"Two Human Beings" (1905) kénging Edvard Munch. |
BRÉW, meureun urang kudu iklas. Kudu iklas ditinggalkeun ku manéh. Da meureun kudu kitu gurat nasib urang. Nya di dieu manéh ku urang dikubur. Ngan hampura baé mun henteu maké patok. Tapi ieu tempat apan iuh pisan, jaba angin teu kendat ngahiliwir. Tiis cara sasari lamun urang niis di dieu, lamun geus jam-jaman papanasan. Teu kudu ka surga, kitu ceuk manéh, da di dieu cukup keur nuuskeun késang bari ngalelempeng cangkéng atawa nyanghunjarkeun suku nu lila dibawa nangtung. Cukup sakitu gé, teu kudu aya widadari, ceuk manéh. “Da manéh keur urang leuwih ti widadari,” sok kitu manéh nyarita ka urang.
Urang sok teu kuat nahan cimata, Bréw, mun
inget kana éta omongan manéh.
Tapi sing tengtrem baé di alam manéh nu
ayeuna. Keun urang mah, sina kakalayangan di alam urang. Manéh ulah melang ulah
hariwang. Satungtung boga kénéh suku urang rék tuluy leumpang, satungtung boga
kénéh ambekan urang moal rék ngeureunan hirup, pikeun néangan jalan takdir urang
nu sajati. Najis mun urang kudu prustasi. Da urang gé mampuh kénéh, Bréw.
Mampuh kénéh pikeun hirup keur néangan eusi kadut. Bisa kénéh nyanyi, bisa
kénéh kucap-kiceup. Teuing lamun urang geus teu bisa engab mah, atawa
urang kaserang struk. Du’akeun baé ku manéh Bréw, urang sing kuat ngalakonan
hirup urang nu ayeuna, bari teu kudu dibarengan ku manéh.
Bréw, gitar jeung mikropon téa, ogé spikerna,
ku urang dirawatan minangka warisan nu gedé hargana ti manéh. Rék dipupusti. Da
meureun hirup manéh ayeuna mah geus teu butuh gitar butut, jeung mikropon nu
digagangan ku kawat jari-jari motor. Nu ditanagaan maké batubatré 12 volt jeung
spul. Sumanget manéh ayeuna tangtu béda jeung sumanget baheula. Baheula mah
manéh téh réa akal, sok ngulik. Sagala dioprék, ayeuna mah manéh kari ngong
nyanyi, ngaramé-ramé alam manéh anu anyar. Dibaturan ku widadari anu jadi
gaganti urang.
Teu karasa, geus dua bulan manéh ku urang
dikubur, Bréw. Ngamén gé geus ditinggalkeun. Sanajan Si Puja mamaksa urang sina
milu jeung manéhna, tapi urang can purun turun ka jalan deui. Asa sumpeg, puguh
asa diheulang. Henteu kitu kumaha. Apan manéh téh sagala-galana keur urang. Nya
asa ka batur medok nya asa ka salaki. Ah, Bréw. Mun manéh nyaho kumaha
leungiteunana urang. Geus dua bulan urang sok ngarasa sepi, haram jadah téh!
Tapi ceuk tadi gé urang meureun kudu iklas.
Kudu iklas, Bréw.
“Teu resep aing mah ka nu céngéng téh!” ceuk
Si Puja. Sigana, ngahajakeun manéhna datang deui. Sigana rék ngolo urang deui,
ngahaja datang ka kuburan manéh. Da sigana manéhna apaleun mun unggal Saptu
soré urang sok ngahaja ka kuburan manéh.
“Ulah ngaganggu siah, kunyuk!”
Tapi Si Puja kalah ngahéhéh. “Aing apal manéh
leungiteun. Tapi Si Ambo mah henteu,” pokna.
Urang neuteup Si Puja. Tapi manéhna kalah
némbongkeun HP-na. Némbongkeun SMS ti manéh, Bréw. Ja, slm k Kntring.
Omt pngjgakn! Éta HP gancang ku urang direbut. Tapi sakilat pisan Si
Puja nyingcetkeunana téh, nepi ka urang nyamos. Urang napsu. Tapi Si Puja kalah
ngéprét urang.
“Déngékeun ku sia, Tring!” pokna sugal, “Aing,
Si Ambo, Si Gobing, Si Mawar, kabéh budak nu di jalan, nyaah ka sia téh. Sia
téh dulur aing, dulur Si Ambo, ogé dulur barudak. Tapi Sia sorangan teu daék
mikir. Carana sia ngubur Si Ambo kaya kieu naha bisa jadi cageur kana haté?
Keureut tah ceuli aing lamun sia bisa mopohokeun Si Ambo. Moal siah. Kalah haté
sia engké nu bakal pejét. Sing percaya ka aing!”
Urang ngan bisa ceurik.
“Déngékeun, Tring. Sakali deui aing nyaah ka
sia. Lamun sia terus hirup kawas kieu, sing percaya isuk pagéto sia keuna ku
TBC tah! Mending ubaran di jalan. Ngamén deui jeung aing. Lamun enya Si Ambo
tuluy mopohokeun sia, aing nu tanggung jawab.”
“Mémang Si Ambo geus poho siah ka aing téh,”
ceuk urang bari ngawiwiw.
“Lain Si Ambo nu poho, tapi sia nu ngahaja
miceun Si Ambo!”
Bréw, di jero haté mah urang ngaenyakeun
omongan Si Puja. Tapi urang geus teu bisa narima manéh nu ayeuna. Manéh ku
urang geus dianggap paéh, geus euweuh di alam dunya. Da urang yakin manéh lain
Si Ambo nu baheula, nu sok ngabaturan urang ngamén di beus, atawa sakali-kali
nguriling ka émpér-émpér toko, néangan paleuleuwih. Si Ambo nu ayeuna mah apan
artis sohor, béntang televisi, anu ginding dangdananana, teu caludih rerewigan.
Unggal manggung disorot ku lampu rebuan watt, dipirig band kasohor. Sarta anu urang
teu narima lahir batin, ngaran Ambo ayeuna geus poho ka adat budak di jalan.
Diriung-riung nu gareulis. Diburu-buru ku wartawan infotainment, atawa boga
fans anu sakitu fanatikna. Utamana awéwé-awéwé centil nu ngarogrog hareupeun
panggung.
Sumpah, Bréw, urang hayang utah basa manéh
diwawancara ku réporter. Ceuk manéh,”Ini impian saya. Saya ingin
menyenangkan Ibu dan Bapak saya…” Ti iraha manéh inget ka indung bapa?
Apan manéh kungsi nyarita ka urang lamun manéh geus teu boga indung bapa, geus
teu boga kulawarga. Kulawarga manéh nu aya ngan barudak jalanan nu sanasib
jeung manéh. Tapi harita manéh jadi alim, maké hayang nyenangkeun indung bapa,
kumaha mimitina, Bréw?
Kacipta lamun manéh jadi mawa indung bapa
manéh ka panggung, disorot kaméra, meureun urang téh jadi utah uger. Padahal
urang apal, bapa manéh baheula nyusul-nyusul gé ku manéh tara ieuh diladénan.
Majar ceuk manéh, “Kunaon aing baheula dipiceun?” Tuluy manéh nulis graffiti di
kamar urang: Father, I want to kill you!
Kari-kari ayeuna manéh inget ka indung bapa.
Aduuuuhhhh, Ambo, Ambo! Goblog manéh mah. Urang nyaho manéh téh wungkul hayang
kapuji di televisi, lantaran aya nu keur diudag ku manéh. Anu matak manéh
mentingkeun indung bapa manéh, lain urang. Da tangtu lamun manéh mamawa urang,
citra manéh bakal rusak. Manéh geus unggah adat, Bréw. Manéh nu asli geus paéh.
Anu matak, manéh ku urang dikubur di dieu. Di
handapeun tangkal jati, teu jauh ti sisi jalan, di leuweung perhutani. Nya
unggal Saptu urang ngembang ka manéh. Ngadu’akeun manéh sing tingtrim di alam
séjén. Lamun téa aya nu ngaku-ngaku Si Ambo hirup kénéh, ceuk urang tangtu éta
lain manéh. Si Ambo nu hirup kénéh ayeuna, keur urang teu bina ti bangsat
tengik nu geus poho ka dirina sorangan.
Si Puja, sanggeus seubeuh nyarékan urang, tuluy
ngaléos bari tuluy ngutruk. Urang diantep ceurik di dieu, di hareupeun kuburan
manéh. Kembang nu tadi dibawa ku urang, geus pejét ditincak-tincak ku manéhna.
“Awéwé burung!” pokna.
Rék ditarima éta omongan Si Puja téh, Bréw.
Rék ditarima. Manéh gé pan baheula nyebut urang awéwé burung.
Inget harita urang hayoh ngingintil manéh,
ngamén ka ditu ka dieu. Ceuk manéh, “Tring, lamun urang beunghar, geus diimahan
manéh téh. Dijieun ratu, dikeukeupan unggal poé siah! Moal urang mah, moal
digawé atawa indit-inditan. Dua puluh opat jam téh hayang jeung manéh wé!”
“Na da ayeuna gé bisa manéh ngeukeupan urang,
rék unggal menit ogé!”
“Ah, burung manéh mah. Maksud téh mending
téangan nu beunghar. Tuluy kawin ku manéh, senang meureun manéh téh. Tibatan
ngingintil urang di jalan. Diuber-uber satpol, dipaséaan saingan urang. Jaba
can tangtu bisa ngeunah dahar jeung urang mah. Saré di mana baé ...”
“Tapi urang bébas pan?”
Manéh melong, Bréw.
“Urang bébas. Bosen euy dijualan baé ku babéh
urang ka Om-Om. Mending urang nu nyekel duitna, kalah babéh urang wé nu
bucitreuk. Indung urang kaluron ogé nepi ka teu katulunganana. Hayang téh urang
ngalaman hirup kumaha ceuk urang.”
“Tapi naha bet ngingintil urang atuh?” ceuk
manéh.
“Bréw, nyaho teu lamun manéh kasép? Siga
Bimbim ceuk urang mah manéh téh. Bogoh siah urang gé. Jaba lamun manéh nyanyi,
ah ceuk urang mah Rido Rhoma gé pejét siah ku manéh mah. Sing percaya ka urang.
Ngan hiji hanjakalna téh, manéh jarang mandi”
Manéh kalah ka mésem, Bréw. Dicium ku urang gé
siga budak olol lého.
“Awéwé burung!” ceuk manéh. Urang seuri, asa
ngeunah.
Sora urang nu pas-pasan, ku manéh digosok
unggal poé, maké téhnik nyanyi a’la manéh. Isuk-isuk urang kudu lulumpatan di
pipir kontrakan nu balatak ku barang-barang rongsokan, didadaster. Unggal
hudang saré manéh geus nyadiakeun gula asem keur inumeun urang. Méméh indit
ngamén manéh nitah urang latihan, digitaran ku gitar butut manéh nu senarna
ngahaja ngadudutan tina kabel kupling. Tapi Bréw, nuhun, urang jadi bisa
nyanyi. Ceuk batur, Rita Sugiarto gé pejét ku urang mah!
Ari nu ku manéh didereskeun ka urang, lagu
Gelisah Reynold Pangabean téa ning, nu dinyanyikeun ku Camelia Malik. Atawa
Syahdu-na Bang Haji nu diduétkeun jeung Rita Sugiarto. Ceuk urang, seléra
dangdut manéh mémang alus. Dangdut nu nyeni, lain dangdut sakadar
gembrang-gembréng siga Kéong Racun.
Beuki lila urang gé beuki sadar, lamun manéh
lain sakadar tukang ngamén di beus. Aya bakat alam. Aya power ceuk Si Mawar
mah. Manéh téh dahsyat, Bréw. Lain baé dina nyanyi, tapi bakat manéh dina ngagitar
gé lain atah-atah. Urang teu apal ti mana manéh diajar. Tapi enya ceuk batur,
Ridho Rhoma gé pejét lah ku manéh mah. Sora manéh deukeut-deukeut ka Bang Haji,
tapi aya sari-sari Once.
Tapi nu leuwih penting ti éta, unggal balik
ngamén, manéh nganteur urang sakarep-karep. Rék barang beuli naon baé ku manéh
dijurung, sacukupna duit tina ngamén. Urang hayang dimandian ku manéh, ku manéh
diturut. Urang hayang dilahun ku manéh, manéh tara aral. Bréw, waktu Si Puja
jeung Si Gobing hayang ngasaan urang, manéh leuwih-leuwih ti salaki bélana.
“Sumpah, dimutilasi siah ku aing mun manéh
wani-wani ngaganggu Si Kentring!” ceuk manéh ka Si Puja jeung Si Gobing.
Urang lain jelema romantis. Tapi ku cara manéh
ngabéla urang, Bréw, urang asa jadi Juliet, asa jadi Sinta, asa jadi Wara
Subadra.
Urang bogoh ka manéh. Serius.
Ku batur urang duaan dilandih duét maut.
Bayangkeun, Bréw. Duét maut! Lain baé barudak di jalan nu nyebut kitu téh, tapi
kabéh tukang asong di pintu tol gé euweuh nu teu wawuh ka Duét Maut Boring:
Ambo & Kentring.
“Tah, saratus rébu. Ulang taun urang tanggal 4
isuk. 10 lagu wé,” order ti Si Mawar.
“Enéng, tiasa salagu deui?” ceuk ibu-ibu di
Beus Primajasa.
“Tring, Emang mah kajeun nyerahkeun nu kolot.
Asal unggal poé Kentring nyanyi keur Emang!” ceuk Mang Abéng, tukang rambutan
nu mangkal di pangetéman beus.
“Bo, ké Agustusan ka Tasik nya. Serius! Boring
rék ditanggap ku urang. Ulah mikir bayaran. Rék ngeueum di Cipanas saminggu
campleng gé pék téh teuing,” ceuk Om Odang, supir Doa Ibu.
“Tring, order di Cikampek, nu hajat. Rék
ditarima?” ceuk Pa Marya, pulisi di pos pintu tol.
“Duét?” ceuk urang.
“Butuh biduan wungkul cenah euy. Mun ditarima
tah tepungan, OM Gitanada.”
Urang melong manéh, Bréw, tapi manéh gideug.
Kapaksa order ti Pa Marya ditolak.
“Sakali duét maut, tetep duét maut. Urang moal
mikeun manéh nyanyi sosoranganan,” kitu ceuk manéh, Bréw. Urang seuri,
nyatujuan.
Tapi tétéla jalan hirup urang kudu béda. Sarta
manéh ahirna paéh ti heula.
Urang moal nyalahkeun Kang Éman, kokolot rumah
singgah di Bungur. Da Kang Éman engeuh mun bakat manéh lain bantrak-bantrakeun.
Sanajan manéh siga nu horéam waktu dipénta ku Kang Éman sina ngeusian formulir
audisi di Bandung, tapi ahirna manéh teu bisa nolak. Da kabéh dulur-dulur urang
di jalan gé satuju lamun manéh kudu miluan audisi. Kabéh manglebarkeun ku bakat
manéh, kabéh nyaah ka manéh. Dalah urang sorangan, Bréw, dina haté nu
pangjerona mah ngajujurung. Ngarah Si Ambo nu dahsyat téh manggih jalan anu
bener keur ngocorkeun bakatna.
Manéh indit ka Bandung. Teu ku hanteu manéh
lolos ka Jakarta. Lolos babak kualifikasi, malah nepi ka grandfinal. Terus terang
Bréw, waktu nu séjén surak, urang asa disasaak. Asa ringsek. Teu kitu kumaha.
Manéh kudu dikarantina, balik gé teu minggu kali. Jaba lamun manéh balik, ku
urang ngahaja teu ditepungan. Urang milih nyumput. Urang rék teguh baé kana
jangji manéh, sakali duét maut tetep duét maut. Urang moal nyanyi lamun henteu
duaan jeung manéh. Hanjakal manéh sorangan geus poho, Bréw.
Anu matak nyeri haté urang, Si Ambo nu urang
wawuh enya-enya geus robah. Loba omongan manéh di televisi anu matak urang
hayang utah, sumpah. Manéh nu saayana, sakacemplang- sakacemplungna, ayeuna
ngadak-ngadak jadi pinter nyiar omongan nu ku urang karasa palsu. Munapék.
Najis. Jadah!
“Mun kapilih jadi superstar, naha Ambo anak
jalanan rék balik deui ka jalan?” ceuk nu ngawawancara.
Manéh ngagakgak seuri, “Kumaha nasib wé!”
“Sadar henteu Ambo, budak jalanan, bakal
dikontrak nepi ka dua taun pikeun roadshow, nyieun album, sarta jadi modél
rupa-rupa produk iklan?”
“Mun konsékwénsi kitu, apa bolebuat. Tapi anu
jelas, kuring boga impian.”
“Impian. Naon?”
"Ini impian saya. Saya ingin menyenangkan Ibu dan Bapak saya ..."
Antukna urang nganggap manéh paéh, Bréw. Ngan
éta hiji-hijina cara urang mopohokeun manéh. Teu mungkin urang ngalalajoanan
manéh lamun urang ningali manéh siga nu amnésia. Jadah téh! Keun ari
silihrangkul jeung finalis séjén mah, anu … arrgh koplok téh, gareulis,
rancunit. Urang teu timburu-timburu teuing. Tapi soal amnésia manéh, urang geus
hésé ngahampurana.
Urang antukna mutuskeun nyieun kuburan manéh,
di tengah-tengah kebon jati. Di tempat urang sok niis silih lahun mun geus capé
ngamén. Unggal saptu soré, waktu dulur-dulur urang hariweusweus néangan
televisi lalajoaneun, da bakal aya manéh tarung dina babak grandfinal, urang
mah sok ngahaja nyingkur di kuburan manéh, Bréw. Ngaderes lamunan, nyawang
hirup urang nu éndah bareng jeung manéh, anu asa teu lila, tapi karasa éndahna.
Asa kareueut pisan. Asa ngasaan gula tina peueutna. Asa ngasaan sawarga nu ngan
ukur béja. Bréw, saumur urang dumelah, balaka baé, ngan jeung manéh urang asa jadi
jelema.
Geus Saptu deui, Bréw. Urang dangdan, rék
nyekar ka kuburan. Bet nalangsa pisan ningali gitar manéh téh. Enya ceuk Si
Puja, urang jadi céngéng. Meus-meus léwéh. Meusmeus léwéh. Keun baé nya Bréw,
da urang téh awéwé. Meureun manakitu gé urang boga kahayang, boga angen-angen.
Ana angen-angen urang direbut batur, meujeuhna urang jadi sedih, tuluy léwéh.
Nepi ka kuburan manéh, urang nangkeup tuur.
Bet asa dosa, ngahalang-halang manéh pikeun inget ka indung bapa. Naon hak
urang, Bréw, pikeun ngahalangan gerentes haté manéh nu pangjerona, lamun manéh
boga kénéh indung bapa. Sanajan manéh geus ngarasa diteungteuinganan ku
maranéhna, siga urang diteungteuinganan ku indung bapa urang sorangan, tapi
tangtu hiji mangsa mah aya sonona. Boa urang geuleuh ka maranéhna téh pédah
urang sarua teu bisa nulungan manéhna tina kamalaratan. Dina lebah manéh, Bréw,
nu ayeuna geus nyantong kana kasenangan, piraku teu hayang ngajait maranéhna.
Hayang mulang tarima. Tapi anéhna, urang sok geuleuh baé ku cara manéh nu ujug-ujug
robah adat. Teuing ku naon.
Si Puja geus datang deui baé. Ngan rada
peuting ayeuna mah. Kira jam dalapanan, waktu urang keur gogoléran gigireun
kuburan manéh, bari nyawang bulan nu reup bray kahalangan ku méga.
“Mun manéh enya nyaah ka Si Ambo, milu jeung
urang,” pokna, leuleuy.
Ku urang teu ditémbalan.
“Tring. Peuting ieu waktuna, naha Si Ambo jadi
superstar atawa kudu kagusur. Tadi Ambo nga-SMS deui ka urang, ménta sangkan
manéh lalajo. Hayang aya motivasi cenah,” pokna deui.
“Sugan Si Ambo enya jadi juara. Mun manéh teu
lalajo, ceuk urang mah kacida teuing.”
Urang angger balem.
“Urang yakin manéh téh nyaah kénéh ka Si Ambo.
Sanajan manéh geus nganggap paéh, tapi Si Ambo kanyataanana hirup kénéh, jeung
ingeteun kénéh ka manéh. Sangkaan manéh Si Ambo bakal robah adat, ngan ciptaan
manéh baé, anu can tangtu benerna. Ceuk urang mah batan manéh nyiksa diri
sorangan, mending robah tah adat téh. Paling henteu peuting ayeuna manéh kudu
nedunan kahayang Si Ambo, manéh lalajo!”
Ah, Bréw, dasar awéwé. Urang ngadak-ngadak
jadi nalangsa. Lain, lain lantaran omongan Si Puja, tapi teuing ku naon boa.
Urang asa ngadéngé manéh nyanyi Syahdu, nyeta-nyeta Bang Haji, dibales ku
urang, nyeta-nyeta Rita Sugiarto. Bréw, sumpah. Urang téh duét maut sajati,
taya babandinganana saalam dunya.
Nepi ka Si Puja indit deui ogé, urang teu
kungsi némbalan.
Ngan – sabada urang ceurik ngawiwiw di kuburan
manéh – urang horéam-horéam ogé antukna indit ka rumah singgah.
Enya baé geus ngagimbung. Urang datang barudak
mani gariak. Ngagugusur urang sina diuk panghareupna. Kang Eman, sakumaha
biasana, ukur imut. Si Puja kaciri bungahna. Si Gobing asa jadi juragan beus.
Andekak nyanghareupan botol bir sadua-dua.
Ku kabeneran, Bréw, jol urang ka dinya manéh
keur duet. Lagu Malam Terakhir, lagu pavorit manéh. Nu ngabarengan manéh nyanyi
duet, lain artis bantrak-bantrakeun. Nya geulis nya séksi nya halimpu nya sohor
nya randa. Tapi mémang manéh Si Ambo anu ogé lain bantrak-bantrakeun. Wani
ngadu jeung penyanyi aslina. Barudak éak-éakan. Jarogéd teu puguh di aturan.
Tapi keur urang mah, Bréw, béda deui. Asa aya
nu ngaduruk jajantung.
Waktu lagu bérés, Bréw, manéh dicium ku si
randa. Haram jadah téh! Teu ku hanteu deuih, manéh males ngarangkul pageuh
pisan. Siga enya pasangan nu rék pajauh, nu nyacapkeun sono pamungkas dina
lagu.
Urang geus teu tahan, Bréw.
Botol bir hareupeun Si Gobing ku urang
dirawél. Ngan belewer baé dibalédogkeun satakerna kana tivi nu
dilalajoanan ku saréréa. Kadéngé ngabeledug.
Bréw, urang teu paduli jelema sarumah singgah
ngamuk siga hayang nyacag urang. Urang ngingkig, norobos petengna peuting.
***
Garut, 2010
DARPAN, lahir di Karawang taun 1970. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah IKIP Bandung (UPI ayeuna). Sababaraha kali dilélér hadiah sastra LBSS jeung D.K. Ardiwinata. Taun 1999 dilélér hadiah sastra Rancagé pikeun kumpulan carpon Nu Harayang Dihargaan. Buku kumpulan carpon séjénna nyaéta Rusiah Kaopat Welas (taun 2008). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Garut. Ayeuna jadi ketua Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS). Carpon "Duét Maut" saméméhna kungsi dimuat dina majalah Manglé No. 2290.
0 Komentar