Ngeunteung tina Novél Sunda Taun 2020 - Atép Kurnia

Sawatara novél nu medal taun 2020.


SAMÉMÉHNA mah tacan engeuh, najan geus ngumpulkeun sababaraha judul ogé. Ngan sanggeus Ari Andriansyah méré iber tilu balénan mah kakara bray baé caang, jumlah novél Sunda nu medal taun 2020 téh. 

Dina jirangan kahiji[1], Ari ngirim daptar genep judul, nu sanggeus dibebenah, dilengkepan mah jadi kieu: Sasalad (Sempalan Epidémi di Tatar Garut) (Pustaka Jaya) karya Dadan Sutisna, Layung Ngempur di Kampus Bungur (Silantang) karya Lugiena Dé, Mandédurma: Dongéng Aki nu can Tutug (Silantang), Lapidin Jawara Subang (Yumaraca) beunangna Aan Ikhsan Gumelar, Partéy Salam Manis: Parodi Pulitik Indonésia (pribadi) karya Tatang Sumarsono, jeung Novél Pun Ihung (Mujahid Press) karya Ihung. Dina jirangan kadua[2], Ari ngiberan ayana buku Runtagna Aléngka: Carita Wayang (Geger Sunten) karya Yuharno Uyuh. Nu katilu kalina[3], Ari méré béja ayana buku Tembang Kamelang (Yayasan Percéka Art Centre) karya Tatang Setiadi. Jadi aya dalapan judul novel Sunda nu medal taun 2020 téh.

Mun seug dibanding-banding reujeung pamedalan novel taun-taun méméhna, paling henteu ti taun 2015 nepi ka taun 2019, pamedalan novel Sunda dina taun 2020 rada nenggang lebah jumlahna. Sabab antara 2015-2019 mah novel Sunda nu medal téh tara leuwih ti tilu judul unggal taunna téh. Geura nya, dina 2019 asana ngan aya Kalangkang Japati karya Aam Amilia. Taun 2018, aya Sabobot Sapihanéan Sabata Sarimbagan karya Mh. Rustandi Kartakusuma, Absur karya H.D. Bastaman, Kapahung di Luhur Panggung karya Nanang Sos[4]. Dina 2017, ngan aya Puputon jeung Jangji Asih, duanana karya Aam Amilia. Taun 2016, ngan aya Bulan kungsi Ngolémbar karya Tatang Sumarsono, Nyupang karya Andang S Argayuda (carita misteri), Imutna nu Panungtung: Roman Pondok karya Ahmad Bakri. Sedengkeun dina taun 2015, asana ngan aya Anjar lawan Raja Bangsat (carita silat) karangan Achmad Rustandi.

Sabalikna, mun nilik sabangsaning buku kumpulan, cara kumpulan carpon, sajak, katut fiksimini, kaasup nu pada-pada leuwih réa manan novel pamedalanana téh[5]. Ngeunaan ieu, sorangan kungsi nulis nu aya patalina reujeung pamedalan buku Sunda sacara umum dina taun 2016[6]. Harita, antarana kungsi nulis téh kieu:

“Naon pereluna masualkeun buku winangun kumpulan tulisan? Lantaran cék sorangan mah réa rambat kamaléna. Nu pangkatarana mah nya nulis buku Sunda kalawan ngahagalkeun téh kagiatan anu jarang pisan kawénéhan dina alam literasi Sunda kiwari mah. Nu kalawan ngahajakeun, dina harti nyongcaykeun waktu pikeun kalawan husus nyusun buku Sunda nu gembleng téh, bisa kasebut arang pisan kajadian. Bukuna mah rék bahasan rék novel, anu ngahagalkeun disusunna téh.

Sabab-sababna mah pasti soal waktu keur mikiran, ngumpulkeun bahan katut nuliskeunana sarta aya alesan ékonomi. Buku-buku Sunda wedalan 2016 jadi bukti yén penulis Sunda leuwih réa milih tulisan-tulisan pondok anu kadongkangan ku dangka waktu anu pondok atawa heureut, kayaning fiksimini, carpon, sajak, jeung éséy. Tulisan-tulisan nu pondok mah apan téréh nuliskeunana. Teu perelu mulan-malén nyusunna. Cék cohagna harita mucunghul idé, saharita ogé bisa dituliskeun nepi ka bérésna. Paling lila ogé sawatara jam pikeun nganggeuskeun hiji éséy atawa carpon téh. Ngan, lain sorangan teu ngitungkeun waktu “nyacaka” anu mungkin karandapan ku sawatara pangarang, nu sok ngeueum idé sangkan bisa jadi “asak” pisan, saméméh trét ditulis.

Nu dipasoalkeun ku sorangan mah dina dekerna nulis tulisan pondok, anu merelukeun waktu pondok téh. Pasti aya tinimbangan ékonomi nu matak kitu téh. Apan teu kurang-kurang anu ngandelkeun hirup tina ladang tulisan. Cék kasarna mah, sasat ditungguan sééng nyéngsréng pangna nyokot pilihan nulis pondok téh. Da éta apan téréh kaala hasilna ari kitu mah. Béda jeung nulis panjang, anu tangtu pililaeun kana kapetik buahna. Tapi dalah dikumaha, da kitu kaayaanana geuning di urang mah. Nulis panjang ngahagalkeun winangun novel jeung buku séjenna di urang, ari lain teu milik-milik teuing mah, pimanaeun bisa jadi “bestseller”, bisa ngaraharjakeun pangarangna.

Ngan papadaning kitu, kabiasaan nulis karya pondok téh, bawirasa, ngandung implikasi anu leuwih jauh. Maksudna mah ku lantaran biasa mikirna dina tulisan pondok, bisa jadi kabiasaan mikirna gé jadi heureut deuleu, pondok léngkah. Dina harti ku lantaran dilatihna ngan nuliskeun nu nampeu hareupeun, henteu nyoba-nyoba nyawang nu jauh kana mangsa anu bakal datang, ngawincik masalah nepi ka akarna, atuh hasilna gé tangtu moal jauh jeung moal panjang. Tulisanana angger parondok. Taya éksplorasi nu leuwih gemet, nyosok jero, jeung tuntas.”

Nu matak, naon sésékélanana nu matak novel Sunda unggal taun tara réa kaluar? Dina salasahiji status Facebook Cécép Burdansyah[7] matak narik maca ungkarana: “… pegat jeung karya-karya saheulaeunana.” Najan kasangna keur nyaritakeun carpon Sunda, ungkara Cécép bisa ogé dilarapkeun kana novel Sunda sigana.

Enya, boa-boa salila ieu téh pegat tradisina nulis novel dina sastra Sunda téh. Padahal novel téh kapanan sasatna mah karya sastra Sunda modéren nu munggaran medal, nu engkenan dituturkeun ku tradisi nulis carpon, jeung dibungsuan ku tradisi nulis sajak bébas. Samalah dina kandaga sastra Sunda, paling henteu kungsi dua kali kajadian novel atawa roman baheula mah disebutna, jadi karya sastra nu pangdipikalandepna pisan ku publik sastra Sunda. Kajadian kahiji dina taun 1920-an nepi ka taun 1940-an nalika raména pamedalan buku-buku “roman picisan” jeung “roman jarah”, da sastra Sunda ogé gedé kamungkinanana mah karérab peurah pangaruh sastra peranakan Tionghoa katut sastra dina basa Malayu sarta sumanget nasionalismeu nu hayang baruntak ka nu ngajajah. Tuluy antara taun 1960-an nepi ka taun 1970-an der deui aya roman pop Sunda nu mangjilid-jilid ipis téa, beuki ramé lantaran ditabeuh dina radio jadi dongéng pasosoré. Nu ieu ogé sarua deuih kapangaruhan ku ngajaulna singsarwa bacaan populér dina kandaga basa Indonésia.

Pasti dina dangka 30-an taun sanggeus taun 1970-an mah sagalana geus rarobah. Alam tempat ngancikna geus robah, jlug-jleg wawangunan anyar di ditu-di dieu, bur-ber kandaraan ka ditu-ka dieu, téknologi komunikasina beuki euyeub, atuh jalma nu ngancikanana ogé milu rarobah: lamunan, kahayang, cara mikir, sikep, katut sagala rupana. Da éta mah tangtu réaksi nu lumrah baé mun kaayaan di luareun diri urang robah, pasti urang ogé bakal milu robah, da kudu ngigelan, samalah mun kongang mah bisa milu ngigelkeun, kawas batur. Nu teu bisa nyaluyukeun diri, wayahna nya ka sisi téa.

Tah, dina kaayaan nu sarwa robah kawas ayeuna, naha novel Sunda “ngawayahnakeun kudu ka sisi”? Kairid ku nu heureut-heureut bangsaning carpon, sajak, katut fiksimini? Sigana mah enya kitu, lantaran saperkara “wayahna nya ka sisi” téa téh alatan nu ngararojong tradisi maca roman atawa novel geus areuweuh, maraot, digaranti ku kaom jaman “now” nu lahir, gede, sarta ngawasa jagat digital. Dina sakalina aya “sémah digital” kawas sorangan nu lahir dina taun 1970-an katompérnakeun milu icikibung dina dunya digital, nya wayahna kudu ngawayahnakeun nyaluyukeun manéh kana nu dipisarat ku dunya éta. Kitu ogé dugdegna grupgrup dina média sosial nyieun beungkeutan genré sastra Sunda nu anyar nu bisa pas jeung rohangan média sosial, cara fiksimini, carponn, haiku, jeung sajabana nu diadegkeun ku “sémah-sémah digital”.

Dina kaayaan kitu, novél Sunda mémang jadi ahéng. Novél-novél Sunda taun 2020 bisa jadi eunteungna. Tina dalapan judul nu medal, sakaterang mah Layung Ngempur di Kampus Bungur, Mandédurma, Lapidin Jawara Subang, jeung Partéy Salam Manis méméhna kungsi dimuat-sambung heula dina majalah Manglé. Salahiji nu matak narik, Lapidin Jawara Subang, lantaran mangrupa pamekaran tina buku Ki Lapidin Runtuyan Fiksimini (50 judul, 2017)”[8] nu asalna midang dina grup Facebook Fiksimini Sunda. Atuh sanggeus Ki Lapidin Runtuyan Fiksimini, ditulis deui jadi carita nyambung dina majalah Manglé, 14 bagian (ti no. 2773 nepi ka no. 2786, 2020)[9]. Jadi robahna ogé Ki Lapidin téh opat kali: fiksimini dina Facebook-fiksimini dina buku citak-carita nyambung dina majalah citak-novel citak.

Ari nu apal pisan ditulisna torojogan sarta teu dimuat heula dina majalah mah Sasalad (Sempalan Épidémi di Tatar Garut) jeung Novél Pun Ihung. Kana Sasalad mah duméh kungsi rék diterbitkeun ku Penerbit Layung, tapi da can kungsi maca naskahna mah. Maca-maca sotéh sanggeus diterbitkeun ku Pustaka Jaya. Sabada maca, pamarekan nulisna kawas nalika Dadan nulis novél Sabalakana. Da boh Sasalad boh Sabalakana, asa nenggang tina tradisi nulis novél Sunda saméméhna mah. Tayohna Dadan mah macaan karya-karya sastra beunang batur, boh dina sastra Indonésia boh dina sastra deungeun. Éta téh sasatna ngelemeng dina Sasalad ogé. Karyana siga nu diwangun ku mosaik adegan-adegan, kawas dina karya Umar Kayam Para Priyayi jeung Jalan Jalan Menikung, atawa béh dieuna karya-karya Éka Kurniawan, pangpangna novél O.

Atuh kitu deui tina bahan-bahan nu dijieun kasangna, némbongkeun kacondongan énsiklopédis tina diri Dadan. Da jeung enyana, mangga tetek, telek-telek, unggal bagian dina novél Sasalad sasatna mah euyeub pisan ku reférénsi nu kungsi aya, kungsi medal méméhna, dina jamanna. Nu matak kekecapan nu patali jeung barang-barang, kabiasaan, kajadian, pamikiran, jeung nu séjénna nu kungsi hirup di antara lolongkrang waktu taun wewelasan ahir nepi ka taun 1930-an réa dipaké dina Sasalad.

Éta kaeuyeuban acuan balukar tina kacondongan énsiklopédis dina Sasalad téh bisa jadi kaunggulan sarta kahéngkéran karyana. Kekecapan nu kungsi aya dina taun taun wewelasan ahir nepi ka taun 1930-an sarta dipaké di dinya bisa ngayakinkeun nu maca kana Sasalad minangka dunya nu dijieun ayeuna tapi écés siga néplak dunya nu lumangsung baheula. Enya cindekna mah kesanna réalistis pisan. Tapi di sisi séjén, ieu ogé jadi ngandung poténsi matak teu pikahartieun pangpangna keur nu tara maca buku Sunda mah. Ngan duka dihaja atawa teu dihaja maké kekecapan kitu téh. Nu jelas mah jadi paradoks, ku jalan ngasingkeun karya ti nu macana téh apan enya jadi salasahiji ciri mandiri karya sastra, nu disebut “defamiliarisasi” téa asana mungguhing aliran Formalismeu mah.

Ari kana Novél Pun Ihung, saméméh jadi buku kungsi milu heula maca naskahna. Sabréhan macana ogé geus karasa hawa-hawa ngaheureuykeunna, heureuy ala Ihung, cara dina carpon-carponna, cara dina sajak-sajakna. Jadi mun dibawa daria macana asana moal bisa daria-daria, da seuri deui, seuri deui. Enya atuda ku judulna ogé geus matak nyenghél, Novél Pun Ihung. Tapi da bisa ogé dihartian yén éta kekecapan dina judul téh hayang némbongkeun eusining buku nu rék ngadadarkeun ngeunaan novél-nu sarua-jeung-carita ngeunaan lalakon nu kungsi kalampahan ku Ihung, urang Cianda. Jadi di jerona aya tarékah ngadumaniskeun antara nu faktual jeung nu fiksi. Nepi ka sorangan ogé jadi asa-asa, hamham, naha bener Novél Pun Ihung bisa diasupkeun novél atawa buku mémoar atawa buku biografi. Sigana sakitu ngeunteung tina novél-novél Sunda nu dipedalkeun taun 2020 téh.

***

Ciawi, 30 Januari 2021

Tulisan ieu dijieun keur acara “Silaturahmi Sastra Sunda: Ngaguar Buku Sastra Sunda nu Medal Taun 2020”, dina raraga “Ngareuah-reuah Poé Basa Indung Internasional 21 Pébruari 2021”, ngaliwatan Zoom Meeting, Saptu, 30 Januari 2021, pukul 19.00-22.00.



[1] Kiriman via WA dina 20 Januari 2021, pkl. 11.55.

[2] Kiriman via WA dina 25 Januari 2021, pkl. 9.49.

[3] Kiriman via WA dina 27 Januari 2021, pkl. 18.47.

[4] Ilikan “Kitab Sunda Terkini”, Hawe Setiawan, Pikiran-rakyat.com, Kamis, 17 Jan 2019, 10:11.

[5] Katerangan umum ngeunaan pamedalan buku Sunda antara 2015-2019 antarana bisa diilikan dina “Keputusan Hadiah Sastera ‘Rancagé’” keur taun 2016 nepi ka taun 2020.

[6] Atép Kurnia, “Taun Buku Kumpulan”, dina rubrik “Kalam”, HU. Pikiran Rakyat édisi 16 Januari 2017.

[7]Ngobrol Pidorakaeun”, Cécép Burdansyah, 1 Séptémber 2020,

[8] “Purwacarita”, Aan Ikhsan Gumelar, Lapidin Jawara Subang (Yumaraca, 2020: iv).

[9] Ibid.



ATÉP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng; Wabah Sampar di Priangan, 1925 - 1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.

Posting Komentar

0 Komentar