Mojang dina Karéta Api - Lugiena De

 

"Demon Stalking Blue Girl" kénging Rui Barros.

TEPUNG jeung manéhna dina karéta api Jakarta-Yogya. Diuk sakorsi pagigir-gigir. Manéhna diuk dina korsi deukeut jandéla. Ari kuring di katuhueunana.

Aya ku hadé milik, gerentes téh. Ku saliwatan gé katara rupana geulis. Awakna lenjang. Pakulitan bodas. Ari buuk lempeng, ngarumbay panjang. Atuh teu wudu bungangang. Basa kuring gék diuk, sirah hideng sorangan manggut bari imut. Manéhna gé males imut. Tapi tuluy miceun deui paneuteupna ka luar, kana jandéla anu baseuh ku cihujan. Sakedapan tingharuleng.

Diuk téh dina gerbong kelas bisnis, anu korsina ukur dua-dua sajajaranana. Basa diitung, anu diuk di dinya téh teu leuwih ti tujuh urang. Nu séjén mah ancal-ancalan, pajarauh. Ukur kuring jeung manéhna anu diuk ngaréndéng téh. Tapi ngaréndéng ku ngaréndéngna. Ari létah mah seuseut engabna. Asa hayang ngajak cacarita. Tapi kudu nanya naon?

Manéhna tuluy ngodok hapé. Nelepon ku basa Jawa. Réngsé nelepon laju neuteup deui ka luar. Tina paromanna anu semu ceuleuyeu, katara manéhna keur meujeuhna capé. Ras inget. Enya, ayeuna téh poé Juma’ah. Meureun karék budalan gawé. Tuluy balik ka lemburna. Di mana? Duka téh teuing.

Nu matak asa hayang naléngténg kieu, “Mau ke mana?”

Tapi, ah, asana téh képo pisan pertanyaan kitu mah. Geus bari ongkoh.

Atawa kudu nanya kieu meureun, “Siapa namanya, ya?”

Sarua éta gé. Pantesna anu nanya kitu mah tukang sénsus.

“Sudah punya pacar belum? Boléh nggak saya kenalan?”

Komo éta, geuleuh. Kaciri pisan bogohna téh.

Atawa mémang kudu jujur baé sakalian kitu, bari rada kurang ajar saeutik?

“Tau nggak, kamu terlihat sangat cantik. Takdir Tuhanlah yang mempertemukan kita hari ini. Jadi, boléhkah saya berkenalan?”

Anjir, bubuka carita nanahaon éta?! Murel nu aya. Moal boa ditanya kitu mah manéhna kalah muka sapatu, tuluy dibabétkeun kana tarang. (Tangtuna gé kana tarang kuring, lain tarang manéhna sorangan.)

Nepi ka geleserna karéta maju, baham mah angger ngonci. Teu sakecap-kecap acan anu kaluar. Kalah panon wé haben maling-maling teuteup ka manéhna.

Ras inget ka Si Kondi, babaturan gawé. “Silaing mah lancar nanya téh lamun ngawawancara. Urusan pédékaté ka awéwé mah, ampun, taluk mapatahanana,” cenah basa keur ngopi di kantor.

Ras deui kana hiji artikel populér anu kungsi kabaca. Urusan jodo mah cenah sakapeung matak ahéng. Aya salaki pamajikan anu tepungna teu kahaja lantaran silih sénggol. Malah aya ogé anu cukangna alatan paséa dina médsos. Cindekna, tina kamungkinan anu kacida leutikna. Tapi aya ogé anu unggal poé babarengan, bari duanana geus pada-pada boga rasa, teu kaparengkeun rumah tangga. Da itu ieu teu wani kedal tiheula, najan kasempetan sakitu legana.

Lamun téa mah kuring bisa wawuh jeung anu keur diuk gigireun, bari manjang bisa bobogohan, tangtu baé kuring bisa nepak dada hareupeun Si Kondi. Tuh, aing gé bisa boga kabogoh ukur ladang tepung dina karéta. Kitu meureun pipokkeun téh. Tapi, kudu kumaha pokna ka ieu si geulis téh? Bingung.

Sanggeus rada lila neuteup ka luar, manéhna ngaluarkeun buku. Dirérét téh buku kumpulan cerpén beunangna Seno Gumira Ajidarma, Sepotong Senja untuk Pacarku. Lakadalah! Geuning sakaresep. Asa dijalanan. Kuring gé tuluy nurutan ngaluarkeun buku tina tas, Love in the Time of Cholera-na Gabriel Garcia Marquez. Sugan wé manéhna panasaran, tuluy nanya tiheula.

Basa paadu teuteup, nyéh kuring imut. Manéhna gé males imut. Tapi sirahna tuluy tungkul kana buku. Bororaah nanya. Teu ngalieuk-lieuk acan. Anteng baé. Kuring gé antukna milu tungkul, najan panon mah angger kalah maling-maling teuteup. Teu hayang maca, da poé kamari gé geus tamat. Haté tuluy haben mikiran ungkara pananya.

“Bukunya bagus. Suka Seno ya?”

Enya, bisa kitu nanya téh. Tapi asa togmol teuing, kétang. Lain kitu pertanyan kahiji mah. Kudu malapah gedang heula.

Kumaha lamun kieu, “Suka yah sama cerpén Sepotong Senja untuk Pacarku? Kamu pernah baca Marquez?”

Pasti lamun dibéjaan yén Marquez téh novélis kasohor, manéhna bakal panasaran. Tapi, asa sarua éta gé togmol kénéh. Leng ngahuleng deui.

Berekah, nepi ka manéhna nutupkeun bukuna, teu sakecap-kecap acan anu kaluar tina biwir mah. Manéhna heuay, tunduheun. Tuluy nyokot masker paranti nutupan panon. Rap dipaké. Dayagdag nyempod ka juru. Reup saré. Kari kuring nyileuk sorangan.

Mun Si Kondi apaleun geus pasti kana ngékéakna, nyebut hayam kabiri. Enya atuh, naha aing téh bet teu wani nanya-nanya acan. Padahal mah nanya wé heula. Dijudesan atawa disoméahan urusan nomer dua. Ayeuna mah elat, da manéhna geus tibra. Maenya wé kudu dihudangkeun heula mah.

Antukna kalah ngalamun, bari rét deui-rét deui ka nu keur saré gigireun. Sakapeung leungeun pangangguran mulak-malik kaca buku.

Tug ka sababaraha kali karéta perewis, manéhna teu hudang-hudang. Biasana mun perewis téh kuring sok turun heula, ngadon udud. Tapi henteu harita mah. Asa lebar rék ingkah ninggalkeun nu geulis téh.

Tapi lila-lila mah asa kaluman. Jaba beuteung lapar. Antukna mesen sangu goréng jeung citéh sagelas. Basa alas geus aya hareupeun, kuring ngalieuk deui ka manéhna. Timbul pikiran atah adol. Asa hayang ngaheureuyan. Luak-lieuk sakeudeung. Aman. Batur gé gemprah salaré.

Saméméh am dahar, pok nawaran heula ka manéhna, “Tuang, Néng!”

Belenyéh kuring seuri. Teu burung bisa pok ogé geuningan.

“Hanjakal pisan, Enéng mah kalah kulem. Padahal lamun gugah mah pasti ku abdi ditraktir tuang,” kuring pok deui satengah ngagerendeng bari ngahuap.

Kumaha siah lamun kadéngéeun?

Moal, da keur saré. Barina gé moal ieuh ngartieun basa Sunda. Lamun manéhna kagareuwahkeun, rék api-api euweuh nanaon baé.

“Enéng téh geulis. Abdi bogoh. Hanjakal abdi isin naros tipayun. Padahal mah saleresna urang tiasa ngobrol perkawis sastra. Kantos maos novél Marquez? Saé téh! Upami hoyong tiasa ditambutkeun engké.”

Manéhna angger teu robah posisi. Tibra nyangkéré kana korsi. Ukur usak-usik kukulisikan, bari saterusna nutupan beungeutna ku switer.

“Enéng téh panginten Fermina Daza téa. Ari abdi Florentino Ariza. Urang duaan silih pikacinta basa nerekab wabah koléra.”

Mireungeuh manéhna angger tibra, kuring gé beuki jongjon ngocomang sorangan. Sakapeung bari pepeta. Meunang sawatara lila kikituanan téh. Kuring nyarita. Manéhna tibra.

Basa rék anjog ka Stasion Lempuyangan, si geulis téh lalaunan hudang. Koréjat. Karacam-keureuceum. Kuring rep baé répéh. Manéhna seuri. Kaciri geulisna najan hudang saré ogé. Biwirna anu ipis katémbong beuki manis. Kuring gé milu seuri. Tapi henteu, teu tuluy nanya. Anggur ngabetem kawas mimiti.

Sanggeus ngarapihkeun buukna, manéhna ngaluarkeun kertas jeung pulpén tina jero tas. Gutrut nulis. Duka nulis nanahaon, teu katingali. Basa keur nulis, pluk tutup pulpénna murag.

“Tolong,” cenah.

Atuh giak kuring nagog, tenga-tengo ka kolong. Sanggeus kapanggih tuluy diasongkeun. Manéhna manggut, nganuhunkeun.

Geuwat nanya!

Nanya naon, deuleu?

Leng ngahuleng bari ngumpulkeun wawanén. Tapi berekah, nepi ka reg eureunna karéta, teu bisa pok nanaon. Éléh ku manéhna, anu najan sakecap wani nyebut “tolong”.

Emh, enya aing téh hayam kabiri!

Rék diihlaskeun kitu waé?

Kumaha deui. Da rék nanya gé teu jadi deui, teu jadi deui.

Sanggeus jrat-jrut talurun, laju kaluar ti stasion, manéhna tuluy ngungkug ka wétankeun. Sakedapan ukur dipelong dipileuleuyankeun, nepi ka ngilesna diteureuy peuting. Geus kitu mah kuring gék baé di warung kopi. Kelepus udud, bari ngahuleng ngararasakeun kahandeueul.

Basa rék ngasupkeun buku kana tas, kaciri aya kertas nolol. Panasaran. Dicokot. Bréh, gebeg!

Sapanjang jalan gé abdi mah teu kiat hoyong gumujeng ku kalakuan Akang. Lucu ih! Hé hé héh. Tapi teu wantun ngahoyahkeun, da bilih Akang lingsem. Mangga, ké abdi badé nambut novél téa. Kaleresan teu acan kantos maca. Abdi linggih di Bandung. Ieu nomer kontak abdi, 0812204453XX. Dua angka panungtung mangga teguh ku nyalira.

Pluk! Teu karasa udud murag tina biwir.

***

Cibiru, 20/3/19.




LUGIENA DE, lahir di Bandung taun 1983. Barcelonista, kiper di cacandran.com. Nulis dina basa Sunda jeung Indonesia. Anu ditulisna samakbruk, ti mimiti carpon, artikel, puisi, nepi ka naskah drama. Kungsi meunang hadiah sastra LBSS taun 2005 jeung taun 2011. Bukuna anu geus medal kumpulan carpon Jeruk (2016) jeung novél Layung Ngempur di Kampus Bungur (2020). Ngajar basa Sunda di SMPN Satu Atap Tamansari, Cibugel, Sumedang. Matuh di Selaawi, Garut, bari ngokolakeun pamedalan Silantang di Bandung. Carpon "Mojang dina Karéta Api" saméméhna kungsi dimuat dina Tribun Jabar, bulan April taun 2019.

Posting Komentar

0 Komentar