Pangantén Dasi - R. K. Narayan

Metamorphosis of Narcissus" (1937), karya Salvador Dali.

NGARANNA Dasi. Di sakuliah Éxténsion mah euweuh deui nu tangtunganana cara manéhna: bedegul, sirah botak, mata bolotot, beuheung seseg, awakna pinuh ku otot jeung urat nu tingberehil. Minangka kurangna, Dasi teu paséh cumarita. Ana ngomong sok semu cadél bari balélol cara bolon. Sabaraha umur Dasi, taya nu nyaho saurang gé. Kitu lah, antara dua puluh nepi lima puluh taunan. Cicingna téh di imah tungtung jalan bari euweuh nu nyaho kumaha pancakaki antara Dasi jeung nu boga imah. Sawaréh nyebutkeun cenah Dasi téh adi pituin nu boga imah, sawaréh deui nyebutkeun Dasi mah anak kukut. Ukur Dasi nu nyaho saha manéhna nu sabenerna, sabab tadi gé geus disebutkeun yén tong boro nanyakeun pancakaki, dalah ditanya umur gé kapan manéhna mah benclung. Mun ditanya ayeuna, manehna sok némbal umurna geus saratus hiji poé, ditanya isuk ngajawab umurna kakara lima poé.

Minangka pamulang tarima geus diampihan ku nu boga imah, Dasi kumawula ku carana: manéhna suhud nimba cai ti sumur ti subuh nepi tengah poé, ngala suluh, jeung ngaberesihan kebon. Pasosoré, Dasi biasana sok ulin, diabring-abring bebenjit nu teu eureun tinggorowok bari ngageuhgeuykeun. Tukang dagang jeung nu lalar liwat ge sok rajeun milu ngagonjak. Tapi utamana mah jelema-jelema nu sok ngumpul di Mantapam.

Mantapam téh hiji imah nu sok dipaké ngumpul ku aki-aki pangsiunan. Baheula maranéhna digarawé, ayeuna maranéhna ruang-riung ngadon ngomongkeun batur atawa sempal guyon ti beurang nepika peuting. Dasi téh cocooan kameumeut maranéhna.

Saban Dasi ngurunyung ka palebah Mantapam, salah saurang aki-aki nu aya di dinya pasti nanya, “Jang, geus manggih pipamajikaneun acan?”

Pananya modél kieu pasti langsung disanggut ku Dasi, sabab manéhna daria pisan urusan rumah tangga mah, hayangeun kawin. Mun Dasi tuluy nyampeurkeun bari dongko dina ubin Mantapam, aki-aki nu araya di dinya tangtu nyarita, “Buru geura kawin, meungpeung keur usum…”

“Sumuhun, mangga,” tembal Dasi. “Abdi badé saénggalna nepangan naib. Saurna kedah dinten ieu pisan nikah téh…”

“Baruk poé ieu?”

“Yaktos, engké wengi. Kitu, saurna.”

“Ceuk saha?”

“Saur pun paman…”

“Saha kitu paman manéh téh?”

“Pun lanceuk téh nya pun paman téa. Abdi calik di bumina, sadidinten ngakut cai ti sumur. Tingal ieu panangan abdi … kulitna dugi dadas,” témbal Dasi bari namprakkeun dampal leungeunna nu tuluy dirampaan ku aki-aki nu araya di dinya bari tingareuleuh.

“Teuas pisan! Deudeuh teuing, Sujang! Manéh kudu gagancangan kawin kaya kieu mah, sangkan hirup aya undakna…”

Dikitukeun téh mata Dasi langsung gugurilapan pinuh ku harepan bari sura-seuri nembongkeun huntu hareupna nu sagedé-gedé kampak. Cakakak aki-aki nu araya di dinya seuseurian nepi ngusek.

Tuluy maranéhna nanya deui, “Ari pangantén awéwéna mana?”

“Pangantén istri mah di Madras kénéh … di Madras …”

“Siga kumaha rupana?”

“Socana saageung kieu,” témbal Dasi bari nyieun buleudan badag ku curukna.

“Warna kulitna kumaha?”

“Bodas, bodas pisan.”

“Buukna panjang atawa pondok?”

Dasi ngagambarkeun rupa buuk nu ngarumbay panjang ku leungeunna.

“Geulis atuh?”

“Kantenan, geulis, geulis,” Dasi meungpeun, “Geulis pisan, abdi bogoh.”

“Ari duit keur kawinna timana?”

“Pan badé dipasihan tilu rebu rupee,” témbal Dasi teu euleum-euleum.

“Atuh duit sakitu mah gajih manéh saumur hirup,” ceuk aki-aki nu aya di dinya bari kéom.

*

UNGGAL balik ka imah dununganana, saban ditanya tas ti mana, Dasi sok ngajawab, “Tos nikah.” Tuluy manéhna diuk di juru kasur lépét, banda hiji-hijina di dunya, ngadon anteng ngalamunkeun hirup rumah tangga nepi ka waktuna dititah dahar. Dasi mah sok ngahaja diengkékeun daharna, sabab manéhna mah kacida rampus. Sanggeus pangeusi imah nu sejen wareg, kakara Dasi dihempékkeun dahar. Bérés dahar, Dasi tuluy ngakut cai kana émbér tuluy ngagosok ubin dapur jeung ruang makan. Geus kitu, kakara manéhna saré dina kasur lépétna nepi subuh, hudang deui ngadon nimba, parat nepi ka tengah poé.

Kitu jeung kitu salila mangtaun-taun. Dasi mibanda wanda jeung wirahma hirup nu mandiri. Manéhna mah tara loba kahayang; tara mikian urusan batur; tara nyarita mun teu ditanya; tara nyeri haté mun digonjak; salawasna daria; saban diabring-abring ku barudak sakola bari digeuhgeuykeun, manéhna sok api-api teu nyaho; tanagana siga banteng tapi haténa siga leutak, sabar ditincak; manéhna mah tara ngunek-ngunek ku nanaon atawa ku sasaha.

*

HIJI poé, kasampak aya plang béwara di hareupeun pamondokan nu biasana towong taya nu nyéwa. “Dieusian,” kitu unina. Sanggeus ramé dina surat kabar lokal jeung ibur pabéja-béja, hiji isuk torojol karéta nu nganteurkeun béntang film ti Madras, mojang geulis beunghar kakoncara nu ngaranna Bamini Bai. Singhoréng Bamini Bai pisan nu ngeusian pamondokan téh.

Sakur jelema di Éxténsion teu bireuk deui ka Bamini Bai. Cenah, manéhna ngahaja nyéwa pamondokan di Malgudi pikeun guguru musik ka saurang inohong di kota. Indung Bamini Rai maturan anakna di dinya. Tangtu baé, saréngkak saparipolah Bamini Bai jadi puseur panenjo warga. Biasana, rebun-rebun Bamini Rai geus indit ti pamondokan, balik pabeubeurang tuluy leleson nepi pukul tilu. Tah engké pukul lima soré, manéhna sok leuleumpangan sapanjang Trunk Road, jeung saterusna.

Di Mantapam, saurang aki-aki bébéja ka Dasi, “Jang, pangantén awéwé geus datang.”

“Leres éta téh?” Dasi geumpeur, neleg ciduh semu hariwang bari satekah polah nyumputkeun kabungah. Riukna nu daria katangen ku sakabéh aki-aki nu araya di dinya.

“Sujang apal imah di jalan hareup, nu leutik camperenik …?”

“Sumuhun, terang …”

“Tah, pangantén awéwé téh cicing di dinya pisan. Ujang can nepungan?”

Dasi meungpeun era, tuluy indit ngajugjug jalan hareup. Harita téh kira-kira pukul hiji beurang. Béntang film Bamini Bai masih leleson di pamondokan. Dasi nyerangkeun imah leutik éta salila-lila, tuluy ngingkig deui ka Mantapam, dipapagkeun ku nu ager-ageran. “Kumaha, bogoh teu ka pangantén awéwé téh?”

Dasi ngajawab, “Nu mawi tacan ningal, nun, panto bumina nutup.”

“Toong atuh tina jandéla, katempo geura.”

“Mangga atuh pami kitu mah,” ceuk Dasi bari jung nangtung.

“Kela, kela, heup! Ulah tuang-toong, ketang! Déngékeun. Manéh rék nurut papatah kula moal?”

“Tangtos, nun, teu pindo damel.”

“Yeuh, pangantén awéwé téh sok kaluar pukul lima soré. Pék, tungguan ku manéh di Trunk Road.”

Dasi tungkul bari balaham-béléhém éra. Ku aki-aki di Mantapam, Dasi dituduhkeun lebah-lebahna Trunk Road, tuluy dititah nungguan di dinya nepi pukul genep soré. Atuh gék, Dasi diuk handapeun tangkal sisi jalan. Poé meujeuhna panas, beungeut Dasi kapentrang, demi harita pukul dua gé acan.

Bari nyarandé kana tangkal, Dasi ngumbar lamunan. Patalimarga ngapungkeun kekebul, mobil pasulibreng, sora padati tingkirincing, jelema lalar liwat. Tapi Dasi teu nenjo nanaon, teu ngadéngé nanaon. Manéhna anteng neuteup jalan.

Sanggeus lila, ronghéap Bamini Bai. Tikoro Dasi elok-elokan, tarangna kekedutan, renung ku késang. Sapanjang nyunyuhun hulu, Dasi can kungsi nempo awéwé nu siga Bamini Bai. Keur ngora téh geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Dasi bangreung, bingung. Kawiyasa. Jurungkunung Dasi nangtung tuluy berebet lumpat balik ka imahna, notog-notogkeun manéh. Sanggeus nepi, blak manéhna ngajepat dina kasur lépét, tuluy ngaherang salila-lila, teu hudang-hudang sanajan digentraan dahar. Dununganana nyampeurkeun, ngaguyah-guyah. “Kunaon ari manéh?” tanya dununganana.

“Dinten panganténan … Pangantén istri tos sumping. Geulis pisan.”

“Beu! Anggur mah geura dahar tuluy ngepél, Boloho!” dununganana nyorongot.

*

ISUK soréna, Dasi indit deui ka Trunk Road, nungguan Bamini Bai ngaliwat. Isukna kitu deui. Saban poé nungguan. Mingkin lila kawanina mingkin nambahan. Nepika hiji soré, Dasi werat tanggah neuteup pupujan haténa. Beungeut Dasi hegar, biwirna embut ngalungkeun imut ka palebah Bamini Bai. Hanjakal Nyi Mojang téh keur anteng ngalamun bari leumpang, teu miroséa sabudeureunana. Dasi nungguan Bamini mulang, tuluy ngalungkeun imut deui mangsa poé geus reup-reupan. Bamini Bai ngabalieur.

Dasi nuturkeun Bamini Bai, beungeutna pinuh ku cahaya kabagjaan. Basa Bamini Bai asup ka jero pamondokan, Dasi ngarengkog sakedapan, tapi ahirna nuturkeun asup, tuluy ngajengjen handapeun lampu golodog.

Indung Bamini Bai kaluar ti dapur, nalék, “Saha manéh?”

Dasi neuteup indung Bamini Bai bari umat-imut. Indung Bamini Bai ngagorowok nyalukan anakna, “Bama, saha ieu lalaki di golodog?”

Bamini Bai kaluar ti kamarna. “Saha manéh?” tanyana.

Barang ditalek ku Bamini Bai, Dasi lungsé taya tangan pangawasa. Beungeutna colohok teu ngiceup-ngiceup, gondok laki naék-turun, ambekan renghap ranjug. Katalimbeng. Mata Dasi nyorotkeun kacinta nu pohara. Biwirna ngageterkeun imut, tuluy pokna bari balélol, “Garwa … garwa, Nyai the garwa Akang…”

“Ngomong naon manéh?”

“Nyai téh garwa Akang,” walon Dasi bari nyampeurkeun. Bamini Bai rikat mundur bakat ku sieun, tuluy jelebét, pipi Dasi dicabok tarik nakeran. Geus kitu, sapasang indung jeung anak téh ngajerit tulung-tulungan nepi sakabéh tatangga jeung jelema nu ngaliwat daratang. Aya nu haat ngagentraan nu berwajib. Dasi tuluy digiring ka kantor pulisi.

Aki-aki pangsiunan di Mantapam milu nguruskeun. Peuting éta kénéh Dasi dibebaskeun. Dasi balik tuluy ngajepat deui dina kasur lépétna. Awakna geuneuk balas digebugan warga, tapi sakabéh kanyeri teu dirasa, teu diinget-inget ku dirina. Nu kumalayang dina sirahna ukur tampiling Bamini Bai …

Basa dununganana nitah dahar, Dasi teu usik tina kasur. Antukna dununganana nyampeurkeun, tuluy ngomong. “Geura dahar, Boloho. Manéh geus ngéra-ngéra aing peuting ieu. Isuk jeung satuluyna, manéh teu meunang kaluar ti imah.”

Dasi cicing. Manéhna ngaringkuk dina kasur lepet, mencrong tembok, tuluy laun némbalan, “Abdi mah moal dahar.”

Isukna, basa Dasi ngelol tina panto imah, saabrulan barudak SD ngaliwat ka palebah dinya, kabeneran jam istirahat. Barudak éta geus ngadéngé kajadian tadi peuting ti kolot jeung guru-guruna. Atuh barudak téh tuluy ngagimbung bari tingjorowok ngageuhgeuykeun, “Adeuuuhh, aya pangantén!”

Dasi ngalieuk, beungeutna pinuh ku cimata, leungeunna ngagebah barudak bari nyarita, “Ka ditu! Ulah ngaheureuyan...”

Dikitukeun téh aya budak nu kalah ngahajakeun. “Adeuh, pangantén lalaki ceurik, dicabok panganten awéwé tadi peuting, puaaaass …”

Barang ngadéngé éta omongan, Dasi ngagerem bari ngarontok. Budak téh dijungjungkeun palebah kerahna, tuluy dialungkeun neumbrag babaturanana. Leungeun jeung suku Dasi pakupis neunggeul jeung najong. Barudak gemprah. Belenyeng Dasi lumpat ka sakola. Méja jeung korsi ancur diburak-barik. Opat guru nu ngahalang-halang ngajurahroh. Belenyeng Dasi ka jalan. Sakur nu katempo ku manéhna disiksa, diteunggeulan. Sup ka toko, Dasi ngacak-ngacak barang. Dasi ngagajleng ti hiji tempat ka tempat séjénna lir macan kumbang, ngurilingan Éxténsion lir angin topan nu ngaruksak, ngagalaksak. Warga gura-giru nutup jeung ngonci pager. Sawatara nu wanian ngungudag Dasi, tapi lolobana mah ngaringkeb manéh di imah sewang-sewang. Teu lila pulisi datang, Dasi dirempug, dicangkalak.

Peuting éta Dasi dibui, isukna dibawa ka RSJ. Mimitina mah Dasi babadug ngalawan, tuluy manéhna dihukum di sél husus sababaraha minggu lilana. Hiji poé, Dasi ngalengis ka dokter, ménta diidinan nangtung dina pager, nyerangkeun jalan. Hég, témbal dokter, asal tong ngamuk deui. Dasi kacida bungahna. Jero saminggu, manéhna nurut kana sagala omongan jeung paréntah dokter. Dokter tuluy nyumponan jangjina. Bari dikawal, Dasi diidinan nangtung di hareupeun pager sajam lila, nyerangkeun jalan bari salawasna ngarep-ngarep pangantén awéwéna datang.

***



Rasipuram Krishnaswami Iyer Narayanaswami  (10 Oktober 1906 – 13 Méi 2001) alias R. K. Narayan mangrupa salah sahiji pangarang India nu kawentar lantaran ngagulanggapér jeung ngawanohkeun kota Maguldi dina karya-karyana ka sakuliah dunya. Narayan mindeng dibandingkeun jeung William Faulkner nu sarua ngagulanggapér kota fiktif Yoknapatawpha County, ogé sok dibandingkeun jeung Guy de Maupassant anu sarua kuat lebah ngolah narasi jeung carita najan basajan dina pilihan kecap. Salila 60 taun nulis, Narayan narima rupa-rupa pangajén, di antarana AC Benson Medal ti Royal Society of Literature, pangajen ti Padma Bhushan jeung Padma Vibhushan, Highest Civilian Awards ti pamarentah India, sarta asup nominasi Rajya Sabha ti Parlemen India. Carpon "Pangantén Dasi" ditarjamahkeun ku E.D. Jénura.

Posting Komentar

0 Komentar