Tukang Torah - R. K. Narayan

"Children's Games" (1560) kénging Pieter Bruegel. 


PANCEG tengah poé manéhna muka kantongna tuluy ngaluarkeun pakakas gawéna mangrupa salosin kewuk, saheulay kaén nu digambaran rupa-rupa gambar ahéng, buku catetan, tur sabeundeul naskah kuna nu dijieun tina lambaran palem. Tarang hérangna dibalur lebu jeung mangsi beureum, matana ngaborélak ku gurilap seukeut nu sabenerna mah hasil tina matuh nénjo ka jauhna néangan langgan, tapi ku jalma saliwat mah borélak éta dianggap cahaya suci nu mungguh ninung.

Kakuatan sapasang mata éta ngahaja diwawaas ku posisina nu pas di antara mangsi beureum jeung godég hideung nu ngembat mapay pipi: dalah panon jalma bodo gé baris katenjo sumirat ku dikitukeun mah.

Minangka ciri mandiri, manéhna salawasna maké turban kelir konéng nu meulit sirah. Kelir pamikat. Geus loba jalma nu katarik ati ku manéhna, lir nyiruan kagémbang ku ligarna kanikir atawa dahlia.

Saban poé, tukang torah éta ngampar handapeun tangkal asem nu aya di jalan jajahan ka Taman Balé Kota, jalan leutik nu hadé pikeun usaha: rea jalma lalar-liwat di jalan éta ti isuk nepi ka peuting. Rupaning pagawéan jeung dagangan ngabarak di sapanjangna: nu ngajual obat, nu ngajual pakakas urut, tulang tadah, tukang sulap, jeung nu pangceuyahna mah lapak baju murah nu salawasna ramé sapanjang poé, mikat jalma sakuliah kota sangkan datang ka palebah dinya.

Di lapak gigireun tukang torah aya lapak tukang suuk goréng nu haben gunta-ganti ngaran daganganana, sakapeung "Es Krim Bombay", isukna "Almond Delhi", isukna deui "Katuangan Raja" jeung sajabana ti éta. Kaitung laris ogé tukang suuk téh.

Tah, di antara nu meuli suuk teh sok aya nu pirajeunan nyampeurkeun ka manéhna, sabab kitu diatur ku Nu Kawasa, yén tukang torah kudu kacéprétan rijki tina caang jeung léok haseup tukang suuk gigireunana.

 *

SALAH sahiji nu ngabedakeun jalan leutik eta jeung jalan-jalan sejenna nyaeta lantaran jalan leutik éta mah teu kasebrot hurung lampu ti Balé Kota. Caangna téh éstu datang ti nu ngadadasar di dinya. Aya hiji dua tukang dagang masang patromak nu sorana ngahéos sapanjang peuting, aya nu masang cempor, aya nu masang lampu sapédah butut, aya ogé hiji dua --cara tukang torah éta, anu teu masang nanaon. Atuh saban peuting, jalan leutik téh pinuh ku cahaya surem jeung kalangkang nu bangun reureundeukan, di ditu poek di dieu caang.

Mopoék kieu téh cocog pikeun tukang torah mah. Manéhna teu kungsi boga cita-cita jadi tukang torah, tur manéhna sama sakali teu nyaho naon nu baris karandapan ka dirina sorangan, sok komo ka batur. Atuh sarua jeung nu ngadon cingogo hareupeunana, manéhna gé teu taram-taram acan kana elmu palak. Mun téa ramalanana nyugemakeun batur atawa meneran, éta mah pédah manéhna leukeun ngimeutan, daék diajar tina pangalaman, jeung lihéy ngiker-ngiker kaayaan. Dina enas-enasna mah, manéhna sarua baé cara nu séjén: jelema jujur nu néangan rijki bari ngaharepkeun bisa mulang ka imah mawa duit.

Baheula, tukang torah éta sama sakali teu kungsi boga niat jeung rarancang pikeun ninggalkeun lemburna. Da upama manéhna tetep renggenek di lemburna mah, tangtu gawéna teh bakal sarua jeung bapana, nyaéta ngolah taneuh, bumen-bumen jeung ngolotan di kebon jagong di singkur lembur. Tapi léok hirup teu bisa disungsi. Manéhna kapaksa ninggalkeun lembur bari demit, leumpang sakaparan-paran aya kana tilu ratus kilometerna ninggalkeun lembur. Kakaburan. Keur urang kampung kurung batok cara manéhna mah, indit sakitu jauhna téh lir meuntas sagara.

Nya, ti saprak harita, manéhna jadi tukang torah, diajar nengetan masalah-masalah jelema: ti mimiti urusan rumah tangga, rijki, jeung rupaning kasusah umumna. Ku mindeng mah jadi seukeut panenjona. Jero lima menit gé manéhna geus bisa neguh kasusah jalma-jalma nu nyampeurkeun lapakna.

Saban patanyaan ditarip 3 pie*, kitu aturanana, bari manéhna mah tara pok ti heula, sok ngahaja ngantep langgan ngocoblak kurang leuwih 10 menit lilana. Tina naon nu dikedalkeun, manéhna bisa nyindekkeun pasualan hirup nu disanghareupan ku langgan, ogé nyayagikeun salosin torah jeung papagah.

Geus matuh deui. Saban manéhna nempokeun dampal leungeun langgan, heg nyarita, "Deudeuh teuing, Ujang, mébér-mébér totopong heureut, didago-dago tilewu..." Salapan tina sapuluh langgan tangtu panuju kana eusi torahna éta. Sakapeung manéhna sok pok  ngaluarkeun jurus babaledogan, "Sugan Ujang boga dulur awéwé, deukeut-jauh, nu teu resepeun ka Ujang?" Kalan-kalan manehna ge sok pirajeunan nyindekkeun sipat langgan: "Kasusah Ujang téh dijieun ku Ujang sorangan. Naha bet mungpang kahayang Saturnus? Ujang téh gurunggusuh, haté Ujang bageur, tapi katénjona ku batur mah kasar garihal ..."

Tah, jurus éta mah ampuh pisan, langsung keuna kana mamaras langgan, sabab ilaharna jalma, nu borangan gé sok hayang wé katempo gagah ti luar mah.

 *

TUKANG suuk geus niup cempor, laju balik. Ieu isarah keur manéhna, sangkan gancang bébérés, sabab jalan leutik téh sakeudeung deui poék. Ayeuna gé ukur aya celak-celak cahaya héjo teuing timana datangna, nyorot kana taneuh hareupeunana.

Manehna keur ngarawuan kewuk jeung betrak-betruk, rek diabuskeun pisan kana jero kantong, basa cahaya héjo éta ujug-ujug kahalangan ku tangtungan hiji jalma.

Tukang torah ngambeu piduiteun, tuluy pokna: "Bangun ngemu kabingung kitu, geuning? Hiap calik, cuang ngawangkong …"

Lalaki nu nangtung hareupeun tukang torah kadéngé ngagerem teuing ngomong naon. Tukang torah nawarkeun jasana sakali deui. Antukna gék eta lalaki diuk, tuluy ngasongkeun dampal leungeunna ka handapeun irung tukang torah bari pokna bangun cangcaya, "Baruk salira teh tukang torah, nyah?"

Tukang torah katodél haténa, tuluy pokna bari malikkeun dampal leungeun nu datang ka palebah cahaya héjo, "Anjeun teh sabenerna mah ..."

"Lah, teu kudu nyaritakeun sipat kuring," témpas lalaki éta. "Anggur mah pangnorahkeun nu puguh kajadian bari aya mangpaatna ..."

Bari rada keuheul, tukang torah nyarita, "Saban patanyaan taripna 3 pie, jawaban kuring tangtu aya mangpaatna ..."

Éta lalaki ngabedol leungeun, tuluy ngaluarkeun duit 1 anna, lung ka hareupeun tukang torah. "Tah, loba duit mah. Ngan, lamun Anjeun ngabobodo kuring, Anjeun kudu mulangkeun éta duit sa-anna jeung rentenna sakalian."

"Kuma lamun jawaban kuring nyugemakeun? Anjeun daék mayar 5 rupee?"

"Teu sarudi teuing!"

"Dalapan anna atuh?"

"Hég, tapi lamun Anjeun salah, kuring kudu dibayar dua tikel ti éta. Wani teu?" tembal lalaki nu anyar datang, nangtang.

Tukang torah tuluy ranggah kunyam-kunyem ka langit, sedeng lalaki hareupeunana nyeungeut surutu. Tina hurung peneker, beungeut lalaki éta karérét ku tukang torah. Ti jauhna, kadenge sada mobil eureun, gantawang kusir jutka* nyarekan kuda, jeung galecok sora-sora jalma di sakuliah taman nu remeng-remeng cahayana.

Éta lalaki nu diuk hareupeun tukang torah tagogna ludeung taya kasieun, ngenyot surutu bangun nikmat, tuluy kepoh haseupna ditiupkeun.

Tukang torah élékésékéng, tuluy nyarita. "Ieu duit Anjeun, cokot deui. Kuring mah tara pirajeunan maén, barina geus wayah balik, kitu ceuk itungan béntang," tukang torah gesat-gesut meresan barang-barangna.

Gep, pigeulang tukang torah dicekel ku éta lalaki. "Teu bisa kitu," pokna. "Pan Anjeun nu ngagentra sangkan kuring diuk di dieu."

Tukang torah ngadégdég, sorana ngageter bari laun. "Enya. Tapi ulah ayeuna. Isuk baé urang tuluykeun.”

Lalaki nu udud surutu ngasongkeun dampal leungeunna ka tukang torah. "Mun wani nya wani. Der kainyah."

Tikoro tukang torah karasa garing basa manéhna lahlahan ngaluarkeun jurus andelanana, "Aya hiji awéwé ..."

"Heup!" potong lalaki hareupeunana. "Kuring mah teu hayang ditorah kitu patut! Ieu patanyaan kuring: Naha nu ditéangan ku kuring baris kapanggih? Sok geura jawab masing jéntré. Mun teu bisa ngajawab, duit Anjeun dibawa ku kuring!"

Gerenyem tukang torah maca jampé, tuluy jawabna. "Hég ari kitu mah. Kuring rék ngajawab. Tapi kuring ménta duit sa-rupee mun jawaban kuring meneran. Mun teu kitu, kuring teu hayang norah Anjeun sama sakali, najan dikukumaha ogé."

Sanggeus rebut tawar, antukna éta lalaki panuju mayar sa-rupee. Ceuk tukang torah antukna, "Anjeun kungsi digunasika nepi ka méh perlaya, nya?"

"Aéh, enya bisaan. Tuluy?"

"Ditubles péso, nya?" tanya tukang torah deui.

"Kitu pisan dongengna!" si Lalaki nembongkeun tapak tatu dina dadana. "Sok, naon deui?"

"Anjeun digebruskeun ka jero sumur di hiji kebon, engkak-engkakan ditinggalkeun bari sakarat …"

"Kuduna mah kuring teh maot di dinya, ngan untung aya jelema liwat nu haat noong ka jero sumur," lalaki éta unggeuk-ungeukan jigrah. "Iraha kira-kirana kuring bisa males pati?"

"Moal bisa," tembal tukang torah. "Jelema nu ngagunasika Anjeun geus tiwas opat bulan katukang di luar kota. Moal bisa dipanggihan deui."

Eta lalaki ngarahuh ngadenge omongan tukang torah.

"Guru Nayak ..." gero tukang torah.

Gurubug. Eta lalaki ngajengok. "Anjeun nyaho ngaran kuring?"

"Kuring dituduhkeun rupa-rupa hal ku béntang," tembal tukang torah. "Guru Nayak, déngékeun omongan kuring. Lembur anjeun di Kalér jauhna dua poé lalampahan ti dieu. Jug, geura naék kareta api, balik ka dituh! Kuring nempo aya bahla nu ngadodoho anjeun di dieu …" tukang torah ngeprulkeun saciwit lebu kana dampal leungeun lalaki hareupeunana. "Ieu, ulaskeun kana tarang, tuluy geuwat mulang. Ulah sasakali Ngidul ka béh dieu deui, mangka umur anjeun nepi ka itungan saratus panjangna …"

"Rék nanahaon kuring ka dieu deui?" tanya si lalaki. "Ka dieu sotéh pedah néangan jelema nu ngagunasika kuring baheula. Kuring geus panceg haté, mun panggih rék nyekek beuheungna." Luk lalaki teh tungkul. "Leuh, hanjakal manéhna kaburu ajal. Muga-muga sing nyeri."

"Kana kitu," tembal tukang torah, "Éta jelema tiwas kagéléng kareta, awakna ancur sapisan."

Lalaki hareupeunana bangun kacida bungahna ngadéngé béja kitu ti tukang torah.

 *

JALAN leutik téh geus simpe mangsa tukang torah ngasup-ngasupkeun pakakas nujumna kana jero kantong. Cahaya héjo geus ngiles teuing kamana, poek ngaraja. Lalaki nu tadi ditorah gé geus ilang diteleg belegbegna peuting, sanggeus ngeupeulan duit.

Maju tengah peuting, tukang torah cunduk ka imahna. Kasampak pamajikanana keur lunga-lengo dina panto, hariweusweus barang nénjo manéhna datang. Teu loba omong, tukang torah tuluy mikeun duit paméré lalaki nu tadi.

"Itung sabaraha. Éta buruh norah ti saurang."

"Dua belas satengah anna," ceuk pamajikanana sanggeus ngitung. "Urang bisa meuli gula beureum jeung kalapa. Geus sababaraha poé budak ngerewih hayang nu amis-amis, rék dipangnyieunkeun isukan, rek dingeunah-ngeunah."

"Si Kéhéd téh nipu aing! Cenah rék méré sa-rupee!" tukang torah gogodeg.

Pamajikanana ngalieuk. "Kunaon Akang bangun keuheul kitu?"

"Teu nanaon."

 *

BÉRÉS dahar, bari dariuk di tepas imah, tukang torah nyarita: "Poé ieu asa bucat bisul, kacida bungangangna. Salila ieu Akang ngarasa geus maéhan hiji jelema. Nu matak Akang luas kakaburan ninggalkeun lembur, kawin jeung Nyai, bumetah di dieu. Singhoréng jelema éta hirup kénéh."

Pamajikanana colohok. "Akang kungsi mergasa jelema?"

"Enya, baheula di lembur, jaman ngora bari boloho. Akang jeung manéhna mabok, maén, tuluy paséa rongkah ... Ah, naha teuing dipikiran? Ayeuna mah wayah saré," ceuk tukang torah bari heuay, tuluy ngagolédag di tepas imah bangun kacida ni'matna.

 ***


Katerangan:

*) Pie, duit nu dipaké di India, Birma, jeung Pakistan nepi taun 1947. Pangaji sa-pie téh sarua jeung 1/3 paisa, 1/12 anna, atawa 1/192 rupee.

*) Jutka, karéta kuda. 

     


Rasipuram Krishnaswami Iyer Narayanaswami atawa R. K. Narayan (10 Oktober 1906-13 Méi 2001) kaasup entragan pangarang India nu pangmimitina nulis dina basa Inggris. Karya-karyana meunang pangbagéa lantaran mindeng nyaritakeun kajadian sapopoé nu raket jeung kahirupan balaréa, najan mindeng ogé dikritik lantaran cenah basajan teuing.

Carpon “Tukang Torah”, anu judul aslina “An Astrologer's Day”, dicokot tina buku An Astrologer's Day and Other Stories wedalan Indian Thought Publications (1947) kaca 1-7. Ditarjamahkeun ku E.D. Jénura, sarta kungsi dimuat dina majalah Manglé No. 2624, April 2017. 

Posting Komentar

0 Komentar