Monolog Simpé - Sajak-Sajak Arom Hidayat

"Banquet in Silence" (1935-1936) kĂ©nging Marsden Hartley.




MONOLOG SIMPÉ

Mun enya teu meunang nanya
Heug. Tapi mihapé ieu simpé
Tong ditincak. Sabab kileura
Hirup-hurip najan teu dipiara

Mun enya teu meunang ngajawab
Heug. Tapi mihapé éta simpé
Tong diguyahkeun. Sabab tina rindat soca
Rajeun ngolébat balébat

2014





LOLONGKRANG

Nyérangkeun haseup nu naleukeum
Dina tonggong hateup
Kalah peurih tinggulawing, eunteup
Dina biwir panon

Peureumkeun cenah; tong dipareuman
Sugan teu deui némbongan

Tapi, naha enya? Geugeut téh
Semet keur deukeut saméméh
Urang sumerah nyebut cikénéh
Ka anu puguh geus jauh

Ninggalkeun jeung ditinggalkeun
Teuteup jeung kiceup

2014
 



 
MILANGKALA

Naon? Nu anca dibaca ku teuteup jeung pelong panon
Mun haliwu angin, bangun laun ngaléongkeun
Tungtung cahaya lilin: Kalangkang nu teu kadongkang
Lémbéréh raga atawa rasa nu rakacak ku tapak jeung tapak
Heulang. Nu eunteup jeung nu hiber, ah! Mun tĂ©a mah enya
Miang téh sakalian mulang, naon hartina tumanya
Geus nepi jeung baris bras ka mana deui ieu léngkah

2014

 


 
LAGU PATURAY

Sakapeung bangun nu heumpeung
Boa suling nu keur nineung
Bongan nyorangan nambul hariring

Manahoréng ari jentréng
Bet nongtoréng
Saméméh bret kawat kacapi pegat

2014

 


 
MONOLOG PANON

Cinaon ari cipanon
Jeung uyah bédana naon
Peurih nya keur sedih

Peurah nya keur bungah
Keur naon ari cipanon
Mun lain keur guyang batin

2014




AROM HIDAYAT, lahir di Bandung Barat taun 1981. Nulis sajak, dimuat dina majalah Cupumanik, ManglĂ©, Kabar Priangan, tabloid Galura, majalah Semboyan, jeung Galamedia. Sajakna kungsi dilĂ©lĂ©r hadiah sastra LBSS. Buku kumpulan sajakna nyaĂ©ta Hariweusweus Leuweung Pineus (taun 2013). Sajak "Monolog SimpĂ©" jeung sajak-sajak sĂ©jĂ©nna samĂ©mĂ©hna kungsi dimuat dina majalah Cupumanik.


Posting Komentar

0 Komentar