Turaés jeung Tonggérét - Ari Andriansyah


TEU ngahaja mulang ka lembur teh wanci haneut moyan. Bet ngarandeg basa aya sora turaés ngoléar dina runggunuk dapuran haur, di lamping lembur. Wanci soréna, ditéma ku sora tonggérét, dengér lebah tangkal kai. Rét ka langit, béngras. Rék nincak halodo, gerentes téh. Tapi, naha hujan bet angger ngayer ka peutingnakeun.

Horéng lain baé robahna usum katut kapahungna turaés jeung tonggérét, dalah lemburna gé geus salin jinis. Urang lembur réa nu miang ka kota. Sedeng lemburna sorangan kapan geus mindah rupa jadi lahan urang kota. Manaboa di sawatara wewengkon mah turaés jeung tonggérét kari waasna dina panineungan séwang-séwang.

Najan sistem prakiraan cuaca katut isu robahna iklim geus canggih, bawirasa turaés jeung tonggérét tetep bisa maréngan rénghap manusa. Lian ti méré galagat pikeun juru tani, tapi ogé jadi palasipah adaptasi sawirahma jeung alam. Kitu ogé mun panceg mageuhan pamadegan dalit jeung alam.

Bagantina usum nu maneuh jeroning sataun—boh ti halodo ka ngijih, boh ti ngijih ka halodo—, mangrupa tangara alam pikeun tuduh manusa nu kudu disurahan enggoning ngalokonan hirup jeung huripna. Cicirén yén manusa sagalarupana gumantung ka alam. Ngindung ka ususm, mibapa ka mangsa.

Hal ieu nunjukkeun yén turaés jeung tongggérét boga kalungguhan penting dina kahirupan urang Sunda. Mungguh ngagantungkeun hirup tina ladang nyurahan galagat usum—ngaliwatan alam, tutuwuhan, atawa sasatoan. Minangka kaarifan lokal nu kudu disurahan kalawan jembar.

Tangtuna, barudak ayeuna mah moal wanoheun kana turaés jeung tonggérét. Malah ngadéngé sorana gé hamo arapaleun. Sakalieun aya kawih Tonggérét dina galindeng Rika Rafika gé, weléh teu ngarti kana rumpakana. Kalah unggut-unggutan kana musikna. Malah leuwihna, kapan geus kasilih ku lagu barat kameumeutna. Reureundeukan dina wirahma ahéng.

Dingaranan turaés jeung tonggérét téh luyu jeung sora nu dikaluarkeunna (Onomatope). Di Jawa disebutna gerengpung atawa uir-uir. Demi wujudna réa nu nyebutkeun sarua éta-éta kénéh. Padahal, boh turaés boh tonggérét—najan sajenis tina golongan sato Insékta/Cicadidae—boga ciri jeung kabiasaan nu béda. Nurutkeun paraahli, leuwih ti 2.500 spésiés Cicadidae hirup di dunya, habitatna réréana di daérah tropis (D.S. Setijati, Khazanah Flora dan Fauna Nusantara, 1992).

Morfologi awak turaés dibagi tilu: hulu, dada (thorax), jeung beuteung (abdomen). Sakabéh awakna ditutupan ku eksoskeleton (rangka luar) nu teuas tur dilapis kitin. Warna awak hideung semu coklat, ukuranna rada badag ti tonggérét, jangjang transparan (lebah sisi jeung gurat-gurat tengahna), tur miboga tilu mata fasét/ocelli (aya di antara dua mata jeung jangjang).

Biasana sok kadéngé dina rungkun awi bari ngeleperkeun jangjangna. Tina keleper jangjang nimbulkeun sora tarik ngoléar semu ngéngkréng. Nya dina waktu éta turaés begér tur kawin, bikangna laju nyimpen larva/endog dina tatu tangkal awi wanci mungkas halodo. Nincak ngijih, endogna megar jadi cangkilung—ku sawaréh sok dipasak pikeun deungeun sangu—, nu sok ngagorogotan jero tangkal awi (Deni Suwarja, Cupumanik, 2011).

Sedeng tonggérét (magicicada septendecim) bagian-bagian morfologi awakna méh sarua jeung turaés, ngan ukuranna leuwih leutik. Warna awak héjo ngora tur panjangna antara 25-40 mm. Daur hirup/métamorfosisna kaitung lila, 8-17 taun. Dina mangsana begér, ngan tonggérét jalu nu bisa ngaluarkeun sora. Sora asalna tina sapasang kendang nu mangrupa kulit teuas handapaeun beuteung, gumeter kalawan bantuan otot nu kuat tur inténsitasna béda-béda.

Sarua jeung turaés, fungsi sorana pikeun narik birahi bikangna, tur lumangsungna sora téh ngan 3-6 poé baé. Tonggérét nu sorana pangbedasna disebut tonggérét banén. Kahakananana nyaéta nyeuseup geutah tatangkalan. Da puguh cicingna dina tangkal kai. Larva tonggérét megarna kira-kira 6 minggu. Usum ngijih larva ngajadi kuuk nu sok ngagalaksak akar tatangkalan. Nepi ka tatangkalan paraéh. Laju kuuk bakal ngajadi nimfa dina munggaran usum halodo, ka luar tina taneuh bari ngaleupaskeun kulitna. Medar jangjang, hiber jadi tonggérét déwasa. Kitu jeung kitu saterusna.

Tah, biasana urang lembur mun geus ngadéngé sora turaés atawa tonggérét téh sok ngabring nuar awi atawa kai. Nya usum halodo tatangkalan hadé dialana. Lantaran cai dina tatangkalan geus tuhur, engkéna hadé pikeun bahan wangunan. Sabalikna, mun ngalana dina usum ngijih, bakal téréh koropok, moal lila kapakéna.

Kari Hariring

TAPI, naha kiwari manusa masih kénéh misobat alam, kaasup dalit jeung turaés katut tonggérét? Atawa boga tanggung jawab pikeun ngaraksa-ngariksa lingkunganna? Galagat usum nu geus teu tangtu, munculna rupaning kajadian alam (kaasup cuaca ekstrim), murbana ‘pemanasan global’ (global warming), mahabuna wabah panyakit, poharana alih fungsi lahan, sarta geunjleungna isu paceklik (rawan pangan), saniskara tangara yén manusa geus teu miduli alamna.

Turaés jeung tonggérét geus teu bisa dipaké tangara pancaroba. Usum teu puguh datangna. Iklim jeung cuaca terus robah. Alam bangun nu murka. Pamustunganna, lahan ruksak, cai béak, tur pangeusina balangsak. Wuri-wuri ngahontal pangwangunan dinamis, kalah katalanjuran nyorang lingkungan kritis. Wuwuh lahan produktif pertanian réa nu kacontang.

Angot kahirupan manusa kapan geus ti heula mancaroba. Réa nu geus ninggalkeun kaarifan lokal budayana, ngeukeuhan budaya deungeun nu dianggapna leuwih luhung. Antukna, unggal sélér ieu bangsa teu boga indéntitas. Jati kasilih ku junti. Lir turaés jeung tonggérét nu ngageterkeun jangjang nganti-nganti dawuh. Cicing antara ngijih jeung katiga, ngajégang antara tradisi jeung budaya saru. Teu bisa ngejat antara kasarung lebah jalan deungeun jeung hayang mulang ka asihing sarakan.

Sakumaha nu ditétélakeun ku Pujo Suharso (Tanah, Petani, Politik Pedesaan, 2002), yén majuna moderenisasi ngagusur pola pikir masarakat tina tradisi tani kana industri. Orokaya, tetekon katut kearifan lokal gé nungtut leungit. Sedeng méntalna tacan siap pikeun ngayonan parobahan nu disanghareupan.

Galagat usum nu terus robah kudu disurahan kalawan jembar. Turaés jeung tonggérét sakuduna bisa marengan rénghap manusa nyorang hambalan jeung tarahalna kahirupan. Pancaroba teu saukur dihartikeun bagantina usum baé, tapi disurahan minangka tangara kudu pindahna paripolah manusa sangkan nyaah tur teu ngalalaworakeun lingkunganna. Dibarengan ku ajén budaya, atikan, sarta harmonisasi politik.

Basa ninggalkeun deui lembur kapireng kénéh sorana. Enya, boa ka hareup mah sagalana bakal kari waasna. Deudeuh turaés jeung tonggérét nu ngoléar mapag kala, bet satia ngawula tangara ku sapasang jangjang karancang. Mituhu kapangger, geter nya mungkas keleper. Tapi ngijih teuing ku panjang, katiga lawas teu nganjang. Cenah gé, tong dirérét, tong dirérét. Deudeuh ngaligincing asihna kari hariring. 

***





ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon, dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Sajakna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna nu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Jatinangor. Ayeuna matuh di Tanjungsari.

Posting Komentar

1 Komentar

  1. Waas. Hanjakal lain beuki dioméan alamna, malah dunya beuki dipaksa ngudag abad 21. Atuh nu sapantaran kuring mah mémang geus langka ningali turaés.

    BalasHapus