"Self Portrait" (1898-1933) kénging Vilho Lampi. |
; waruga kayas
Naha salah mun panineungan tigin nganteng ka anjeun?
Mun harepan masih ngagurat jeroeun kalbu?
Sanajan mangréwu kapinis sayaga nadah hujan badag
Sarta katumbiri salawasna mucunghul di tutugan gunung
Naha salah mun wirahma deudeuh masih ngagalindeng?
Mun ulat kanyaah tembres tujulna ka anjeun?
Pias matapoé kasawur hujan. Saciwit kapeurih nurih batin
Basa caah cimata ngamuara di wahangan asih nu ngolétrak
Naha salah mun potret asih ngawujud diri ngawujud salira?
Mun cungkedang matapoé ngaguligahkeun rasa kahéman nu beuki kandel
Sanajan katiga ngawasa dina batin poé, lemah haté ngahgar
Sarta cikahuripan medal tina sela cadas
Naha salah mun panempo masih ngajajantung di anjeun?
Mun ambekan salawasna tuturubun napak tilas cahya
Nu sumirat medar kasimpé angin
Cita-cita jeung kahayang saukur kembeng mata nu teu waé bedah
2006
BULAN NU ANGGER BALAYAR
Masih tangéh lalampahan nu kudu disorang
Mangtaun kaliwat tapi teu kungsi aya niat medal sila
Naha anjeun matapoé atawa kuring bulan?
Nu salawasna sumput salindung satukangeun géhéngna peuting
Unggal lalangsé dipaké pangancikan nyamuni diri
Urang katalimbeng dina ulekan rasa nu béda
Héjo tatangkalan jeung silo matapoé. Séjén warna séjén ma’na
Meureun anjeun matapoé nu sumorot kana batin
Ajrih diri mireungeuh kanyaah tur katiginna
Masih tangéh jugjugan nu kudu disaba
Tacan cunduk waktu keur patepung jeung matapoé
Tacan tutug harepan miharep silo sorotna
Tacan reuntas kapangger keur mihémankeun kanyaah
Tacan kalebuh pati dina misono pamorna
Bulan angger balayar ngambah jomantara nu mongkléng
Pikeun hiji udagan nu teu baé anjog
2006
BRAGA, DINA PANINEUNGAN
Dén, basa matapoé soré manceran di Braga
Kuli tinta ngudag urang méré waktu keur wawancara
Meureun nyakompétdaunkeun urang jeung sélébritis
Nu kahirupanana euyeub ku malawading jeung ahéng
Kawas dongéng atawa fiksi tina carita fiksi; kawasna
Teu jauh ti kitu asumsi manéhna ka urang harita
Wanoja jeung jajaka nu leubeut ku kasuka kabungah
Rupa nu sarimbag méga, mata nyacas sumorot béntang
Teu jadi ukuran keur nyieun hiji kacindekan palsu
Dén, matapoé téh ngalangkang satukangeun urang
Sapanjang étalaseu Braga lain saukur gurat hirup jeung ajén diri
Nu katitén. Tapi kalangkang nu méré harepan panjang
Ngeunaan rohakana jalan nu ngebat tur arula-arileu
Sorangeun urang. Teu perlu sohor; ceuk anjeun
Tafakur dina kasadrahan leuwih mutiara
Batan jadi gula nu salawasna dirubung kararanggé
Leyur lantaran jati diri nu ngagalura korédas ma’na
Peueutna teu patri kaburu kaseuseup srangéngé nu amarah
2006
EXCUSE
I
Basa diri nyungsi jirim matapoé ka pucuk bumi
Sarta yakin talaga kaasih di mana ngancikna; Anjeun
Tuturubun ngudar sampur labas ngajomantara
Sakapeung nutug nyingkahan haliwawar jeung méga bodas
Nyingkahan kembang nu mimiti sirungan
Nyingkahan régang nu rék ngarandakah
; nyingkahan sagala nu ngaraketkeun urang.
II
Jiga kembang lianna, diri gé bisa seungit bisa layu
Basa tonggérét ngahiras matapoé kalem di kulon
Sarta poé saukur ruruntuk nu taya ma’naan
Ti jauhna katumbiri ukur kelemeng nu teu warnaan
Teu témbong lebah-lebahna tutugan pohaci
Teu témbong jalan ngebat ka kahiyangan
; teu témbong sagala nu bisa ngamalirkeun urang ka muara tujuan.
III
Waktu mangréwu alesan dikucurkeun langit
Ngeunaan nu teu dipikawanoh beurang
Galaksi ninggalkeun orbitna kapangpéng lambak
Sarta bibit asih dipedar jeroeun imah kaca kawening. Anjeun
Bisa ngahampura bentang nu ngulayaban lain wayah?
Bisa ngahampura rasa nu akaran dina kalbu bumi?
; bisa ngahampura sagala nu teu dipikawanoh beurang mangsa peteng?
2006
NITA WIDIATI EFSA, lahir di Sukabumi taun 1964. Nulis sajak, carpon, jeung éséy dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta dimuat dina sawatara média. Sajak-sajakna kawilang nyongcolang, boh anu dina basa Sunda boh anu dina basa Indonesia, utamana dina mangsa taun 1980-an nepi ka pertengahan taun 1990-an. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah IKIP (UPI) Bandung. Sanggeus lulus kungsi jadi dosén di almamaterna. Laju pindah ngajarna ka Jurusan Bahasa dan Sastra Indonésia, Universitas Negeri Malang. Sajak "Mun Catetan teu Saukur Catetan" jeung sajak-sajak séjénna saméméhna kungsi dimuat dina majalah Cupumanik No. 12 Juli 2007.
0 Komentar