|
"Unsplash" kénging Austin Neill. |
MANÉHNA témbong
deui dina unggal keprulan haseup udud. Enya beungeut si Karja nu siga buta.
Silih genti jeung Santi, adina. Kalan-kalan si Karja keur nyakakak. Seuseurian
bangun nu bungah. Kalan-kalan nu témbong téh kalakuan si Karja nu keur adug
lajer jeung Santi. Ras kacipta beungeut Santi nu keur nahan kanyeri. Rey, beungeut
Ujang dumadak beureum. Nahan piambekeun. Leungeunna tipepereket. Tayohna rék
neunggeul beungeut si Karja. Ana diteunggeulkeun, taya nu keuna. Si Karja kalah
beuki nyakakak bangun nu dihajakeun.
Awakna nu pesekel kalah beuki napsu ngagadabah Santi. Pangawakan Santi nu
leutik teu bisa walakaya. Santi kokoréjatan, hayang leupas tina keukeupan Karja.
Kalan-kalan Santi ngajorowok ménta tulung. Tapi taya nu nulungan. Beungeutna
atra pisan nahan rasa nyeri. Ujang beuki ambek. Beungeutna beuki geuneuk. Napsuna
beuki ngagedur. Gap, leungeunna nyagap bedog anu aya digigireunna. Manéhna
cengkat. Ana rék disabetkeun, les si Karja dumadak sirna. Ilang saharita.
"Sieun ku aing sia Karja!” manéhna ngomong sorangan. Leungeunna beuki
ngeleter. Napsuna angger ngagedur.
Koléséd. Manéhna ngoléséd diuk deui. Leungeun anu saméhméhna nyekel bedog dilésotkeun. Gap, kana sirah. Aya nu sumelendep kana angenna. Santi. Enya Santi
nu keur nahan kanyeri. Santi nu gugurinjalan hayang leupas tina tangkeupan Karja.
Leungeun Ujang beuki tipepereket nyekel sirahna. Teu karasa aya nu nyurucud
dina juru panonna.
Ujang ngarénghap. Gap, leungeunna kana udud deui. Nyot udud nu kari
puntungna diseuseup deui. Tayohna mah lebar, euweuh keur meuli deuina. Geus teu
digawé ayeuna mah. Geus kaluar. Kaluar sotéh, lain gara-gara di-PHK. Lantaran
sia Karja. Sia nu jadi sabab musababna.
Udud nu kari puntungna dikenyot deui. Haseupna ngebul deui. Ras, ka Santi.
Santi nu keur gogonjakan jeung papada baturna. Keur maké saragam sakola. Kelas salapan
és-ém-pé. Tuluy témbong kalangkang Santi nu keur maké saragam dokter. Keur
dines di rumah sakit. Santi témbong bagja pisan. Panonna teu weléh mureleng ka
sabudeureun rohangan. Agréng, cék haténa. Santi tuluy témbong nyikikik
seuseurian. Teuteupna can lésot kénéh tina éta rohangan. Anteng kénéh
nelek-nelek rupa-rupa barang nu aya dina éta rohangan. Gap, ramona kana
stétoskop. Gap, kana suntikan. Sakur nu aya dicagap kabéh. Nyéh Ujang seuri. Manéhna
milu bungah ningali Santi geus jadi dokter. Enya cita-cita Santi geus ngawujud.
Kelepus. Haseup udud ngelun deui. Leungeun sabeulah masih nyagap
sirahna. Masih nyipta-nyipta Santi. Santi nu keur dipergasa. Santi nu keur
ceurik nahan kanyerina. Ujang beuki melenguk. Tapi angen-angenna tetep
kumacacang ka awang-awang. Kumalayang ka alam nu saméméhna gumiwang. Ras
kacipta beungeut indungna nu geus taya dikieuna.
“Jang, sing karunya ka si Santi,” indungna
ngagerendeng, méh teu karasa cimatana nyuruhcud, “Si Santi téh adi manéh
hiji-hijina. Pinter budak téh. Lebar mun sakolana teu dituluykeun.”
Ujang ukur melenguk. Panyangka téh indungna moal ngomong kitu.
“Anggur mah digawé. Babantu néangan résiko. Sukur-sukur bisa nyakolakeun si Santi. Tong siga bapa manéh. Boroning hayang nyakolakeun, keur ngarésikoan ogé henteu."
Ujang ngabetem.
“Yeuh Ujang, sia gé apal, bapa sia model kumaha. Tukang judi, tukang
mabok, tukang lacur!"
indungna ngarénghap, “Ayeuna sia hég hayang nuluykeun sakola. Duit ti mana
Ujang?” cék indungna deui.
Sajongjongan mah indungna eureun nyaritana. Kitu deui Ujang masih
ngabetem teu lémék-lémék. Tapi pipikiranana ngacacang ka mana-mana. Ras ka
Bapana. Sakapeung Ujang sok hanjakal boga bapa siga kitu. Boga bapa nu kalakuanana
teu eucreug. Gawéna ukur ngawiwirang indungna. Ngawiwirang manéhna.
Kungsi harita mah bapana ngadon lacur di imahna. Saleuheung mun jeung nu
teu wawuh mah. Apan ieu mah sidik pisan lacurna téh jeung Bi Nani pamajikanana Mang Junéd. Atuh
puguh kawiwirangan. Da mani awong-awongan Mang Junéd téh. Tapi bapa mah taya
riuk-riuk ngarasa dosa. Ayem wé. Lain sakali dua kali kituna téh.
“Cék aing gé sia téh mending digawé. Nyaba ka kota. Sugan jeung sugan
ari geus di kota mah meunang. Da ijasah mah teu handap-handap teuing, kasebutna
ogé kaluaran és-ém-a,” indungna nyarita deui.
Ujang kalah beuki melenguk. Angger ngabetem. Teu lila manéhna cengkat. Ngeteyep
muru kamarna. Léngkahna bangun nu seunggah. Dina pikiranana aya nu nyangkaruk. Antara
harepan manéhna jeung Santi adina. Dina pikiranana
ranteng mangpirang tinimbang. Mun, seug manéhna nuturkeun kahayangna, tangtu si Santi bakal kumaha. Apal manéhna ogé Santi
téh boga kahayang. Boga cita-cita.
Ngan ayeuna cita-cita Santi bet mabur. Sakabéh harepanana geus direbut. Kaasup
harepan indung jeung manéhna nu hayang nyakolakeun Santi.
Santi.
Adi hiji-hijina ngagantung manéh di kamarna. Lantaran teu kuat nandangan
hirupna.
“Lantaran sia Karja! Bangsat!” Ujang satengah ngajorowok. Ambek kénéh. Tapi nu diambekna teuing di mana.
Ujang ukur bisa meupeus keuyang.
*
AYA nu kudu dibéréskeun.
Hiji poé Ujang ménta libur tina pagawéanana. Éta minangka alesanana. Ujang geus gilig dina haténa rék mateni Karja.
Lantaran Karja geus ngaruksak impian manéhna. Pangpangna ngaruksak impian Santi.
Ujang keketeyepan asup ka imah. Manéhna geus saged baris ngala pati
Karja. Bedog manéhna. Leungeunna tipepereket. Napsuna ngagedur. Sup ka imah. Kasampak
Karja keur nyenyekel botol inuman. Leguk Karja nginum. Teu karasa ku Karja, aya
nu ngawaskeun. Keur nyanghareupan pati. Ti tukang Ujang anteng mencrong Karja. Manéhna
néangan lolongkrang. Tuluy keketeyepan. Bedogna tuluy diacungkeun lalaunan. Saléngkah
dua léngkah Ujang beuki ngadeukeutan Karja. Rénghapna teu puguh ranjugna. Getihna
beuki motah kana jajantungna. Sumebar kana sakuliah awakna. Ketugna beuki tarik.
Teu lila bedog disabetkeun. Nenggel pisan kana sirah Karja. Brah, sirah
Karja baloboran ku getih. Karja tuluy cengkat dina tempat diukna. Tuluy mureleng
ka tukang. Katingal aya anu nyekel bedog. Berengbeng Karja lumpat. Nu napsu
tuluy ngaberik Karja. Bedogna tuluy disubat-sabet. Tapi taya nu keuna.
Karja teu bisa ngalawan. Manéhna ukur nyingkahan. Ngan tayohna geus teu
kuat nahan nyeri, lantaran getih dina sirahna beuki ngocor. Karja tuluy
ngarumpuyuk. Teu walakaya. Ujang nu masih napsu tuluy nyacag awak Karja.
*
UJANG ceuceuleukeuteukan
di kamarna. Haténa bangun nu puas. Mupuas si Karja. Ngan teu lila ti harita, Ujang
jadi tersangka. Manéhna jadi buronan. Saban koran, saban tipi teu weléh
ngaberitakeun manéhna.
“Kembali,
seorang anak tega membunuh ayah kandungnya sendiri.” Kitu sawatara headline dina unggal
koran.
Ujang anteng ngudud. Haseupna ngelun muru awang-awang. Muru lalangit
kamar nu kulawu. Ras ka Karja. Barakatak seuri. Bangun nu bagja. Haténa lugina.
Kelepus. Ududna diseuseup deui.
***
Cipaku, 2011
ARIF ABDILAH, lahir di Majalengka taun 1989. Internisti, gelandang sayap di cacandran.com. Ku babaturan deukeutna sok digeroan Ayih. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Keur kuliah kungsi jadi ketua UKM ASAS jeung Turus. Nulis sajak jeung carpon, dimuat dina majalah Cupumanik, Manglé, jeung Pikiran Rakyat. Bukuna nu geus medal kumpulan sajak Hujan di Pajaratan (taun 2020). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Bandung. Carpon "Udud" saméméhna kungsi dimuat dina majalah Cupumanik, No. 94 Taun VIII No. 10, Méi 2011.
0 Komentar