Layung Surup di Cisandaan - Sajak-Sajak Darpan

 "Colorado Dusk" (1858 - 1942) kénging Charles Partridge Adams.


LAYUNG SURUP DI CISANDAAN
 
Manéhna sok ngahajakeun datang ka dinya
Nyawang layung nu warnana tetep nu éta
Teu ngijih teu halodo konéngna matak kabita
 
Manéhna teu bosen imut salila layung mulas langit
Siga milu bungah nganteurkeun panonpoé nu rék tibra
Padahal haténa kawas walungan Cikandang
Teu weléh bangreung
 
Waktu layung leungit di Cikandang
Diseuseup hawa burit nu alum
Dipiceun deui hawa dibarung geter
 
Tuluy manéhna lunta
Jajap cintana nu weléh teu daék ngarti
Mun layung geus diiwat ku sakadang peuting

2006




 
 
PUCUK KASTUBA
 
Manggih deui pucuk kastuba
Di pipir jalan nanjak ka gunung
Bet hayang lila melong
 
Mangpuluh boa ngaratus
Pucuk kastuba kalarung
Sapanjang jalan muru ka Bandung
 
Manggih deui pucuk kastuba
Di pipir jalan nanjak ka gunung
Beureum haté kuring nu suwung
Digelikan kangen gandrung

2006
 




 
KAMAR PARAWAN
 
Nyorangan di kamar parawan
Bet siga di leuweung nu hieum
Tina pongpok anginna ngadingdiut tarawangsa
Nyulusup kana pori-pori jempling
Ngoncrang na batin nu haroong
Ngahualkeun ingetan nu kanenebkeun
 
Brul kekembangan laligar tina areuyna
Ngagarapuy tina lalangit nu langab
Ngarambat kana bantal jeung kasurna
Kembang ngamangandeuh kana kalbu
Nyedot acining lelembutan
 
Di kamar parawan hayang ngotrétkeun puisi
Bari ngadaweung hareupeun potrét nu imut
Yén aya lalaki nu teu bina bajo ti sagara
Di jero kamar jadi kuya teu daya upaya
 
Di kamar parawan aya kuburan
Dina tutunggulna kauni ngaran lalaki
Paéh bareng jeung cintana nu sepi
Sukmana tuluy marakayangan
Ngageugeuh lipstik beureum ati
Nu muka tutupna di pangradinan

2006

 
 



HALIMUN CISANDAAN
 
Di dinya, teuing kumaha lalakon baheula
Mun halimun ngeput sabungking mata
Di pasir nyempring Cisandaan
Naha kungsi aya raja ngarasula
Atawa putri jin mikangen ceungceumanana
 
Unggal ngaliwat ka dieu unggal inget ka imah
Nu parimpen nyelapkeun surat teu alamatan
Nu ngahalimunkeun unggal-unggal kekecapan
 
Bet hayang deui nulis surat ka nu jauh
Mungpung halimun bet siga nu mikadeudeuh
Hayang ngabolékérkeun unggal rusiah
Dina kekecapan nu baléngras
 
Sina koredas ngajanggélékkeun enas-enas
Naha kungsi aya raja ngarasula
Atawa putri jin mikangen ceungceumanana
Tangtu baé manéhna teu maké nulis surat cinta
Nu maké kecap I love you so much, dinda!

2006

 



 
DUA LAUT
 
Laut nu éta sok dianjangan
Bari mekel réwu-réwu panineungan
Ombakna nu ayem jeung gerecek
Sok nyelap dina haté nu mindeng caméwék
 
Laut nu ieu lila dipisono
Kangen ningali biruna nu lemes dina péta
Ari gok kudu mendeko sabab manéhna ngajak ngabako
Madungdengkeun kahirupan nu mangalam-alam
Taya robahna
 
Ka duanana kuring mihapékeun cinta
Jeung nitipkeun takdir ti Pangéran
Sangkan ulah disaha-saha

2007








DARPAN, lahir di Karawang taun 1970. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah IKIP Bandung (UPI ayeuna). Sababaraha kali dilélér hadiah sastra LBSS jeung D.K. Ardiwinata. Taun 1999 dilélér hadiah sastra Rancagé pikeun kumpulan carpon Nu Harayang Dihargaan. Buku kumpulan carpon séjénna nyaéta Rusiah Kaopat Welas (taun 2008). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Garut. Ayeuna kaselir jadi ketua Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS). Sajak "Layung Surup di Cisandaan" jeung sajak-sajak séjénna saméméhna kungsi dimuat dina majalah Cupumanik, No. 47, bulan Juni taun 2007.

Posting Komentar

0 Komentar