Urang Sunda Ngababakan - Aditia Gunawan

Naskah Warugan Lemah (L 622 Peti 88) 
Koleksi Perpustakaan Nasional RI.

DI Kanékés Kajeroan mah, taneuh téh teu meunang dilelemah. Upama taneuhna henteu rata, tihangna dijieun jangkung sabeulah. Jadi, tataban imah mah tetep rata. Enya, kapan ceuk urang Kanékés mah “Gunung teu beunang dilebur, lebak teu beunang diruksak, larangan teu meunang dirempak, buyut teu meunang dirobah, lojor teu meunang dipotong, pondok teu meunang disambung”. Prinsip nu basajan tapi patri. Saayana. Teu maké rékayasa. Kumaha Gusti wé nu ngajadikeun alam. Alam jeung manusa minangka dadamelan Anjeunna mah, teu kedah seueur ceta, sumawonna nepi ka ngaruksak dadamelanna mah. Geuning dina Siksa Kandang Karesian (XIV) prinsip hirup manusa mah cukup ku: “héés tamba tu(n)duh, nginum twak tamba hanaang, nyatu tamba ponyo, ulah urang kajo(ng)jonan”.

Papagon kitu téh dicekel ku urang Sunda baheula, salasahijina dina raraga ngababakan muka pilembureun, sakumaha nyampak dina téks Warugan Lemah (naskah lontar koropak 622 koléksi Perpustakaan Nasional RI). Ceuk Agus, tokoh dina carpon Ahmad Bakri ‘Miceun Balas’ mah, sagala nu kumelip di alam dunya téh taya nu teu eusian, teu sabongbrong. Kitu jigana mah kaayaan lemah sakumaha nu nyampak dina téks Warugan Lemah ogé. Rupa-rupa waruga atawa dedegan lemah katut rupa-rupa mahala-mahayuna, dibéjérbéaskeun.

Rupa-rupa Waruga Lemah

SAUPAMA taneuh téh bahé ka kénca (kalér), talaga hangsa disebutna. Nurub cupu. Taneuh lir talagana, imah lir soangna (hangsa). Merenah keur kuriak atawa ngababakan mah. Mawatna matak dipikanyaah batur cenah. Sarat pikeun nyampurnakeunna mah melak pacar baé di pasajén. Dumasar rékonstruksi Saleh Danasasmita suwargi mah, topografi taneuh Pakuan téh umumna bahé ngalér. Kitu deui upama urang ningali kampung-kampung di wewengkon Baduy. Sabab kalér téh dianggap profan, ari kidul dianggap sakral.

Lamun taneuhna bahé ka tukang (kulon), banyu metu ngaranna. Kurang éndah perbawana, sabab sagala nu dipiasih hamo ngajadi. Panulakna mah teundeunan papatong di padaleman. Lamun taneuhna bahé ka hareup (wétan), ngaranna purba tapa, matak teu dipikaresep batur, mamalana. Sarat pikeun nyucikeunana mah, tawurkeun sirung lanten (awi leutik) waktu janari, rada karancang awurkeunana. Lemah nu bahé ka katuhu (kidul) disebut ambek pataka, mawatna réa nu nganyenyeri ati nu boga imah. Pikeun nyingkahanana, melak usar (akar wangi, Andropogon zizanioidesUrb) di pasajén.

Nu dianggap alus deui téh nyaéta lemah nu ngalingga manik. Jiga puncak manik meureun wangunna mah. Perbawana matak diperhatikeun ku déwata. Jigana mah taneuh modél kieu nu dipaké jadi tempat kaagamaan (kabuyutan) mangsa baheula téh. Bujangga Manik dina tungtung lalampahanana miharep nimu taneuh modél kieu pikeun tempat pangreureuhanna nu pamungkas ‘momogana téka waya, nemu lemah kabuyutan, na lemah ngalingga manik’ (muga baé bakal aya, nimu lemah kabuyutan, lemah nu ngalingga manik) (baris 1404-1406). Lemah anu motong pasir gé kaasup lemah nu alus, singha purusa disebutna. Teu weléh unggul dina juritan, perbawana. Boa topografi lemah modél kieu nu dijadikeun sarana pertahanan mangsa baheula téh. Tempat Sri Baduga Maharaja nyusuk (nyieun parit) di Pakuan pikeun ngajaga wilayah karajaanana.

Hiji deui lemah nu dianggap alus téh nyaéta lemah nu datar. Disebutna sumara dadaya. Kiwari mah meureun disebut galudra ngupuk. Mawatna bakal kaanjangan ku kokolot lembur, ku rama ceuk basa Sunda buhun dina téks mah. Atuh ari kitu mah bisa disurahan, yén topografi lemah nu datar téh mangrupa lahan patempatan ajangkeuneun somah, rahayat biasa. Nu matak rama kersa lumungsur gé. Lemah datar biasana mah lega upluk aplak. Masarakat tumplek di dieu. Légégna mah, tingkat konséntrasi massa-na leuwih gedé.

Sajaba ti nu disebut di luhur mah, kaasup lemah nu kurang alus. Lemah nu dicapit ku walungan leutik béh kénca jeung walungan badag béh katuhu mah disebutna téh sri madayung. Teu hadé, matak dicandung ku wanoja. Wewengkon nu léngkob disebut luak maturun. Ulah dijieun pilemburan nu kieu mah, matak katalangsara padumukna. Wewengkon nu sumalipat (lemah gunting disebutna ayeuna mah), mamalana matak apes deuih, hésé boga banda pakaya. Lemah nu nyanghareup ka laut sarua jeung nu tunggang kana papatén, kana tempat pangeureunan, nu matak disebut tunggang laya. Mawatna picilakaeun, bisa kabéntar gelap éréng-éréngan. Urut kuburan ogé teu meunang dijieun pilemburan, mawa tiis, geueumeun, wewengkon jadi ilang dangiangna, nu matak disebutna gé mrega hiding (kidang nu teu bisa ingkah). Kitu deui lemah nu bungangang, matak taya aweuhan wewengkonna, disebutna jagal bahu. Wewengkon nu motong walungan gé teu hadé, bisi padumukna nemahan pati ku pakarang bangsa deungeun. Wewengkon modél kieu disebutna talaga kahudanan. Wewengkon nu nukangan gunung atawa pasir ogé matak cilaka, keunana ka kulawarga, matak burakrakan. Mun lemah katunjang ku cai, disebutna si bareubeu, keuna ku bebendon déwa, mamalana. Lamun lembur geus kakurung ku imah, ulah rék kuriak deuih, kuriak mawa balangsak, cenah mah padumukna bakal dijadikeun budak beulian. Nu pamungkas, wewengkon nu asalna pikarujiteun gé hadéna mah ulah dijieun lembur, bisi teu weléh meunang tunggara.

Kitu nu kaunggel dina téks Warugan Lemah téh.

Naskahna

NASKAH WL téh kiwari diteundeun di Perpustakaan Nasional RI (PNRI), kalawan nomor koléksi L 622. Diteundeun dina peti nomor 88. Jumlah lambaranana ngan tilu lambar, opat jajar unggal lambaranana, turta ditulisna bolak-balik (recto-verso). Ukuran naskahna mah 28,5 x 2,8 cm. Téks WL ditulis dina wangun prosa.  Aksara nu digunakeun dina ieu naskah téh aksara Sunda buhun, nu wangunna sarupa jeung aksara nu digunakeun dina prasasti Kawali. Ciri mandiri nu ngabédakeun jeung naskah-naskah Sunda buhun nu séjén nyaéta lebah tanda payukuna (vokalisasi u). Dina naskah WL mah panyukuna téh ditulis ku tanda (.) di handapeun aksara ngalagena, lain ku tanda sisiku handapeun aksara ngalagena sakumaha nu ilahar dina téks-téks Sunda buhun nu lian. Ieu téh nimbulkeun pasualan dina macana, angot mun manggih lambaran naskah nu rada barolong mah. Basa nu digunakeunana basa Sunda buhun, sok sanajan aya sawatara istilah anu raket patalina jeung basa Jawa buhun atawa Sansekerta.

Naskah WL saméméhna can didéskripsikeun kalawan lengkep dina katalog-katalog nu geus terbit. Cohen Stuart (1872), kurator di lembaga Bataviaassch Genootschap van Kunsten en Wetenschapen (BGKW) nu ngamimitian nyusun katalog naskah BGKW, teu ngadaptarkeun ieu naskah. Déskripsina ngan ngawengku naskah Sunda buhun ti Bupati R.A.A Kusumadiningrat baé, nyaéta koropak nomor 406 nepika nomor 426. Kitu ogé dina katalog yasana almarhum Pa Edi S. Ekadjati (1988), naskah WL téh teu kadaptarkeun. Jigana mah ieu naskah teu kadaptarkeun téh pédah diteundeunna dina peti nomor 88, nu papisah tina gundukan naskah Sunda buhun nu séjén (peti 15 dan 16). Nu ngadaptarkeun ieu naskah téh ukur Béhrend (ed.,1998). Hanjakalna, kateranganana téh kurang bisa dipiandel, sabab naskah nomor 622 peti 88 téh dijudulan ‘wariga’, turta ditulis ku aksara jeung basa Bali (Behrend, 1998: 383).

Katarimana naskah jadi koléksi BGKW téh kira-kira taun 1875. Asalna ieu naskah téh ti Bupati Bandung Wiranatakusumah IV (1846-1874) (Krom, 1914: 41; NBG XIII, 1875). Dina éta laporan disebutkeun yén koropak no. 620 nepi ka no. 626 jeung koropak no. 633 nepi ka no. 642 téh paméré ti bupati Bandung.

Dina kolofon naskah, nu kaunggel téh ngan poé ditulis (disalin?) naskahna baé, nyaéta poé Rebo Manis (poé na buda na manis), teu diémbohan katerangan bulan jeung taun. Tapi ditilik eusina mah, karasa pisan suasana pra-Islamna téh. Gedé kamungkinan ieu naskah ditulis atawa disalin méméh abad ka-17, samalah bisa jadi méméh karajaan Pajajaran runtag (±1578 M). Ieu dugaan téh didadasaran ku euweuhna kecap nu bisa dirujuk kana basa Arab. Sajaba ti éta, eusi téks WL téh karasa kuat pisan anasir Hindu nu pacampur jeung agama pribumina, sakumaha nu nyampak dina mantra-mantra nu aya dina téks. Nepi ka kiwari can kapanggih salinanana ieu naskah téh. Boh salinan dina daun lontar, boh salinan-salinan hasil transliterasi sarjana Walanda. Saheulaanan bisa disebutkeun, yén naskah WL téh mangrupa naskah tunggal.

Pun, leuwih luangan, kurang wuwuhan.

***




ADITIA GUNAWAN, lahir di Cianjur taun 1983. Leuwih dipikawanoh minangka filolog jeung kurator naskah Sunda di Perpustakaan Nasional RI. Sawatara karanganana dimuat dina majalah Cupumanik, Manglé, jeung Tribun Jabar. Sakapeung dina tulisan fiksina sok maké sandiasma Ananta G. Karangan éséyna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS.

Posting Komentar

51 Komentar

  1. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  2. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  3. Digigireun rorompok abdi gé aya leuwi anu remen urug. Sabab lemah nu bahé na ka katuhu (kidul), anu disebut ambek pataka.

    BalasHapus
  4. Tina artikel ieu, Abdi jadi terang yen kampung-kampung di wewengkon Baduy mah bahé ngalér, sabar kalér téh dianggap profan, ari kidul mah dianggap sakral.

    BalasHapus
  5. Cica Cahya_Xll
    Di lemur simkuring mah waruga lemah tèh rupa rupa kènèh. Aya nu datar, aya nu muncak jeung sajabana. Ari rorompok abi mah datar tur di luhur, hanapna aya sawah. Janten lamun caah tèh moal dugi ka rorompok abi.

    BalasHapus
  6. Resa Aprilia_XII IPS 1
    Waruga lemah di rorompok abdi ogé taneuhna téh henteu rata. Janten kapungkur saméméh diwangun rorompok téh dibénténg heula, sangkan taneuhna janten rata.

    BalasHapus
  7. Saé artikelna nambih wawasan, di lembur abdimah tos teuaya paripaos sapertos kitu, gunung seeur anu di lebur, larangan gen tos seeur anu di rumpak.

    BalasHapus
  8. BELLA ENISA_XII IPS 1

    Di lembur abdi mah,lelemahna tèh lemah datar.Lemah datar disebut ogè sumara dadaya.Kiwari mah disebutna galudra ngupuk.Hèg,lemah datar mah lega upluk aplak.

    BalasHapus
  9. Kamelia S.Azzahra_XII IPS 1
    Dilembur abi mah masih aya kénéh nu nyieun wangunan di lelemah nu taneuhna bahé ka hareup (wétan), kitu téa loba nu teu mikaresep ku batur.

    BalasHapus
  10. Mun kuring mah hayang nyicingan taneuh anu sok disebut lemah nu ngalingga manik, sangkan taneuh model kieu nu bisa dijadikeun piimaheun.

    BalasHapus
  11. Abdi mah nembé terang tina artikel ieu yèn di lembur-lembur tèh aya taneuh anu teu bisa dilelemah. Abdi oge nembé terang yèn lelemah taneuh ge loba rupa na jeung bèda-bèda deuih ngarana. Tina wangun taneuh gè aya akibat na atawa mitos mitos nu sumebar di masarakat urang. Saatos maca artikel ieu abdi terang ayena mah lelemah imah abi tèh boga rupa nyaeta talaga hangsa atawa bahè ka kènca.

    BalasHapus
  12. Sanajan ceuk artikel waruga lemah anu hadé téh taneuh nu rata, ngan di lembur abdi mah waruga lemah teu rata ogé teu matak jadi pangaruh bencana.

    BalasHapus
  13. Di lembur kuring mah tos teu aya taneuh anu henteu rata, dina wangun taneuh na ogé sarua nurutkeun kaayaan lahan taneuh na. Ulah leuwih téing ka kénca ulah leuwih téing ka katuhu ogé, tina artikel éta kuring jadi nyaho lemah anu dicapit ku walungan leutik béh kénca jeung walungan badag béh katuhu mah disebutna téh sri madayung

    BalasHapus
  14. Tina artikel ieu, abdi janten terang waruga taneuh tèh aya anu nyanak kasaèan sareng kaawonan. Mugi-mugi kapayuna abdi ngagaduhan lemah anu motong pasir kanggo piimaheun sangkan betah nyicingannana.

    BalasHapus
  15. Saé pisan éta artikel téh, abi janten terang kana sagalana, nambih kana pangaweruh abdi nu maca, pami anu henteu maca henteu sawios. Teu acan dipasihan kahoyong kanggo maca panginten.

    BalasHapus
  16. Aldeu Dilla Hendayani_XII IPS 1
    Hatur nuhun Pa Aditia Gunawan, tina ayana ieu artikel seeur pisan élmu anu mangpaat kanggé abdi. Mugia sadayana anu maca artikel ieu kénging élmu anu barokah tur mangpaat.

    BalasHapus
  17. sampurasun pa aditia gunawan haturnuhun artikelna kaanggé pisan,saé pisan,nambih-nambih wawasan tur pangaweruh kangé nu maca,abdi nyalira ogé janten terang rupi-rupi waruga lemah sareng sagala rupi hartos-hartos nu aya tina artikel éta.

    BalasHapus
  18. Tina artikel ieu, abdi janten terang yén waruga lemah rorompok abdi nyaéta banyu metu.

    BalasHapus
  19. Alhamdulillah, hatur nuhun Pa Aditia Gunawan abdi janten terang waruga lemah rorompok abdi téh sumara dadaya atanapi galudra ngupuk

    BalasHapus
  20. Sampurasun, Pa Aditia Gunawan. Hatur nuhun artikelna saé pisan. Sim abdi janten uninga rupi-rupi waruga lemah sareng uninga yén waruga lemah nu dianggé padumukan abdi téh purba tapa.

    BalasHapus
  21. Tina artikel ieu, abdi janten terang rupa-rupa waruga lemah. Upami rorompok abdi gé jadi terang nyaèta lemah nu datar sumara dadaya.

    BalasHapus
  22. Saatos maca artikelna, abdi janten uninga yén waruga taneuh téh ngandung hartos anu rupi-rupi. Boh anu nyandak kasaéan, atanapi nyandak kaawonan. Dumasar kana artikel di luhur, rorompok abi mah kalebet "ambek pataka", margi lemahna bahé ka katuhu.

    BalasHapus
  23. Sampurasun, Pa Aditia Gunawan. Hatur nuhun artikelna saé pisan kanggé nambih wawasan. Tina artikel ieu, ayeuna abdi janten uninga yén waruga lemah di lembur abdi téh geuning rupa-rupa jinisna. Waruga lemah nu dipidamel kanggé rorompok abdi mah nyaéta banyu metu.

    BalasHapus
  24. Waruga lemah di rorompok abdi mah taneuhna banyu metu (kulon). Kusabab éta cai téh sakapeung mah sok lebet ka rorompok.

    BalasHapus
  25. abdi mah nemé terang yén taneuh bahé ka kénca téh disebutna talaga hangsa, lamun taneuhna bahé katukang, disebutna banyu metu.

    BalasHapus
  26. Tina artikel ieu abdi janten wanoh kana rupi-rupi waruga lemah anu alus dijantenkeun pilemburan. Nanging di lembur abdi mah tos henteu disaluyukeun sareng waruga lemah anu saé pikeun pilemburan. Harepanana abdi tiasa ngadamel wewengkon anu dina taneuh datar.
    Salian ti éta tina artikel ieu ogé abdi jadi terang yén di kanékés jeroan mah taneuh téh mani dijagi pisan.

    BalasHapus
  27. Hatur nuhun Pa Aditia Gunawan, saatos abdi maca artikel ieu, abdi nembé uninga yén aya rupa-rupa waruga lemah. Biasana upami aya anu badé ngadamel bumi, abdi sok nguping badé ngalelemah heula.
    Ayeuna abdi janten uninga yén lemah téh aya rupa-rupana.

    BalasHapus
  28. Hatur nuhun Pa Aditia Gunawan, Tina artikel ieu, abdi janten terang yén waruga lemah rorompok abdi téh nyaéta Sumara dadaya atanapi galudra ngupuk.

    BalasHapus
  29. Destia Nurlaila_XII IPA 1
    Tina artikel ieu, abdi jadi terang yén di Kanekes Kajeroan mah, taneuh téh teu meunang dilelemah. Jeung jadi terang rupa-rupa waruga lemah. Tina artikel ieu oge, abdi jadi terang lelemah imah abdi téh boga rupa nyaeta sumara dadaya. Kiwari mah disebut galudra ngupuk.

    BalasHapus
  30. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
    Balasan
    1. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

      Hapus
  31. Upami di lembur abi mah parantos seueur sumara dadaya, mung aya ogé sri madayung. Alam di lembur abi mah teu dirékayasa mung tos jarang kajamah ju jalma. Ieu artikel téh saé pisan dina nambih nambih kanyaho urang sadaya.

    BalasHapus
  32. Tina artikel ieu abdi janten terang yén rorompok abdi téh taneuh bahé ka kénca (kalér), talaga hangsa disebutna. Nurub cupu. Taneuh lir talagana, imah lir soangna (hangsa). Merenah keur kuriak atawa ngababakan mah. Mawatna matak dipikanyaah batur cenah. Sarat pikeun nyampurnakeunna mah melak pacar baé di pasajén.

    BalasHapus
  33. Dera amelia_XII IPA 1
    Abdi nembé terang rupa-rupa taneuh bahé kamana waé téh aya mitos-mitosna. Pami rorompok abdi mah kalebet lemah tur bahé ka kalér, talaga hangsa disebatna.

    BalasHapus
  34. Tina artikel ieu abdi janten terang yen di Kékénés Kajeroan mah, taneuh téh teu meunang dilelemah.

    BalasHapus
  35. saatos maca artikel ieu, abdi janten terang rupi-rupi waruga lemah sareng sagala kamamfaatan nu aya dina artikel ieu, abdi ogé janten terang yén waruga lemah rorompok abdi nyaéta purba tapa.

    BalasHapus
  36. Haturnuhun,artikel ieu jadi nambih wawasan simkuring,abdi janten terang aya lembur nu taneuh na teu direkayasa.Di lembur abdimah tos teu aya paripaos sapertos kitu.Sareng abdi janten terang taneuh teh aya anu nyandak kasaèan sareng kaawonan,alhamdulillah waruga lemah rorompok abdimah rata jeung nyinghareup ka wetan

    BalasHapus
  37. Aznia Dwi Nur R._XII IPA 1
    Hatur nuhun Pa Aditia Gunawan, seueur pisan wawasan anu ku abdi dipikawanoh tina artikelna. Ayeuna abi terang boh waruga lemah di rorompok abdi téh sumara dadaya anu kiwari mah meureun disebat galudra ngupuk.

    BalasHapus
  38. Neme terang yén lemah teh rupa rupa, aya anu saé tur awon. Haturnuhun Pak Aditia Gunawan kanggo artikel na, nambih wawasan kanggo abdi sareng rerencangan sadaya.

    BalasHapus
  39. Artikel ieu mangfaat pisan kanggé urang sadaya margi dina ieu artikel ngajéntrékeun ngeunaan masih ngamumulé lembur Sunda. Ku cara masih ngamumulé lembur Sunda, mangfaat na ogé balik deui ka urang sadaya, saperti urang masih bisa keneh ngarasakeun kumaha éndahna ngamumulé lembur Sunda. Alhamdulillah ogé abdi kagungan sepuh anu resép kana sagala kaayaan nu ngeunaan kaayaan Sunda. Rupina ngagaduhan sepuh kieu nyanak pangaruh ka diri abdi sangkan abdi ogé kedah tiasa saperti sepuh abdi kana sagala kaayan anu ngeunaan kana Sunda

    BalasHapus
  40. Tina artikel ieu, nemé terang rorompok abi téh kaasup kana lemah nu kurang alus sabab lemahna dicapit ku walungan leutik dibéh kénca.

    BalasHapus
  41. Saparantosna pribados maca kana ieu artikel, seueur pisan pengajaran atanapi pangaweruh anu ku simkuring di kénging.

    BalasHapus
  42. Leres pisan, alam jeung manusa tèh minangka dadamelan Gusti, urang teu kènging sumawona dugi ka ngaruksak dadamelana.

    BalasHapus
  43. Di lembur abi mah pami taneuh teu Meunang dilelemah tiasa oge disaeur.

    BalasHapus
  44. Sampurasun, Pa Aditia Gunawan. Hatur nuhun artikelna saé pisan. Tina artikel ieu abdi nambihan wawasan tur pangaweruh, abdi janten uninga yén di Kanékés kajeroan mah, taneuh téh teu meunang dilelemah sareng abdi janten uninga rupa-rupa waruga lemah. Waruga lemah nu di pidamel kanggé rorompok abdi mah kalebet banyu metu (kulon).

    BalasHapus
  45. Alhamdulillah, tina artikel ieu abdi janten terang geuning waruga lemah téh aya rupi-rupi.
    Sareng kacida bingahna dimana maos yén aya hiji lembur anu panceg nyekel prinsip anu basajan tapi patri, nya éta ngajagi alam ciptaan Gusti nu maha suci ku cara teu ngarobah kana taneuh dadamelannana, sumawonna nepi ka ngaruksak mah.

    BalasHapus
  46. Hatur nuhun ka Pa Aditia Gunawan ,tina artikel ieu janten terang rupi rupi waruga.

    BalasHapus
  47. mantapp👍👍 mangfaat pisan artikelna, abdi jadi terang boh taneuh téh aya rupa rupa. seeur ogé paribasa paribasa kolot baheula anu tadina abdi teu terang ayeunamah jadi terang.

    BalasHapus
  48. Abdi nembé terang rupi-rupi waruga kusabab maca ieu artikel, hatur nuhun pa Aditia Gunawan kanggo informasina.

    BalasHapus
  49. Saatos maca artikel ieu, abdi janten uninga geuning waruga lemah téh aya rupi-rupi sareng deuih abdi ge janten uninga rorompok abdi mah kalebet waruga taneuh anu rata.

    BalasHapus