Kampung Lukisan Jelekong

BARANG datang ka gapurana, kasampak puluhan sanggar jeung galéri lukisan ngajajar ngidul, di sapanjang jalan désa nu panjangna 700 m. Rupaning wanda lukisan ngagarantung, teu bosen-bosen nu neuteup. Katangén juru lukisna keur anteng metakeun téhnik lukis, ngarugal-rigel péso palét, ngagurat-gurit koas, mulas warnaning gambar dina kanvas jeung spon. Teu kaliwat dok-dakna nu keur nyarieun pigura jeung ngéntepan lukisan nu siap pikeun dipasarkeun ka luar daérah.

Perenahna mah di Désa Jelekong, Kacamatan Balééndah, Kabupatén Bandung. Ti puseur Kota Bandung mah laju ngidul, kira-kira 17 km, merlukeun waktuk perjalanan 45-60 menit. Désa nu pernahna handapeun suku Gunung Geulis téh, mémang réa poténsi nu jadi andelan. Lian ti kawentar ku padépokan padalangan Giri Harja, karajinan wayang golék, jeung sawatara lingkung seni, Jelekong gé kawentar minangka ‘Kampung Lukisan’ di Jabar nu pangréana masok lukisan ka sawatara daérah.

 

Panaratas

NU naratas ayana lukisan di Jelekong téh nyaéta Alm. Odin Rohidin (72) taun 1965. Odin nu méméhna pamaén drama téh kataji ku latar tukang panggung drama (back ground). Nya terus manéhna ngalalanyahan hayang diajar ngalukis ka Wawan, dahuanana, di Jakarta taun 1964, tur harita milu ngokolakeun komunitas seniman ‘Planét Senén’, Jakarta. Sanggeus diajar ngalukis sataun, terus mulang deui ka lemburna.

Ti harita, Odin suhud ngalukis bari ngajar ngalukis jeung silat ka baraya katut tatanggana. Muridna nu mimiti aya 12 urang. Harita mah téhnik lukisna masih kénéh basajan, ukur ngagunakeun kanvas jeung cét minyak. Kiwari juru lukisna beuki nambahan tur téhnik lukisna beuki ngaronjat. Tina jumlah masarakat Jelekong nu ampir 5.000 jiwa téh, 35% di antarana tukang ngalukis. Ti mimiti umur 10-55 taun masih kénéh produktif ngalukis. Kapan pelukis kawentar, Rendra Gunawan, ngalalanyahan ngalukisna téh di Jelekong. Malah nepi ka kiwari, aya hiji-dua lukisan Rendra nu disimpen di sawatara juru lukis.

Sedeng Odin sorangan—basa tepung sataun katukang—harita geus arang langka ngalukisna, lantaran mindeng pisan tiktikbrek. Angot harita mah ripuh pisan, lian ti kasawatna nu beuki parna, katambah ku faktor umur. Basa pareng ditepungan di imahna gé, keur pada ngariung-riung ku kulawargana. Ngabayakyak dina korsi jeung reregéh ambekan nu beuki beurat. Nu antukna, nilar dunya bulan Nopémber 2012. Pileuleuyan Pa Odin. Karya nu kungsi diguratkeun dina mangpirang kanvas, bakal terus ngagurit dina batin balarea, utamana generasi ngora nu nuturkeun tapak lacak.

“Ayeuna mah ngalukis téh bagian nu ngarora. Kolot mah saukur méré sumanget. Ari pareng ngalukis téh lamun aya pésenan wé. Kitu gé tara kuat lila, da puguh panempo téh geus lamur jeung kondisi awak geus teu kuat,” ceuk jinisna harita.

Juru lukis, rata-rata saurangna téh bisa ngahasilkeun 10-20 lukisan sapoé. Ari wangun gambarna mah da puguh geus kacangkem pisan, iwal ti gambar pésenan jeung kréasi anyar ti pelukisna nu merlukeun waktu lila téh.

Nu jadi ciri has lukisan Jelekong téh nyaéta gaya naturalis hususna pamandangan alam. Mimiti taun 80-an, kakara lukisanna téh loba paréasina. Antarana gambar kahirupan sosial, sasatoan, tutuwuhan, kaligrafi, abstak, jrrd. Tapi ari lukisan pamandangan mah geus jadi jejer nu wajib pikeun unggal pelukis nepi ka kiwari. Téhnik lukisna gé deuih terus mekar, ti mimiti téhnik nu basajan téa, sapuan koas, cokcrok, péso palét, nepi ka spon.

Kiwari, kamekaran kuantitas jeung kualitas lukisan Jelekong beuki ngaronjat. Kamampuh ngalukisna éstu lain wedel ku hasil atikan formal, tapi diwangun ku lingkungan sosialna, tumuwuh jadi juru lukis natural, tur jadi jalan hirup pakasabanna. Juru lukisna terus nambahan, lain baé masarakat pituin, dalah nu ti luar daérah gé loba nu ngahaja hayang dialajar.

Éksisténsi seni lukis mangaruhan pisan kana rupaning widang, utamana kana warna wangunan imah jeung karajinan wayang golék. Bisa katangén dina wangunan imah—najan imahna basajan tur masih panggung—nu réréana maké rupaning warna cerah, sarta dina dingdingna sok maké ornamén lukisan. Kitu deui dina wayang golék, lian ti wanda ukiran tur keureut beungeut nu béda, téhnik katut pilihan warna cétna gé katangén hasil transformasi lukisan. Ku kituna, ukiran wayang (Giri Harja) Jelekong, jadi kiblat kahiji parajuru ukir di Jabar, sanggeus ukiran wayang Cibiru.

 

Kaayaan Kiwari

KAITUNG murah harga lukisan Jelekong mah, taya harga lukisan nu nepi ka wewelasan juta. Paling mahal gé antara 1-6 juta. Harga lukisanna gumantung kana gedéna ukuran, bahan, téhnik, jeung kualitas lukisanna. Biasana nu mahal téh nu maké téhnik péso palét (lukisan timbul). Éta wé aya lakaran lukisan ukuran 130 x 70 cm hargana Rp.35.000, pédah maké téhnik spon. Ari lukisan ukuran 40 x 60 cm jeung maké téhnik péso palét, hargana bisa nepi ka sajuta. Sedeng harga lukisan bahan kanvas tur ngagunakeun téhnik sapuan koas, ti mimiti harga 100 rebu nepi ka 5 juta.

Lukisanna lain baé dipasarkeun di jero nagri (Jawa, Bali, Sumatera, Kalimantan, jeung Sulawesi), tapi réréana mah ka luar nagri (Malaysia, Bruéi, Singapura, Cina, India, jeung Arab Saudi). Sedeng lukisan nu dipasarkeun di Jabar, bisa kapanggih di Jl. Braga, Bogor, Cianjur, jeung sawatara urang nu ngajualan lukisan ti imah ka imah di Kota jeung Kab. Bandung. Teu saeutik deuih pelukis Jelekong nu kungsi ngiluan paméran di Messa, Berlin, Jerman Barat, Belanda, Dubai, jeung sawatara nagri di Timur Tengah. Malah pelukis Jelekong nu jaradi TKI di Arab mah ngahaja di dituna téh dijadikeun ‘Pelukis Rumahan’.

Tapi kiwari kahirupan pelukis Jelekong teu saéndah lukisanna. Kaayaan ékonomi nu matak prihatin, nérékélna harga alat jeung bahan lukisan, saingan ti sawatara séntra lukisan, pola promosi jeung publikasi nu pasif, tur kurangna bantuan ti pamaréntah, ngalantarankeun pelukis Jelekong réa nu ganti kasab. Salila ieu masarkeunna ukur ngandelkeun usaha séwang-séwangan, ngaliwatan tangkulak, paméran seni, jeung wisatawan nu ngahaja datang ka dinya, bari waktuna teu bisa ditangtukeun.


Nurutkeun Iman (30), salahsahiji juru lukis, nyebutkeun yén pamasaran lukisan di Jelekong réréana séwang-séwangan. Tacan aya beungkeutan, boh ngaliwatan komunitas boh ngadegna koperasi, nu nampung lukisan pikeun dipasarkeun leuwih lega. Padahal, lukisan jelekong kiwari geus kawentar ka mamana.

“Kahoyong, ka payunna mah aya beungkeutan nu tiasa dianggo wadah seniman lukisan Jelekong nu tiasa dianggo pamuntangan. Utamina mah kanggo masarkeun lukisan. Sim kuring gé tos ngalalanyahan nampung lukisan, teras dikirim ka Bali. Tapi hasilna teu nyugemakeun ari ku sosorangan mah. Pangpangna kanggo ngaronjatkeun panghasilan pelukis. Hawatos salami ieu ari lukisanna saé, tapi teu tiasa masarkeun.” Ceuk Iman bangun ngahelas.

Tangtuna, perlu aya tarékah pikeun ngungkulanana. Rencana pamaréntah nu rék ngajadikeun Jelekong jadi ‘Kampung Wisata jeung Budaya’, weléh taya juntrungna. Saupama dikokolakeun kalawan hadé, tanwandé ieu poténsi unggulan téh bakal jadi salasahiji andelan Jabar. Kiwari parapelukis Jelekong kari nganti-nganti dawuh, naha bakal lana manjang ngalukis atawa nungtutan ngagulung kanvasna séwang-séwang, pindah kasab ka nu leuwih pikahartieun. (Ari Andriansyah.) 

***


Posting Komentar

0 Komentar