Cinta - Sajak-Sajak Dédén Abdul Aziz

 

"Bride and Groom" (1815) kénging Amedeo Modigliani.


CINTA

Nepi ka peura sora ngagero
Jenengan salira. Tapi lapar teu iasa
Ditunda-tunda

Nalika harga béas beuki undak
Kabutuh tambah ngalunjak
Salira mah moal uninga

Ieu patuangan beuki kembung
Dieusi angin. Jeung busung lapar

Cinta nu teu kendat digentra

2016






MÉMORI

Manéh geus ngiles deui
Ninggalkeun uing deui
Nyésakeun mémori nu kasarung
Na jero sirah uing

Rupa-rupa
Bau awak manéh
Sora ambekan manéh
Rérét maling. Usap réma. Usik
Jeung malik
Kabéh napel na jero sirah uing
Minuhan babatok uing

Manéh hirup na mémori uing
Minuhan sirah uing. Nyaliara
Kana sakujur badan uing
Mapay-mapay urat

Anjog kana dada. Jajantung
Bayah. Sela-sela iga.
Bréh, manggihan haté

Bet hayang tepung deui jeung manéh.
Hayang nembongkeun haté
Perenahna. Wujudna. Pulasna.
Ketegna Rék ngajak nyobaan rasana
Rasa nyeri, rasa senang
Rasa suka jeung ngéwana
Geugeut ceuceub
Keueung
Rupa-rupa

Sagala rasa aya.

2018






LUNTA KA KOTA HUJAN

Dina mangpirang catetan
Hujan lir jarum
Mitesan jariji jalan
Nyeuseup taman-taman kota

Hujan ngajak nyimpang nepungan
Genclang soca salira 
Nu salawasna ngareumis
Dina sela-sela haté

2012






LAMPAH

Pada-pada reureuh
Étalaseu langit
Jalan jeung lampu-lampu kayas
"Kabéh keur anjeun, Nona Hépi
Keur maturan waktu-waktu simpé!"

Dina lilikuran waktu nu kasorang
Urang tepung na sela-sela waktu
Jalan panjang
Nu tarahal

Nikreuh deui
Stasion pamungkas
Peuting jeung sora-sora peura
"Hayu cuang mulang, Mister Brown
Cuang ngareureuhkeun simpé!"

Lebah dada jeung tanaga nu beuki suda
Urang papisah dina sisi-sisi umur
Jalan panjang
Nu tarahal

2012






KARANG POTONG

Nu lungkawing mah haté, Nung
Lain cadas nu salawasna nandonan galura lambak
Ngayun-ambing sarah ti kikisik kana keusik
Ditamping sagara

Urang ngalukis puisi na lalamping Karang Potong
Keur téangeun jaga, ceuk anjeun harita

Nu leuwih lungkawing mah panineungan, Nung
Lain haté nu salawasna pasrah nahan galura rasa
Ngagulang-gapér kahayang ti mangsa ka mangsa
Ditundung karumasa

Puisi urang masih ngagurat di sela-sela Karang Potong
Keur ditéang ayeuna, ceuk kuring sorangan

2012






MÉMORI PALSU

Raga nu ligar lir kalakay minuhan kota 
Campuh jeung sésa dosa
Raga urang jeung manéh teu reureuh silih téangan

Laju silih sieuhkeun

2009-2012






DEDEN ABDUL AZIZ, lahir di Cianjur taun 1972. Pangarang, wartawan, bobotoh Liverpool FC garis keras. Nulis sajak, carpon, jeung novél. Taun 1990 kuliah di Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia IKIP (UPI) Bandung. Ngadegkeun sarta jadi ketua munggaran UKM ASAS (Arena Studi Apresiasi Sastra) IKIP Bandung. Kungsi dilélér hadiah sastra DK Ardiwinata taun 1994 jeung taun 1997. Bukuna anu geus medal, lian ti antologi gabungan, nyaéta novél Pangantén (taun 2003, dilélér hadiah Rancagé taun 2004), kumpulan sajak Ibadah Daun (taun 2012), jeung kumpulan carpon Sagagang Simpé (taun 2020). Sajak "Cinta" jeung sajak-sajak séjénna saméméhna kungsi dimuat dina rambatloka buruan.co 

Posting Komentar

0 Komentar