéka, teu kinten saéna sareng lucuna, ku abdi diacukan, acukna saé pisan, cik mangga tingali bonéka abdi.” Hawar-hawar pacampur jeung sora hujan, kapireng hariring pacampur jeung ceurik. Ratri mulungan duit dina lahunan. Dipintel-pintel. Ditangkeup. Diayun-ambing. Lalaunan diasupkeun kana kotak amal siraheunana. Kabéhanana. Taya nu nyésa. Kabéh. Ka kencring-kencing nu aya dina jero kantong kérésékna.

Ratri nginghak. Teu eureun ngahariring bari nyanghunjar. Nanangkeup nu euweuh. Ngayun ngambing nu euweuh. Panonna peureum. Citangisna ngamalir.

Nu ngariuhan beuki olohok. Sawaréh gogodeg. Nganaha-naha. Sawaréh ngalimba. Tapi saréréa ukur lalajo. Mangsa hujan raat. Saréréa tinglaléos. Tingkereles. Kari Ratri jeung hariringna. Jeung citangisna.

Mang Hadi ngaronghéap mawa bungkusan. Diteundeun gigireun Ratri. Mang Hadi ngusapan buuk Ratri. Ngusap pipi Ratri. Rentang-rentang aya mobil nu rék asup. Mang Hadi ingked-ingkedan ninggalkeun nu anteng humariring bari peureum. Dur Magrib. Ratri humariring kénéh. Peureum kénéh. Nyanghunjar kénéh. Dina lahunanana geus réa kencring jeung duit lambaran.

Téras mini markét simpé. Lampu-lampu nungtutan dicaangkeun. Alun-alun hurung-hérang. Dayeuh agréng.

Ti lebah alun-alun aya lalaki gundul meuntas rurusuhan. Leumpang ngagedig muru Ratri. Barang srog. Gogodeg. Duit dina lahunan Ratri dipulungan. Diitung. Rét kana kérésék hideung. Gancang dicokot. Ditingalian. Kosong. Kerung. Gap kana bungkusan paméré Mang Hadi. Lalaki gundul neuteup seukeut ka Ratri.

Teu basa teu carita, regeyeng Ratri dipangku. Dibawa meuntas jalan. Alun-alun. Kebat dipapangku. Meuntas deui jalan. Mapay trotoar. Ngaliwatan toko-toko. Séséléket bubuhan réa nu laleumpang di trotoar. Sup ka hiji gang. Imah-imah padedet, siga anu tingperejel. Lebah pertelon gang, mengkol ka gang nu leuwih leutik. Leuwih padedet. Terus leumpang bangun rék nepi ka tungtung. Jempling. Ngarandeg hareupeun hiji imah panggung badag. Cakueum.

“Buka panto!” cék lalaki nu mangku Ratri.

Panto muka. Di patengahan nyampak réa budak saumuran Ratri, sawaréhna malah laleutik kénéh pisan. Keur ngarariung. Panto-panto kamar ngaliglag. Blus. Nu ngarariung malundur, ngumpul di juru. Ratri diécagkeun.

“Ratri, sapoé ayeuna ngan meunang lima belas rébu pérak? Tuh, nu séjén mah aya nu meunang saratus rébu.” cék éta lalaki kekerot, panonna molotot. Nu ngarumpul di juru marurungkut.

Ratri kalah humariring bari angger peureum.

“Jempé, Ratri! Jawab heula, dikamanakeun duit nu séjénna? Maenya ngan sakitu?” lalaki gundul beuki harus sorana. Ratri humariring nanangkeup nu euweuh.

“Jawab, Ratri! Pasti diasupkeun deui kana kotak amal nya? Pan ku aing geus dibéjaan. Nu kitu mah lain céngcéléngan. Lain céngcéléngan, Ratri! Dikukut téh lain matak untung kalah matak buntung. Paingan Nini jeung Aki manéh nyérénkeun,” nu nyarekan tutunjuk. Ratri humariring ngayun-ambing nu euweuh.

“Na ari manéh, Ratri! Keur teu bisa leumpang téh réa pisan peta! Déngékeun ku kabéhan! Peuting ieu nepi isuk Si Ratri ulah dibéré dahar. Ulah dibarengan. Antep sina saré di dieu. Inget, lamun aya nu kapanggih méré dahar, aya nu kapanggih maturan. Nasibna bakal siga Si Ratri!” sora peureup diadu kana dampal leungeun mungkas kalimah. Léos si lalaki asup ka salasahiji panto kamar. 

Srog anu ngariung di juru téh muru Ratri.

“Ratri, ku naon?” cék nu saurang ngaharéwos.

“Ratri, beunta atuh!” cék nu saurang deui.

“Ratri, mana si Bérbi?” cék anu séjénna.

“Hayu urang mandian heula, karunya. Iy, ka alona waé wani nyiksa komo ka urang-urang anu dipulung ti jalan,” cék anu séjénna deui bari rék mangku. Saréréa maju rék mantuan mangku.

“Antep! Arasup kamar. Saré!” gantawang sora ti jero kamar.

Jep. Reg. Saréréa ngajengjen.

“Asup ka kamar! Isuk gawé!” gorowok deui beuki narikan.

Di patengahan, anu ngarariung Ratri semu bingung. Silih pelong. Ari ti jero kamar laju kadéngé sora léngkah. Buriak. Saréréa tingberetek arasup ka kamar. Tingarelol sirah tina lawang-lawang panto ngintip Ratri.

Ratri nu anteng humariring. Nyorangan di patengahan. Nyanghunjar. Nyarande kana bilik. Nangkeup nu euweuh. Ngayun-ambing nu euweuh. Panonna angger peureum. Citangisna angger ngamalir. Di luar, kapireng sora girimis. Beuki lila beuki kerep. Lir citangis Ratri.

Abdi téh ayeuna gaduh hiji bonéka ...”

***



TONI LESMANA, lahir di Sumedang taun 1976. Nulis puisi jeung prosa dina basa Indonesia jeung basa Sunda di sababaraha média lokal jeung nasional. Kungsi dilélér hadiah sastra LBSS taun 2006, 2008, jeung taun 2011. Bukuna anu geus medal dina basa Sunda nyaéta kumpulan carpon Carita Lain Caritakeuneun (Geger Sunten, 2013). Ari anu dina basa Indonesia nyaéta Jam Malam Kota Merah (2012), Kepala-Kepala di Pekarangan (2015), jeung Tamasya Kota Pernia (2018). Buku kumpulan sajakna dina basa Indonesia nyaéta Tamasya Cikaracak (2017) jeung Peta dalam Rumah (2020). Kiwari dumuk di Ciamis. Carpon "Citangis Ratri" saméméhna kungsi dimuat dina Pikiran Rakyat, 14 Juni 2015.


Posting Komentar

0 Komentar