“Ngubek Leuwi” di Cikelét

Dok. Panitia


LEUWI Cikelét anu sasarina cangkeum tiiseun, dua poé satutasna Lebaran mah dadak sakala haneuteun nakeranan. Jalma sakampung sasatna tumplek ka leuwi. Di tengah walungan anu teu kakeueum ku cai ngajugrug balandongan geus meunang ngahias. Korsi wéh ngadérés ditiungan ku terpal. Di sisi walungan ngajajar bebegig meunang “ngadangdanan”. Kitu gambaran anu mimiti katénjo, basa ngadongdon Féstival Cipasarangan di Kampung Cikelét, Désa Cikelét, Kacamatan Cikelét, Garut kidul.

Cék Iip Sarip, ketua panitia sakaligus anu boga pokal éta acara, geus aya kana lima kalina cénah ngayakeun raraméan di tengah walungan téh. Ari waktuna matuh sanggeus lebaran. “Milih dintenan bada lebaran téh étang-étang silaturahmi wé. Da apan anu ngalumbara di kota ogé marulih heula ka kampung. Ongkoh deuih alhamdulillahna téh lima kali lebaran ninggang di usum halodo waé, mangsana walungan nuju saat. Janten sapusan-sapisan,” pokna Iip.

Melak Burayak

CIPASARANGAN téh saenyana ngaran walungan anu ngamuhara ka basisir Gunung Geder. Teu pati jauh ti basisir Santolo mah. Bubuhan perenahna ngajajar. Lamun urang asupna ti Pameungpeuk, mimiti bakal tepung jeung basisir Sayang Heulang, anu kaasup Kacamatan Pameungpeuk. Ngulon deui saeutik, aya basisir Santolo, anu sok disebut ogé basisir Cilauteureun. Ieu mah geus kaasup Kacamatan Cikelét. Ti dinya néma wéh ka basisir Gunung Geder. Saupama tuluy ka kulon deui, brasna téh ka basisir Rancabuaya, anu kaasup wewengkon Kacamatan Bungbulang.

Ari huluwotan Cipasarangan téh ayana di Gunung Kasur, anu masih kénéh kaasup Kabupatén Garut. Kaitung jauh ti Cikelét mah, aya kana puluhna kilométer. Di wewengkon Kacamatan Cikelét, leuwi di sapanjang walungan Cipasarangan téh jumlahna kurang leuwih aya dalapan. (Leuwi téh nyaéta bagéan walungan anu caina ngajumbleng, nandakeun jero.) Tah, basa mimiti mah Féstival Cipasarangan téh digelarna di leuwi Peti, tonggoheun leuwi Cikelét. Anu ngayakeunana barudak ngora Désa Cikelét, diluluguan ku Iip.

“Harita mah acarana ogé mung ukur kaulinan barudak sareng pésta kulinér. Saterasna sabada dialihkeun ka leuwi Cikelét, acarana ditambihan ku melak burayak di sapanjang leuwi walungan Cipasarangan. Bibit anu dipelakeunana nyaéta lauk emas. Tapi ari acara melak burayak mah dipilampahna sababaraha bulan sateuacan acara puncak,” cék Iip deui.

Salian ti melak burayak, acara puncak Féstival Cipasarangan téh dieuyeuban ongkoh ku pinton seni terebangan jeung lomba keur barudak. Tapi ari anu pangistiméwana mah nyaéta acara ngubek leuwi, anu geus lumangsung dua kali jeung féstival taun ayeuna. Ngubek leuwi téh nyaéta ngala lauk di leuwi. Saméméh der, lauk emas, nila, jeung lélé anu lobana aya kana tilu kintalna diburusutkeun ka jero leuwi. Geus kitu der ngubek leuwi téh dimimitian. Kolot budak bras-brus alancrub. Tapi aya saratna: teu meunang mawa kecrik atawa lamit, alias néwak laukna kudu digogoan. Puguh baé ramé. Halokhak nu surak pasawur jeung tingkecebesna sora cai.

Cék Iip, kamonésan Féstival Cipasarangan téh dina enas-enasna mah pikeun ngajak ka sakumna warga supaya miara walungan. Nu dipiharep timbul kasadar masarakat kana pentingna walungan. “Contona baé teu miceun runtah ka walungan, atawa ngala lauk nganggo portas,” cénah. Salian ti Féstival Cipasarangan, Iip ogé jeung sawatara barudak ngora Désa Cikelét ngayakeun acara ngeuseup babarengan di leuwi bulan Juni kamari. Tapi ieu gé sarua aya saratna. “Anu badé ngiringan kedah melakeun heula burayak minimal salapan siki. Melakna sasih Maret, tilu sasih sateuacan nguseup dimimitian,” témbal Iip. Anu dipelakeunana nya burayak lauk emas wé.

Cék salah saurang warga anu remen ancrub ka leuwi, cénah di leuwi Cikelétna sorangan habitat lauk asli walungan téh, kayaning ménga, géléng, lubang, jeung kana, geus arang kapanggih. “Ari disebat tumpur pisan mah henteu. Margi unggal tanggal 25 pananggalan hijriyah, mangsana poék bulan, burayak lauk walungan anu malegar di muhara téh naraék ka luhur,” pokna nerangkeun. Jadi, cénah, lauk walungan di Cipasarangan mah ana ngarendog téh di leuwi. Tuluy endogna kabawa palid ka hilir. Lebah geus malegar, tuluy wé burayakna naraék deui. Nu matak di Cikelét mah aya tradisi nyalawéna, nyaéta ngala burayak lauk walungan anu naraék ka luhur mangsana tanggal salawé. Ngalana maké waring, biasana bada magrib. Lamun keur ceuyah mah cénah bisa nepi ka meunang tilu kilo éta téh.

Dok. Panitia

“Tapi sim kuring sorangan sareng sawatara urang dieu hoyong ngalirénan heula karep masarakat ngayakeun nyalawéna. Nu dipalar sangkan binih lauk téh ngagedéan heula, ulah diala leutik-leutik,” omong Iip tatag.

Tapi naha geuning bet diasupan nila jeung lélé? Apan éta mah kasohor jahat kana binih lauk séjén?

“Katawisna mah moal matak ngareksak kana habitat asli lauk walungan. Da nila sareng lélé mah digebruskeun téh teras langsung diala harita kénéh. Katambih deuih da ari usum nyalawéna mah burayak lauk walungan téh angger wé geuning aya kénéh, naraék ka luhur. Malah di leuwi Tarikolot mah seueur kénéh lauk walungan téh, teu cara di leuwi Cikelét,” témbalna bari diheuheuan ku nu séjén.

Caah Déngdéng

KAREP Iip ngajak ngarumat walungan ka masarakat téh gegedéna mah kajurung ku kajadian caah déngdéng taun 2011. Geus aya kana dua kalina cénah kajadian caah déngdéng tumiba ka lemburna téh. Tapi anu taun 2011 mah kaitung rongkah. Teu hujan teu dor-dar gelap, ujug-ujug cai téh ngagulidag tarik pisan. Mangkaning harita téh wayah peuting. Untungna euweuh korban jiwa. Ngan imah anu kaséréd caah aya tiluna. Horéng simana horéng, hujan gedéna mah di wewengkon Gunung Kasur, anu geus bulistir balas ditaluaran tatangkalanana.

Harita gé walungan Cipasarangan téh keur orot pisan. Padahal normalna walungan mah apan najan usum halodo gé caina kudu angger. Basa dijugjug ka lebah muharana di basisir Gunung Geder, cai anu palid ka sagara téh ukur sagedé pigeulang. 

“Upami tos ruksak mah nu rugi apan masarakat-masarakat kénéh. Komo deui da basisir Garut kidul téh ayeuna mah mimiti naék pamorna minangka daérah wisata. Atuh lapur panginten lamun alamna teu dirumat mah, moal didarongdon ku batur.”

Omongan Iip mémang kaharti. Buktina baé harita ogé sapanjang jalan ti Pameungpeuk nepi ka Gunung Geder téh teu sirikna macét ku nu rék pelesir. Lebah inténsitas macétna alah batan dayeuh Bandung usum weekend. Da éta wé nepi ka manjang aya kana sapuluh kilona. Pahibut dibarung ku riceuw. Bubuhan salian ti aksés jalan anu ngan ukur hiji, euweuh pulisi deuih lebah dinya téh. (Lugiena De.)

***

Ieu laporan saméméhna kungsi dimuat dina Manglé bulan Juli taun 2015.


Posting Komentar

0 Komentar