Jeruk - Lugiena De

"American Homes dan Gardens", 1910.


DIUK jeung manéhna téh dina jajaran pangtukangna. Aki-aki geus kolot, maké calana pangsi hideung, ka luhurna baju kamprét bodas. Sirahna diiket. Ari suku ukur disendal capit wungkul.

Saenyana lamun di kampung mah teu matak anéh teu sing. Heueuh, da di lembur kuring ogé réa anu dangdananana kitu mah. Sarua deuih kolot wungkul siga manéhna. Tapi da ieu mah di Jakarta. Asa teu lumrah. Beuki teu lumrah deui manéhna aya di dieu téh dina usum pahibut mudik siga kieu. Ongkoh deuih batur-batur sakitu angkaribungna, ari manéhna mah teu jangjang teu jingjing. Nu sidik dibawa téh ukur kantong kanéron wungkul, anu ngagantél dina awakna. Ngan ieu gé kacirina hampang. Eusina teu loba.

Tapi anu matak ahéng mah ti tatadi biwirna haben gegerenceman. Ari leungeun katuhu nyenyekel jeruk sasiki. Bari gegerenceman, éta jeruk dina dampal leungeunna téh teu eureun-eureun diulinkeun ku jempolna.

Korsi geus taya nu nyésa hiji-hiji acan. Tapi beus can jig kénéh waé. Ukur kadéngé gerang-gerung, matak gandéng kadéngéna.

Sajongjonan mah teu patanya. Papaharé baé. Kuring ukur maling-maling rérét wungkul ka manéhna. Ari manéhna bet siga nu teu ngarasa keur dipaling rérét. Anteng baé siga mimiti. Ka kuring siga nu teu hayang nolih-nolih acan. Manéhna tuluy gegerenceman. Sakapeung kadéngé bari nyebut-nyebut jenengan Alloh. “Alloh! Alloh!” cenah. Kuring tibang nyenghél.

Beus geus mimiti laju. Ngarayap lalaunan, da keur sumedengna macét. Di luar langit soré ruhruy konéng.

Anu tadina diharékeun, lila-lila bet asa narik perhatian. Kacirina siga jalma jejeg manéhna téh. Asa taya salahna lamun ditanya ku pertanyaan umum waé mah. Ongkoh da kuring téh wartawan. Asa alus ogé lamun wawuh jeung bangsaning nu kieu. Itung-itung mecakan wawancara invéstigasi.

“Teras ka mana, Pa?” tanya kuring bari imut.

Manéhna ngalieuk, laju males imut. “Ka Ciamis, Encép,” cenah.

“Mudik Pa, ka Ciamis téh?” kuring nyusul deui ku pertanyaan séjén.

“Tiasa kitu, tiasa henteu,” ceuk manéhna, sanggeus ngahuleng sakeudeung.

“Ih geuning, naha?”

“Muhun, disebat mudik, da mémang leres badé wangsul ka pamatuhan. Disebat henteu, da mémang sanés tas ngumbara. Sigana mun sanés badé Lebaran mah teu kalebet mudik nya? Héhéh .…”

Kuring milu seuri. Sirah unggut-unggutan.

“Tah, upami Encép mah sigana kalebet mudik, nya?”

“Sumuhun. Da abdi mah di Jakarta téh ngadon kuli. Rijkina aya di Jakarta.”

“Teu sawios-wios. Di mamana gé sami waé. Nu penting mah cekap sareng ageung barokahna.”

“Amin,” témbal téh.

Suasana mimiti karasa teu rengkeng teuing.

Bet ras inget ka Kang Muhtar, seniman téater urang Bandung. Manéhna ogé ari sapopoéna téh sok mamaké calana pangsi jeung iket. Kasebutna nyeniman téa. Kitu deui ka Mang Amid, anu sarua sok dipapangsi diket. Ieu mah lantaran kajurung ku hayang tradisional. Tapi ieu mah sigana kaasup kana kolom nyunda-nyantri téa.

“Dupi Bapa ogé sami deuih tos ti Jakarta?”

“Ti Serang saleresna mah. Nyimpang heula ka Tangerang. Teras ka Jakarta.”

“Leuh, sasih Siam kieu gé ning tiasa kénéh ngersakeun angkat-angkatan.”

“Nya meungpeung jagjag kénéh wé. Meungpeung can seueur nu karasa. Da upami tos sagala karasa mah cacak ka cai ogé sakitu hésé bélékéna apan. Héhéh .…”

“Awis nya Pa, anu namina séhat téh,” ceuk kuring bari milu seuri deui.

“Kantenan. Komo upami tos kolot siga Bapa mah. Karaos pisan awisna. Da papantaran Bapa mah seueur anu tos ripuh. Numawi pirang-pirang muji sukur ka Mantenna. Alhamdulillah, Bapa mah dikersakeun tiasa kénéh angkat-angkatan.”

Kuring unggut-unggutan. Panyangka yén manéhna jalma agamis téh beuki ngandelan. Komo deui ieu geus kolot. Tangtu geus legok tapak genténg kadék lebah bag-bagan hirup mah.

“Emh, Bapa mah geuning sakitu émutna,” ceuk kuring satengah ngalem.

Manéhna seuri.

“Naon deui tuda Cép. Bapa mah tos kolot. Yuswa gé boa sakumaha deui nyésana. Méméh dipundut ku Nu Kagungan, hoyong salawasna éling ka Mantenna. Kitu manawi. Éh, punten nya, sanés badé hutbah. Da ustad gé sanés Bapa mah,” manéhna mamandapan.

“Teu sawios, Pa,” témbal téh.

“Bilih baé kasebatna goong nabeuh manéh. Paralun. Ngan ieu mah Bapa. Kitu manawi. Héhéh ....”

Tuh pan, sakitu handap asorna. Kaasup jalma tawado téa meureun nu kieu mah.

Beus tuluy asup ka jalan tol. Teu lila laju mangprung. Panumpang nu séjén katémbong taya nu miroséa. Anteng séwang-séwangan. Manéhna nyenyekel jeruk kénéh. Ngan ayeuna mah teu diulinkeun. Ukur dikeukeuweuk.

Sakedapan teu nyarita nanaon. Tapi haté mah angger asa panasaran. Asa unik yeuh jalma téh.

“Dupi ayeuna Bapa damel kana naon?” Lah-lahan nanya deui ka manéhna. Dipikir-pikir pertanyaan bieu téh asa teu sopan, ngadon naléngténg urusan pribadi batur. Tapi da bongan panasaran téa.

“Ah, kieu wé damel Bapa mah, Cép. Jalan-jalan.”

“Percanten. Bapa mah panginten tos kantun senangna, nya?

Manéhna ukur seuri, bari garo-garo teu ateul.

“Ih, geuning terang Encép gé.”

“Sumuhun, da biasana ari sepuh mah tos taya kabeungbeurat deui. Kantun raosna baé, ladang tihothat kapungkur. Bénten sareng abdi nu anom kénéh. Kitu manawi.”

Manéhna teu waka ngajawab. Anggur miceun deui paneuteupna ka luar, siga nu mikir-mikir piomongeun.

“Leres naon anu bieu dicarioskeun ku Encép téh. Utamina dina lebah taya kabeungbeurat deui. Mung saleresna éta kalimah téh tiasa dihartoskeun janten dua rupi. Éh, dupi jenengan téh saha? Punten nya, hayoh baé ngobrol, ari teun teu silih parios.”

Pok kuring nyebutkeun ngaran sorangan. Kitu deui manéhna.

“Janten kumaha Pa?” kuring geuwat nanya deui.

Manéhna anggur seuri deui. “Emh, abong pamuda, mani sok kejot borosot nanaon téh. Sareng naha deuih Encép téh mani siga nu panasaran sagala?”

Kuring nyengir kaisinan. Asa katohyan eusi haté.

“Leres, asa panasaran abdi téh. Wiréh ku saliwat ogé Bapa mah asa bénten sareng sepuh kaseuseueuranana.”

“Pédah Bapa tadi wiridan kitu?”

“Éta salah sawiosna. Punten ah, bilih abdi kumawantun,” kuring tamada.

“Ih, teu sawios. Cirining gaduh perhatian kénéh éta téh, teu api lain. Kedah kitu ari jalmi mah. Leres?”

Kuring unggeuk.

“Nya ari leres mah urang carioskeun. Ongkoh deuih bilih aya sangkian nu sanés-sanés.”

Sakali deui tah, katohyan téh. Tungtungna beungeut rada ngalieus meueusan.

“Upami disebatkeun tos taya kabeungbeurat deui lantaran kari senangna, éta lepat kacida. Bapa mah sanés jalmi aya. Sami baé koréh-koréh cok. Tapi mémang ayeuna Bapa mah tos tara ngabeungbeuratan manéh ku dunya. Insya Allah, ku kaayaan sakieu gé Bapa mah tos senang. Kitu tah. Kahartos manawi?”

Kuring unggut-unggutan deui. “Sufi téa kitu Bapa téh?” tanya kuring sabulang béntor.

Ditanya kitu téh manéhna méh-méhan baé ngaheuheu. Tapi kaburu ditungkup mantén ku leungeun kéncana.

“Sanés, Encép. Jalmi biasa Bapa mah,” pokna.

Kuring gé tungtungna nyengir deui. “Sumuhun, da sakaterang jalmi anu nganomerduakeun dunya téh nya sufi téa,” ceuk kuring deui.

“Duka tah. Mung da Bapa mah kieu wé, sapertos anu katingal ku Encép.”

Jep heula sakedapan.

“Kieu wé atuh, da bongan Encép panasaran, Bapa rék nyarios sakedik waé mah. Tapi upami ku Bapa dicarioskeun, naha baris aya mangpa’atna kanggo Encép?”

Leuh, abong kolot. Rék nyarita gé mani bulat-beulit heula.

“Mudah-mudahan. Saha nu tiasa nangtoskeun atuh, Pa.”

“Kantenan, hakékatna perkawis katangtosan mah mung Gusti nu kagungan. Tapi da urang minangka abidna diperedih nangtoskeun nasib sorangan. Punten, sanés mapagahan ieu mah, nya. Pan saur hadis ogé jalmi anu untung téh nyaéta jalmi anu poé-poé saterusna leuwih hadé ti batan poé-poé saméméhna. Kitu. Éh dupi Encép saum kénéh?”

“Insya Allah,” ceuk kuring bari kuram-kireum. Deui-deui tah, asa katohyan. Heueuh, da apan tadi gé saméméh indit téh ngadon ninyuh emih heula jeung si Mang Ihung di kantor.

“Alhamdulillah atuh. Nya ieu mah étang-étang dongéng ngabuburit wé,” pokna bari ngabebener diukna.

“Bapa mah Cép, sanés jalmi anu tukuh dudunya. Asal aya wé kanggo pangabutuh sadidinten. Kaleresan sawah satalapok peucang waé mah gaduh di lembur. Atuh selang-selang tina tani sok rajeun kana nganyam. Tah, sésana mah dianggo silaturahmi ka ditu ka dieu. Numawi saleresna padamelan Bapa mah jalan-jalan. Kitu.”

Panjang deui saterusna pedaran si Bapa téh. Kuring mah ukur ngadéngékeun baé bari sirah unggut-unggutan. Sakapeung diselang ku nanya. Kaayaan di jero beus mah geus teu katiténan.

Tétéla si Bapa téh jama’ah salah sahiji aliran tarékat. Teu daék nyebutkeun tarékat naonna mah. Iinditan ka ditu ka dieu téh nepungan balad-baladna. Paingan, ceuk haté téh. Kungsi masantrén sagala. Teu matak hémeng lamun kanyahona kana agama kaitung jero. Da éta wé salila ngawangkong téh sok dibarung ku nyutat dalil. Nyao Kur’an nyao hadis. Teu pati apal. Nyoba-nyoba ditalék ngeunaan Haji Hasan Mustapa. Jol-jol geureuleung waé manéhna nembangkeun salah sahiji guguritanana. Bari ku manéhna tuluy dipedar naon pihartieunana.

Tapi lain perkara éta saenyana anu matak kataji mah.

“Ni’mat Cép, hirup basajan téh. Lantaran ku cara kieu mah harta anu jadi abid urang. Cukangna pangabutuh. Coba lamun ayeuna Bapa dikadarkeun beunghar. Moal boa Bapa anu jadi abid harta. Da tuluy dicukangan ku napsu téa. Pangabutuh onaman sok aya cumponna. Tapi anu ngaranna napsu mah moal aya tungtungna. Hayang itu, hayang ieu. Leres?”

Kuring unggut-unggutan.

“Tapi apan agama ogé teu ngawagel umatna sangkan beunghar, Pa?”

“Leres pisan. Malah saleresna nganjurkeun. Da cacak munggah haji baé apan kudu kasartaan ku harta. Mung Bapa badé naros: lamun Encép beunghar, rék kumaha? Kira-kira bakal maslahat moal, utamana keur batur?”

Kuring ngahuleng.

“Para sohabat téh Cép, kapungkurna seueur anu janten sodagar. Tapi aranjeunna teu kacaturkeun hirup méwah. Malah teu sakedik hartana anu disumbangkeun kanggo perjoangan agama. Cobi ayeuna nagara-nagara di Timur Tengah. Apan sakitu baleungharna. Tapi naha mantuan urang Palestina ogé mani hésé béléké. Kalah hayoh wé ngagugulukeun kaméwahan. Maslahat teu? Numawi, Bapa mah ku sakieu gé tos pirang-pirang alhamdulillah. Punten, sanés Bapa badé ngupahan manéh, mung upami Bapa dikersakeun beunghar, can tangtu matak maslahat, boh keur sorangan boh keur batur.”

Kuring ngahuleng kénéh. Ras ka diri sorangan. Dipikir-pikir bet asa jadi éra sorangan. Heueuh, apan salila nyiar kipayah di Jakarta téh sok rajeun bari mopohokeun kawajiban. Geus karuhan solat anu sapoé lima waktu mah loba diliwat. Puasa anu sataun sakali gé kalah nyémén. Tapi ari kana panghasilan teu weléh asa kurang baé.

Kari-kari ayeuna dikersakeun tepung jeung jalma anu sakitu sukur tumarimana. Enya meureun, watek tina tara sukuran téa nu matak kuring kitu téh.

“Sanés perkara miskin atanapi beungharna, saeutik atanapi lobana, namung kumaha cara urang ngama’naanana. Sabab ti dinya urang bisa manggih anu ngaranna barokah. Teu saeutik jalma miskin langkung ngarasakeun ni’matna dahar najan deungeunna uyah céngék, dibandingkeun jeung jalmi beunghar anu daharna sagala nyampak,” ceuk si Bapa deui.

Kuring unggut-unggutan deui.

Teu karasa ari dibawa ngobrol mah waktu geus nyedek ka magrib. Si Bapa tatan-tatan rék buka. Sanggeus kadéngé hawar-hawar adan magrib, si Bapa tuluy babacaan. Leguk nginum cai. Kuring ogé sarua milu “ngabatalan”. Kitu deui panumpang nu séjén, pada-pada murak bebekelanana.

Bérés ngabatalan, cong manéhna solat magrib dina mobil, bari diuk. Kuring mah ukur kerung baé. Da nyahona ukur samet jama jeung kosor. Haté saeutikna rada ngaheruk ogé. Heueuh, geuning aing tuna kénéh kana agama téh.

Sanggeus salat, giliran wadah sangu anu tuluy dikaluarkeun ku si Bapa téh. Ari jeruk anu tadi dicecepeng tuluy diasongkeun ka kuring.

Mimitina mah ku kuring ditolak. Tuda asa teu wasa. Tapi manéhna maksa.

“Ieu gé da nyandak Pa, tedaeun mah,” omong kuring.

“Teu sawios. Étang-étang tawis wawanohan urang. Sareng mugia tina ieu jeruk nu sahiji téh aya barokah anu kalintang ageungna. Keun, da Bapa gé gaduh kénéh ieu dina kantong,” pokna bari ngodok hiji deui.

Antukna ditampanan. Tuluy dipesék di dinya kénéh. Ari si Bapa mah tuluy baé celebek dahar, sanggeus saméméhna teu poho nawaran heula. Disidik-sidik, enyaan siga nu ponyona téh.

Beus mangprung kénéh di jalan tol. Sanggeus bérés dahar, kerelek manéhna heuay. Kuring gé ujug-ujug ngarasa tunduh.

“Punten ah, dikantun heula. Capé tuda,” ceuk manéhna.

Kuring ukur unggeuk. Kerelek heuay sababaraha kali. Ka dituna mah les baé milu teu inget di bumi alam.

Hudang-hudang di pangkalan Banjar. Kitu gé sanggeusna diguyah-guyah ku kondéktur. Teu sirikna ngarénjag, da geus teu nyampak sasaha. Leuwih reuwas deui kéril anu ti Jakarta kénéh ditatangkeup bet kasampak geus euweuh.

Bari lulungu kuring tunga-tengo kana bahasi di luhur. Euweuh. Ditétéangan di kolong. Euweuh di dieu gé. Tuluy unggal jok dipapayan. Weléh teu kapanggih. Mangkaning di jerona aya tustél dijital anu kantor. Teg baé .… Capa-cipi kana lokét dina saku tukang. Sarua euweuh!

Tungtungna mah gék diuk satengah meubeutkeun manéh. Haté wuwuh bingung campur keuheul. Teu kaharti bet saré nepi ka tibra-tibra teuing. Ras kana jeruk paméré si Aki téa. Boa-boa .… Da sok kabéjakeun apan, anu ngabius maké bungbuahan. Tapi … asa maenya ….

Pok dipapaykeun ka kondéktur. Manéhna ukur gigideug nyebut teu terang. Tuluy ditanya deui.

“Si aki-aki anu anéh téa? Naha da di Cileunyi kénéh gé tos lungsur,” cenah.

“Babawaan teu?”

“Kantenan. Nyandak tas gandong ageung hideung.”

Gusti!

***

Selaawi, Romadon 1433 H.




LUGIENA DE, lahir di Bandung taun 1983. Barcelonista, kiper di cacandran.com. Nulis dina basa Sunda jeung Indonesia. Anu ditulisna samakbruk, ti mimiti carpon, artikel, puisi, nepi ka naskah drama. Kungsi meunang hadiah sastra LBSS taun 2005 jeung taun 2011. Bukuna anu geus medal kumpulan carpon Jeruk (2016) jeung novél Layung Ngempur di Kampus Bungur (2020). Ngajar basa Sunda di SMPN Satu Atap Tamansari, Cibugel, Sumedang. Matuh di Selaawi, Garut, bari ngokolakeun pamedalan Silantang di Bandung. Carpon "Jeruk" saméméhna kungsi dimuat dina Tribun Jabar, bulan Séptémber 2012.

Posting Komentar

0 Komentar