Bedroom in Arles - Sajak-Sajak Lugiena De

 

"Bedroom in Arles" (1888) kénging Vincent van Gogh.



BEDROOM IN ARLES

warna-warni pulas haté
di kamar nu ngagelar simpé
sanggeus waktu eureun rumambat
nyésakeun ranjang nu ngajepat

sapasang ulat alum
nu natrat ku raratan usum
dina témbok paul kulawu
nu wakca ukur tinggarantungna baju

jandéla nu lawas teu dibuka
dibaturan korsi jeung méja
eunteung rumeuk ungkara katineung
nu langgeng deudeuh mikangen

nu ditulis tanpa aksara
tawis sono ti nu satia
nganganti nu lunta miang
najan hamo kungsi mulang

2013






LALAMPAHAN
Janusz Weiszczek

Rék ka mana cundukna indung suku
sabot réwuan tapak dipedar 
sapanjang gurun jeung salju?

Kadungsang-dungsang ti benua ka benua
Panyingkuran horéng ngancik 'na lelembutan
Galeuh kadeudeuh lemah kahéman

2011






PARFUM
Grenouille

Kaéndahan naon anu ngancik
dina sabotol leutik parfum
nu nyambuang nandasa lelembutan?

Dina tungtung pangambung salira
dunya kaambung rupa-rupa
Antara bagja jeung lara
horéng taya watesna

2012






KUKUPU 

Ka saha deui salira nawiskeun cisoca 
sabada impénan disalib parapatan? Di dieu
simpé malidkeun haté ka Cikapundung. Di dieu

Salira tuluy kasarung jeroning baranang lampu
jeung hangruna parfum. Di hiji kota
nu nandasa hartining cinta

2012






PUTRAJAWA
Aki Ede

Nu suni dirurub lalangsé
Lembur singkur panumpian haté
Ka dieu sumolondo deui nepungan simpé
Nu ngageugeuh pasir jeung pagunungan
Warugana héjo lémbok tutuwuhan

Nu ngagolontor di pancuran
Urat-urat tingtrim nu teu kungsi pegat
Ka dieu munjungan seja nyétrakeun awak
Ka nu ngageugeuh sungapan jeung huluwotan
Warugana wening cai kahuripan

Nu disurahan ku lelembutan
Ulat lembur nu basajan
Di dieu diri menekung deui
Nuturkeun sujud babatuan
Marengan tirakat tatangkalan

2012






PEUTING DI LEMBUR

Di dieu ngaderes deui peuting
Dina paroman lembur, sabot bulan ngempur
Nyingraykeun lalangsé nu mindingan tingtrim
Hawar-hawar kapireng sahéng walungan di landeuh
Lir gerendeng nu mujasmédi kaagungan simpé
Antara dikir angin jeung menekungna batu-batu
Tatangkalan napakuran kalakay nu ngabarak
Sésa katiga nu nyongkab

Di dieu saniskara rereged diudar
Tina waruga waktu. Dumeling deui peuting panjang
Nu basajan. Teu kagémbang ku murub mubyar munara
Impénan, nu teu weléh diwangun laju diancurkeun deui
Dina jero haté. Antara ruruntuk katunaan jeung kateulanaan
Hartining pangancikan diaji dina jemplingna sarakan:
Keur bagja jeung lara, horéng taya pangbalikan nu hakiki
Lian ti sintung kalapa anu hiji

2012






SELABINTANA

Sanggeus udar rereged kota 
Selabintana medar ungkara
Wanci nu beurat ku hawa beueus
Halimun ngarurub leuweung pineus

Isarah nu katénjo
Langgong karaton nu lémbok héjo
Sabot langgeng dimenekungan gunung
Nu kaguar wungkul tingtrim nu agung

Sumolongkrongna dadahanan
Tatangkalan lir jisim wening
Katingal ibun garumenclang
Lelembutan nu dumeling

Cai nu canémbrang hérang
Antaré ngamalir jeroning haté
Ka girang mipir-mipir wahangan
Leumpang nyukcruk sungapan simpé

2012




LUGIENA DE, lahir di Bandung taun 1983. Barcelonista, kiper di cacandran.com. Nulis dina basa Sunda jeung Indonesia. Anu ditulisna samakbruk, ti mimiti carpon, artikel, puisi, nepi ka naskah drama. Kungsi meunang hadiah sastra LBSS taun 2005 jeung taun 2011. Bukuna anu geus medal kumpulan carpon Jeruk (2016) jeung novél Layung Ngempur di Kampus Bungur (2020). Ngajar basa Sunda di SMPN Satu Atap Tamansari, Cibugel, Sumedang. Matuh di Selaawi, Garut, bari ngokolakeun pamedalan Silantang di Bandung. Sajak "Bedroom in Arles" jeung sajak-sajak séjénna saméméhna kungsi dimuat dina sawatara média jeug buku antologi.

Posting Komentar

0 Komentar