"Bird Life" (1900) kénging Ernest Seton Thompson.
PANGANDARAN DEUI
: Taufik Iskandar
Horéng manglambar-lambar pangbibita
Saukur jadi kararas basa mabok malidkeun para wanoja
Jadi bugang bonéka nu ngulahék dina méja. Peuting éta
Teu kungsi aya carita nu dibeuli
Taya tembang iga jeung mawar. Saukur ombak jeung
Ombak nu gumulung di Pananjung
Nyénglédkeun café demi café parat ka palangkakan subuh
Tapi urang can manggih waruga taranjang
Sanajan ménsen ngucur di saban warung
Bir nyiram basisir nu horéng ketir
Karep hayang mapaykeun lendeng sapanjang kikisik
Nepungkeun létah jeung budah
Sangkan guligah tibra dina raga karang
Tapi tulang jeung kulit kalah ngabedega megatan saban duyung
Lebah lawang laut. Angin hamo tatawar
Sanajan nu ambayatak lain kembang patamanan
Sedeng Dayang Sumbi geus ngélébét di pucuk leuweung
Lebah mana birahi? Di kamar losmén ukur aya
Panyajak nu anteng ngalinting simpé
Dulur! Horéng manglambar-lambar pangbibita
Saukur jadi kararas balébat
Mangsa para wanoja ngahiang duka ka mana
Urang mapay léngkah séwang-séwang
Aya nu ka laut aya nu ka darat
Pada-pada jadi angin
Angin birahi. Kadungsang-dungsang
Maluruh waruga séwang-séwang
2005
LAMPAH KERETEG
: X. Yus Supriatna
Geuning manting kaangin-angin
Ti Panjalu urang mekel rébuan ibun
Jadi genclang nu nguramasan impian
Sapanjang jalan. Pasusubuh
Ngagulusur tina elak-elakan béntang Campaka
Néang rindat balébat Papandayan
Geuning aya nu ngarangsadan tiris sarta tunduh
Sapanjang marojéngja
Sabab ketak hayang mijah na kalang matapoé
Beuki manting kaangin-angin
Kendang penca ngajak padungdung
Ngemprung jeung waktu nu ngagedur
Di Garut. Urang nurut nutur ratug saban gunung
Notor kolotok bari medar sajak leuweung pamiangan
Dina saban parapatan. Pabeubeurang
Urang ngudar guligah, seja ngariabkeun ringkang
Nyalabarkeun sanget kekecapan
Susuganan lampah ngagebur jadi katineung
Hayang reureuh di Cipanas
Tapi angin bet ngagelebug
Pasosoré. Taya bédana miang jeung mulang
Kebat lumampah néang rasa Kampung Naga
Nepungan daun rancucut, lamping girimis,
Jalan baseuh pungkal-péngkol
Angin ngajak kénéh lunta
Basa adan Magrib humariring di Manonjaya
Na baris manting deui ka mana
Sapanjang peuting setatsion ngabudalkeun mangpirang karéta
leu raga, ieu raga asa burakrakan
Ari birahi bet tuluy hayang ngamalir
2008
CIPANGANTÉN
Bulan jeung akar ngarajah
Di huluwotan. Taranjang
Nyiuk genclang rasa
Nyiram raga nyiram lalampahan
Lumut jeung batu mantun
Di pancuran. Bubulucun
Nadah golontor kalbu
Ngaruru kujur ngaruru laku
Sapanjang kawih janari
Lir ngebak di talaga purnama
Cai jeung cahaya
Saripati asih
2008
GIRIMIS
Lalancip-lalancip wanci
Rungseb. Kota-kota balilihan
Janari ngageuri
Peuting nu rancucut
Kuring ditiruk girimis
Sapanjang jalan nu teu wéleh lilir
Taya nu tibra
2008
SILALATU TIMBURU
Ngéntab-ngéntab durukan
Ti saban kota nu ngabebela
Réa sajak meupeus keuyang
Jadi seuneu nu barangasan
Ngaléntab saban alun-alun arak
Gedong-gedong mesiu
Ngentab-ngentab durukan
Ti saban kota nu ngabebela
Silalatu timburu rabeng
Muru langit
2008
TONI LESMANA, lahir di Sumedang taun 1976. Nulis puisi jeung prosa dina basa Indonesia jeung basa Sunda di sababaraha média lokal jeung nasional. Kungsi dilélér hadiah sastra LBSS taun 2006, 2008, jeung taun 2011. Bukuna anu geus medal dina basa Sunda nyaéta kumpulan carpon Carita Lain Caritakeuneun (Geger Sunten, 2013). Ari anu dina basa Indonesia nyaéta Jam Malam Kota Merah (2012), Kepala-Kepala di Pekarangan (2015), jeung Tamasya Kota Pernia (2018). Buku kumpulan sajakna dina basa Indonesia nyaéta Tamasya Cikaracak (2017) jeung Peta dalam Rumah (2020). Kiwari dumuk di Ciamis. Sajak "Pangandaran Deui" jeung sajak-sajak séjéna saméméhna kungsi dimuat dina majalah Cupumanik, No. 63 bulan Oktober taun 2008.
0 Komentar