Basa Sunda jeung Arteria - Darpan

Foto: Kanal YouTube DPR RI
 

MINANGKA anu salila ieu ngarumasakeun sok luh-lah jeung sok gancang timbul amarah mun nyanghareupan masalah-masalah basa Sunda, kuring mah asa “katulungan” ku kasus Arteria. Enya Arteria Dahlan, anggota Dewan Perwakilan Rakyat Republik Indonesia (DPR RI). Éta anggota déwan téh ngamasalahkeun Kepala Kejaksaan Tinggi (Kajati) nu ngagunakeun basa Sunda dina rapat resmi. Majar éta Kajati téh kudu diganti. Majar ieu téh Indonésia, maké basa Sunda dina rapat bisa nimbulkeun prasangka nu lain-lain.

Urang apal tina warta nu sumebar, bisa jadi nu dimasalahkeun ku Arteria téh soal kamungkinan ayana népotisme. Jaksa nu nyarita ku basa Sunda ka atasanana bisa ditafsirkeun usaha hiji jalma anu hayang deukeut, hayang kapaké, atawa ngamangpaatkeun hubungan kadaérahan keur ngalancarkeun karier, naék jabatan, jeung sajabana. Padahal dina raraga réformasi di lingkungan kajaksaan, nu kitu téh keur dibabadan. Ayeuna mah cenah teu bisa aya jaksa nu ujug-ujug nérékél jabatanana lantaran népotisme atawa lantaran deukeut jeung atasanana. Mutasi jaksa atawa jaksa naék jabatan, kudu didadasaran ku profésionalismena, ku préstasina.

Hanjakalna téh Arteria nyebut langsung “basa Sunda”, henteu milih frasa “basa daérah” upamana anu leuwih lega kontéksna. Atawa henteu maké kalimah “hubungan-hubungan primordial”. Turug-turug ditambahan ku nyebut “Ini Indonesia” deuih. Nya ku éta frasa, Artéria kudu nanggung akibatna. Protés nu muncul di ditu di dieu siga sunami nu ahirna ngagulung dirina. Dalah lamun nyebut “basa daérah” ogé kétang, ku taksiran mah bisa nimbulkeun réaksi.

Ku sabab nyebut basa Sunda langsung, jeung nyebut “ini Indonésia”, maksud nu hayang dihontal ku Arteria téh jadi cambal. Masarakat bakal hésé narima maksud hadé tina omonganana lantaran éta omongan langsung asup kana wilayah anu matak bahaya. Bahaya ku dua ku tilu. Kahiji, omongan Artéria geus ngalanggar SARA, naon baé maksud tina omonganana. Kadua, tudingan aya nu nyarita dina rapat bari resmi maké basa Sunda rada hésé katarima. Omongan Arteria bisa nimbulkeun pitnah, ari sabab kudu dibuktikeun naha enya aya Kepala Kejaksaan Tinggi anu paséh nyarita basa Sunda dina rapat resmi? Katilu, omongan Arteria nonggongan rupa-rupa aturan perundang-undangan ngeunaan basa, ti mimiti konstituti nepi ka aturan-aturan turunanana. Ku nyebut “ini Indonésia”, Arteria saenyana keur ngahianatan konstitusi jeung keur ngahianatan lembagana sorangan anu di antara tugasna ngajaga marwah konstitusi.

Ku éta tilu alesan, ku cara kumaha baé Arteria ngabantah, atawa kumaha baé manéhna ngangles, hésé dipikapahamna jeung hésé hampuraeunana. Saolah-olah basa Sunda ilégal, saolah-olah basa Sunda teu meunang dipaké di Indonésia. Saolah-olah basa Sunda “mahluk” nu ngabahayakeun. Atawa, lamun urang hayang ngajugjugan maksud omonganana basa Sunda téh jadi jalan népotisme. Jalma nu maké basa Sunda teu profésional sarta bisa ngaruksak réformasi di lembaga kejaksaan.

Urang apal, dina UUD 1945 pasal 32 ayat 2 jelas-jelas nyebutkeun “Nagara ngajénan jeung miara basa daérah minangka kabeungharan budaya nasional”. Keur ngabuktikeun yén nagara ngajénan jeung miara basa daérah, antarana baé taun 2006 Mahkamah Konstitusi kungsi narjamahkeun UUD 1945 kana basa Sunda jeung sawatara basa daérah séjén. Lamun diukur tina darajat karesmianana, bawirasa leuwih resmi narjamahkeun UUD 1945 kana basa daérah tinimbang rapat ngagunakeun basa Sunda di lingkungan kajaksaan. Mahkamah konstitusi waé ngahargaan basa Sunda, piraku anggota DPR henteu.

Gédéngeun ti éta, Undang-Undang No. 24 taun 2009 jelas-jelas ngatur kumaha dipakéna basa Indonésia, basa daérah, jeung basa asing. Éta undang-undang dipérélékeun deui unak-anikna dina Peraturan Pamaréntah No. 57 taun 2014. Atuh dina Undang-undang No. 23 taun 2014, utamana dina pasal-pasal nu ngatur tatakelola pendidikan, basa daerah kudu diurus ku pamaréntah daerah provinsi jeung kabupatén/kota keur kapentingan pendidikan. Nu panghaneutna muncul Undang-Undang No. 5 Taun 2017 ngeunaan Pemajuan Kebudayaan, anu nyebutkeun yén salah sahiji obyék pemajuan kebudayaan téh nya basa daérah. Éta sakabéh undang-undang téh tangtu ngaliwatan Proglegnas (Program Legislasi Nasional) anu kamaslahatanana geus dibeuweung diutahkeun ku pamaréntah jeung DPR. Kari-kari ku anggota DPR-na sorangan dimasalahkeun. Éta nuduhkeun yén anu ngamasalahkeunana boa henteu paham kana undang-undang ngeunaan kabasaan.

Basajanna, naon anu didadarkeun ku undang-undang patali jeung urusan basa téh ceuk sakuringeun mah bisa diwakilan ku jargon Badan Bahasa: “Utamakan bahasa Indonésia, lestarikan bahasa daerah, dan kuasai bahasa asing”. Mémang perlu urang apal wincikanana kumaha fungsi jeung kalungguhan éta tilu élemén basa téh, ngan anu jéntré boh basa Indonésia, boh basa daérah, kitu deui basa asing diwenangkeun keur dipaké luyu jeung kaperluanana. Éta saenyana anu jadi erohna régulasi ngeunaan basa téh, yén éta tilu élemén basa téh boga hak hirup, boga hak dipaké, jeung boga hak mekar di lingkungan masarakat Indonésia.

Hanjakalna éta eroh régulasi basa téh mindeng diapilainkeun. Kasadaran urang kacida héngkérna dina mikapaham jeung merenahkeun basa nu digunakeun. Arteria anu ngusik-ngusik basa Sunda ogé kasadaranana lemah dina soal éta. Kitu deui urang nu nghujatna, boa-boa ogé lemah dina soal éta. Da mun rék jujur, terkadang urang ogé minangka jalma anu ngaku urang Sunda, sok teu sadar kana erohna régulasi basa anu nyebutkeun yén basa daérah téh kudu dipiara. Lemahna kasadaran modél kieu téh ogé jadi panyakit bangsa urang sacara umum.

Contona baé, usaha pikeun ngutamakeun basa Indonésia mindeng dirusak ku libido ngagunakeun basa asing nu teu perlu, malah ngagejrétkeun martabat basa Indonésia minangka basa resmi nagara. Libido ngagunakeun basa asing téh lain baé dituduhkeun ku masarakat, tapi ku pamaréntah deuih, boh di pusat boh di daérah. Istilah atawa kalimah basa asing bruh-bréh aya di mamana jadi polusi di ruang-ruang publik. Padahal éta basa atawa istilah asing téh sawaréh ku Badan Bahasa kungsi dituduhkeun padananana, dijieun peristilahanana, sawaréh deui saenyana bisa ditarjamahkeun atawa diganti ku basa Indonésia. Tapi kumaha faktana? Ngaran kompléks perumahan, tempat wisata, iklan produk, acara televisi, istilah transportasi, aplikasi digital, loba diumbar ngagunakeun basa asing.

Kitu deui basa daérah anu ceuk régulasi téa kudu dipiara. Mun niténan kahirupan basa Sunda kiwari, upamana, apan ceuk saréréa ogé rada pikawatireun, sok sanajan basa Sunda ceuk Badan Bahasa kagolong basa anu hirupna aman. Ngan apan Badan Bahasa sorangan kungsi némbongkeun fakta yén unggal sapuluh taun panyatur basa Sunda leungit dua jutaan urang. Mun niténan kumaha urang Sunda ngantep basana sorangan, kaharti. Apan geus loba indung bapa anu saenyana urang Sunda, geus teu ngajarkeun basa Sunda ka barudakna. Enya gé basa Sunda diajarkeun di sakola, hasilna teu maksimal da masarakat nu jadi lingkungan sosial barudak kurang ngajénan kana basa Sunda anu hadé. Miara basa Sunda – mun nginjeum istilah Cécép Burdansyah – nyaéta pancén budaya urang Sunda, tapi hanjakalna tanggung jawab urang kana miara budaya sorangan katémbong héngkér. Buktina kahirupan basa Sunda téh lain kalah nanjung, tapi kalah beuki kasérédkeun. Naon-naon anu diperjuangkeun ku urang Sunda pikeun ngahirup-huripkeun basa Sunda, ngaliwatan ngarang buku, ngaramékeun média sosial, ngajar di sakola, nyanggi lagu, nyieun film, jeung usaha-usaha séjénna, boa ukur katineung para satria, lain gambaran masarakat umum anu murba.

Tapi ana disentil mamaras primordialna mah teu burung ngagurubug. Ku pok-pokan Arteria, urang ngarasa dihina jeung dicacampah sarta guyub hayang éta anggota DPR ménta ampun sarta mun bisa dipecat ti partéy sakaligus tina kaanggotaanana di DPR. Hartina, boh nu sapopoé merjuangkeun hirup-huripna basa Sunda, boh anu geus ngaluli-lulikeun, ari jati dirina diganggu mah nguniang. Teu rido basa Sunda, anu salila ieu jadi bagian tina jatidirina digunasika. Geura baé, juri-juri X-Factor (acara kompetisi musik di salah sahiji stasiun televisi) anu kabeneran jolna ti Bandung, milu masualkeun kalakuan Arteria ku carana sorangan. Celetak-celetuk ku basa Sunda bari sindir-sampir. Padahal can tangtu sapopoéna mah ngagunakeun basa Sunda.

Ku hal éta saenyana urang kudu “nganuhunkeun” ka Arteria lebah manéhna geus hasil nyundutan mamaras urang salaku urang Sunda. Urang Sunda disadarkeun yén manéhna boga basa anu kudu dipiara, anu teu rido dicacampah ku batur. Tinggal ayeuna aya pertanyaan, sanggeus basana dicacampah, sanggeus kahudang pikeun ngajaga marwah sélér bangsana, naha tuluy maranéhna jadi sadar hayang miara jeung maké basa Sunda? Tah ieu nu kudu diuji téh. Lamun beuki réa urang Sunda nu hayang maké basana dina kahirupan sapopoé, hartina manéhna sadar kana kasundaanana jeung sadar kana pancén budayana. Hartina enya ambekna téh. Tapi lamun ka hareup kahirupan basa Sunda angger nyirorot, kudu ditalék naon motivasina milu ambek ka Arteria?

Cag!



DARPAN, lahir di Karawang taun 1970. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah IKIP Bandung (UPI ayeuna). Sababaraha kali dilélér hadiah sastra LBSS jeung D.K. Ardiwinata. Taun 1999 dilélér hadiah sastra Rancagé pikeun kumpulan carpon Nu Harayang Dihargaan. Buku kumpulan carpon séjénna nyaéta Rusiah Kaopat Welas (taun 2008). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Garut. Ayeuna kaselir jadi ketua Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS).

Posting Komentar

222 Komentar

  1. Leres pisan.. Mugi-mugi Sunda hirup ti luhur nepi ka handap.

    BalasHapus
    Balasan
    1. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

      Hapus
    2. Mugia sing sarare'hat sadayana... Aamiiin

      Hapus
    3. Upami bade nyerat komentar kedah leres
      DAFHA RAMADHAN

      Hapus
  2. Balasan
    1. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

      Hapus
    2. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

      Hapus
    3. Leres pisan bahasa Sunda kudu di lestariken
      WELL

      Hapus
  3. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  4. sunda sae pisan☝️🤓

    BalasHapus
  5. Muhun leres.Minangka urang sunda kedah miara basa sunda ngan teu kenging nyalah gunakeun.


    Ikan patin
    Ikan gabus
    Pinjam dulu
    Seratus

    BalasHapus
    Balasan
    1. Ada elang
      Di negara Kenya
      Sudah kubilang
      Seribu pun tak punya

      Hapus
  6. Muhun leres,saatos kajadian ieu mugia janten seueur anu sadar kana miara bahasa sunda

    BalasHapus
  7. Kuring sorangan sabenerna leuwih pro jeung Arteria Dahlan. Meureun niatna lain ngaragragkeun basa Sunda, tapi dina kontéks rapat anu ngalibetkeun réa jalma-jalma ti rupa-rupa etnis, diutamakeunana make basa Indonesia

    BalasHapus
  8. Cai aki ngabeletus
    minyeum heula saratus

    BalasHapus
  9. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  10. Sunda panghadêna Sunda salawasna WELL🤙🏻

    BalasHapus
  11. Leres,urang Kedah ngabiasakeun maké basa Sunda Dina kahirupan sapopoé

    BalasHapus
  12. Sunda sae pisan.kedah di gunaken kango kemaslahatan hirup dimasyarakat🥶

    BalasHapus
  13. Leres...basa daérah yén basa Sunda téh kedah dipiara

    BalasHapus
  14. Leres, mugia tina kajadian ieu janten lewih seer sareng sadar kana kawajiban ngalestarikeun basa Sunda supados basa Sunda henteu ical tina masyarakat urang sadaya

    BalasHapus
  15. Leresss, sundak sabubuknaa
    #Oktavia

    BalasHapus
  16. Upami badé nyerat koméntar, kedah luyu sareng kaidah basa. Perhatoskeun kapital, koma, titik jsb. :)

    BalasHapus
  17. Leres pisan,Mugi-mugi urang sadayana tiasa ngabiasakeun maké ku basa sunda.

    BalasHapus
  18. Adat Sunda teh sakedahna dilestariken ku pamuda pamudi sapertos urang balarea, naon bae eta hal na sapertos basa, seni, sareng tradisi na.Kedah diupayakeun kanggo kahirupan sapopoe urang nganggo basa Sunda.Tapi pami nuju aya dina sabudereun khalayak umum, urang kedah tiasa nempatkeun basa nganggo basa persatuan nyaeta basa Indonesia, iwalti urang gaduh kasempatan kanggo ngamumule basa Sunda.

    BalasHapus
  19. Leres pisan,bahasa sunda téh kedah dipiara dina kahirupan sapopoé.

    BalasHapus
  20. Muhun leres, mugi mugi basa sunda teras di lestarikeun ngan kedah leres nempatkeuna iraha urang kedah ngaggo basa sunda téh. Sabab te sadaya orang sunda hehe

    BalasHapus
  21. Leress, tina kajadian ieu mugia urang sadaya janten leuwih sadar kana kawajiban ngalestarikeun basa sunda sareng ngabiasakeun maké basa sunda dina kahirupan sapopoé, supados basa sunda henteu ical tina masarakat urang sadaya.

    BalasHapus
  22. Muhun leres pisan,salaku urang sunda kedah ngabiasakeun nyarios ku basa sunda,supados basa sunda henteu ical/punah. Tapi,tina masalah ieu,urang ogé kedah mikir deui,ulah waka nyimpulkeun omongan anu émang acan sami sareng maksad anu nyarios na.Teu kénging waka goréng sangka tipayun,boa batur mah nyarios kitu téh kusabab teu ngartos atanapi bénten hartosna dina basa séjén mah. Mung,supados teu janten masalah mah saé keneh nganggo basa Indonésia,da panginten sadayana ngartos upami ku basa Indonésia mah😅

    BalasHapus
  23. Leres pisan,basa Sunda Kedah di piara salawasna.

    BalasHapus
  24. Leres pisan, urang emang kudu ngalestarikeun basa Sunda salaku pamuda, tapi teu dina kabéh situasi nyarios ku basa Sunda, mung kedah leres nempatkeun na, supados kasus sapertos kieu henteu kajadian deui.

    BalasHapus
  25. Leres pisan, mugi mugi basa sunda tiasa teras di lestariken.

    BalasHapus
  26. Leress pisann,,,urng kedah ngangge bahasa sunda dinaa kahirupan sapopoe

    BalasHapus
  27. Muhun leres, salaku urang Sunda kedah ngalestarikeun basa Sunda, mung kedah leres nempatkeuna

    BalasHapus
  28. Muhun leres urang teh kedah miara basa Sunda, nanging urang ge kedah tiasa nganempatkeun iraha kedah ngange basa Sunda jeung iraha kedah ngange basa Indonesia.

    BalasHapus
  29. Leres pisan, urang salaku urang Sunda kedah ngalestarikeun basa Sunda, nanging kedah leres nempatkeunna, komo dina acara anu resmi sarta halayak na ti barbagai daerah, kumargi teu sadaya ngartos kana basa Sunda.

    BalasHapus
  30. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  31. Muhun leres, urang sunda kedah ngabiasakeun nyarios basa sunda, nanging urang ge kedah leres nempatkeunna da teu sadayana jalmi ngartos basa sunda.

    BalasHapus
  32. Leres pisan,mugia tina kajantenan ieu,urang leuwih tiasa miara basa Sunda ku cara anu sa apik-apikna.

    BalasHapus
  33. Leres pisan,kumargi urang salaku urang Sunda kedah ngalestarikeun basa sunda nanging kedah terang tempat

    BalasHapus
  34. Kuring bangga pisan lamun aya pejabat anu ngagunakeun bahasa daèrah na, hartina pejabat eta henteu mopohokeun budaya sareng bahasa na. Namung kedah merenah ngagunakeun na teu tiasa sagawayah.

    BalasHapus
  35. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  36. Leres pisan pak urang kudu ngalestarikeun bahasa daerah misalna bahasa Sunda anu ku urang di pake sapopoe

    BalasHapus
  37. muhun leres pisan, urang kudu miara basa sunda,ngagunakeun basa daerah mah alus, tapi aya tempat jeung waktuna, utamana dina rapat-rapat anu urusan nagara

    BalasHapus
  38. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  39. Leres pisan, "Utamakan bahasa Indonesia, lestarikan bahasa daerah, dan kuasai bahasa asing."





    BalasHapus
    Balasan
    1. "Utamakan bahasa Indone'sia, lestarikan bahasa daerah, dan kuasai bahasa asing".

      Hapus
  40. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  41. Urang kedah ngalestarikeun basa Sunda sabab pami sanes urang nu ngalestarikeunna bade saha deui? Teu kenging dugikeun basa Sunda punah.Tapi urang ge kudu apal tempat dimana terus jeung saha urang ngobrol.

    BalasHapus
  42. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  43. Leres pisan, urang kedah ngagunakeun basa Sunda sareung ngalestarikeun,
    Tapi kudu apal tempat nu ku batur ngartos,
    Well
    Sabubuk a

    BalasHapus
  44. Sebaiknya jika sedang mejalani rapat resmi diutamakan menggunakan bahasa umum (indonesia) agar mudah dipahami, arteria harusnya artèria.

    BalasHapus
  45. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  46. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  47. Muhun leres pisan urang kudu ngalestarikeun basa Sunda 👍

    BalasHapus
  48. Leres pisan, urang kedah ngagunakeun sareng miara basa Sunda

    BalasHapus
  49. leres pisan,kumargi urang salaku urang Sunda kedah ngalestarikeun basa Sunda.Nanging urang ge kedah leres nempatkeunna sabab teu sadayana jalmi ngartos basa Sunda.

    BalasHapus
  50. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  51. PAOZI
    Leres pisan......,,Sunda pang saena

    BalasHapus
  52. Leres pisan,urang kedah ngalestarikeun bahasa sunda

    BalasHapus
  53. Leres pisan, urang téh Kedah ngalestarikeun basa Sunda tapi urang gé Kedah terang panempatan ngagunakeunana.

    BalasHapus
  54. Leres pisan. Urang kedah tiasa ngamumulé basa Sunda.

    BalasHapus
  55. leres pisan,urang téh kedah ngalestarikeun basa Sunda.Tapi, pami di rapat atawa acara formal saéna ngango basa Indonesia....mung pami teu aya hiji kata anu hnteu ku urang terang basa Indonesia na tiasa dicampur maké basa Sunda,asalken hnteu kénging katutuluyan make basa Sunda.

    BalasHapus
  56. Aji Satrio.Leres pisan, orang Sunda well pokokna mah.

    BalasHapus
  57. Leres pisan, ku kituna urang sadayana utamina nu aya di Jawa Barat kanggo tiasa terus ngalestarikeun budaya Sunda utamina basa Sunda.

    BalasHapus
  58. Leres pisan, urang salaku orang Sunda kedah ngalestarikeun basa Sunda nanging urang oge kedah tiasa nepatkeun iraha urang kedah nyarios kedah basa Sunda. Dina rapat mah saena ngange basa Indonesia lantaran teu sadaya ngartos basa Sunda.


    #Linda Rahma Agnia

    BalasHapus
  59. Leres pisan, urang kudu tiasa ngamumulé basa daérah nyaéta basa Sunda, urang kudu bangga kana bahasa sorangan. Tapi urang ogé kedah tiasa ngabedakeun iraha, dimana, jeung saha na urang tiasa nyarios basa Sunda. Tong nepi ka urang nuju aya acara nu resmi tapi urang malah nyarios ku basa daérah, da teu sadayana jalmi tiasa kana basa Sunda atawa basa daérah.

    BalasHapus
  60. Leres pisan,urang kedah ngalestarikeun budaya Jeung bahasa Sunda.Supados teu punah ,nanging kedah leres nempatkeunnana.

    12 IPA 4 sabubukna

    BalasHapus

  61. Muhun leres pikeun kabudayaan Sunda hususna basa, sastra jeung budaya sunda téh tanggung jawab urang sadaya, mung kedah lered nempatkeun iraha urang kedah nganggo basa Sunda téh.



    #Shelin

    BalasHapus
  62. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  63. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  64. Muhun leres pisan,urang jadi warga Sunda kudu bisa ngamumule bahasa Sunda anu unik🔥

    BalasHapus
  65. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  66. Leres pisan basa Sunda Kedah dilestariken

    BalasHapus
  67. Leres pisan,kumargi utang salaku utang Sunda Kedah ngalestarikeun basa Sunda.Nanging utang ge Kedah leres nempatkeun sabab teu sadayana jalmi ngartos basa sunda😊

    BalasHapus
  68. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  69. Leres pisan,urang kedah ngagunakeun basa Sunda sareung ngalestarikeun

    BalasHapus
  70. leres pisan, urang salaku urang sunda kudu bangga jeung ngamumule bahasa urang sorangan.Zaman ayeuna ges loba indung anu saenyana orang sunda geus teu ngajarkeun bahasa sunda ka barudakna

    BalasHapus
  71. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  72. Leres pisan urang kedah ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoe'

    BalasHapus
  73. Urang Sunda teu kedah isin ngagunakeun éta basa Sunda

    BalasHapus
  74. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  75. Artèria Dahlan musuh urang sunda

    BalasHapus
  76. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  77. Muhun kang leres pissan urg kedah ngamumulé budaya sunda

    BalasHapus
  78. Mhun leres. Minangka urang miara kana bahasa jeng budaya sunda

    BalasHapus
  79. Leress pisan, urang kedah tiasa ngalestarikeun bahasa Sunda atanapi sok di sebat oge bahasa Indung.

    BalasHapus
  80. Leres pisan pokonamah, urang te'h kudu ngiringan ngalestarikeun bahasa urang

    BalasHapus
  81. Leres pisan,urang téh kedah ngalestarikeun basa Sunda,tapi kudu apal tempat anu ku batur dipihartos

    BalasHapus
  82. Niat na mah tos hadé, ngan Arteria mah nyébut langsung kata "basa Sunda" teu milih make kata "bahasa daerah"

    BalasHapus
  83. urang kedah ngamumulé basa Sunda sangkan henteu leungit budaya urang Sunda

    BalasHapus
  84. Muhun kang léréus urang teh kedah majukn generasi Sunda

    BalasHapus
  85. Leres pisan urang salaku urang Sunda generasi pinuluy bangsa kudu bisa ngamumule’ basa Sunda, supaya e'ta basa henteu punah nepi ka anak incu urang dijaman anu bakal datang.

    BalasHapus
  86. Artéria Dahlan kurang ngalestarikeun bahasa Sunda

    BalasHapus
  87. Sakedah namah urang téh bangga jadi orang sunda sareng kedah ngamumulé basa Sunda

    BalasHapus
  88. Leres pisan,urang salaku urang Sunda kedah ngamumule basa Sunda

    BalasHapus
  89. Urang kedah ngamumulè basa Sunda dina kahirupan sapopoè

    BalasHapus
  90. leres pisan ,kudu ngajagi Kana budaya sunda

    BalasHapus
  91. Muhun leres pisan , urang salaku urang Sunda Kedah tiasa miara sareng ngalestarikeun basa Sunda, sabab basa Sunda teh aset budaya nu kudu bisa di jaga ku urang sarerea.

    BalasHapus
  92. Dina perkawis artikel ieu seueur anu kedah dijéntrékn nyaéta perkawis anu ngagunakeun basa dina rapat anu resmi. Saleresna dina rapat resmi henteu kedah ku basa Indonesia waé margi éta mh kumaha daérahna. Anu dipimaksad upami didaérah urang Sunda henteu sawios ogé ngango bahasa Sunda da sadayana ogé in syaa Allah atanapi tiasa disebat pasti kahartos. Anu dicarioskeun ku bapa Artheria dahlan th henteu lepat mung dina carana ngacarioskeun atanapi ngungkapkeunana anu kirang saé margi nyarioskeunnana teu kedah tarik tarik teuing kitu margi kan éta th bakal seueur nimbulkeun kana cacariosan warga khususna ti kalangan basa Sunda. Haturnuhun

    BalasHapus
  93. Urang kudu ngabuktikeun yén Nagara ngajénan jeung miara basa daerah. Utamakeun bahasa Indonesia jeung lestarikeun bahasa daerah

    BalasHapus
  94. Muhun leres pisan,urang salaku urang Sunda kudu bangga jeung kudu ngamumulé basa Sunda.Sabab Nagara Indonesia téh mangrupikeun Nagara anu ngagaduhan mangrupi-rupi basa daérah anu Kedah dijagi.

    BalasHapus
  95. Urang tèh salaku urang sunda kedah ngamumule kagaduhan basa nyaeta basa nyaeta basa sunda , ngan mung leres saur pak arteria dahlan kedah terang panempatana , kumargi basa sunda teh sanes basa anu nasional.

    BalasHapus
  96. leres pisan👍,urang kudu ngamumulé sareng ngalestarikeun basa Sunda

    BalasHapus
  97. Leres pisan,kantenan urang salaku urang sunda kedah pisan ngamumulé bahasa daérah urang nyaéta bahasa Sunda .Supados budaya éta henteu pudar

    BalasHapus
  98. Sakedahna mah leres saur Pak Arteria ge` kedah ngajagi kana basa daerah tapi aya lepatna oge upami nuju rapat tapi nganggo basa sunda nu teu patos merenah

    BalasHapus
  99. Salaku urang Sunda, urang kudu ngamumulé Basa Sunda. Kumargi Basa anu ngabogaan ciri khas pikeun urng Sunda, anu kasohor di kalangan rakyat Indonesia.
    Namung tina artikel éta Aya babasan anu pro jeung kontrana
    Anu kahiji dina rapat resmi mung sabisa mah ngagunakeun basa Indonesia (formal). Kumargi Basa Indonesia nyaéta basa nasional di wilayah Indonesia.
    Kadua omongan Arteria Mun bisa mah ulah nyebut langsung "Basa Sunda" Kumargi bisa disebut ngalanggar SARA, jeung ngagunakeun / milih frasa anu merenah contona "Basa Daerah."

    BalasHapus
  100. leres pisan,urang kedah ngabiasakeun diri ngangge basa Sunda,supados basa Sunda henteu musnah

    BalasHapus
  101. Leres pisan mung urang kedah tiasa ngondisikeun tempatna.

    BalasHapus
  102. Leres pisan,janten bade penjabat,boh sadaya warga masyarakat Indonesia ti Sabang dugi ka Merauke,tos sakedahna ngahargaan jeung ngamumule Bahasa daerah,contohna Bahasa Sunda supados hnte musnah

    BalasHapus
  103. Leres pisan,urang kedah ngembangkeun kana bahasa sunda sabab di zaman modern ayeuna bahasa sunda geus jarang di pake.

    BalasHapus
  104. #Wahdini Alizatusya'adah

    Leres pisan, urang salaku urang Sunda kedah ngalestarikeun kanan bahasa Sunda tapi kedah terang tempat

    BalasHapus
  105. Ai iyut Herlina

    Leres pisan👍

    BalasHapus
  106. Basa daerah tèh kedah di jaga

    BalasHapus
  107. Muhun leres pisan, urang kedah ngembangkeun basa sunda. Tapi urang oge kedah tiasa ngabedakeun tempat anu resmi atau anu te resmi.

    BalasHapus
  108. Leres pisan,kudu na orang Sunda mah ngamumule` bahasa na,urang sunda mah wani di adu.

    BalasHapus
  109. Muhun leres pisan,urang salaku urang Sunda kedah tiasa ngajagi kana budaya Sunda.

    BalasHapus
  110. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  111. Hayu jadi salah sawios anu tiasa ngalestarikeun basa Sunda!

    BalasHapus
  112. Indah Permata Dewi
    Muhun leres, urang kedah melestarikan basa daerah sanes basa Sunda oge . supados basa ibu urang teu dilupakeun . tapi urang ge kudu terang tempat pami di parlemen atau di luar parlemen.

    BalasHapus
  113. Muhun leres, Bahasa Sunda kedah di lestarikeun teras kedah terang dimana urang kedah ngagunakeuna sesuai tempatna.

    BalasHapus
  114. Leres pisan kange pandapatna, yen Basa Sunda tèh kedah di mumulè komo deuih ieu pajabat anu jadi contoh kangè masarakat kudu di jagi dina pacariosanana.

    BalasHapus
  115. Abdi téh emang saleresna sanés urang sunda, ngan bahasa sunda téh salah sahiji bahasa daérah indonesia, jadina téh bahasa sunda téh kedah dijaga sareng ulah di rendahkeun.

    BalasHapus
  116. Urang kedah tiasa nempatkeun basa Sunda dina kahirupan sapopoè.

    BalasHapus
  117. Leres pisan, urang kedah ngalestarikeun budaya Jeung bahasa Sunda.Supados teu punah nanging kedah leres nempatkeunnana.

    BalasHapus
  118. urang kedah ngalestarikeun dina basa Sunda teh tapi panginten Kedah terang tempat dimana urang nyarios ngange basa Sunda eta.

    BalasHapus
  119. Hirdan Abdie Juanda

    Leres pisan komo urang salagi urang Sunda kudu ngajaga, ngalestarikeun basa. Lain pedah Aya masalah kieu urang kara koar koar

    BalasHapus
  120. Bahasa Sunda téh mangrupikeun bahasa Daérah anu kedah di jagi, mung ngagunakeunnana kedah terang tempat.

    BalasHapus
  121. Leres pisan, urang salaku orang Sunda kedah ngelestarikeun bahasa atawa budaya Sunda,, tapii bahasa oge tekenging di salah gunakeun,urang oge kedah tiasa nempatkeun dimana urang kedah nga gunakeun bahasa Sunda.

    BalasHapus
  122. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  123. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  124. Abi satuju pisan basa Sunda téh kedah di lestarikeun komo ka adi-adi urang. Supados basa Sunda teu di pohokeun ku urang sadayana.

    BalasHapus
  125. Leres pisan, urang anu asalna ti daérah anu nganggé basa Sunda kedah langkung ngajagi kana basa daérah urang. Tapi kedah terang tempat kanggo ngagunakeun basa na.

    BalasHapus
  126. Venais Putrie Genyas

    Tina artikel nu dibaca, urang kudu ngalestarikeun basa Sunda pikeun dina kahirupan sapopoé. Dina artikel éta aya salah sahiji kecap anu ngagunakan basa Indonesia nyaéta 'terkadang', padahal di dieu téh kudu na ngagunakeun basa Sunda anu saluyu.

    BalasHapus
  127. Basa sunda kedah di jaga jeung di lestarikeun, teu kénging hilap ka basa daérah urang

    BalasHapus
  128. AI AZKA KHAIRUNNISA

    Muhun leres pisan, basa Sunda kedah dijagi ku urang, pami teu ku urang badé ku saha deui.

    BalasHapus
  129. Barudak sunda mah garede kawani, ku sabab barudak well/Leres pisan pak Ade Gumelar S.PD.

    BalasHapus
  130. Muhun leres, salaku urang Sunda kedah tiasa miara basa Sunda ku cara ngaléstarikeun ku di paké dina sapopoé tapi kudu terang tempat ogé.

    BalasHapus
  131. Muhun leres pisan, nanging urang ogé kedah tiasa nempatkeun mana anu kedah nyarios ku basa Sunda sareng mana anu kedah nyarios ku basa Indonésia, sapertoskeun dina rapat urusan nagara, saéna mah ngange basa Indonésia kumargi supados kahartos ku sadayana.

    BalasHapus
  132. Muhun satuju pisan, urang kedah ngamumulé basa daérah sabab éta téh kakayaan negri anu kudu dibudaya keun, tatapi urang ogé kedah tiasa terang tempat karna urang moal tiasa nyarios nyambung sareng orang Batak. Jadi, basa Indonésia gé kudu diutamakeun komo deui diacara anu résmi.

    BalasHapus
  133. Leres pisan,
    Mèmang perlu urang apal wincikanana kumaha fungsi jeung kalungguhan tilu èlemèn basa tèh, Ngan anu jèntrè boh basa indoneèsia boh basa daèrah, kitu deui basa asing diwenangkeun keur dipakè luyu jeung kaperluanana.

    BalasHapus
  134. Leres,salagi urang Sunda Kedahna kudu leuwih tiasa ngajaga basa Sunda anu merenah tur bener.

    BalasHapus
  135. Sakedah namah, nu jantén urang Sunda sadar sangkan ngagunakeun basa daérah dina kaayaan kitu téh bisa nimbulkeun masalah.
    Satuju pisan kana pamadegan anu nyébatkeun kedah ngamumulé basa daérah, sabab basa daérah geus jarang pisan dipaké ku barudak jaman ayeuna.
    Aya ogé urang téh kudu ngagunakeun basa Indonésia keur komunikasi jeung jalma deungeun.

    BalasHapus
  136. Muhun leres pisan,sanajan urang téh urang Sunda kudu ngamumulé basa Sunda.

    BalasHapus
  137. Leres pisan, salaku urang Sunda urang kedah miara sareng ngalestarikeun basa Sunda. Mung kedah terang tempatna, kumargi basa Sunda mangrupi basa daerah sanés basa Nasional.
    #Yaneet Zulaika

    BalasHapus
  138. Urang salaku urang Sunda kudu atoh boga basa anu kudu dipiara,ngaliwatan ngarang buku,ngajar di sakola.Pikeun ngajaga bangsana.
    #Shinta Nurfitriani

    BalasHapus
  139. Muhun urang téh kudu ngalestarikeun basa Sunda, karena basa Sunda téh salah sahiji basa budaya urang.

    (Muhammad Ari Fakri)

    BalasHapus
  140. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  141. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  142. Leres pisan, nganging urang oge kedah tiasa ningali kaayaan di sakuriling urang, kan dina rapat DPR éta mah seeur batur jadi mending nganggo basa nasional nyaéta basa Indonésia.

    BalasHapus
  143. Leres pisan urang Kedah ngalestarikeun bahasa Sunda.Tapi urang ge Kedah terang tempat.

    Vera

    BalasHapus
  144. Leres, soalna basa Sunda teh basa budaya urang, lamun direndahkeunmah, ilang hiji budaya urang

    BalasHapus
  145. Saé pisan, urang salaku warga Sunda kédah miara basa urang sorangan.

    BalasHapus
  146. saé pisan, da urang téh kédah miara basa Sunda da urang téh urang Sunda.
    (Fitri Rindiani)

    BalasHapus
  147. DWI TANIA RSTIANI
    Muhun leres pisan,urang téh kedah ngamumulé bahasa Sunda.

    BalasHapus
  148. Numutkeun abdi, saé pami urang hoyong ngamumulé basa Sunda nu janten basa daerah urang, tapi lamun nuju dina rapat resmi anu dilungguhan ti sababaraha sélér bangsa, langkung saé na mah nganggé basa persatuan nyaéta basa Indonesia, tapi upami teu dihaja mah mun tiasa langsung dihartikeun.

    BalasHapus
  149. Urang téh urang Sunda, budaya urang, budaya Sunda... Jadi urang téh kudu nga mumulé budaya Sunda.

    BalasHapus