Biografi Bagawan Hadim JSB. (Bagéan 3)

"Vertemnus" (1591), kénging Giuseppe Arcimboldo.


LANGIT beuki béngras baé. Aya hiji lembur nu bulanna midang baé, lembur Jang Hadim. Ngan nyaéta, Jang Hadim mah kalbuna teu weléh angkeub. Néng Yusi! Beurang peuting Néng Yusi nu kapicangcam! Saéstuna, Jang Hadim téh ngalanglayung satengahing lembur nu sahéng tur ngagulubur.

Ti poé ka poé, teu weléh ngabring jalma nu hayang narepungan Jang Hadim. Ti poé ka poé, sajak-sajak Jang Hadim téh beuki diisimkeun baé, diparusti-pusti, dijarieun jimat. Di mana-mana, batur jenuk sok aruplek mun ngaguar béja perkara Jang Hadim.

“Éta mah Jang Hadim, kamari téh sapopoé anjeunna aya di kobong! Na da si Dartam mah tepung jeung Kang Hadim di Curug Tilu atuh! Si Kunang deuih susumpahan nénjo Kang hadim di Batu Sahéng!” si Mamat keur ngabudah di hareupeun toko karangan “Kembang Kuring”, ditanggap ku para tamu.

“Ari ngarangna masih kénéh, Kang Mamat?” cék tatamu istri geulis.

“Kantenan wé! Sakumaha sibukna gé anjeunna mah da tiasa aya di mana-mana téa! Carpon-carponna saraé pisan! Sajakna mah tos kantenan, mujarab! Saur kritikus Cécép Borgés mah, taun ieu sajak sareng carpon Kang Hadim bakal ngaborong Hadiah Sastra!” si Mamat ngagalantang da puguh geus mindeng nyarita kitu.

“Salam kituh ti abdi nya, Kang! Ti Mélva kituh!” cék éta tatamu istri.

Mélva katut réwuan mojang séjénna sakadar ambon sorangan, da puguh Jang Hadimna mah keukeuh micangcam Néng Yusi nu cenah mah geus tunangan. Katémbong bangun gumbira mun keur pareng ngariung jeung para cantrik. Tapi mun nyiorangan deui, Jang Hadim téh teu weléh marudah baé.

Tah, kacaturkeun rék cunduk kana waktuna, rék ninggang kana mangsana, mangsa masrahkeun Hadiah Sastra. Jang Hadim sapara cantrik nyéwa mobil tilu élep. Subuh ngabiur ka kota. Padépokan ditungguan ku sawatara urang cantrik nu kawilang anyar kénéh.

Langit kota direumpeukan méga bodas. Jang Hadim sapara cantrik ngadon reureuh di Alun-alun, ngadon marurak timbel nu keukeuh dibahankeun ku Olot Uhyi. Iuh naker Alun-alun téh. Jaba kembang keur meujeuhna mangkak deuih. Si Mamat nyetél tip, lagu dangdut. Sapopoé, Jang Hadim ngadon jogéd motah pisan.

Langit reueuk ka sorénakeun. Der, peutingna acara dimimitian. Dihin pinasti, tos kersana Déwan Juri, carpon jeung sajak Jang Hadim ngadon tiwas di pakalangan. Kalah si Mamat jeung si Dartam nu mareunang Hadiah Sastra téh. Jang Hadim katémbong imut basa si Mamat jeung si Dartam narima piagem téa.

“Teu kaci euy ah! Rék kumaha bener ngajén mun aya juri nu can kungsi meunang hadiah sastra! Aya juri nu teu kualipaid! Nya ngaco atuh!” cék kritikus Cécép Borgés bari kekerot bangun nu hayang neunggeulan Déwan Juri, sabada réngsé acara kituna téh.

Saterusna, pihujaneun geus méh bedah, guludug bebeledagan marengan Jang Hadim mulang. Sajajalan, si Mamat jeung si Dartam katénjona rampang-reumpeung, teu puguh rarasaan. Rét deui, rét deui ka Jang Hadim nu angger teu riuk-riuk. Wanci subuh carunduk ka lemburna téh, dipapag angin ngadudud. Hujan téh tacan breg kénéh, kalah tatit sambung-sinambung jeung guludug nu terus bebeledagan basa Jang Hadim sapara cantrik anjog ka buruan padépokan. Kasampak téh para cantrik nu talugur can sararé, keur ngariung lebah tangkal haur bodas.

“Kang, Kang Hadim! Haur bodas dituar ku Haji Abing! Kulahna gé disaeur deuih!” aya cantrik hariweusweus.

Aya gelap ngabeledag tarik naker. Bréh. Haur bodas, nu panjangna geus aya kana tilu méterna, kasampak geus ngagolér dina taneuh panyaeuran kulah téa. Jang Hadim nyiak sakedapan, tuluy katémbong ngagidir. Jang Hadim maju lalaunan, tuluy deku nyanghareupan haur bodas. Para cantrik bruk-brek dareku. Meunang sawatara jongjongan mah Jang Hadim ngahuleng bari muncereng.

 “Gobaaaaang!” Jang Hadim ngagorowok mapakan sora guludug.

 Para cantrik lalumpat néangan gobang. Jul-jol deui sagobangna-sagobangna. Jang Hadim nampanan gobang ti si Mamat, tuluy nilas haur bodas jadi tilu. Tungtung haur diseukeutan. Kituna téh bari terus humariring. Sorana jadi robah. Basana jadi ahéng. Cék béja ka dieunakeun, nya harita Jang Hadim téh ngabadagan, beuki lila beuki jangkung. Buukna, kumisna, janggotna beuki manjangan jeung jadi ngeplak bodas!

“Anteurkeun kana beuheung Haji Abing!” cék Jang Hadim nu sorana ngagoronggong, nu panonna ngempur hurung, sabot mikeun bambu runcing tina haur bodas téa ka si Mamat jeung ka si Dartam.

Angin beuki ngagelebug baé basa si Mamat jeung si Dartam ngagedig bari kekerot, muru imah Haji Abing. Dapuran haur munggah muntir bangun aya nu ngahaja rék ngarabut. Cigedé kapireng séah ditarajang caah déngdéng. Jang Hadim ngajejega di buruan padépokan bari nyekel bambu runcing, dibaturan ku para cantrik nu samakta.

“Haji Abing tiwas, para cantrik! Haji Abing aya nu maténiii!” kitu cék béwara tina pengeras sora, tatalépa ti masjid ka masjid, bada réngsé adan subuh.

Pa Kuwu tibuburanjat basa Kulisi laporan yén Haji Abing ditelasan ku si Mamat jeung ku si Dartam. Teu lila, aya hansip nyebrut dina motor rék lapor ka kacamatan. Ari Pa Kuwu jeung Mang Kulisi katut hansip saaleutan kebat nanjak muru ka padépokan.

“Teu bisa! Si Mamat jeung si Dartam moal dibikeun ku kula!” cék Jang Hadim, nu geus maké jubah bodas, ka Pa Kuwu nu ngahaja mamandapan.

“Ih, ulah kitu, Jang! Ulah ngalanggar hukum!” saur Pa Kuwu bari ngarérétan cantrik nu samagréng, nu maraké pakéan bodas, nu maraké iket bodas.

“Moal! Moal dibikeun! Montong maksa, Kuwu!”

Jang Hadim ngulangkeun bambu runcingna.

Pa Kuwu sabatur-batur kapaksa undur barang nénjo para cantrik ngalalugas pakarangna. Isuk-isuk, hujan mimiti miripis basa Pa Kuwu angsrog deui ka buruan padépokan dibarengan ku para patugas kaamanan ti kacamatan.

“Dibikeun sukur! Teu dibikeun maranéh bakal cilaka!” tungtungna, patugas mungkas obrolan.

Jang Hadim ngagidir. Saméméh éta patugas nyabut péstolna, si Dartam ngaheumbat mantén. Gabres. Bambu runcing bodas téh ambles niir jajantung patugas. Ger geus kitu mah campuh. Girimis beuki kerep. Para cantrik rikat rék ngarebut bedil. Basa hujan geus ngagebrét, nu galungan beuki ragot. Tungtungna, para patugas kadeséh. Bedil réa nu karebut. Para patugas katawuran, ninggalkeun baturna nu taratu jeung nu geus ngababatang.

Hujan ngagebrét sapopoé. Caah Cigedé lebleban. Angin teu weléh gumuruh. Kakayon réa nu rungkad, ngahalangan treuk patugas kaamanan nu cunduk ti kabupatén. Lembur ditutup. Padépokan dikepung. Rahayat mungguh tagiwur. Salembur nalingkreb manéh bari keueung liwat saking.

Maju ka sareureuh budak, ti lebah padépokan kapireng nu tingborobot, tingjalegur. Sora bedil awor jeung nu gogorowokan, jeung sora-sora nu jumerit bangun keur nahan kanyeri. Aya ogé nu kalaluar ti imah, nyérangkeun seuneu nu ngabela-bela di padépokan. Tengah peuting jemplingna téh. Tapi hawar-hawar, kadéngé kénéh sora piriwit jeung sora nu paparéntah.

Tah, ti harita, lembur téh jadi manjang ngalanglayung. Teu aya nu kungsi apal sabaraha urang jumlah nu tiwas peuting harita. Taya nu wani ngulampreng ka palebah padépokan nu kari ruruntuk tutung. Cék béja, lebah dinya réa pisan haur bodas nu jaradi tingkulisik!

***



GODI SUWARNA, lahir di Tasikmalaya taun 1956. Taun 1976 kungsi kuliah di IKIP Bandung. Salila kuliah aktip dina kagiatan téater jeung sastra. Dina widang téater, Godi remen jadi aktor, nulis naskah, nepi ka nyutradaraan. Taun 1980-an ngagabung jeung grup téater STB. Manggungkeun naskah drama “King Lear”, “Sang Naga”, jeung “Impian di Tengah Musim”. Ari dina sastra Sunda, Godi kaasup pangarang gulangkep. Buku kumpulan sajakna nyaéta Jagat Alit (1979), Surat-Surat Kaliwat (1982), Blues Kéré Lauk (1992), Sajak Dongéng Si Ujang (1998), jeung Tariking Angin (2013). Ari buku kumpulan carponna nyaéta Murang-Maring (1985), Serat Sarwa Satwa (1995), jeung Carios Si Urat Emas (2018). Taun 2007 medal novélna, Sandékala. Néma kana Déng anu medal taun 2009. Tilu kali dilélér hadiah Rancagé pikeun taun 1993, 1996, jeung 2008. Sarta sababaraha kali dilélér hadiah sastra LBSS, DK Ardiwinata, jeung Oeton Moehtar. Remen diondang manggung maca sajak ka luar negeri. Di antarana ka Belanda, Itali, Jepang, jeung Australia. Taun 1998 mokalan nyieun acara kasenian Nyiar Lumar di Kawali, anu tuluy manjang nepi ka kiwari. Ayeuna tumetep di Ciamis. Carpon "Bagawan Hadim JSB." saméméhna kungsi dimuat dina Manglé no. 1606, taun 1997.

Posting Komentar

0 Komentar