Nu metik entéh di Gunung Malabar
ÉKOFÉMINISME téh hiji gerakan lingkungan nu dipatalikeun jeung gerakan féminisme. Kaom akademisi jeung aktivis kayaning Vandana Shiva, Ariel Salléh (Australia), Maria Mies (Jérman), jeung Gloria Goldstéin (Amérika Serikat) mangrupakeun inohong-inohong dina paham ieu.
Istilah ékoféminisme mimiti disebut ku Françoise d'Eaubonne dina éséy nu judulna “Féminisme atawa Paéh” (Le Féminisme ou La Mort, 1974) nu tuluy diasupkeun kana buku antologi “New Frénch Féminisms” nu medal ku yasana University of Massachusétts Préss (1980). Ti harita, istilah ékoféminisme sumebar ka sakuliah dunya.
Dina éséy éta, d'Eaubonne nyebutkeun yén geus aya sajarahna ti baheula, lamun awéwé dalit pisan jeung lingkunganana. Ku kituna, ruksakna lingkungan daék teu daék baris ngabalukarkeun ancurna kamanusaan jeung katalangsarana awéwé. Numutkeun inyana, kondisi siga kieu téh dilantarankeun ku phallokrat atawa kakuasaan lalaki. Cenah, dimimitian ku ngarasa boga kawasa kana rahim atawa kasuburan awéwé jeung wasa ngabulak-balik lemah ku tanagana, kaom lalaki antukna sangeunahna ngarusak dunya.
Ékoféminisme dina Fiksi jeung Dunya Nyata
TEU munasabah mun kaom ékoféminis jojorowokan nepi ka tega ngurbankeun nyawa pikeun nyalametkeun lingkungan. Dalitna hubungan antara awéwé jeung alam geus teu kudu dicaritakeun deui, boh di dunya nyata atawa fiksi.
Saméméh ékoféminisme d’Eaubonne, di India geus kaceluk ngaran Amrita Dévi, awéwé ti nu tohtohan nyalametkeun tangkal khéjri (prosopis cineraria) nu rék dituar ku pasukan Maharaja Abhay Singh, pangawasa Jodhpur, taun 1730.
"Saupama tangkal ieu bisa salamet ku ngurbankeun sirah kula, nya taya halanganana,” ceuk Amrita Dévi harita. Cenah ceuk ujaring carita, kampak tuluy diheumbatkeun, gulutuk sirah Amrita Dévi murag. Tilu anak awéwé Amrita Dévi nyaeta Asu, Ratni jeung Bhagu, teu undur satapak, angger chipko, nangkeup tatangkalan. Pasukan Maharaja antukna ngaheumbatkeun kampakna deui. Tilu kali.
Chipko nu dilakukeun ku Amrita Dévi, mashur di India, ditarurutan. Tanggal 26 Maret 1974, 27 urang awéwé nu dipingpin ku Gaura Dévi (1925-1991) ogé ngalakukeun chipko salila 3 poé pikeun nyalametkeun tatangkalan di sabudeureun Kampung Réni, Uttarakhand, nu rék dibabad ku salah sahiji pausahaan gedé nu geus dibéré ijin ku nagara. Hasil! Pausahaan gedé éta antukna mundur, ngéléhan. Saheulaanan.
Di Honduras, aktivis lingkungan Bérta Cacerés (1971-2016) nepi ka nemahan pati, ditémbak ku pasukan nu mawa senjata di imahna pisan, lantaran harus teuing protés sual pangwangunan bendungan di sapanjang Walungan Guacarque. Lian ti Bérta, loba aktivis lingkungan Honduras séjénna nu ditéwak atawa dipaéhan, awéwé-lalaki.
Awéwé Sunda ge aya nu padungdung pikeun lingkunganana. Di antarana Ma Éroh (1936-2004) urang Pasirkadu, Tasikmalaya. Taun 1985, Ma Éroh sosoranganan mapas cadas pikeun ngamalirkeun cai ka sacangkéwok sawahna nu gedéna ukur 400 méteran. Ngabayangkeunana ge matak seunggah: pangawakean awéwé, gugurawilan dina lamping bari mawa balincong keur nugar. Sanggeus dua satengah taun bajoang taya reureuhna, saluran irigasi Ma Éroh karasa mangpaatna ku warga 2 kacamatan. Lain, lain keur soranganeun.
Awéwé bajoang pikeun lingkungan boh ku fisik atawa diplomasi. Teu kabeh hasil. Di Kénya, kaceluk ngaran Wangari Muta Maathai nu nepi ka kaluar-asup bui mélaan kapentingan lingkunganana. Di Jepang, komunitas awéwé Nakabaru jeung Sanroku protés ngeunaan polusi industri di Tobata taun 1950-an. Hasil ieu mah, pamaréntah nepi ka nyieun aturan ngeunaan standar polusi pausahaan. Di Papua aya Yosépha Alomang nu wani ngalawan Freeport, atuh anyar-anyar, kaom awéwé di Kendeng nepi téga ngecor suku sorangan di hareupeun Istana Présiden, bakat ku narah, embung aya pabrik semén di daérahna. Eta kabéh kajadian di dunya nyata.
Dina fiksi jeung mitologi, dalitna awéwe jeung lingkungan ogé kacatet. Dina mitologi Sunda jeung Jawa –jeung sawareh wilayah séjén di Indonesia, upamana, urang wanoh ka ngaran Déwi Sri atawa Nyai Pohaci Sanghyang Asri nu dianggap dewi kasuburan, tatanén, jeung karaharjaan. Nepi kiwari, praktek-praktek méré susuguh atawa nyambat ngaran ieu pohaci, masih kapanggih.
Dina wawacan Purnama Alam karya R. Sutiadiredja, disebutkeun ku maunatna Déwi Pramanik nu ngageugeuh Gunung Binarum, tatangkalan leubeut baruahan taya usumna, daun lembok buah emplék, heg dipapay dina pupuh Asmaranda: Kalapa kupa jeung kopi, jeruk bali lalijiwa, bencoy-bencoy aramocoy, campedak tangkalak salak, buah gedong jeung gedang, jeruk manis limo limus, gandaria budidaya. Atuh basa anjog ka Gunung Sirkawur dina lalampahanana ngajugjug Sulungtubu, Déwi Pramanik mundut padamelan, sabangsa buburuhan tata gawe katanian, ka patani Turna-Turni nu cicing di puncak gunung éta.
Di Barat, dina mitologi Yunani aya Gaia, Dewi Bumi, indung sagala indung. Atuh dina buku The Lord of The Rings karya JRR Tolkién, kacaritakeun aya éntwives nu meuntas Anduin, ngadon nyieun lemah anyar nu tuluy dieusi sarupaning bungbuahan, kekembangan jeung palawija. Cenah, manusa kacida ngahargaan éntwives, diajar rupa-rupa kaahlian tani ti maranéhna.
Film klasik Gone with The Wind (1939) ogé nyatetkeun dalitna awéwé jeung alam. Dina film nu ngalalakonkeun hirup Scarlétt O’Hara ieu, aya omongan Gerald O’Hara ka Scarlétt, anakna, “Taneuh téh hiji-hijina hal di dunya nu pantes dipupusti, dipereketkeun, dibélaan nepi ka paéh, sab taneuh mah lana.”
Omongan nu kaluar tina biwir bapana éta, enya-enya jadi tujuan hirup Scarlett O’Hara. Di ahir bagéan kahiji film, Scarlétt O’Hara mulang ka lemburna, bajoang pikeun nyalametkeun sarakan nu ancur alatan perang, dina kaayaan singsarwa walurat: “As God is my witness, I'll never be hungry again!” Gusti nyakseni, aing teu sudi kalaparan deui, pokna.
Awéwé Minangka Korban Ruksakna Lingkungan
KALAPARAN, panyakit, jeung pati, memang deukeut pisan dina kahirupan manusa nu alamna ruksak ku mahabuna industri, dibabadna leuweung, perang, polusi, global warming, jeung sajabana.
Dina catetan organisasi PBB WomanWatch, nu mindeng jadi korban karuksakan lingkungan téh nya awewe pisan. Saupama leuweung dibabad di wilayah-wilayah nu ngudukeun awewe neangan suluh, mangka awéwé kudu leumpang leuwih jauh, hésé capé néangan piruneun hawu. Saupama cai di walungan kotor ku polusi atawa sumur saat disedot industri, nya awéwé kudu kokotetengan tuluy naktak-mundak-nyuhun cai beresih. Kitu deui saupama panén gagal, dahareun kudu diirit-irit, awéwé pisan nu biasana ngéléhan teu dahar, ngaheulakeun barudak jeung salakina. Atuh dina datangna musibah kayaning banjir atawa sasalad, kahengkeran awéwé mindeng jadi sabab datangna pati alatan arinyana teu bisa ngojay, boyot, atawa teu sabaraha kuat awakna.
Dina ayana panyakit alatan polusi, limbah kimia, atawa karusakan lingkungan séjénna, awéwé gé leuwih gampang katerap tibatan lalaki tur leuwih ragem rupa-rupa panyakitna, ti mimiti kanker nepi ka panyakit réproduksi.
Pon kitu deui dina datangna bencana alam. Numutkeun data, basa kajadian angin puyuh di Bangladésh taun 1991, salapan puluh persen korbanna awéwé. Nalika Éropa ngalaman heat wave taun 2003, awéwé --utamana nu geus kolot, panglobana jadi korban. Dina tsunami 2004 nu ngalantarankeun ratusan rébu jiwa perlaya di sababaraha nagara kaasup di Indonésia (Acéh jeung Médan), jumlah korban awéwé opat tikeleun jumlah korban lalaki. Numutkeun Oxfam, lobana korban awéwé dina tsunami téh alatan arang langka awéwé nu bisa ngojay atawa nerekél kana tangkal pikeun nyalametkeun dirina. Basa kajadian banjir Garut Séptember 2016 kamari, jumlah korban awéwé aya 25 urang, sedengkeun korban lalaki 9 urang.
Ku kituna, kaharti saupama kaum ékoféminis hohoak sangkan pihak pangawasa mimiti enya-enya nyaah jeung miduli lingkungan. Numutkeun Françoise d'Eaubonne, kaom phallokrat kudu daék ngawangun deui lingkungan nu geus ruksak ieu, ogé ngeureunkeun industrialisasi atawa siklus produksi-konsumsi nu dipindingan ku istilah kamajuan jeung modérnisasi.
Pamadegan d’Eaubonne meh sarua jeung pamadegan Idiatou Camara, salah saurang aktivis lingkungan ti nagara Guinéa. Dina diskusi di PBB ngeunaan Importance of Women’s Participation In Protecting Environment, Camara nétélakeun yén industrialisasi nu sumarambah ka nagara-nagara miskin geus ngalantarankeun karuksakan lingkungan nu pohara, kaasup kalaparan jeung hésé cai, utamana di Afrika.
Awéwé, ceuk Camara, leuwih nyaah jeung dalit jeung lingkunganana tibatan lalaki. Ku kituna, upaya-upaya pikeun kalastarian lingkungan kudu ngalibetkeun awéwé sangkan hasilna leuwih éféktif. Lian ti éta, Camara ogé miharep sakumna awéwé pikeun ngagunakeun pangaruh jeung pangaweruhna pikeun ngeureunkeun oprési ékonomi dina widang industri nu baris ngabalukarkeun ruksakna lingkungan.
***
Tulisan ieu kungsi dimuat dina H.U. Pikiran Rakyat, 8 Mei 2017.
0 Komentar