Jarum Jam - Sajak-Sajak Ari Andriansyah

"Black and Violet" (1923) kénging Wassily Kandinsky


JARUM JAM

Tiktek jarum jam ketug jajantung
simpé jeung haté lawung dina liwung.

Angka-angka demit poé-poé pamit
saban detik saban harepan nu leungit.

Rénghap waktu nungtut mungkur
sadami-sadami napas madakeun umur.

2008






MILANG MANGSA

Handapeun akasia langit katiga
usum geus lawas leungiteun sora.

Norah kadar opat madhab pilihan
kalima pancer lalakon wowotan.

Salambar demi salambar mangsa
milang harepan dina pugur akasia.

2008

 



TANDA BACA

Sakur bangbaluh nu dipireukeun
dirandegan ku koma jeung peun.

Kudu balaka atawa lana disidem
pananya marojéngja angen-angen.

Tapi nu saréh wakca ukur cimata
dikekentengan lara jeung bagja.

2008





 
ANGIN KATIGA

Nu ngoléab ukur banusan waktu
nyésakeun lémpoh lungsarna batu.

Garung walungan maragatkeun riak
ngalangkang beungeut langit haropak.

Méga ngaraas tonggong leuwi taréngtong
ngarayapan iga usum nu beuki rangkebong.

2008






SÉSA PANÉN

Wuwuh nu nyésa ukur kebekan rahuh
sabada lalampahan diirik kasadrahan.

Bangsal hapa jeung bacacarna jajaba
ngalidigan satampah rorogan héman.

Seunggah mitembeyan melak impian
harepan kari turiang tutunggul kalbu.

2008
 





TINA JANDÉLA

Lalaunan rérégan jandéla disingraykeun
teuteup bulan pias lana némbongan deui.

Tulak jandéla dilaan dina gerit nu sasari
hiliwir angin ngusapan pérang hanjuang.

Tuluy muka jandéla ditunjel sina ngeblak
bréh rentul tutunggul landes mideuheus.

2008
 





KAMALIR TAKDIR

Umaing ngagulidag saparat mangsa
palid kairid nasib ngoléabkeun rasa.

Umangkeuh humilir tinemu muara
najan séah nerebkeun nu kapibanda.

Nuncal ulekan nunjang umpalan.
ngaléngléong dina kamalir takdir.

2008
 





SABUKU HIRUP

Sakaca-sakaca kekecapan ngababakan
kalimah sadrah ngalelemah piimaheun.

Salambar-salambar kajembaran bumetah
dirarangkénan saweuy hadé jeung goréng.

Sabuku hirup carang jeung réképna catetan
laju ngabaladah deui pindah pangumbaraan.

2008






ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon, dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Sajakna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna nu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Jatinangor.

Posting Komentar

0 Komentar