Sang Merebot - Eriyandi Budiman

 

The Garden of Earthly Delights
 
kénging Hieronymus Bosch (1474-1517)

Ceuk indung, mun kuring ceurik tuluy ngadéngé sora dulag, sok eureun ceurikna. Basa keur bilatung dulang, kuring resep ningali merebot nakol dulag. Mangsa balég tampélé, balik liliwetan jeung ki sobat, kuring sok saré di masjid. Nyegrék pisan. Kahudangkeun téh ku sora dulag tarik naker anu ditakol ku Sang Merebot, ku lantaran kuring geus aya dina jero dulagna.

Kuring tangtu baé apal ka Sang Merebot. Anu lamun adan sok halimpu naker. Kuring nyobat jeung manéhna, Sang Merebot, anu lolong matana. Kuring sok maturan manéhna, saupama malem lilikuran nepi ka malem takbiran, anu sanajan geus cetuk huis bari awakna leutik, tapi kuat ngadulag ti bada solat isa nepi ka parat subuh. Nepi ka rambay cimataan. Ari kuring sabatur-batur, ukur piligenti ngalokan ku nakolan kohkol, ngimbangan wirahmana. 

Kuring atoh. Kuring bagja. Kuring reueus. Kitu deui batur jenuk nu sakampung. Lamun téa mah aya lomba antar désa nepi ka kota, Sang Merebot pasti juara. Moal aya anu bisa nandingan manéhna. Moal aya nu bisa ngawirahma kawas manéhna. Moal aya anu bisa nitirkeun panakol bari muter kawas manéhna. Moal aya anu bisa niron-niron manéhna.

Mangsa manéhna tilar dunya, sakampung, sadésa, sakacamatan, sakota, nginghak balilihan. Ngaleut ngabandaleut nu nyolatkeun jeung milu ngurebkeunana. Ti malem kahiji nepi ka natusna, rabeng doa dina tahlilanana.

Unggal inget ka manéhna, komo mun malem lilikuran nepi ka malem lebaran, kuring sabatur-batur sok piligenti ngadulag, minangka pangéling-éling kana jasa-jasana. Nginget-nginget cara nitirna. Cara nakolna. Kitu deui haleuang adanna.

Dina hiji wanci, dina wilangan mangsa, sanggeus aya nu hahaok nyaram ngadulag, sanggeus kulit dulagna nu soék ku kuring diganti, kuring manggul éta dulag, laju dibawa ka kota. Kuring nakolan dulag di rumah sakit, stasion, sakola, pasantrén, kantor pajabat, bank, béngkél, panginepan, nepi ka pendopo, rumah dines gubernur, nepi ka istana nagara.

Teu kapalang srog, kuring tuluy mawa dulag ka unggal pulo sa-Nusantara, ka Singapura, Malaysia, Brunei, nepi ka Thailand. Kalan-kalan ngadulagna, nakolanana, tara tangtu wayahna. Mun kabeneran deukeut masjid mah, sok laju terus adan.

Ka manana kuring manggul dulag. Ka Nepal jeung gunung nu pangluhurna ku kuring dipaju. Bari nahan tirisna salju, kuring masih bisa ngadulag.

Kuring terus ngadulag. Ti India nepi ka Srilangka, mapay gurun Gobi nepi ka Sahara. Meuntas walungan meuntas laut, ngapung ka unggal tetengger. Hareupeun piramid kuring ngadulag. Luhureun munara Eiffel kuring ngadulag. Na poponclot obor patung Liberty kuring ngadulag. Na biwir Niagara kuring ngadulag. Na aleutan sasatoan di Afrika kuring ngadulag. Na kapal pesiar kuring ngadulag. Na landasan kapal induk kuring ngadulag. Di bandara mana waé kuring ngadulag.

Kuring ngadulag di Museum Van Gogh jeung galeri-galeri leutik. Kuring ngadulag di masjid-masjid jeung musola laleutik. Kuring ngadulag hareupeun wihara, garéja, kelenténg, sinagog, nepi ka makam para pahlawan.

Kuring terus ngadulag. Kuring terus adan. 

Kuring ngadulag basa dititah ku raja jeung ratu katut putra mahkota. Kuring ngadulag basa diondang ku para seniman, budayawan, artis, anggota parlemén, nepi ka présidén.

Kuring terus ngadulag. Kuring terus adan. Kuring jadi merebot.

Kuring ngadulag hareupeun nu keur démonstrasi. Kuring ngadulag jeroning tingbeledagna dor-dar gelap, gumuruh tornado, tingjelegurna ombak, dar-dér-dorna pangperangan di Ukraina, tangka parat ka Palestina.

Kuring ngadulag. Terus ngadulag. Terus adan. Kalan-kalan halon. Kalan-kalan tarik naker.

Kuring ngadulag maturan nu keur silih keukeupan, silih galéntoran, silih huapan, silih banjur, silih balédog ku bantal, silih simbeuh ku tipung warna-warni, silih gandong salaki-pamajikan, silih témbalan siloka.

Kuring ngadulag hareupeun nu keur cacamuilan, nu keur nginum anggur dina gondola, nu keur ngetik nyieun skripsi di unggal kampus, nu keur nyuruput kopi jeung cai téh panas di unggal café jeung pos kamling, nu keur ngagoréng kentang jeung hayam, jeung nu keur ngalamun dina hammock di patempatan anu suni.

Kuring ngadulag di guha-guha, di gedong-gedong, jeung gudang-gudang kosong, di bunker-bunker jeung rohangan bawah tanah séjénna.

Di Swiss, kulit dulag nu soék ku kuring diganti ku kulit sapi. Diganti deui ku kulit kuda sébra basa di Sudan. Diganti deui ku kulit macan Amazon. Diganti deui ku kulit domba basa nganjang ka Australia. Diganti deui ku kulit munding basa jalan-jalan di Vietnam.

Saupama panakolna potong, diganti ku kai naon baé. Saupama paseukna loncér atawa beulah, diganti ku paseuk naon baé. Lamun kai bedugna rengat atawa beulah, sok diganti ku tong atawa dreum naon baé. Lamun capé, nya reureuh heula. Lamun lapar, nya dahar heula. Lamun tunduh, nya saré heula. Lamun halabhab, nya nginum heula. Lamun hayang ka cai mah nya néangan nu buni. 

Kuring ngadulag maturan Twilight Orchestra, duét maut ngadulag jeung Kitaro, muka konsér Rolling Stones, Scorpion, Megadeth, Bon Jovi, Burger Kill, Joan Baez, nepi ka Kylie Minouge.

Kuring ngadulag dina vidéo klip Alan Walker, Sarah Brigthman, Madonna, Norah Jones, Via Vallen, sarta ngigelan sora musik jeung koréografi grup K-Pop BTS, Red Velvet, nepi ka Blackpink.

Kuring ngadulag. Terus Ngadulag. Kuring adan, terus adan.

Kuring ngadulag bareng jeung nu keur Barjanji. Kuring nitirkeun panakol marengan hutbah Gus Baha, Gus Muwafik, jeung Gus Mus. Kuring nangtung hareupeun dulag bari jogéd nuturkeun léngkah Ida Dayak menerkeun leungeun jeung suku nu barengkung.

Kuring ngadulag dina roda nu ditungtun ku barudak mahasiwa, marengan KPK néwakan gubernur, bupati, walikota, camat, jeung kadés nu lésot iman jeung éménna. Kuring ngadulag di kantor DPR nepi ka DPRD, bari ngajogédkeun para anggota parlemén nu réang miyuni barudak Taman Pamekar.

Kuring ngadulag, terus ngadulag na haté anjeun. Na pikiran anjeun. Na kulit anjeun. Na getih saha waé. Dina rénghap jeung du’a.

Kuring ngadulag lain hayang dikeprokan. Lain hayang dipuja-puji. Kuring ngadulag minangka pangéling-éling keur Sang Merebot. Itung-itung du’a. Itung-itung ngondang sawarga keur manéhna.


Bandung, 2023


ERIYANDI BUDIMAN, lahir di Tasikmalaya taun 1966. Alumni Jurusan Bahasa dan Sastra Indonesia IKIP Bandung. Kungsi digawé jadi jurnalis di RCTI jeung SCTV, bari ngabantuan ongkoh di HU Pikiran Rakyat Minggu. Nulis dina basa Indonesia jeung basa Sunda. Tulisanana dimuat di HU Kompas, HU Media Indonesia, Republika, Pikiran Rakyat, Koran Tempo, Tribun Jabar, Jurnal Kalam, Majalah Sastra Horison, Majalah Manglé, Web Jabaraca, Web Basa-basi.co, Cupumanik, jeung Galura. Bukuna anu geus medal di antarana Sapatu Hayam (1998), Hileud Katumbiri (2003), Prasasti Kesedihan Ijrail (1998), Amora Magma (2019) jeung sajabana. 


Posting Komentar

1 Komentar

  1. Hatur nuhun, saè pisan carponna. Tegep pisan, Pa. 👍

    BalasHapus