Bumi Sindanghaji - Sajak-Sajak Arif Abdilah

"Bridge and Buildings" (2011) kénging Karl Krogstad



BUMI SINDANGHAJI

bumi Sindanghaji, di ahir umur salira
katineung téh terus nyelap
dina dapuran waktu
kawas galagat-galagat
nu teu kungsi dibaca mangsa
kawas catetan-catetan heubeul
atawa sésa lalampahan saméméhna

macaan lambaran mangsa
hujan masih ngucurkeun kakangen
dina kalakay mata salira
liuh gugupay ti kaanggangan

harita
:
di buruan salira, barudak arulin
terus nyumput-nyumputkeun
sepi kana dada séwang-séwang
horéng ringkang leungiteun kalangkang

sapanjang mautan kakangen dina angen
angin ngamalirkeun hahangit kana jandéla
langit ngudar kakelar dina sela-selana
di dieu hujan lain ngan ukur likuran girimis
tapi aweuhan kakeueung nu haben ngalaung

bumi Sindanghaji, di ahir umur salira
kami gunem jeung sareupna
ngeunaan barudak nu leungiteun cuaca
imah nu suwung leungiteun purnama

2014






HIJI DAYEUH

sanggeus dayeuh cakueum
naon deui nu baris ditepungan bulan
lamun lampu-lampu marijah di taman-taman
boa peuting langlayeuseun datang

saendeng-endeng manéhna nutur lumar
néang léngkah nu samar
bari angger ringkang jeung kalangkang
cipruk belewuk balas mipit luput
boa, katunaan terus nyalingker
dina saban parapatan

sanggeus dayeuh cakueum
naon deui nu baris ditepungan hujan
lamun cileuncang nguyumbang di buruan
boa langit Salira leuseuh salawasna

baris mulang ka mana deui
lamun usum terus digugusur
lamun cuaca terus tugur
sedeng manéhna mah teu kungsi ngarti
naon bédana isarah jeung rusiah

ahirna
:
manéhna tilem di lemah nu cakueum

2014






BRAGA

salira nu leumpang nutur-nutur kamelang
nepungkeun unggal lumar jeung samar
mupus bulan, mulas lampu-lampu jalan

nu anteng jeung ringkangna
salira nu mulungan kakangen
tina ruruntuk panineungan
tina témbok kulawu jeung
catetan ragem buku

demi salira nu leungiteun sarakan
sapeuting mongkléng
kami ngumbar implengan
nyusud léngkah, nyutat sésa sepi
nu merul tina langit kingkin
sabot nguyupan hawa tiris
kami ngararas
tina saban gedong-gedong
tina tihang-tihang waktu
: di dieu salira bet ngabigeu

2012






TEMBANG PEUTING

geus lawas manéhna ngetrokan
lawang keueung jeung ludeung
bari rerencepan nyumputkeun bulan
dina sela-sela panon kota
manéhna ngarungrum sepa
dina unggal jandéla

di sapanjang rénghap kota
manéhna terus lunta
ngukuntit sagala katigin
sabot anteng nyutat bagantina usum
nu teu bina jeung pugurna daun

dina tonggong kota nu cakueum
dina ruruntuk nu simpé
manéhna leyur
laju pundung
nyalindung muru ngungun

duh, boa sanggeus langit cangra
sanggeus adan subuh ngalanglaung
manéhna teu bina jeung lalakon kosta
nyangsaya dina hurunan beurang

di dieu manéhna ngababatang

2014






WÉKER

aya nu ngetrokan angen
basa hujan incah tina beungeut peuting
:
tiktek wéker

kalan-kalan manéhna nganti kalangkang samar
ngarungrung hégak nu béakeun rénghap

di langit, paguneman kalah sepi
nyaksian bagantina wanci
tapi raga bet nyangsaya teuing di mana

2014






ARIF ABDILAH, lahir di Majalengka taun 1989. Internisti, gelandang sayap di cacandran.com. Ku babaturan deukeutna sok digeroan Ayih. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Keur kuliah kungsi jadi ketua UKM ASAS jeung Turus. Nulis sajak jeung carpon, dimuat dina majalah Cupumanik, Manglé, jeung Pikiran Rakyat. Bukuna nu geus medal kumpulan sajak Hujan di Pajaratan (taun 2020). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Bandung. Sajak "Bumi Sindanghaji" jeung sajak-sajak séjénna saméméhna kungsi dimuat dina Cupumanik No. 109 bulan Maret taun 2014.

Posting Komentar

0 Komentar