Sisyphus - Sajak-Sajak Prayoga Adiwisastra

"The Myth of Sisyphus" (2012) kénging Andrew Allingham.


SISYPHUS
 
Manéhna nyunyurung batu
ka mumunggang gunung,
saméméh digulutukkeun,
ngagiles taneuh di landeuh.
 
(Lir anak ucing
nu latihan, ngulinkeun
bola di buruan)
 
Sabab manéhna percaya,
mangsa geus sawawa,
manusa baris silih giles
jeung sasamana.
 
(Manéhna terus nyunyurung batu)
 
2019
 
 
 
 
 

PANDAN
 
Satutas sapeuting jeput dirungrum rangkulan hujan,
beueus kekecapan renung dina paroman pandan.
Sedeng urat-uratna terus manjangkeun katineung,
basa sora sit uncuing nguniangkeun kakeueung.
 
Aya nu ngalangkang dina genclang ibun, jeung hujan
: ramo-ramo salira nu leukeun metikan daun pandan.
Tuluy lalaunan ibun milepas muru langit pangiuhan,
kawas sukma salira nu diseuseup kalanggengan.
 
Karasa keclak cimata dipedar langit haleungheum,
keclak-keclakna maseuhan sagunduk taneuh beureum.
Bet kaambung nyambuang seungit daun pandan,
sabot rupaning rampé diawurkeun kana kuburan.
 
2013
 
 
 
 

 
KAYAMBANG
 
Teuing ku sok barieukeun.
Léngkah diulinkeun gupay deungeun.
Kayambang angkleung-angkleungan,
nunutur riak wahangan.
 
Antara parung kangungun,
jeung babantar nu alum,
kalah tangtungan umpal-umpalan
disimbeuhan ungkara karémpan.
 
Nu kapalidkeun umpalan,
biheung deui héman mulang.
Kayambang angkleung-angkleungan,
kabandang muntir ulekan.
 
2013
 
 
 
 
 
PANGGUNG
 
Aya nu ngolébat rerencepan,
luhureun panggung nu parongpong,
ngalalakonkeun carita sempalan
tina galur takdir nu kari sapotong.
 
Sepi lir aktor utama nu ngalalakon
lebah adegan puncak sajak,
laju ngaharéwos halon:
aya mangsana takdir urang disasaak.
 
Horéng panggung ukur pangreureuhan
antara pirang-pirang lalakon sempalan,
turta genclang cipanon nu ngembeng
dina kalang takdir nu langgeng.
 
2014
 

 
 
 
 
INSTAGRAM
 
Dina layar nu samar-samar,
taya deui nu kudu jadi kakelar.
Paguneman urang sakadar imaji,
meuraykeun jarak jeung wanci.
 
Kolase lir waktu nu getas.
Boa anjeun narcissus nu melang
kalangkang lalaunan tuluy laas
mangsa talaga teu deui ngagenclang.
 
Sedeng anjeun terus tumanya
ka manéhna nu paromanna sakarupa.
Sedeng anjeun terus tumanya,
tapi manéhna teu nyarita.
 
2014
 
 
 

 
 
ORIGAMI
 
Padahal sakadar nilepan kertas
jadi rarangka manuk kirigami.
Tuluy nyipta-nyipta sajodo japati
eunteup dina dahan mangsa lawas.
 
Tapi jangjangna regas lalaunan.
Laju sadrah diulinkeun hiuk angin.
Horéng sajarah sakadar wangwangan
nu dirakrak mirupa origami.
 
Naon deui nu kudu jadi kawaas
salian ti samarna ilusi?
Mangsa lawas nu ngayakas
salawasna moal mulang deui.
 
2014
 
 
 
 
 
GRAMOFON
: Syiria
 
Di antara ruruntuk kota,
ukur hiji gramofon nu nyésa.
Kawas harepan nu jadi
pamuntangan hiji-hijina.
 
Di juru kamar, kapireng musik
terus héman ngagalindeng.
Lagu gambus jeung hadroh
nu nyamunikeun kakeueung.
 
“Di dieu, Abi, kaadilan sakadar
lapar nu diganjel ku sagelas sabar.”
 
Dina ranjang nu regas,
hiji lalaki masih neuteup
témbok kamar nu burakrakan.
Kawas suku jeung peujit mayit
nu arucutan di sisi jalan.
 
Boa taya nu percaya, dua poé ti harita,
taya nu bisa nepungan manéhna.
 
2019






PRAYOGA ADIWISASTRA, lahir di Purwakarta taun 1992. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung. Basa keur kuliah aktip di Turus Hima Pénsatrada jeung UKM ASAS UPI. Karya-karyana dimuat dina Manglé, Sunda Midang, Galura, Galamedia, Pikiran Rakyat, jeung Tribun Jabar. Kiwari sapopoéna ngajar basa Sunda di SMAN 2 Sukatani Purwakarta jeung MTs Assalam Pléréd. Sajak "Sisyphus" jeung sajak-sajak séjénna saméméhna kungsi dimuat dina majalah Manglé No. 2763 édisi 2-8 Januari 2020.

Posting Komentar

0 Komentar