Gorowok Gaok

Koléksi foto: Arif Abdilah.

CEUK Kamus Basa Sund R.A. Danadibrata (2006), gaok téh boga harti: 1) sora gagak; 2) nyalukan, sedeng kecap ngagoak—asal kecap ti goak—nyaéta ngajorowok lantaran sieun, reuwas, atawa nyeri. Tapi, istilah gaok di dieu mah lain nuduhkeun kana harti léksikalna, tapi kana harti artifisialna.

Gaok di dieu mah minangka hiji kasenian nu nyurup jeung sora gagak atawa miboga fungsi pikeun nyalukan. Ieu kasenian téh mangrupa kasenian tradisi lisan nu mekar di Majalengka, taun 1920-an. Ari nu mekarkeunana nyaéta Sabda Wangsaharja. Ieu kasenian ngalaman jayana taun 1960-an (Profil Kesenian Daerah Kab. Majalengka, 2006).

Gaok téh enas-enasna mah méh sarua jeung beluk, nyaéta nembangkeun wawacan, dina kaayaan atawa kontéks nu tangtu. Ilaharna seni tradisi, gaok gé dipintonkeunna sapeuting jeput. Malah aya nu nepi ka nitir tilu poé tilu peuting, gumantung kana caritana, saperti Wawacan Samaun.

Teu samanéa deuih dipintonkeunna gé. Magelaran upama aya nu hajat atawa upacara ritual nu aya patalina jeung sukuran, salametan, ngayun (dialék Majalengka pikeun nuduhkeun prosés ngurus orok ti mimiti lahir nepi ka ékahan), melak binih, jrrd. Dina milih wawacanna gé perlu diluyukeun jeung kontéksna. Upamana, dina upacara melak binih, wawacan nu dibacakeunna nyaéta Wawacan Sulanjana, dina ngayun sok maké Wawacan Samun atawa Wawacan Talagamanggung.

Nurutkeun Abah Rukmin (70), salasahiji tokoh gaok, beluk jeung gaok téh aya bédana. Mun dina beluk pakakas musik nu dipaké téh kacapi, dina gaok mah buyung jeung songsong. Ari cara nabeuhna ku cara niup songsong nu diasupkeun kana jero buyung, nepi ka ngahasilkeun sora agem, cara goong dina gamelan. Atuh, dina nembangkeunana aya tilu cara, nyaéta dirancag, dijaléndra, jeung digaokkeun, bari sapanjangna dialokan ku pamaén séjénna.

Lantaran dipintonkeun ku réaan, dina nembangkeunana ogé aya formasina luyu jeung kamampuhna bari terus sambung-sinambung. Antarana, tukang ngilo miboga peran maca wawacan dina témpo nu alon tapi tandes (dirancag). Néma ka tukang ngajual nu malikan deui wawacan tutas ditembangkeun ku tukang ngilo.

Laju tukang meuli nuluykeun wawacan tutas tukang ngajual nu diwuwuhan ku nada (dijaléndra). Sarta dituluykeun deui ku tukang naekeun bari diwuwuhan improvisasi sora nu nyelengkeung tur panjang, nepi ka ngalanglaung.

Koléksi foto: Arif Abdilah.

Kabéhdieunakeun, kasenian gaok téh ngalaman parobahan. Saperti Katitén tina jumlah personilna nu terus ngurangan. Malah, kiwari mah personilna téh kari saurang—najan taun 60-an nepi ka 90-an kungsi dipintonkeun leuwih ti 10 urang—nyaéta Abah Rukmin.

Wuwuh matak pikamelangeun, kawantu ieu kasenian téh kurang dipaliré ku pamaréntah daérahna. Malah tarékah pikeun ngawanohkeun kasenian gaok ka balaréa téh kurang aya tapakna. Nu matak prihatin, urang Majaléngka sorangan réa nu teu wanoh kana ieu kasenian.

Najan kaayaanana keur gogoakan, tapi sumanget Abah Rukmin pikeun ngajaga tur ngariksa kasenian gaok tetep ngagedur. Malah, kungsi ngayakeun pelatihan gaok sagala. Sakumaha anjeunna, "Enya éta ogé kungsi ngayakeun acara latihan, tapi puguh euweuh hasilna. Duka lantaran éra meureun lantaran gaok dianggap kuno teuing, duka kumaha."

Tarékahna téh teu semet éta, malah ieu kasenian téh terus dimekarkeun. Upamana dina alat musik, nu saméméhna maké buyung jeung songsong, kiwari mah dieuyeuban gamelan wayang katut sindenna minangka panyelang nalika reureuh nepikeun carita. Ayana sinden téh lian ti teu matak bosen, pangpangna lantaran jumlah personil gaok nu kari hiji-hijina, kawantu sora jeung napas nu geus rénghap-ranjug ku kakolotan.

 

Gaok di UPI

KAHARIWANG gaok musna téh éstu meunang réspon ti generasi ngora ayeuna. Utamana ti komunitas nu dingaranan Jalan Téater UPI. Ku jalan ngayakeun pintonan gaok dina wangun nu béda, kalawan jejer “Ngagorowokkeun Gaok”, 7-6 Nopémber 2015. Pintonan gaok téh dipaselupkeun jeung adegan-adegan téater modérn. Dina prakna, teu matak tunduh, malah sawatara adegan mah nu nongton téh dihaja sangkan ancrub kana lalakon.

Koléksi foto: Arif Abdilah.

Ceuk Sahlan Bahuy (sutradara), ayana transformasi jeung révitalisasi kasenian gaok téh minangka tarékah pikeun ngadeukeutkeun gaok (kasenian tradisi) ka panongton kiwari, anu alam pikiranana geus modérn. Pokna, "Ku ayana révitalisasi téh, mugia waé kasenian gaok leuwih dipikawanoh tur dipikaresep ku balaréa. Jeung deuih tarékah ngajaga kasenian gaok téh teu semet dina urusan pintonan wungkul, tapi dina urusan ngawariskeun, ku jalan ngayakeun acara résidénsi ngagaok sareng Abah Rukmin."

Acara ngagorowokkeun gaok nu dipentaskeun di Taman Barétti UPI (outdoor) salila dua poé téh, meunang aprésiasi nu hadé ti nu nongton. Katangén tempat pintonan pagegelek pada ngadeudeug, boh ti akademisi boh ti praktisi seni. Muga waé, ieu tarékah téh jadi rawayan dina ngajaga tur ngamumulé seni tradisi. Utamana, tarékah Abah Rukmin salila ieu téh perlu diapréasi, lantaran pikeun anjeunna gaok téh lain baé sakadar seni, tapi minangka gawé sosial. (Arif Abdilah.)

***





Posting Komentar

0 Komentar