Mimbar - Sajak-Sajak Imas Rohilah

 

"Madamoiselle, Le Baiser" (2017) kénging Danor Shtruzman. 


MIMBAR

Nyai Inji nyieun mimbar ku sorangan
Sotéh nyieunna
Rarangkayna mah ti ditu
Meunang tapa di alak paul

Nyai Inji lamokot diangir brandy
Nangtung na mimbar
Susumbar
Bari némbong-némbong bujal

Kadé poho batur
Tinggal itungan detik
Valentine day batur!
Valentine day!

Find your love!
Montong cicingeun parawan
Buruan tembak gue téa geuning
Soulmate téa geuning
Soulmate!
Nge-date ulah kaliwat
First kiss téa kadé poho
Mun poho sangsara saumur-umur!

Nyai Inji kokoprot diangir whisky
Nangtung na mimbar
Ngigel-ngigel tarangbaga

Kadé poho batur
Tinggal itungan detik
Valentine day batur
Valentine day!

Coitus interruptus batur!
Ambéh teu reuneuh
Alaah petting-petting baé mah!
Sabaraha sih kondom jeung pél?
Meulina bisa nitahan!
Mun kapoosan kawin sakalian!

Tebéh tengah bulan hareup
Rada deukeut kana mimbar
Aya mojang cumiduh
Umohék bari tumanya
Mun jaluna mugen?
Mun jaluna kabur?
Mun teu nyaho teuing nu mana jaluna?
Mun embung kawin?

Na euweuh dokter di dieu?
Nyai Inji nénjrag mimbar
Mun teu kitu,
Single parent!
Single parent!
Maenya jeung leuleuweungan
Pan ciri kamodérenan

Beulah tukang Ambu Acah
Euleugeug leungeunna acung-acungan
Ari kaparawanan Nyai Inji?

Éta mah dongéng Nini Antéh, Ambu!
Tuh di bulan jeung ucingna
Nyuksruk tukangeun méga
Tong loba tatanya!

Mimbar Inji mingkin rayap
Mégapon patinggerewong
Aya budak keur diajar kakalian
Nyai Inji kali Nyai Inji
Sami sareng kali Nyai Inji
Kali Nyai Inji deui

Nyai lnji nguadrat saurat jagat
Akarna nerekab ka saban madhab
Walah siah! Boa téréh kiamat!

Cbt. 05
 





AYA INDRA KELAS DUA

“Sétan téh arwah Walanda?”
Tanya Indra kelas dua
Panon ngénclong biwir monyong

“Sanes kasép, éta mah ukur pintonan.”
Panon ngiceup, bulu mata jegjreg ipis
Ngan biwirna angger monyong
“Dina tipi seueur arwah, Bu!”

“Enya kasép, arwah teu dirampéan
Jauh tina solawatan
Ijigimbrang ririwaan.”

Itu geuning dina tipi
Ibu guru hohoak halisna ngapeda depa
Biwir lébér
Kekecapan tingselebrut

Itu geuning dina tipi
Budak sakola saragamna arucutan
Buukna pasulabrengan
Pakaléng-kaléng panangan
Pagéndéng-géndéng na cangkéng
Guruna tibang mandéléng
 
Itu geuning dina tipi
Loba jurig nyiliwuri
Nu Indra sok tuturuti
Sanajan teu pati ngarti
Aya Indra kelas dua
Biwir euceuy huntu beurit
Jumetrék pulpénna héjo

Cbt. 05





 
AÉH

Tadi kuduna mah nyaan
Bieu gé teu nanaon kétang
Batan henteu sapisan

Engké soré wayahna
Nyimpang heula ka dinya
Leuh... heug can dikukumaha

Baé atuh
Isukan gé sugan salsé
Na kira aya lolongkrang?
Sereg-sereg baé mah sugan

Aéh... kapan keur salat!

Cbt. 04
 





ANDIKA

Goréhél andika
Ngalayung tungtung jantung
Ngutek-ngutek tungtung baju
Ku jempol jeung dua ramo

Goréhél andika
Na lamunan humayua
Nyungsi jempé
Ngiciprit na batin simpé

Goréhél andika
Na impian boa riwan
Maling teuteup jeung lelebna
Ngiwat jantung jeung gederna

Kuma mun montong nyingkir
Kuma mun cadu mungkir
Haté saha nu nambaga
Lamun lain haté urang
Bet batur montong tatanya
Batur batur, urang urang

Ieu euceuy ati kuring
Cikan euceuy nu andika
Tuh talaga
Caina canémbrang hérang
Tuh sidik
Nu ngangkleung urang duaan

Cbt. 03



IMAS ROHILAH, lahir di Cianjur taun 1971. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah IKIP Bandung (UPI ayeuna). Carpon, sajak, jeung éséyna dimuat dina Manglé, Galura, Cupumanik, jeung sajabana. Bukuna anu geus medal nyaéta kumpulan carpon Bulan Sésa (taun 2020). Kiwari matuh di Cianjur, jadi guru basa Sunda di SMPN 1 Warungkondang, sarta mupuhuan MGMP Basa Sunda SMP Kab. Cianjur. Sajak "Mimbar" jeung sajak-sajak saméméhna kungsi kungsi dimuat dina majalah Cupumanik, No. 21 Taun 2005.

Posting Komentar

0 Komentar