Foto studio Lebaran taun 1920-an. |
ANU kabaca téh buku H. Hasan Mustapa (HHM), Adat-Istiadat Urang Priangan djeung Adat Soenda Lianna (1913). Dina éta buku, pangpangna pasal 10, “Waktu anu Dimulyakan”. Nurutkeun HHM, keur urang Sunda bulan puasa téh bulan anu leuwih dirayakeun lamun seug dibandingkeun jeung bulan séjénna.
Urang Sunda nganggap dina bulan puasa mah jurig jeung ririwa téh moal ngaganggu, lantaran diranté. Tapi anu penting dicatet mah, bulan puasa téh mangsana adumanis adat kabiasaan masarakat Sunda jeung ritual agama Islam. Ku kituna, keur urang Sunda bulan Ramadan lain wungkul jadi ritual, tapi geus jadi peristiwa budaya. Agéndana geus maranti: munggah, ngabuburit, mamaleman, jeung lebaran.
Munggah
SAPOÉ méméh prak puasa, bedug ditakol minangka tandan asup bulan puasa. Disebutna dulag kuramas. Enya, apan éta téh minangka paréntah keur diangir. Barudak jeung kolot naréangan sapu paré. Tuluy diduruk, clom panas-panas dikana-caikeun. Geus kitu, disaring maké kaén ipis. Mun euweuh sapu paré, sok ku buah rerek, taneuh anger, jeung pelok limus, diangirna téh.
Lian ti éta, keur buka mimiti, kaom ibu mah gariak balanja ka pasar. Tuluy arolah, marasak. Geus arasak mah, dahareun téh dianteur-anteurkeun, dikirim-kirimkeun. Nganteuran atawa mawakeun istilahna. Tatangga, kulawarga, kabéhanana dikirim asakan. Di Bekasi mah cenah aya tradisi ngirim asakan ti minantu ka mitoha. Nu ahéng, deungeun sangu nu rék dikirimna kudu lauk bandeng. Gedéna lauk jadi ukuran darajat hormat minantu ka mitoha. Cenah mah, pangaruh budaya Cina éta tradisi téh.
Sawaréh deui ngabagéakeun bulan puasa téh ku botram atawa dahar bareng balakécrakan. Di Cianjur, aya istilah papajar, keur éta acara téh. Jang deungeun sanguna ngahaja ngala lauk ku jaring di walungan.
Ari dina buku Ramadhan di Priangan (1996), Haryoto Kunto ngagambarkeun ngabedahkeun balong jeung kongkur lauk di Bandung baheula. Ari peuting munggaran bulan puasa sok dipaké meresihan makam kulawarga. Atuh, minyak tanah beuki réa nu maké deuih. Lantaran palita réa diharurungkeun batan sasari.
Bruy-bray lampu minyak tanah di hareupeun imah. Katambah oncor nyaangan jalan. Sanggeus tarawéh, barudak jeung nu tacan apal doa niat puasa ditaruyun. Ti dinya, tuluy tadarus Al-Quran. Disambung ku susuguh, jajabur, mangrupa kuéh jeung nu amis-amis séjénna, pangirim ti nu deukeut ka masjid. Atuh, di Masjid gé aya nu nyuguhan ku sorangan, waragadna tina baitulmal, kitu ceuk HHM.
Alun-Alun Bandung taun 1920-an. |
Ngabuburit
NGABUBURIT sidik tina basa Sunda, tapi ayeuna geus prah di sakuliah Indonésia. Hartina, ngalantung ngadagoan burit, biasana pasosoré bulan puasa, ari datang ka imah deui geus waktu buka (Kamus Umum Basa Sunda LBSS, 1995).
Mun dibanding-banding teu béda jauh kagiatan ngabuburit ti baheula nepi ka kiwari. Geura ti taun 1920-an nepi ka taun 1970-an, sakumaha nu kabaca tina buku Keur Kuring di Bandung (1983), Ramadhan di Priangan (1996), jeung laporan majalah Handjuang (No. 061, Okober 1974).
Sjarif Amin nétélakeun ngabuburit taun 1920-30-an (Keur Kuring di Bandung). Cenah, harita ngabuburit di Bandung téh di antarana, nyalusur trotoar atawa tumpa-tempo ka toko. Barudak lalajo pilem ka bioskop jang barudak (kinder-voorstelling), biasana saban Minggu isuk-isuk diputerna. Tuluy, ditambah poé Saptu bada Lohor. Atawa di alun-alun ngagonyokna barudak mah. Silih udag. Mun deukeut ka buka, tarelik nungguan nu nyundut mariem, hareupeun buruan kabupatén.
Ari ceuk Haryoto Kunto (Ramadhan di Priangan, 1996), ngabuburit di Bandung baheula di antarana mandi di Cikapundung, mandi di sumur bor hareupeun Kantor Pos Besar Bandung, ulin di taman Jubileum Park (Taman Sari), Insulinde Park (Taman Lalu lintas), Molukken Park (Taman Maluku), jeung Pieters Park (Taman Merdéka).
Tuluy ulin di Lapang Javastraat, lalayaran di Situ Aksan, Situ Bunjali, Empang Cipaganti, sarta kekebutan di jalan (barudak rumaja jaman saméméh perang nepi ka taun 1950-an maké sapédah ka Bandung Kalér, atawa maké motor dina 1970-an).
Tina Handjuang teu jauh ti kitu deuih. Ngabuburitna téh, barudak leuleumpangan ti isuk mula. Nyalusur émpér toko. Arulin di panggung Tegallega. Laleumpang bari ningalian poster di bioskop, di alun-alun. Sosorodotan di jambatan Masjid Agung. Mun aya toko muka, ningalian barang-barangna.
Atuh di Jalan Oto Iskandar di Nata ngaronom tukang obat, tukang gambar, jeung tukang sulap. Di Taman Merdeka niis atawa jalan-jalan ka Taman Maluku. Ngadon arucing-ucingan, ulin cai, mulungan buah kanari. Nu ngabuburit di stasion ogé aya. Ngadon turun-unggah bordés, ngagileskeun paku dina rél tuluy dijieun pépésoan, atawa lalajo ngalangsirkeun lokomotif di beulah kulon dipo (béngkél karéta api).
Mamaleman
SANGGEUS 20 poé puasa, cunduk mamaleman atawa lilikuran, nepi ka malem takbiran. Keur ngabagéakeun mamaleman, masjid téh bilikna dipulas, dikapur. Buruanana diberesihan. Nu solat, tadarus, jeung itikaf mingkin nambahan. Rérés tarawéh jeung tadarus, brak ngaropi jajabur. Kayaning nu amis-amis pangirim ti tatangga masjid. Tangtangangin, uras, leupeut, leumeung teundeut, katimus, putri noong, jeung onggol-onggol.
Beuki peuting, bedug mingkin ningkah. Ngadarulag beuki mijah. Malah apan bedug tanda asup ka mamaleman téh. Ti isuk mula aya nu nakol bedug, ngiberan yén engké peuting asup malem salikur. Di pasantrén mah, cenah, rék mamaleman téh sok nakol bedug atawa dulag lilikuran: dulag salikur, tilu likur, salawé, tujuh likur, jeung saterusna. Cara nakolna béda-béda. Sok dilombakeun deuih di pasantrén mah.
Ari keur barudak mah mamaleman téh mangsana némbong-némbong pepetasan jeung baju anyar. Barudak séjénna bakal ningali jeung nanyakeun hargana. Nu pangréana boga pepetasan, ngarasa reueus. Sakumaha nu kacatet dina buku Roesdi djeung Misnem (1911).
Puncakna, pésta lampu jeung oncor, ti mamaleman nepi ka lebaran. Lampion dijarieun, wangunna rupa-rupa. Aya nu siga béntang, kapal api, pasagi, bubuahan, atawa lalaukan. Malah nepi ka silih saingan cenah.
Ari rék datang lebaran, saribuk ngirim tuangeun ka kaom ménak. Rachmatullah Ading Affandié (RAF) motrét éta fénoména dina buku Dongéng Énténg tí Pasantrén (1961). Ajengan tempat tokoh “kuring” masantrén upamana ngabedahkeun balong, kirimkeuneun ménak-ménak.
Ceuk RAF, mun kikirimanana ti bangsa deungeun disebutna téh panganteur. Jumlah nu dikirimkeunana gumantung status ménakna. Hartina, tangtu ménak pangluhurna meunang kiriman panglobana. Ku kituna, ari nyanghareupan lebaran, parasantri ngajingjing lauk dibungkus gebog cau atawa upih.
Lebaran
MALEM lebaran talakbir di masjid. Bedug ditarabeuh. Pepetasan tingbalaledug di mana-mana. Saperti ceuk Ahmad Bakri dina carpon “Lebaran Poé Jumaah” (Dukun Lepus, 2002). Ngagambarkeun nu takbiran dibarengan nabeuh terebang. Mingkin peuting, takbiran diganti ku lagu-lagu tandak buhun. Tah, ieu cutatanana:
“Kapeutingnakeun, takbiran ditunda, diganti ku lagu-lagu tandak buhun nu ilahar dina gembyungan. Tamba tunduh cenah. Lagu Dongdong Héjo, Rincik Manik, Karémbong Lokcan, jeung réa-réa deui.”
Di tempat séjén saperti di Kuningan beulah wétan baheula, ceuk Ki Umbara dina carpon “Ngaraya” (Harewos nu Gaib, 2005). Cenah, malem lebaran téh sok dipaké apél ka bébéné bari mawa pepetasan, tuluy disundutan di imahna. Ngaranna téh ngaraya.
Pepetasanana aya berecon sapu, sabrang, mata kucing, elong pangantén, tatamburan, jeung mamarieman. Lian ngaraya, aya nu disebut mitrahan, méré duit fitrah jang bébéné. Najan sabenerna mah, duit nu dibikeun leuwih ti cukup, malah bisa nepi ka kabeuli baju jeung sarung.
Isukna salat sunat idul Fitri. Cacap ketib atawa hotib hutbah, burudul barudak ribut kalaluar. Maruru bedug, paheula-heula ngadulag. Ari kolot mah angger narangtung, bari maca shallaallhu alaihi wasalam, tuluy silih lubarkeun dosa. Sasalaman.
Geus kitu, jamaah sina dalahar heula, sabab ti isuk mula geus rabul nu ngaririm dahareun ka masjid. Cenah, disebutna sidekah lebaran atawa hajat lebaran. Ti dinya, karék muru pajaratan, ngadon nyekar atawa nadran. Jarah ka makam kulawarga.
***
0 Komentar