Sunda dina Catetan Portugis (Bagéan 1) - Tatang Sumarsono

"Isles de la Sonde", peta jieunan Portugis dina abad ka-16, 
dicokot tina buku Suma Oriental karya Tome Pires. 


SUMA Oriental, karya Tome Pires, dianggap hiji karya monuméntal anu jadi sumbangan penting pikeun paélmuan, utamana dina widang géografi jeung sajarah. Ieu karya téh disusun ku Tome Pires, urang Portugis (lahir taun 1468). Mun ceuk basa ayeuna mah, manéhna téh ahli farmasi anu hirupna ngalanglang buana pikeun nyatetkeun rupa-rupa hal, hususna tutuwuhan, dina awal abad ka-16, sarta kungsi hanjat ka Pulo Jawa, terus nyimpang ka Karajaan Sunda (anu ayeuna mah éta karajaan téh popilérna sok disebut Pajajaran, jaman Prabu Sribaduga ngadeg raja, anu ceuk urang mah Prabu Siliwangi téa).

Opat kapal Portugis balayar ka Karajaan Sunda, taun 1513. Sataun saméméhna, Raja Sunda harita ngutus Pangéran Sangiang atawa Surawisésa pikeun nepungan pihak Portugis anu harita geus ngawasa Malaka. Maksudna mah rék ménta bantuan, duméh Sunda nyanghareupan gempuran Demak anu hayang ngarebut palabuan Kalapa (éta palabuan téh dianggap sumber d évisa, anu di Nusantara mah kaasup kadua panggedéna sanggeus Pasai di Acéh).

Heup heula wé ari urusan pulitikna jeung urusan perangna mah, apan ayeuna urang rék medar perkara Tome Pires anu salila matuh di Sunda téh nyusun catetan tina sakur papanggihanana. Anu sidik, karya Tome Pires téh loba méré informasi penting, lamun urang hayang ngajujut sajarah Sunda, sok sanajan dina macana téh urang ogé kudu kritis, da tacan tangtu sagemblengna bener.

Catetan ngeunaan Sunda anu nempatan salah sahiji bab dina Suma Oriental saenyana mah tadina laporan Tome Pires ka Raja Portugis harita. Éta laporan téh gedé patalina jeung tarékah nagara-nagara di Éropa anu dina mangsa harita ngajajah wewengkon Asia jeung Afrika pikeun ngahontal tujuan gold, gospel, and glory.

Memang teu réa catetan ngeunaan Sunda anu dilaporkeunana téh mun dibandingkeun jeung tulisan séjénna dina éta buku. Da anu lolobana dipedar mah di antarana ngeunaan India jeung Cina, katut sawatara wewengkon lianna di Asia, hususna Asia Timur. Kitu deui, ngeunaan Nusantara anu dicatet ku Tompe Pires téh henteu ngan Sunda wungkul, tapi deuih sakur anu kapanggih ku manéhna di wewengkon Sumatera, Jawa, Madura, Bali, Kalimantan, jeung Maluku.

Bangsa deungeun anu nyieun catetan ngeunaan Sunda téh lain ngan Tome Pires wungkul. Malah anu leuwih heubeul mah ayana téh dina catetan Cina, di antarana anu ditulis ku Fa Hien, anu datangna ka Nusantara jauh saméméh Tome Pires.

Buku Suma Oriental anu jadi rujukan penting pikeun para ahli géografi jeung sajarah téh anu aslina ditulis dina basa Portugis, saterusna ditarjamahkeun kana rupa-rupa basa. Dina basa Indonésia gé aya tarjamahanana, tina basa Inggris, dipigawéna ku Adrian Perkasa jeung Anggita Pramesti. Kaitung kandel, leuwih ti 500 kaca. Ari catetan ngeunaan Sunda ukur diébréhkeun dina sawelas kaca.

Anu ditulis ku Tome Pires tacan tangtu persis sakumaha anu nyampak harita, utamana dina ngadéskripsikeun ngaran, boh ngaran jalma boh ngaran wewengkon. Nya ku sabab béda basa téa, anu teu mustahil jadi béda dédéngéan, terus béda dina nuliskeunana. Komo deui apan cicingna di dieu téh teu lila. Ayana salah tulis téh teu mustahil deuih teu bisa kasusud, naon ari maksud sabenerna tina éta kecap atawa kalimah. Komo deui apan ieu mah tarjamahan tina tarjamahan. Lian ti éta, teu mustahil deuih aya kasalahan persépsi atawa pamahaman, anu ceuk pikiran urang ayeuna mah asa teu mungkin kitu, atawa lamun ku urang dibandingkeun jeung catetan sajarah séjénna.

Geura urang cutat tarjamahan ngeunaan Sunda dina karya Tome Pires:

Sunda dipingpin ku Raja Sunda. Manéhna ngawasa Kota Dayo (aya kamungkinan kecap dayo téh tina dayeuh) anu gedé, kota, tanah, jeung Palabuan Banten (Bantam), Palabuan Pontang (Pomdam), Palabuan Cigedé (Cheguide), Palabuan Tangerang (Tangaram), Palabuan Sunda Kalapa (Calapa), Palabuan Cimanuk (Chemano). Walungan Cimanuk jadi tapel wates antara Karajaan Sunda jeung Jawa.

Sabagian jalma nandeskeun yén Karajaan Sunda téh ngawasa satengahna Pulo Jawa. Sabagian deui, nyaéta jalma anu nyarekel kadudukan dina pamaréntahan ngarasa yakin yén kakawasaan Karajaan Sunda nempatan sapertilu atawa saperdalapan bagian pulo. Maranéhna nyebutkeun yén legana buleudan Karajaan Sunda téh 300 league. Wates ieu karajaan téh tepi ka Walungan Cimanuk. Dicaritakeun yén dina jaman baheula, Pangéran geus nyieun walungan pikeun misahkeun Pulo Jawa jeung Karajaan Sunda, jeung sabalikna. Di sapanjang ieu walungan tumuwuh tatangkalan galedé tur éndah, sarta daunna nyapuan taneuh.

Raja jeung Rayat Sunda (Fol. 147v)

RAJA Sunda téh gagah, (kitu deui) para gegedén lianna nu aya di karajaan. Sunda téh tanahna para satria jeung palaut—duanana gé leuwih kawentar batan satria jeung palaut Jawa. Lalaki Sunda téh karasép, kulitna rada hideung, jeung awakna sembada. Putra raja sacara otomatis diwaris karajaan. Lamun taya anak anu sah, karajaan bakal ngayakeun pilihan pikeun nangtukeun pamingpin pangluhurna karajaan.

Geus jadi tradisi di ieu karajaan yén sakur pamajikan raja katut gegedén lianna sok ngaduruk manéh dina waktu salakina maot. Éta tradisi téh sarua diterapkeun deuih di lingkungan kulawarga anu kastana leuwih rendah. Maranéhna milampah kitu téh lain karana kapaksa, tapi ku sabab kahayangna sorangan. Pikeun anu teu milampah kitu, bakal dianggap beguine*, anu hirupna kudu nyorangan, sarta teu meunang aya nu ngawin saha waé ogé. Ngan sawaréhna aya anu kawin tilu atawa opat kali. Anu kitu téh dipencilkeun (terasing) di nagarana.

Nagri Sunda miboga 4.000 kuda anu didatangkeun ti Pariaman jeung pulo-pulo lianna anu jadi komoditas dagang. Lian ti éta, boga 40 gajah deuih anu digunakeun ku raja pikeun paméran. Karajaan Sunda diparéntah kalawan adil ku jalma anu wening ati. Masarakat anu matuhna di basisir hubunganana hade jeung para padagang anu matuhna di patonggohan. Maranéhna geus biasa milampah balantik (perdagangan). Urang Sunda geus biasa mariang ka Malaka pikeun dagang. Maranéhna maké parahu lanchara kargo, nyaéta kapal anu bisa mawa muatan 150 ton. Sunda miboga parahu jung leuwih ti genepna, jeung lanchara-lanchara Sunda anu tihang kapalna dirupakeun bango, sarta tétécéan di antara saban kapal sangkan babari ngamudikeunana.

Sanggeus Raja Sunda, anu ngaranna sok disebut Sang Briang anu pangluhurna nyekel kakawasaan, sahandapeunana aya wakil raja anu disebut cocunam. Sahandapeunana deui aya bendahara anu sok disebut macabumij (mangkubumi). Di ieu nagri aya para kaptén katut anu nyarekel kakawasaan di kota deuih, di wewengkon lianna, katut palabuan. Di Jawa, nu nyekel kakawasaan téh disebut pate (patih), ari dina basa Sunda maranéhna dipikawanoh dina sesebutan paybou, minangka contona: paybou A jeung paybou B anu nyekel kakawasaan di ditu jeung di dieu. Basa nu digunakeun di Sunda lain basa Jawa, kitu deui anu maratuh di Jawa henteu ngagunakeun basa Sunda, padahal wewengkon maranéhna ukur dipisahkeun ku Walungan Cimanuk, (ieu wewengkon téh) heureut pisan. Sanajan maratuhna di sapulo, tapi loba nu nyangka éta dua karajaan téh béda pulo, lantaran aya walungan anu misahkeun. Tapi pikeun anu kungsi ngadongdon bakal nangenan yén éta dua nagri téh aya dina lahan anu sarua, sabab ayana dahan anu paadek antara hiji tangkal jeung tangkal lianna.

Kota Pamatuhan Raja

KOTA Dayo téh tempat matuhna raja, malah paling lila dicicinganana dina jero sataunna. Di ieu kota gedé téh loba imah kai aralus anu ngagunakeun daun kalapa. Jalma nyararita yén Kangjeng Raja miboga imah anu agréng pisan, diwangunna ngagunakeun 330 tihang kai saukuran tong anggur, jangkungna lima deupa, jeung dina bagian luhurna dihias ku ukiran anu aréndah.

Lalampahan ka ieu kota téh méakkeun waktu dua poé, mun urang inditna ti palabuan utama Sunda Kalapa (Calapa). Sang raja téh atlét jeung ahli moro. Di wewengkon nagarana loba uncal jalu, bagong, jeung banténg anu teu kaitung lobana. Maranéhna mindeng méakkeun waktu pikeun moro.

Raja bogaeun dua praméswari anu asalna ti wewengkon karajaan kénéh, sarta miboga leuwih ti sarébu parekan (selir). Masarakat Sunda kasohor dina urusan kajujuranana.

Barang Dagangan Karajaan Sunda

IEU karajaan téh ngahasilkeun pedes anu kualitasna leuwih alus batan pedes ti Cochin—dina sataunna leuwih ti sarébu bahar. Ieu nagri téh ngahasilkeun cabé jawa deuih, tur jumlahna loba, jeung asem anu bisa dimuat dina sarébu kapal.

Di ieu nagri mindeng dijual-beulikeun jalma beulian (budak), boh lalaki boh awéwé, boh jalma lokal (Fol. 148r) boh nu didatangkeun ti kapuloan Maladéwa. Lalampahan ti Sunda ka Maladéwa téh méakkeun waktu genep atawa tujuh poé. Komoditas dagang nu paling utama nyaéta béas. Sunda téh ngagunakeun emas anu dicitak ku 8 mate (jenis gorésan atawa citakan emas nu digunakeun di Timur). Lian ti éta, ieu nagri ngahasilkeun kaén husus, anu dikirimkeun ka Malaka.

Bahan Kadaharan

KARAJAAN Sunda ngajual béas anu dina saban taun lobana leuwih ti 10 jung. Lian ti éta, rupa-rupa sayuran jeung daging, babi, embé, domba, jeung sapi anu kacida lobana tur teu kaitung jumlahna. Ieu nagri ngahasilkeun anggur jeung bungbuahan salobana Jawa.

Urang Sunda loba anu iang dagangan ka Jawa, pikeun ngajual béas jeung barang dagangan lianna. Dua atawa tilu jung ti Malaka mindeng datang ka Sunda deuih pikeun jual-beuli jalma beulian, béas, jeung pedes. Sabalikna ti éta, pangajavas ogé balayar ti Sunda ka Malaka dina saban taunna, ngunjalan barang sakumaha anu tadi disebutkeun. Ari dina waktu balikna sok marawa rupa-rupa dagangan.


*) Beguinas atawa beguinés, lain hartina awéwé nu nyekel agama atawa datang ti komunitas nu tangtu. Di jaman Pirés, kecap éta nuduhkeun harti awéwé masakat atawa nu keur ditibanan hukuman. Numutkeun Barros: "Pikeun awéwé (Jawa) nu geus rarabi, upama salakina paéh, maranéhna kudu milu paéh pikeun némbongkeun harga dirina; tapi keur pamajikan nu embung milu paéh, maranéhna kudu cicing di pamencilan (nu aya di Jawa)."


Nyambung ka:

Sunda dina Catetan Portugis (Bagéan 2) 


Posting Komentar

0 Komentar