Seni Sampyong



ILAHARNA di unggal wewengkon, budaya boga ciri mandiri. Lian ti kajurung ku kaayaan géografis, tapi ogé sosiologis masarakatna. Produk budaya ngajanggélék jadi adat istiadat, kasenian, sistem pertahanan, kulinér, jrrd. Salasahiji kajembaran budaya nu mangrupa kasenian antarana kapanggih di wewengkon Majaléngka, nyaéta seni sampyong.

Sampyong téh salasahiji seni béla diri nu ngagunakeun pakarang tongkat jeung ngutamakeun kakuatan fisik. Sok dipintonkeun dina kariaan jeung kagiatan ritual budaya. Najan can murba dipikawanoh ku masarakat Sunda, sampyong remen dipintonkeun di sawatara daérah, boh di jero boh di luar Jabar.

Sampyong mimiti populér deui di Majaléngka kira-kira taun 1950-an. Méméhna mah ngaranna téh “Ujungan”. Najan ceuk sakaol réa nu nyebutkeun yén ujungan jeung sampyong réa bédana, tapi enas-enasna mah kitu-kitu kénéh. Ngan ka dieunakeun sampyong leuwih populér.

Nurutkeun Abah Endu (73), salasahiji tokoh seni sampyong ti Kulur, Majaléngka, sampyong umumna hirup tur mekar di daerah pagunungan pakidulan Majaléngka, pangpangna di Cigasong. Cenah, ti keur jaman Karajaan Sumedanglarang—harita Majaléngka kaasup daérah kakawasaan Sumedang—ieu kasenian gé geus hirup, fungsina pikeun meuseuh santri jeung bakal sinatria. Malah, dina jaman perjoangan dipaké ngalatih parapajoang dina ngayonan penjajah.

Tokoh seni sampyong antarana, alm. Aki Empé ti Simpeureum, alm. Nur Pa’i ti Ngalambang nu dituluykeun ku Mang Kiun, jeung Abah Endu ti Kulur. Sedeng padépokan ujungan nu masih kénéh makalangan nyaéta ‘Padépokan Bunilaya Kuda Putih’ di Désa Cengal, Kec. Maja, Majaléngka. Saméméh ngalaman parobahan, sampyong mangrupa seni béla diri pikeun ngadu jajatén tur nangtukeun saha nu payus diaku jawara.

 

Prak-prakan

Patandangna lain baé lalaki, tapi ogé bisa diilun ku awéwé. Dina prakna, silihteunggeul ku tongkat hoé, awi, atawa kai teuas, nu panjangna rupa-rupa gumantung aliran katut téhnik nu dipuhit ku unggal padépokan; 50-90 cm.

Dumasar kaayaan géografis, ujungan jeung sampyong dibagia dua aliran, nyaéta gaya basisiran nu leuwih atraktif tur buk-bek (Banten, Bekasi, Karawang, Batawi, Indramayu, jeung Cirebon) jeung gaya pagunungan nu leuwih némbongkeun unsur penca (Ciamis, Garut, Tasik, jeung Majaléngka).

Neunggeul jeung waktu tarungna gé sakarepna, teu diwatesanan ku aturan sasaran deuih najan aya malandang (wasit). Karak réngsé sotéh upama geus aya nu kasoran. Tah, nya ieu nu ngabédakeun ujungan jeung sampyong téh. Mun seug dina ujungan nu diteunggeulna sakabéh bagian awak, sedeng sampyong mah nu diteunggeulna diwatesanan ti seret bitis ka handap.

Beuki dieu ieu seni téh kairong nyilakakeun. Ku kituna, pamaréntah jeung sawatara tokoh sampyong, ngarobah prak-prakanana ngaliwatan aturan baku. Nyaéta patandang dibéré aturan neunggeul 3 kali, sasaran neunggeulna gé ditambahan tina semet cangkéng nepi ka mumuncangan. Malah, kiwari mah unggal patandang diwajibkeun maké balakutak (tutup sirah warna hideung wangun hélem). Patandangna dikelas-kelas nurutkeun umur; kolot, menengah, pamuda, jeung barudak (Disbudpar Majalengka, Profil Kasenian Daerah Majalengka, 2006).

Ayana ngaran sampyong téh saenyana mah lain tina basa Sunda, tapi tina basa Cina. Tina kecap sam nu hartina tilu, jeung pyong hartina gebot atawa teunggeul. Jadi, harti saujratna “tilu teunggeulan”. Robahna ngaran tina ujungan kana sampyong tacan kapaluruh iraha-irahana. Cenah ceuk sakaol, harita aya urang Cina nu ngadon lalajo, nu terus pok nyebut sampyong, lantaran aya aturan tilu kali neunggeul téa.

Dina prakna, sampyong dalit jeung penca silat lagam golempang katut seni musikna (kendang, goong, tarompét, ketuk, jeung kecrék, minangka pamirigna). Da puguh ibing silat jadi dasar utama pikeun patandang nu wajib dipintonkeun dina makalangan.

Lian ti éta, méméh prung gé ngaliwatan sawatara runtuyan acara, antarana rajah, papagah (pamapag ti sesepuh jeung paratokoh), wawaran, gamelan bubuka, jeung acara inti. Sanggeus malandang asup ka pakalangan, tuluy nyalukan parapatandang nu geus saged maké pangsi, iket barangbang semplak, tur sayaga ngeupeul paneunggeul. Laju nyebut biluk-biluk minangka kodeu ngamimitian tarung. Neunggeulna sakali séwang, luyu jeung intruksi malandang.

Ieu seni sumebar ogé di wewengkon Banyumas, Jateng (disebutna unjungan, wasitna katelah wlandang). Patandangna kudu tarung nepi ka baloboran getih. Dipintonkeun mangsa halodo entak-entakan sakaligus ritual ménta hujan. Beuki loba getih kaluar, dipercaya bakal téréh turun hujan.

 Kaayaan Kiwari

Kiwari, sampyong réa nu robah. Lain baé fungsina, tapi ajén-inajén senina gé geus réa nu leungit. Kiwari wuwuh dipaké hiburan nu arang langka midang. Malah, dina gamelan pamirigna gé geus robah ku organ sagala, nu diselapan ku lalaguan dangdut. Najan enya seni téh kudu ngigelan jaman, tapi lain hartina kudu ngaleungitkeun galeuh luhungna.

Kitu ogé generasina nungtutan leungit. Da puguh réa nu nganggap sampyong geus tinggaleun jaman. Nu ngarora leuwih resep kana seni deungeun nu tacan tangtu leuwih luhung ajénna batan seni tradisi. Boa ka hareupna mah kari nganti-nganti dawuh. Sakumaha nu ditétélakeun ku Abah Endu.

“Nya, mun aya pintonan ogé, nu maén téh nu sarepuh. Kitu wé mintonna gé mun aya peringatan husus atawa hajatan. Nya pamaén téh ngadadak dikumpulkeun heula ti unggal daérah. Latihan téh ngadadak baé mun rék minton,” cenah, bari ngahelas.

Basa dipaluruh ngeunaan sanggar atawa padépokan nu ngaping sampyong, Abah Endu ngajéntrékeun deui, yén nepi ka ayeuna tacan aya sanggar atawa padépokan nu ngalatih seni sampyong ka generasi ngora. Najan aya hiji-dua nu masih makalangan, tapi angger dikokolakeun ku nu caretuk. Lian ti éta, salila ieu rojongan ti pamaréntah gé kaitung kurang. Dina ayana ukur jadi seremonial wungkul.

Tangtuna, ieu kudu jadi perhatian balaréa, boh masarakat boh pamaréntah kudu ngusahakeun tarékah sangkan sampyong tetep langgeng ngayonan panéka jaman. Salasahijina ngaliwatan ngawanohkeun deui tur ngalatih sirung-sirung harepan. Mun seug sampyong geus ajeg deui, bisa dijadikeun promosi wisata, hususna pikeun daérah Majaléngka, umumna Jabar.

Angot kiwari budaya deungeun gedé pisan pangaruhna. Cohagna, ulah nepi ka mopohokeun budaya sorangan. Kasadaran masarakat sangkan nyaah kana senina tur tuluy dipiara, jadi kakuatan lokal nu utama. Dibarung ku kawijakan pamaréntah dina méré fasilitas kasenian dina wangun fisik jeung non-fisik. (Arif Abdilah).

***


Posting Komentar

0 Komentar