"Mother's Goodnight Kiss" (1988) kénging Mary Cassatt.
MÉMÉH ANJOG KA SARAKAN
wates dayeuh pamidangan
nepungkeun deui kakangen pamayang
naléngténg heurap kurang kerep
satutas ngambah sagara suwung
kiwari kakuping deui
sora indung gegeroan:
“ujang geura mulang!
sandékala geus némbongan!”
hawar-hawar barudak parupujian
saruka bungah mapag isarah
langit diharudum alum
di dieu adan béda langgam
anjog di pipir langgar
parahu kuring labuh jangkar
babantar sukma bet kalah caah
rongkah.
2009
GENDING DAMI: INTRO
"Mi Mi Ti Na
Ti Na
Da Mi."
Ceuk bonang ngiberan pangkat geusan mangkat
ka unggal saron nu naringnang patembalan sada Da Mi Da Mi
tepak kendang mimiti nalaktak nyiar igel nu minculak
tepak ieu dupak éta asal pangger dina wirahma
késétan rebab haroshos béakeun hegak
satutas ngalalana tina panggung kana panggung
dina aweuhan ketug kempul nu ngawahan
lolongkrang pitungtungeun pirigan
Da Mi Da Mi
sésa gending ngalonan lapat-lapat
nganti dawuh goong maratkeun rahuh
2009
KERETAS
pilakadar nilepan keretas jadi parahu
masrahkeun angkleungna kana kamalir cai
kana usum nu dideres cacarakan
kana sawal nu mulangkeun ka sarakan
pilakadar nilepan keretas jadi kapal
masrahkeun apungna kana getas jangjang
kana hiuk angin nu haroshos
kana palintangan pamayang
pilakadar nilepan keretas jadi lain nanaon
ngalakaykeun pirang-pirang kotrétan lawas
2012
KATINEUNG
atawa urang teundeun
panglawungan urang kana paroman hujan poyan
nu baseuh, haneut, tur caang
laju kuwung-kuwung ngalingkung
mukakeun jalan
panglawungan urang kana paroman hujan poyan
nu baseuh, haneut, tur caang
laju kuwung-kuwung ngalingkung
mukakeun jalan
atawa urang pasrahkeun
gurat leungeun urang kana guguritan
nu dianggit ti bentik langit
sapadalisan-sapadalisan pangumbaraan
atawa urang hatamkeun
tadarus tineung ka pipir gawir panungtungan
matak lewang titingalan
kamelang kumelendang dina haté nu gudawang
kainggis pras-pris jeroning jamparing girimis
2012
BALABUH
panjang sagara lir benang hideung nu dipantengkeun
bulan ririyegan diwelah rayung-rayung pangpung
ngigelan riak-riak cai nu halimpu
ti jauhna, pangjugjugan mirupa guha
dirungkup mangréwu cicika
paeunteung-eunteung jeung sakeprul béntang na langit peteng
manéhna laju ngélébétkeun layar bodas mangsa lawas
nulad lambak nu ngadadak motah
ngajugjug hiji basisir pigeusaneun sadrah
2012
ADITIA GUNAWAN lahir di Cianjur taun 1983. Leuwih dipikawanoh minangka filolog jeung kurator naskah Sunda di Perpustakaan Nasional RI. Sawatara karanganana dimuat dina majalah Cupumanik, Manglé, jeung Tribun Jabar. Sakapeung dina tulisan fiksina sok maké sandiasma Ananta G. Karangan éséyna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Sajak "Keur Indung" jeung sajak-sajak séjénna saméméhna kungsi dimuat dina majalah Manglé No. 2370.
0 Komentar