PANARUBAN
horéam ku netekna, méméh anjog ka mumunggang
cacak mun bari kapentrang, mo boa juuh ku késang
—engkin tos iuh mun badé mulih mah, alon nyarita
tapi bangun sungkan ditinggalkeun, ceuk teuteupna
ngalénghoy undur tina bangbarung, wilujeng angkat
salira manggut, tapi léngkah karasa beurat sina kebat
kebon entéh nu mayakpak, ari halimun mimiti turun
tingkalayang, nyiuman tarang nembus kana jajantung
runggunuk pilemburan, liliwatan aarileuan walungan
moal lila deui umur manjing sareupna, téréh lekasan
APAN AYA PUISI
hanas kitab hukum geus jadi kaulinan
pasal-ayatna dibandrol di pangadilan
apan aya puisi céngcélakna kajujuran
sanajan disieuhkeun tina kakawasaan
hanas carita sok pasalia jeung buktina
pidato semet pangbébénjo-pangbibita
apan aya puisi anu pageuh tara sulaya
dina jati rasa manusa anu pangjerona
hanas ngadu’a ngan saukur ngarah jiga
ambéh disangka enya butuh ku agama
apan aya puisi nu méncéngés tan soara
geterna parat ka wiati nu pangluhurna
hanas urang gé angger lamokot ku dosa
ah boa puisi geus dicandak ku Anjeunna
NGAN KARI PUISI 2
ngan kari puisi nu ngaronghéap sajorélat
mangsana haté katalimbeng lawas tibelat
bongan tineung henteu weléh sumérédét
najan buni nyamuni turta teu kecét-kecét
ngan kari puisi anu masih haat ngagupay
mangsana léngkah beuki jauh tina simpay
lebah rarambu poho jalan kapidangdung
suku gunung nembong-gelorkeun padung
ngan kari puisi sésémpéran anu nyampak
mangsa umur lir kamalir nu ngajumbleng
taya nu pirajeunan maliré mihiap rampak
ari langit ngan nyésakeun hideung peteng
ngan kari puisi nu misobat maturan simpé
digurit satimuna sugan kailo ku nu sahaté
TONG TEUING
tong teuing lawas midangdam
dina mangsana kuring mulang
mending du’akeun ku kaiklasan
tong teuing lila kanyenyerian
mun geus cunduk katangtuan
nyawa ninggalkeun kurungan
tong teuing jadi putus harepan
apan kuring ninggalkeun tulisan
pék baca sugan jadi tuduh caang
tong teuing terus kabungbulengan
anggur makam kuring tetenggeran
pikeun ciri mun nyekar ka pajaratan
TATANG SUMARSONO, lahir di Tasikmalaya taun 1956. Taun 1976 neruskeun sakola ka IKIP Bandung, Jurusan Bahasa dan Sastra Sunda. Pacabakanana anu utama jadi wartawan, ti taun 1975. Bukuna anu geus medal aya 66 judul, ngawengku fiksi, biografi, pangajaran, jeung pedaran umum lianna. Kungsi sababaraha kali meunang hadiah sastra LBSS, DK Ardiwinata, jeung Oeton Moehtar. Novél barudakna, Si Paser, dilélér hadiah Samsudi taun 1993. Ari novél Demung Janggala jeung Galuring Gending dilélér hadiah Rancagé taun 1994 jeung taun 2002.
0 Komentar