Pulangkeun Hayam Aing! - Cécép Burdansyah

Ilustrasi: Boy with Rooster (1910) kénging Natalia Goncharova

SI Gebay ngagarapak. Bluk huluna nyuuh kana taneuh! Ngosod. Dibintih ku musuhna sababaraha kali. Dununganana di luar kalang reuwaseun. Tara-tara. Saréréa nu lalajo milu kagét, tuluy surak ayeuh-ayeuhan. Dunungan si Gebay ngahéab, loba nu mangmeunangkeun musuh si Gebay. Bakal loba nu ngadadak udul, tur manéhna nu bakal remuk, ceuk pikirna.

Tapi ngan sakeudeung geus cengkat deui. Si Gebay mulangkeun amarah. Awakna ngadadak hampang. Ngabelesur nyamber musuh bari ngaheumbatkeun siih kana awak musuh. Ceb kana handapeun jangjang. Pamatuk nu méncos tur seukeut nenggel kana lebah panon musuh. Bluk! Giliran musuh tikusruk. Kokosodan. Teu kungsi cengkat deui.

Jempling. Panon-panon museur ka si Gebay. Hégakna siga nu moro kénéh. Jalang-jéléng ngurilingan musuh nu geus teu walakaya. Aya nu ngarahuh, nu tadi surak. Aya nu émprak, nu tadi jempling.

“Mun aing, terus dihajar tah!” ceuk hiji sora ti nu lalajo.

“Heueuh da sia mah éléh ku sato, Kardi!” ceuk nu mairan, “sato mah leuwih sinatria batan sia, tara ngakaya nu geus teu walakaya,” cenah deui. Singhoréng sora nu boga hayam lawan si Gebay.

Dunungan si Gebay, budak umur sapuluh taun, ngahéhéh bari nulak cangkéng. Kéncléngna terus pinuh dieusian ti nu arunggul tumpangan. Geus kaimpleng, engké peuting rék bagadang jeung Kang Toha di warung Kastiah. Nginum bir, bari lalajo piala dunia.

*

Sugali ngaranna. Teuing saha nu mimiti méré ngaran. Indungna, Nyi Kayah, ukur nyebut Ujang. Tapi para lalaki di lemburna, sobat-sobatna si Ujang, prah nyarebutna: Sugali. Budak umur sapuluh taun, tapi tara ulin jeung nu sapantarna. Teu sakola. Ulinna jeung Kang Toha, bandar sayur di Babakan Jampang. Katotol ku salembur sahaok kadua gaplok, ma’lum ti ngongora remen pulang anting ka Jakarta jeung ka Bandung, tur ngaku geus bisa meruhkeun préman Caringin jeung Pasar Tanah Abang. Sugalna omongan Kang Toha nurun ka si Ujang. Ti harita nelah si Sugal. Lantaran liar, mindeng kanyahoan saré di mana dugna, terus ditungtungan ku “i”, jadi Sugali. Si Sugal budak liar.

Kasebut jawara di lemburna, Kang Toha dipikasérab. Tara aya nu wani nyebut Toha. Najan babasaan Kang Toha sugal, batur mah tara wanieun sugal mun nyarita jeung Kang Toha. Iwal Sugali, kawas ngomong jeung nu sapantar. Kang Toha-na teu kua-kieu deuih. Geus ngeunah tur jadi kabiasaan mun ngobrol jeung Sugali: sia-aing. Padahal lalaki séjén, kaasup sobat-sobatna Kang Toha, teu weléh hormat bari tara lésot ti nyebut kang.

Najan saré di mana dugna, si Sugal remen balik ka imah. Si Gebay, hayam kameumeutna, boga kandang dialus-alus di pipir imahna. Tara elat diparaban.

Si Sugal geus teu ngarasa anéh mun di imahna sok amprok jeung Kang Toha. Apan mimiti wanohna gé lantaran mindeng panggih di imahna. Si Sugal nyaho, Kang Toha mindeng meuting di kamar jeung indungna. Tapi si Sugal nyaho deuih, Kang Toha lain bapana. Indungna teu kungsi ngadongéng, naha manéhna boga bapa atawa henteu. Kungsi asalna mah aya kapanasaran, pédah ningali batur nu sapantar sok ulin jeung bapana. Tapi tara kedal. Nincak umur salapan nepi ka sapuluh taun, geus teu hayang nanyakeun deui. Geus teu penting. Kajongjonan ku resep ulin ngaprak. Indungna gé riweuh ku urusan hirupna. Sarua tara aya di imah. Sarua ngadon usaha néangan kahirupan. Tapi si Sugal teu kungsi nyaho naon usaha indungna. Jeung teu hayang nyaho. Ti saprak boga si Gebay paméré Kang Toha, si Sugal ukur nyaah ka si Gebay. Manéhna teu kabayang mun si Gebay euweuh, moal boga duit keur meuli bir.

*

Tengah peuting di warung Kastiah, si Sugal nganggeuskeun botol bir pamungkas. Sirahna leng-lengan. Keuheul ku nu ayeuh-ayeuhan lalajo maén bal dina televisi, pokna nyarita, “Bisa bari jempé?”

“Sia mah euweuh karesep lalaki téh, Sugal!” ceuk Juma nu keur ngabobotohan Prancis.

“Aing mah lain resep nu kitu, resep téh ngadu bincurang. Wani?” témbalna, teu euleum-euleum.

Jep Juma balem. Lain teu wani. Asa piraku kudu ngalawan budak satepak. Sakali ngajejek gé moal teu ngajurahroh. Ngan Juma ngahargaan ka Kang Toha. Mun si Sugal dilayanan, Kang Toha nu keur adu regeng jeung nu boga warung di kamar, tangtu kaluar. Beurat adu hareupanana. Kang Toha siga ka anakna baé ka si Sugal téh.

Kungsi aya lalaki anu asa diunghak ku si Sugal. Réngsé si Gebay makalangan, si Sugal nyarita ka nu boga hayam, musuhna, “Nu kitu mah lain hayam adu. Lebokeun!” cenah.

Nu boga hayam ngagidir. Kerewek beuheung si Sugal ditéwak. Jebréd ditampiling nepi ka lého muncrat. Kang Toha nu nyaksian, teu kudu dipéntaan tulung. Jung cengkat. Habek nu nampiling si Sugal dijejek nepi ka nangkarak bengkang. Suku kéncana ditincakkeun kana gado nu keur nangkarak. “Sia hayang kénéh hirup?” pokna.

Saréréa nyaksian kumaha ngabéléhémna jalma nu nampiling si Sugal. Juma embung kudu ngalaman siga kitu.

Aya deui nu ahéng. Si Gebay kungsi sababaraha kali leungit. Sakumaha buni jeung réképna dikandangan, ari diteundeun di pipir imah mah, gampang dipalingna. Saban hayamna leungit, si Sugal pasti datang ka warung Kastiah nu geus biasa kaimpungan ku para lalaki ti saban lembur di wewengkon Babakan Jampang. Bari panon beureum, beungeut asak ku amarah, si Sugal ngagorowok tarik pisan, “Pulangkeun hayam aing!” Ngagorowok kituna téh nepi ka sababaraha kali, nepi ka manéhna lungsé lantaran lieur nginum bir. Kang Toha, nu nyaksian kumaha peurana si Sugal, milu ngabedega bari merong kana beungeut nu aya di dinya. Dipapay saurang-saurang. Kabéh taya nu wani nyora.

Isukna, si Gebay geus aya dina kandangna. Kongkorongok deui. Ti harita si Gebay tara leungit.

*

Hiji poé, si Gebay euweuh dina kandangna. Si Sugal nu kakara balik bagadang, reuwaseun, naha bet ngalaman leungit deui. Sup ka imahna, nanya ka indungna. Ti baheula gé mun si Gebay leungit, indungna nu pangmimitina katanyaan.

“Ma, hayam aing aya nu maling deui?” tanyana.

Indungna muncereng. “Sia mah nu ditanyakeun téh hayam jeung hayam, ari indung sia gawé beurang peuting ngurus sia, tara ditanya!” ceuk indungna, keuheul.

“Ti iraha Ema sok nanyakeun aing?” tembal si Sugal, malik morongos.

Plak! Si Sugal ditampiling.

“Tuh lebok ku sia, sugan dibéré daging hayam mah kalakuan sia cageur!” Indungna nuduhkeun piring nu aya di dapur.

Si Sugal gancang muka tudung saji. Bréh daging hayam sababaraha keureut. Ti mimiti hulu, pingping, dada, cékér. Rey beungeutna beureum. Awakna ngagidir. Si Sugal ngamuk sagala dibalangkeun. Kaca eunteung peupeus, kaca jandéla bolongor, wawadahan di dapur ngapung tingkalayang. Televisi burakrakan.

“Dasar anak iblis! Nyingkah siah! Aing teu hayang neuleu deui!” indungna malédogkeun péso. Si Sugal nyingcet. Biur kabur.

Ti harita si Sugal teu kungsi balik deui ka imahna. Malah urang Babakan Jampang teu kungsi ngawénéhan manggihan si Sugal ngulampreng di lemburna. Mimitina mah tingharéwos silih tanya, kaasup Kastiah nu biasa ngampihan si Sugal. Hiji-hijina nu nyaho si Sugal diusir ku indungna ngan Kang Toha. Tapi Kang Toha balem. Lebah dinya simana Kang Toha téh. Tara loba omong. Nyaritana leuwih loba ku panon.

Usum halodo geus sababaraha kali ganti. Kitu deui usum hujan. Geus karuhan kaselang ku usum panén mah. Malah Babakan Jampang ngalaman paceklik sagala. Kapala désa jeung camat geus gunta-ganti. Usum kampanye pemilu geus rék tilu kali. Lapak adu hayam aya kénéh, tapi si Gebay nu kasohor mébérkeun jangjangna nu panjang pinuh ku bulu, ngan kari ngaran. Ukur dongéngna.

Kayah, najan manéhna ngarasakeun kumaha nyerina ngajuru ku si Sugal, ukur sapoé harita wé asa kaleungitan téh. Terusna mah biasa. Lain teu inget, tapi boga budak gé asa euweuh mangpaatna. Néangan dahar, angkat jungjung, gering, angger sagala ku sorangan. Kungsi gering rada parna aya dua mingguna, ngajoprak. Hayang nginum nepi ka ngorondang ka dapur. Anakna ukur ngarérét bari jongjon ngusapan si Gebay. Budak basangkal lain puntanganeun, naon anu kudu dipikaingetna. Hayang boga deui budak mah naon héséna, tinggal ngalaan kondom. Sugan aya deui lalaki anu daékeun siga Kang Toha. Keun baé teu ngaku gé.

Ti saprak Babakan Jampang ngalaman paceklik, Kayah lampar usahana. Ka kota. Tapi angger saban minggu balik ka lembur. Ti Bandung ka lemburna teu sakumaha anggang. Ukur tilu jam.

Sanajan lemburna geus teu paceklik, Kayah angger mindeng ka kota. Di lembur saenyana teu kakurangan. Salian ti ngandelkeun Kang Toha anu rutin, di lemburna teu kurang ku jalma jegud nu haat ka manéhna. Lembur ngémploh héjo, cai cur-cor, taneuh subur.

Hirup geus kapulas ku warna kota, najan umur ngolotan, Kayah angger katémbong pantes. Ngurus awak, ti mimiti senam jeung fitnes. Soal baju nyaluyukeun jeung modél. Henteu ukur geulis jeung séksi siga jaman ngotok ngowo di lembur, tapi ayeuna mah modis. Lalaki di kota, remen datang ka lemburna mun Kayah keur di lembur. Gaulna geus lega. Teu sakadar jeung lalaki jegud di Babakan Jampang.

Hiji poé datang lalaki anyar pinanggih ka imahna. Beungeutna hideung, bréwokan, loba codét tapak raheut. Dangdananana perlénté. Maké jékét kulit hideung. Jerona kaos oblong bodas, calana jin warna krém. Sapatu gunung mérek Eiger. Keur Kayah mah teu kungsi sieun ku lalaki anu beungeutna loba codétan atawa pinuh ku tato téh. Lalaki mah sarua, pinuh ku napsu. Lalaki anu dipikasieun ngan lalaki anu napsuna gedé tapi dompétna kempés. Pasti euweuh duitan. Najan beungeut serem, tina dangdanan mah si lalaki téh gagah. Dedeg jangkung, awak sembada.

Ka lalaki anyar pinanggih Kayah mah sok nyalsé, ngajak ngobrol heula. Sangkan wanoh. Sangkan nu datang téh ulah ukur saharitaeun. Rejeki kudu manjang. Sok ngahaja nyadiakeun kadaharan deuih, suguhkeuneun.

Tapi sémah nu anyar datang ngaku teu resep basa-basi. Hayang langsung. Kayah rada ngajenghok mimitina mah. Tapi bisi enya teu kuat nahan napsu atawa boa rusuh aya jugjugeun, Kayah langsung nangtung. Sup duanana ka kamar.

Enya wé birahina geus sahéng. Gewewek sémah langsung ngarontok awak Kayah. Diséréd kana tonggong panto. Baju Kayah dirangsadan hiji-hiji nepi ka bulucunna. Méméh diséréd kana kasur, sémah sakilat mukaan pakéanana. Kayah ngajenghok deui waé. Kakara manggih lalaki kasar kawas kitu. Sukuna langsung diranggahkeun, pingpingna didéngkakkeun. Enya gé lain parawan sarta geus umuran, ari langsung diajul disakaliguskeun mah karasa neundeut jeung nyeri. Awakna eundeur satakerna, da puguh sémah nerag terus motah. Kayah hémeng. Biasana lalaki nu napsuna ngagugudag mah tara lila. Manéhna gé tara kungsi panggih jeung kani’matan salaku awéwé. Tapi anu ieu mah béda. Hégakna lir kuda. Awakna ngolécér. Geus sababaraha menit can réngsé kénéh. Ahirna Kayah kokoléaban, panon mélétét ngarasakeun kani’matan nu luar biasa. Hégakna milu ngerepan. Manéhna ngalaman deui jadi awéwé anu pasrah ka lalaki lantaran panggih jeung kasugema. Késang ngagarajag. Sémah siga taya kacapé. Bareng jeung nyorang tanjakan pangluhurna, nyentokkeun awakna sataker tanaga, sémah nyarita bedas pisan.

“Pulangkeun hayam aiiiing!”

Kayah nu geus bitu ngaduakalian, asa dipangpéngkeun tina ranjang.

“Siaaaa?!” pokna, teu éléh bedas.

Ti harita, si Sugal ngalongokan indungna ka lemburna. Lain mawa kasono, tapi mawa amarah jeung birahi nu teu pareum-pareum.***

 

Jakarta, Désémber 2022.

 


CÉCÉP BURDANSYAHnulis fiksi jeung non fiksi, dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Sawatara carponna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Buku kumpulan carponna nu geus medal nyaéta Anak Jadah (Kiblat Buku Utama, 2002) jeung Sangkakala (Silantang, 2022). Ayeuna jadi jurnalis di Tribun Network.

Posting Komentar

10 Komentar

  1. Tegep pisan. Ngan matak eungap dina éndingna.
    "Pulangkeun indung aiiiing!"

    BalasHapus
  2. duh.. ahirna matak muriding..

    BalasHapus
  3. Langkung èdun saupami Si Codèt nyaritana, hayam aing teu kudu dipulangkeun.

    BalasHapus
  4. Carpon nu jero lenyepaneun, eunteung karakter jalma mangsa kiwari?
    Tokohna antagonis nu carang dijieun ku para pangarang Sunda. Dendam nu kabales ku cara nu sugal.

    BalasHapus
  5. Simuingah ukur tiasa ngacungkeun indung leungeun. Tah, nu kieu carpon.
    Wareg macana. Tapi simuingah Tia ngajudi bakal kitu tungtungna.

    Gambaran dunya kiwari. Boa aya dikieuna ieu Carita teh.

    BalasHapus
  6. Klimakna hade jeung jauh tina sangkaan, Tapi saestuna balatak manusa2 Sugali, nu weureu ku kakawasaan jeung kakayaan, tega nga”insest” rahayatna

    BalasHapus
  7. Sugali....Sugali.....Matak muringkak di alenia2 pnutup.

    BalasHapus
  8. Tegep pisan, khas....

    BalasHapus
  9. kaget tur getir

    BalasHapus
  10. Kacipta filmna. Janten panasaran. Mugi diparengkeun engké tiasa nongton.

    BalasHapus