"Grunge Ghost Mask Face" kénging Circe Denyer. |
ANJOG téh wayah sareupna, sabot hujan ngagebrét lir dicicikeun ti langit. Najan sirah ditiungan ku kantong, angger baé awak mah jibrug.
Kalacat unggah kana tétécéan hareupeun panto. Bél dipencét. Lain bél kétah. Da kédéngéna sada loncéng. Teu lila panto aya nu muka. Ronghéap lalaki, jangkungna sapantaran. Tapi kacirina leuwih kolot.
“Wilujeng sumping! Mangga ka lebet,” pokna soméah nakeranan.
Kuring tuluy asup ka jero. Hujan di luar beuki badag. Malah dibarung ku angin ngagelebug sagala. Kawas nu hayang ngadoja hujan téh, kuring kutuk gendeng na jero haté.
“Nembéan ka dieu?” manéhna nanya bari narik korsi tina handapeun méja.
“Sumuhun. Terang tina brosur,” pok téh. Gék diuk. “Kagungan kopi?”
“Kantenan aya.”
Manéhna ngaléos ka tukang. Ari kuring cunggelik sorangan di tepas bari rancucut. Gesat-gesut jékét anu baseuh téh dibuka. Geus kitu muka tas. Laju ngadudut anduk leutik tina tumpukan pakéan.
Bari nyusutan sirah nu kulimis, kuring nengetan kaayaan sabudeureun. Ceuk brosur anu tadi dibaca, cenah ieu imah téh salah sahiji déstinasi wisata. Kasohorna imah ririwa. Ku sabréhan gé mémang kaciri geueuman. Antik bari ublug-ablag. Wangunanana potongan kabaheulaan. Imah titinggal jaman Walanda. Ari perenahna najan di sisi jalan gé kawilang nenggang. Di kénca katuhueunana euweuh deui wangunan séjén. Kebon entéh baé ngampar upluk-aplak.
Mun lain alatan kapegat hujan bari poé geus reup-reupan mah, teu hayang-hayang acan nyimpang ka dieu téh. Saperkara baé: kuring mah teu dibéré resep kana hal-hal anu gararaib téh. Jeung teu percaya dadakuna mah. Bubuhan lolobana ukur wadul.
“Dileueut heula, Pa.” Teu kanyahoan manéhna geus nangtung gigireun. Leungeunna nunda cikopi panas.
“Wayah kieu masih kénéh aya kendaraan umum anu ngalangkung?” tanya téh bari laju ngaregot kopi. Maut udud sabatang, kelepus udud.
“Wah, tos teu aya. Ojég gé kalan-kalan. Kedah ditéang heula. Mung nya kitu, tebih. Upami badé, dijajap baé ku abdi kana motor.”
Rét ka luar. Hujan ngagebrét kénéh. Asa teu kasawang kudu jijibrugan deui. Sakieu awak geus teu payaan téh. Jaba deuih di kebon entéh kitu atuh. Cacak di jero imah gé hawa téh karasa tiris.
“Mulih ti mana Bapa téh?”
“Ah, jalan-jalan wé. Tadina mah badé wangsul ka hotél.”
“Atos wé kulem di dieu,” pokna deui bari seuri. Asa ahéng tapina nempo seurina téh.
Kuring teu ngajawab. Bingung.
“Ieu téh bumi kagungan sadérék?” kuring nanya.
“Sumuhun. Kénging mésér, kapungkur.”
“Seueur anu sok arameng ka dieu téh?” kuring nanya deui bari nengetan eusi brosur. Enya, kawasna anu merenah mah kecap ameng. Da sidik apan ceuk brosur ogé déstinasi wisata. Jaman kiwari téa, jurig gé jadi komoditi ékonomi.
“Tara tangtos, Pa. Sakapeung ramé, sakapeung tiiseun,” manéhna ngajawab.
“Leres di dieu téh seueur jurigan?” kuring nanya bari seuri. Poksang, teu ieuh dihiding kelir.
Manéhna imut deui. “Nya ari saur nu sanés mah aya,” témbalna sanggeus ngahuleng sakeudeung.
“Sok aya nyah nu mendakan?”
“Mendakan naon?” Kalah malik nanya, kawas api-api teu ngarti.
“Muhun, éta nu mendakan jurig. Ririwa.”
“Nya, ari batur mah....”
“Ari Bapa nyalira kantos mendakan? Atanapi sering?”
“Ah, teu acan.”
Tuh nya, bener apanan. Jurig komérsil téa ieu mah.
“Geuning Bapa nyalira wantunan linggih di dieu? Pan saurna imah jurig ieu téh,” kuring angger poksang.
“Muhun, da apan sim kuring mah can kantos mendakan,” manéhna nyéréngéh. Angger katingalina semu ahéng seurina téh.
“Nyalira Bapa di dieu téh?”
“Nyalira ari wengi mah. Da teu gaduh sasaha deui.”
“Teu kagungan padamel?”
“Aya badéga saurang. Purah ngurus bumi. Ka dieuna siang wungkul. Wengi mah teu kiateun. Da sok pependakan baé di dieu téh.”
Tuh, asa teu kaharti. Kuring ngagerentes na jero haté. Maenya ka batur sok némbongan, ari ka nu bogana tara. Bet kawas nu pipilih ririwa téh.
“Sok mendakan jurig naon baé saurna?” kuring beuki wani.
Manéhna ngahuleng deui bari neuteup anteb. Kawas nu nganaha-naha. Tapi kuring mah teu ieuh paduli. Haré-haré baé.
“Rupi-rupi. Aya nu mendakan tuan perkebunan nuju jalan-jalan. Kantos ogé nu mendakan nyonya Walanda anu sirahna... baloboran getih. Saurna, dongéngna, si nyonya téh maotna disiksa ku Jepang. Bubuhan ieu bumi téh kantos janten tempat interniran. Saterasna kantos janten imah bordil. Basa Jepang kawon perangna, aya sawatara perwira anu harakiri di dieu téh. Nu mawi sok aya ogé anu mendakan ririwa tentara Jepang.”
Kuring unggut-unggutan. Hébat pisan éta kasang carita téh. Sieup pisan dipaké sambara supaya batur panasaran. Ras inget ka makam karamat di wewengkon pakidulan. Teu sirikna pada ngadeugdeug. Ti mimiti anu niat ngalap barokah, nu hayang laris dagang, tug ka nu hayang lulus CPNS. Pikaseurieunana, urang dinyana mah tara-tara acan jarah ka makam. Ongkoh deuih najan teu punta-pénta ka makam ogé da geus boga panghasilan mayeng tina ladang nyéwa-nyéwakeun imah jeung muka warung sangu. Acan nu dagang rampé sapuratina. Kaasup tukang ojég ogé tara saateun panumpang.
Rét kana brosur. Sidik pisan ulin ka dieu téh dikarcis, alias teu haratis. Mun ukur nempoan wungkul, béyana saanu. Mun hayang apdol tepung jeung ririwana, aya kamar anu bisa diséwa keur meuting. Kaasup dahar ogé disayagikeun. Nya béyana ogé nambah deui. Najan dina jero haté mah hayang seuri, tapi kuring muji ogé kana kréatipitas manéhna “ngadagangkeun” imah maké carita-carita mistis. Sah-sah baé asana salila teu ngalanggar hukum mah. Di Éropa ogé apanan geus umum wangunan heubeul anu geueuman téh dijieun tempat wisata. Modél kastil titinggal kaom bangsawan. Kitu deuih sarua, dibungbuan ku carita-carita anu matak muringkak bulu punduk.
Di luar hujan kawas nu moal raat téréh-téréh. Antukna gilig baé milu ngarereb di dinya.
“Nya atuh, punten pangsayogikeun kamar baé. Sareng nyuhunkeun disayogikeun tuang wengi,” omong kuring ka manéhna.
“Mangga. Kamar mah da seueur, aya limana,” témbalna giak nakeranan. “Tapi, leres sanggem Bapa téh ngawengi di dieu?”
“Ari kitu kumaha?” kuring malik nanya bari nyéréngéh.
“Muhun, apan ieu bumi téh seueur ririwaan,” cenah halon.
“Ah, da abdi mah ka dieu téh sanés badé milarian ririwa. Bané kapaksa baé, teu tiasa wangsul.”
“Bilih baé. Da nu atos-atos mah dugi ka aya nu walahwah-weuleuhweuh tulung-tulungan.”
Kuring seuri rada tarik. Manéhna kaciri semu reuwaseun.
“Upami Bapa wantun nempatan ieu bumi, sami abdi ogé wantun. Upami Bapa teu acan kantos pendak sareng ririwa, sami abdi ogé teu acan. Upami ririwa di dieu teu kersaeun némbongan ka Bapa, nya ka abdi ogé can karuhan kersaeun,” omong kuring tatag.
Manéhna ngahuleng sakedapan, lir nu kapeupeuh ku omongan kuring cikénéh.
“Tapi Bapa percanten henteu upami jurig téh aya?” manéhna nanya.
“Nu mawi, henteu. Da can kantos mendakan.”
“Upami mendakan kumaha?”
“Ah teu kukumaha. Kumaha engké wé.”
“Moal sieun?”
“Nya duka. Da apan can kantos mendakan. Osok sotéh ningal dina telepisi. Tapi apan éta mah ukur rékaan, sanés? Sareng deuih upami enya jurig téh aya, naha leres pikasieuneun siga jurig dina telepisi? Can karuhan apanan?”
Bep deui manéhna teu nyarita.
“Ari Bapa percanten henteu jurig téh aya?” kuring malik nanya bari mareuman kuntung kana asbak.
“Abdi mah percanten, Pa,” témbalna.
“Tapi naha geuning bet teu acan kantos pendak sareng jurig?”
Manéhna teu ngajawab. Kalah ka cengkat. Léos ka tukang. Teu lila kaambeu seungit tumis bawang bodas. Taksiran mah tuluy masak di dapur. Kuring mah nyot deui kana udud.
Sabot kuring dadaharan, manéhna ngadongéngkeun kumaha mimitina imah téh jadi tujuan wisata. Cenah ti baheula ogé imah téh geus kasohor geueuman. Beuki kasohor deui sanggeusna kungsi dijieun lokasi uji nyali. Geus kitu mah méh unggal poé imah téh pada ngadongdon. Panasaran hayang apal imah geueuman dina telepisi téa, cenah. Ceuk manéhna kénéh, imah téh kungsi sababaraha kali pindah leungeun. Ngan dunungan anu panungtung mah cenah tuluy ngagantung manéh dina tangkal caringin hareupeun imah.
Kuring mah ngadéngé kitu téh ukur unggut-unggutan. Teu hayang ngahaminan. Ongkoh karagok rék nyarita gé, da baham pinuh ku sangu. Sanggeus réngsé dahar, kuring tuluy nanyakeun kamar. Ku manéhna dituduhkeun ka kamar hareupeun deukeut caringin téa.
“Énjing hoyong disayogikeun tuangeun naon?” pokna, saméméh papisah.
“Naon waé. Nu penting mah sayogi cikopi wé sareng koran,” témbal kuring.
Manéhna ngaléos. Kuring gé tuluy meundeutkeun panto kamar. Golédag kana kasur. Reup wéh saré.
***
BEREKAH, saré téh tibra nakeranan, teu kaganggu ku nanaon. Atuh barang hudang téh awak karasa seger. Léos ka jamban ngadon sibeungeut. Geus kitu indit ka patengahan. Dina méja geus nyampak cikopi jeung koran.
Bari dipaselangkeun jeung nyuruput cikopi, leungeun katuhu antaré muka kaca demi kaca koran. Barang rét kana hiji warta dina kaca jero, teu wudu panon kerung. Warta ngeunaan kacilakaan di kebon entéh. Mobil sédan nyuksruk ka walungan. Barang disidik-sidik potona, tétéla plat nomer mobil kuring pisan.
“Teu mendakan nanaon basa wengi téh?” Teu kanyahoan manéhna geus nangtung gigireun. Barang dilieuk, karék tétéla, horéng dina beuheungna aya tapak ngageleng beureum semu hideung.
“Ah, henteu. Malihan mah tibra pisan.”
“Janten Bapa mah angger moal percanten nya upami ririwa téh aya?” pokna deui bari seuri. Seurina kaciri matak ahéng.
Kuring teu ngajawab.
***
0 Komentar