CACANDRAN téh média rambatloka (wéb) basa Sunda, anu eusina museur kana perkara budaya, basa, sastra, katut hal-hal kasundaan séjénna. Ngadegna rambatloka Cacandran minangka tarékah ngahirup-huripkeun basa Sunda, utamana dina wangun dijital, sabada niténan yén média-média citak Sunda kiwari bisa disebut hirup teu neut paéh teu hos. Padahal hirupna basa Sunda tinulis téh utamana nya dina widang média. Saupama média basa Sunda nepi ka caremna, hartina basa Sunda tinulis ogé bakal milu tilem, kakubur ku rupa-rupa panéka jaman.

Caacandran ngadeg dijurung ku kayakinan, yén média basa Sunda saenyana bisa kénéh dikokolakeun kalawan profésional bari teu gumantung ka pihak-pihak séjén, iwal ti publik panyatur basa Sundana sorangan katut pihak-pihak anu boga raga katineung kana basa Sunda. Yakin yén salila panyatur basa Sunda aya kénéh, karangan-karangan tinulis basa Sunda moal pegat dibaraca. Sarta yakin yén salila urang Sundana sorangan boga karep hayang nanjeurkeun, média basa Sunda bakal tetep langgeng. Ngan tangtu baé kituna téh kudu bari ngigelan pajamanan, nuturkeun kamekaran katut kabiasaan jalma réa, anu ti mangsa ka mangsa robahna gancang pisan. 

Rambatloka Cacandran diadegkeun ku limaan, nyaéta ED Jenura, Lugiena De, Ari Andriansyah, Arif Abdilah, jeung Sutisna. Paniatan ngadegkeun Cacandran téh tangtuna teu ujug-ujug bijil tina obrolan saliwat. Tapi sabada mulan-malén sawala, mertimbangkeun pirang-pirang lolongkrang katut halangan harunganana. Hartina ieu rambatloka téh lahir tina kasadaran kana kaayaan basa Sunda kiwari katut sikep daria lebah kudu kumaha matéakeunana. Bari surti, yén sagala rupana moal bisa dibaladah sosoranganan. Tapi angger kudu paheuyeuk-heuyeuk leungeun silih wewegan. Sacabakna, satopékna. Atuh tangtu baé saupama aya pihak séjén anu hayang milu ngarojong, ku sim kuring saparakanca bakal kacida dibagéakeunana. 

Saluyu jeung anu ditétélakeun di luhur, rambatloka Cacandran bakal mayeng midangkeun karangan-karangan basa Sunda. Cacandran ogé narima karangan-karangan basa Sunda ti saluareun rumpaka, sapanjang nyumponan kritéria pantes dimuat tur saluyu jeung rubrik anu nyampak dina rambatloka. Ngan saméméhna perlu ditétélakeun heula, rumpaka Cacandran can bisa ngahonoran kana sakur karangan anu dimuat, iwal keur wangun karangan carpon jeung sajak anu bakal midang sabulan sakali. Honor carpon atawa sajak anu dimuat gedéna nyaéta Rp200.000.



Rumpaka Cacandran: ED Jénura, Lugiena Dé, Ari Andriansyah, Arif Abdilah, Sutisna.

Kontak Surélék: girangrumpakacacandran@gmail.com

Posting Komentar

1 Komentar

  1. Reueus boga adi gede sumanget nyaah kana basa jeung budaya sorangan.

    BalasHapus