Surat keur Urang Cicaléngka - Sajak-Sajak Nita Widiati Efsa

"The Letter" (1906) kénging Pierre Bonnard.


SURAT KEUR URANG CICALÉNGKA I

1
Naon nu kudu diungkarakeun paninggaran
Mun manuk buruanana riab saukur ninggalkeun bulu?
Sanajan aya tapak katuliskeun sarta matapoé méré ciri
Panglumpatanna nu ngebat. Di penclut pasir
Di pucuk daun caringin kahot. Sang manuk kaburu tiwas
Ku paninggaran séjénna.

2
Lain teu hayang sumalindung dina liuhna tangkal nu mayung
Dina canémbrangna cinyusu asih. Tapi diri kataji ku rembetna kakayon
Sarta gurawésna gawir nu lungkawing. Wadal nyawa tandon rasa
Gugulayunan marengan angin ngulinkeun pati. Lain teu hayang
Tumarima jaksi diri. Tapi aweuhan asih masih panjang
Turta muarana lain di anjeun. Lain teu hayang!

2006






SURAT KEUR URANG CICALÉNGKA II

1
Saenyana langit geus culika ka diri. Méré warna kulawu
Nyatana bodas. Padahal batin kumejot niat susuci
Miceun rereged nu dikirim angin musim brangta
Nepikeun warisan kahariwang ngeunaan cinta
Kembang nu dideukeutan bangbara
Sanajan seungit jeung maduna teu diseuseup
Tapi batinna kabawa lunta. Ngumbara tina régangna

2
Saenyana diri kataji. Ku katigin jeung kanyaah nu nyacas
Hanjakal waktu negeskeun hiji takdir mun diri kebat lumampah
Tina batin anjeun nu mirupa langit. Saenyana anjeun pisan
Kingkilaban tengah poé nu ngababuk jiwa. Kareueus
Kaajrih jadi hiji ungkara nu dianggit dina lagu kasmaran
Waktu nyawang kembang ngungun. Anjeun
Salin jinis jadi bangbara nu muteran mahkota diri

2006






SURAT KEUR URANG CICALÉNGKA III

Di Cindulang, kembang téh ngungun
Matapoé kasaput saab. Batu ngagunung ukur kahanjelu
Saukur cinta, tapi dunya paburantak
Cai nu nyurug nyulap kekebul kahariwang
Haté jeung cimata salawasna padeukeut

Saukur cinta, tapi jiwa pasiksak
Ngélmu kembang diri gé hayang layu
Hayang muguran jeung ngarangrangan
Tapi palias katunggel raga

Saukur cinta, tapi haté ajur
Kawas sesemplékan gelas kaca nu mancawura
Teu beunang diitung kikisik nu ngaleuya di basisir
Sarta datang jeung mungkurna matapoé

Di Cindulang, kembang téh ngungun
Cenah langit aya tujuh lapis
Jeung sakebét catetan sajarah poé
Tapi nu kateuteup ukur umpalan méga
Dongéng manusa dina pigura saréwu hiji peuting

Saukur cinta, tapi dunya robah
Meureun anjeun sang pangéran dina carita kiwari
Nu néangan jeung ditéangan Rafunzel
Cinta jeung pangorbanan taya wates nu écés

Saukur cinta, tapi jiwa burakrakan
Ngajirim langit mirupa haliwawar
Hayang diri suci jeung mibanda kawani
Tapi lain maksud masang topéng atawa taméng

Saukur cinta, tapi haté leyur
Teu beunang dipedar kumaha dunya ramasbas kumaha lilin
Lééh. Sarta datangna citangis reumis unggal isuk

2006






SURAT CINTA TI PALABUAN RATU

Héy matapoé!
Salira dongkap ti mana sarta badé ka mana?
Sanajan méh unggal dinten patepang
Sarta lalampahan salira nyaliara ka sakujur
Ti wangkid dampal suku, tonggong, embun-embunan
Urang. Tapi tara patukeur omong. Simpé

Padahal lambak nu teu kendat jumegur
Puncak-puncak dahan nu reureundeukan
Kawas wanoh caket sareng salira
Pamayang sareng parahuna lugina
Diayun ambing cahya sarta gulungan ombak
Tapi jaring salawasna pajauh jeung bulan
Turta lauk tara kungsi jadi batur Nini Antéh

Di langit mana salira bumetah?
Mun diri jadi widadari; hayang boga tarajé emas
Mun diri jadi Batara Kala; hayang bisa tandang beurang
Panggih jeung ngapimilik salira jadi tujuan pangahéngna
Keur hiji wanoja nu salawasna pinuh antian
Cai nu nyurug marengan lalakon cimata
Mujasmédi dina cadas ngukir jati diri ku kaketir
Ngahampelas rasa nu beuki disasaak

Héy matapoé!
Salira nu dianti ku diri; mojang kapas ti basisir
Wasta sim kuring; Putri Caweni

2006 




NITA WIDIATI EFSA, lahir di Sukabumi taun 1964. Nulis sajak, carpon, jeung éséy dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta dimuat dina sawatara média. Sajak-sajakna kawilang nyongcolang, boh anu dina basa Sunda boh anu dina basa Indonesia, utamana dina mangsa taun 1980-an nepi ka pertengahan taun 1990-an. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah IKIP (UPI) Bandung. Sanggeus lulus kungsi jadi dosén di almamaterna. Laju pindah ngajarna ka Jurusan Bahasa dan Sastra Indonésia, Universitas Negeri Malang. Sajak "Surat keur Urang Cicaléngka" jeung sajak-sajak séjénna saméméhna kungsi dimuat dina majalah Cupumanik No. 118, bulan Juni taun 2016.

Posting Komentar

0 Komentar