"Papuan Youth" (1914) kénging Emil Nolde. |
PEUTING poék meredong. Béntang rinyay tingkaretip di langit. Pasir jeung gunung ukur belegbegna di kajauhan, dirungkup halimun nu ngalampat di lamping-lamping. Cahaya sénter tingsalebrot. Nyorotan beungeut nu ngareluk, sarepa, dikepung kasieun. Obor ngagebur di sababaraha tempat. Bandéra bintang kejora ngélébét ku angin peuting. Di dinya, di tegalan luhureun lembur Banti, warga non Papua disandera, dikumpulkeun ku KKB pingpinan Guspi Waker. Kira saratus urang jalma nu digiring sina dariuk di tegalan téh. Lain ti Banti baé ti lembur séjénna ogé aya, ti Utikini jeung Kimbéli. Saenyana sakabéh warga di tilu lembur tadi anu dikawasa ku maranéhna sabada serbuan tadi beurang téh. Ngan anu tuluy disandera mah ukur warga non pribumi. Pituin urang dinyana mah sina ngarerem baé di imah séwang-séwangan, teu meunang aya nu ngalolos kaluar.
Hawa peuting beuki nyecep. Saréréa ukur bisa ngareluk nangkeup tuur. Bingung jeung liwung. Harta banda geus kabéh dirampas. Euweuh nu kasingsal, warga non Papua mah, nu ngadon bubuara di éta wewengkon, tadi beurang kabéh dirampog, kudu masrahkeun duit, hapé, perhiasan, kaasup bubuk emas keur jualeun.
Manéhna ngarahuh. Beungeutna karasa karadak hareuras ku leutak. Ngeluk baé teu wani cengkat némbongkeun beungeut, bisi kasorot sénter. Padahal beungeutna geus teu mangrupa. Tadi beurang basa aya KKB nyerbu ka pilemburan sarta néwakan warga non Papua, aya nu ngaharéwos ka manéhna, “Bu Guru punya itu muka, cepat dia kasi lumpur!” ceuk nu ngabéjaan. Manéhna kakara engeuh, anyar kénéh aya béja, di Kampung Omponi aya guru rélawan nu méh-méhan maot dipergasa. Nu matak manéhna buru-buru ngabalur beungeutna ku leutak ti susukan. Kilang kitu, keur nu sidik mah moal ieuh kapalingan.
Aya lima puluh urang anggota KKB peuting harita nu ngajagaan maranéhna. Samagréng nyarorén bedil, sayaga ningker jalma-jalma nu keur disandera. Beungeutna kabéh camérong. Iketna lain tina bulu manuk kawas nu biasa sok diparaké ku suku Amungmé, tapi kaén nu maké lambang bintang kejora. Ti lebah obor nu ngagebur, kadéngé sora nu tinggorowok.
“Kitorang témbak sapa kepala batu!” ceuk nu lajag-léjég ngurilingan tegalan.
“Sapa mo kabur? Sapa orang tra mo tunduk? Sapa tra mo bantu kitorang punya merdéka? Sapa, wéi?” ceuk nu séjén.
Jeduk sora sapatu najong. Goak nu nahan kanyeri. Jebét sora bedil dibabukkeun. Kocéak sada nu dikaniaya, bareng jeung sora budak nu milu ceurik ngocéak saharita. Sawan moal henteu, nempo jalma-jalma disariksa. Saréréa jempling euweuh nu wani némbal, sumawona ngalawan. Ngayekyek euweuh getihan. Sora budak nu terus ceurik kokocéakan nambahan kaketir. Awéwé mah loba nu ngaringhak, aya nu war-wér kariih bakat ku geumpeur. Awakna pada ngagalibrig. Lain baé ku nahan kasieun, tapi ku hawa pagunungan nu pohara tirisna. Banti jeung lembur séjénna nu aya di éta wewengkon, kaasup bawahan distrik Tembagapura, nu perenahna di tutugan Gunung Jayawijaya, 2.958 méter luhurna tina beungeut laut. Kaharti lamun hawa pohara tiisna, 15 darajat sélsius, nyelecep kana kulit jeung tulang. Jauh di béh handap, aya kota nu ngempur, Timika, ibu kota Kabupatén Mimika, puseur pamaréntahan di éta wewengkon.
Manéhna gé ngadarégdég. Biwirna ngageter teu eureun babacaan, nyambat pitulung Nu Maha Asih. Tapi haténa saenyana teteg teu galideur. Pasrah kana papastén. Abdi iklas kana naon nu bakal tumiba, sakumaha harita gembleng rék masrahkeun jiwa raga di ieu tanah Papua, gerentesna. Ingetanana tuluy sumoréang. Manéhna clik putih hayang babakti di ieu daérah hara-haraeun. Cita-citana ti baréto basa manéhna kuliah di UGM. Élmu sosiologi nu jadi pilihanana geus ngajurung, malah ngawajibkeun pikiran jeung rarasaanana, sangkan hirup di tengah masarakat primitif nu butuh pitulung. Wewengkon Indonésia Timur, utamana Papua, geus lila jadi puseur pamikiranana. Éta sababna sanggeus réngsé kuliah, manéhna tuluy sasadu ménta idin ka kolotna. Kencling indit sorangan nyusul lanceukna di Papua. Tétéhna geus dua taun marengan salakina nu jadi Pangdam di Kodam XVII Cendrawasih, di Jayapura. Basa bébéja hayang jadi guru rélawan di pedalaman, tétéhna jeung salakina teu ngidinan. Hariwangeun ku soal kasalametan sabab Papua lain daérah nu aman.
“Di Jayapura gé loba kénéh sakola nu kakurangan guru. Sok, Lala hayang ngajar di sakola mana, ku Akang ditempatkeun!” ceuk salaki tétéhna.
“Lala mah moal terang, kumaha di Papua genting harénghéng saban waktu. Kumaha lamun aya nu apaleun yén Lala téh adina Pangdam? Kapan bakal jadi sasaran anggota séparatis? Ku Lala teu kaémut ka dinya?” Tétéhna nétélakeun, ngomongna leuleuy ngalelemu.
Manéhna jempling baé, bingung. Teu kataji da ari kudu ngajar di Jayapura mah. Moal resep, euweuh tanjakan. Jiwana keukeuh hayang babakti di wewengkon pedalaman Papua. Ka dituna rengkeng ngobrol téh, bubuhan manéhna nu jadi adi perténtang ngalawan.
Lanceukna léah sanggeus manéhna nyuuh, rambisak bari ngarangkul suku salaki lanceukna. Teteg yakin ngedalkeun patékadan jeung prinsip hirupna sarta rék tarapti ngajaga dirina. Kaasup ngajaga rusiah yén manéhna adi beuteung Pangdam. Teu lila manéhna geus bisa jadi guru rélawan di Asmat. Tapi ukur dua taun. Harita Asmat keur harénghéng, teu aman ku peperangan sélér nu terus pagétréng. Pindah ka Nabiré. Ukur dua taun di dieu gé. Dipindahkeun ku lanceukna sanggeus manéhna gering ripuh katerap malaria. Nya tuluy pindah ka Banti, tempat babakti manéhna ayeuna, betah geus lima taun.
“Sapa kenal ini orang, wéi! Sapa?”
Manéhna ngarénjag asa kagebah lamunan. Aya nu mawa obor bari némbongkeun foto, nguriling diasong-asong ka nu araya. Gebeg. Sidik pisan dina cahaya obor, éta téh foto salaki lanceukna, nu jadi inceran kelompok-kelompok séparatis. Tingsariak tuluyna, kumaha lamun aya nu nyahoeun saha saenyana dirina. Saréréa jempling euweuh nu wani némbal. Eukeur mah enya teu wawuh, katambah geus pada nyaho, nu némbal nyebutkeun kenal pasti ditémbak saharita.
“Ayo jang pura-pura kamorang! Di mana sekarang ni orang, akan sa bikin mati dé!” gorowokna deui. Saréréa angger jempling, ngareluk baé nangkeup tuur. Keur kitu aya nu ngaharéwos kana ceuli manéhna. “Bu Guru punya lapar, ini kitorang bawa labu!” pokna. Manéhna ngalieuk bari nampanan nu dibikeun. Teu sidik kana rupana gé yakin kana sorana. Yambisé, lalaki nu salila ieu nangtayungan manéhna, bapana Timo, muridna. Geus mikeun bungkusan mah Yambisé mundur deui lalaunan. Beuleum hui haneut kénéh. Ku manéhna tuluy didahar jeung awéwé gigireunana biheung saha. Beuteungna puguh geus kukurubukan ti soré kénéh. Bari cacamulian téh manéhna banget kagagas. Haténa leyur ngarakacak ku kaweningan Yambisé. Ngan ku éta lalaki sok ditulungan, naha ku kaperluan sapopoé anu teu kaduga ku pangawak awéwé, atawa upama keur nyorang kaayaan genting. Yambisé kaasup jalma nu deukeut jeung anggota KKB. Naha anggota séparatis atawa lain, manéhna teu apal. Ngan Yambisé bisa deukeut jeung maranéhna téh bubuhan dulurna Mako Tabuni nu geus maot ditémbak aparat, kaasup tokoh pergerakan Papua Merdéka. Tara leuleuweungan atawa mamawa bedil Yambisé mah, hirup sakumaha biasa baé di Banti. Éta sababna pangna manéhna nyangka yén Yambisé mah lain anggota pergerakan.
“Wéi! Dengar kamorang! Pemimpin kitorang mo bicara!” Aya anggota nu ngagorowok deui. Jen tuluy aya nu nangtung ngajega, dihapit ku dua obor nu ngagalebur. Manéhna teu apal, naha éta jalmana nu katelah Guspi Waker téh atawa lain, biheung. Pangawakanana keker sembada. Beungeutna sarua camérong. Ngan béda jeung nu lian, manéhna mah maké makuta bulu. Leungeunna nu kénca nyekel tumbak, ari nu katuhu nyekel tihang bandéra bintang kejora. Pok ngomong tatag, dina basa Indonésia has Papua.
“Tembagapura milik Amungmé. Bumi Papua milik kitorang! Tapi su dijajah sama itu dorang kolonial Indonésia dan Amrika. Sapa jual itu emas Jayawijaya ke orang asing? Sapa? Kolonial Indonésia. Kitorang jadi sengsara. Kitorang mati di bumi subur Amungmé. Kitorang tra mundur. Merdéka ha direbut deng darah nyawa. Kamorang pi dari Jawa, Batak, Toraja, Timor, numpang hidup sini, apa tra mo bantu kitorang kah? Kitorang sodara toh, sama tra terima itu kolonial! Ini e nan ha bekibar di puncak Jayawijaya!” pokna tandes bari tuluy ngacungkeun bandéra.
Ngan sakitu nu ditepikeunana. Tapi karasa nancebna kana mamaras pikiran manéhna. Méh sapuluh taun hirup di Papua, campur dina ulekan hirup jeung tradisi maranéhna, kasaksian pisan, kumaha maranéhna hirup sangsara balangsak, di lemah caina sorangan, di tanah nu subur mahmur. Kakayaan alamna dikeduk ku bangsa deungeun. Maranéhna ukur mulungan taneuh, ngoréhan keusik di walungan Kabur. Susuganan aya kénéh bubuk emas dina taneuh buangan nu ngagulusur kabawa hujan ti Grasberg, ti tambang emas Freeport. Maranéhna nu bagerak hayang merjoangkeun kaadilan jeung karaharjaan balaréa, tuluy dituding minangka pemberontak. Ongkoh beuki nyata ahirna, yén maranéhna hayang leupas tina wilayah kesatuan Républik Indonésia. Bandéra bintang kejora minangka simbul nu ngukuhkeun perjoangan maranéhna. Tentara Pembébasan Nasional Papua Barat (TPNPB) jeung Organisasi Papua Merdéka (OPM) minangka organisasi jeung gerakan nyata nu ngalawan pamaréntah pusat.
Lebah dieu manéhna lir keur nangtung dina tapel wates, di hiji titik sisimpangan, nu ngabetot pikiranana ka dua jalan nu béda. Indonésia kudu tetep ajeg minangka hiji nagara kesatuan. Papua kudu leupas tina genggeman kadoliman. Kudu tingtrim jeung raharja, lain ngarasa dijajah dikaniaya ku pamaréntah pusat Jakarta. Manéhna nu taun-taun geus nyaksian hirup urang Papua yakin pisan yén maranéhna bakal matian-matian ngajaga kukuhna nagara kesatuan, lamun cinta jeung kanyaah nu dikirimkeun ku Jakarta. Lain tentara jeung senjata.
Bréh deui kacipta kajadian tadi beurang, saméméh kadéngé sora témbakan sarta puluhan anggota KKB ujug-ujug nyerbu ka lembur. Manéhna keur leumpang kadua Timo, muridna. Jam sabelas SD Inprés Banti geus simpé, kitu sasarina. Muridna nu ukur dua puluh urang geus marulang. Ukur aya Timo, murid kelas opat, nu poé harita jangji rék ngajak manéhna ka imah uana, Mama Yémima. Rék ménta binih kembang keris, keur pelakeun di buruan bédéngna gigireun sakola. Timo budak pahatu. Indungna maot dua taun katukang, katémbak anggota KKB. Éta sababna manéhna apét miindung. Atuh Yambisé bapana, tumarima pisan anakna dipikanyaah téh.
Manéhna keur leumpang baé kadua Timo, mapay sisi walungan Kabur. Aya babi tingsuruntul nyiar hakaneun, babi inguan nu diabur ku nu bogana. Saparat jalan ngajéjér warung, paselang jeung ténda-ténda nu ngadon narambang néangan emas di walungan Kabur. Lolobana sémah nu ngadon bubuara ti Jawa, Toraja, Buton, Bugis, Batak jeung Timor. Harita gé katénjo aya nu keur ngarayak taneuh jeung keusik sisi walungan. Ngala bubuk emas nu kabawa palid ku cihujan ti gunung, tina hunyudan taneuh buangan tambang Freeport. Manéhna luak-lieuk baé niténan kaayaan. Imah Mama Yémima nu ditujuna jauh kénéh di tungtung lembur.
“Wéi, Bu Lala, mo pi ke mana kah?” ceuk nu nanya ti warung. Manéhna ngalieuk. Horéng Yoténi indungna murid, nu sok babantu di bédéng.
“Sa mo ke rumah Mamah Yémima!” témbal manéhna. Nu nanya ukur males ku unggeuk bari seuri. Yoténi sok mindeng ka bédéng, ngadon mantuan nyeuseuh atawa nyetrika. Ngarah lumayan sabab ku manéhna sok diburuhan. Sakapeung sok nakol locéng ari isuk-isuk. Kolonang-kolonang, tarik handaruan. Tapi barudak kalékéd naker. Kitu umumna barudak di Papua. Arembung sakola. Ongkoh loba nu dicarék ku kolotna. Mending mantuan digawé, narik gorobag, maraban babi, atawa nyiar bubuk emas di walungan. Lamun isuk-isuk ka sakola, nu pangheulana ditanyakeun kadaharan. “Bu, ada mie kah? Kitorang tra makan?” cenah. Lamun kebeneran keur teu aya, maranéhna sok baralik deui, teu sarakola. Basa manéhna keur ngajar di Asmat mah leuwih-leuwih. Barudak aya kalana pleng sabulan teu sakola. Horéng cenah kudu milu perang sanajan budak. Nu teu milu bakal diusir ku kapala suku.
Bari leumpang téh haténa ngageter, kagagas ku kaayaan. Ku kasangsaraan hirup maranéhna. Rupa-rupa sélér bangsa aya di dinya, guyub akur babarengan. Tabah néangan bubuk emas panyésaan. Bari maranéhna nyaho, yén harta emas kakayaan ieu nagri, puluhan ton, saban waktu diakutan ku bangsa deungeun. Manéhna ngarénghap. Dadana karasa eungap, asa dibangbaluhan ku naon boa.
Keur kitu, ti lebah lamping tebéh wétan, ujug-ujug kadéngé sada témbakan. “Dor! Dor! Dor!” Jalma-jalma séah lalumpat, nyalametkeun manéh. Manéhna gé ngagusur Timo, nyumput ka hiji warung. Burudul puluhan anggota KKB nyerbu lembur. Panonna harurung buringas, bari ngabekaskeun témbakan tingjaledor. Taya nu bisa nyalametkeun manéh. Unggal imah, warung, ténda, diserbu. Kadaharan jeung harta banda dirampas. Nu matak ketir awéwé nu keur ngarala bubuk emas di walungan. Careurik tingkocéak basa bubuk emasna nu teu sabaraha direbut taya nu nyésa. Jalma-jalma ditéwakan. Kaayaan wuwuh genting, campuh pakéwuh. Tambah keueung sanggeus aya imah-imah nu diduruk. Seuneu ngabebela, haseup hideung ngelun, moékan langit Banti.
Tegalan beuki karasa juuh ku ciibun.
Budak aya nu ngéar careurik. Lapar atawa teu kuat ku hawa tiris. Naha ku lantaran sora barudak nu careurik, atawa geus rencana maranéhna, nu disandera téh tuluy dititah carengkat. Digiring sarta diasupkeun ka sawatara wangunan nu lega urut kandang babi. Ngagonyok pagegelek, kawas hayam nu diasupkeun ka jero kandang. Ukur kacaangan cahya obor nu ngagebur di sawatara tempat. Manéhna ngarahuh. Tapi lain éta nu tuluy meupeuh jajantungna mah. Ujug-ujug aya sénter nu nyorot lila kana beungeutna. Gap ti tukangeun aya leungeun nu nyekel taktakna, kasar ngabedol leungeunna. Manéhna ngamuk, tapi terus digusur ka luar. Leungeunna kénca-katuhu pada nyekelan. Beungeutna dicaangan ku obor. Cakakak nu seuri. Tingcakakak kawas manggih kadaharan ujug-ujug. Aya nu tuluy ngagaléntoran nyiuman. Nu ngarameusan susu, bujur, nyacapkeun napsu.
“Jang ganggu dé! Sa bela mati!” ceuk Yambisé nu ngagajleng saharita sarta nonjokan nu ngarejengan. “Amungmé tra jahat. Kitorang ada kehormatan! Dé tu guru, su pu bebakti di sini! Kamorang pu berjuang buat sapa to? Buat Papua merdéka to, tra buat napsu buruk kamorang?” pokna deui bari ngagidir nahan amarah. Panonna hurung ngulincer merong maranéhna saurang-saurang. Tapi ngan semet dinya ketak Yambisé téh. Dirina moal sanggup ngayonan maranéhna nu samagréng, nu ujug-jug kasundut amarahna. Gep aya nu néwak leungeun Yambisé ti tukang. Direjengan ku duaan, gebut dirubuhkeun. Yambisé nu ngamuk bari gogorowokan teu ditolih. Red-red awakna diborogod ditalian, leungeunna, sukuna, jeung beuheungna. Jen ditangtungkeun ditalian kana tangkal kai.
“Jang dé bikin mati!” Pingpinan nu dimakuta bulu ngagorowok nyegah. Tapi elat, da tumbak geus dilempagkeun mantén. Cleb niruk dada Yambisé. Getih ngaburial, marengan waruga nu kekejetan sakarat.
Manéhna ngocéak, lenggerek kapiuhan.
*
LANGIT hideung luhureun Tembagapura. Liwat lohor harita téh, sasarina mah panonpoé mentrang, tapi reueuk pihujaneun geus ngadingding mindingan. Ratusan jalma nu rék diévakuasi geus ngaliud di buruaan kantor polsék. Nungguan beus nu rék ngajemput ti Timika. Nu ngaleut kénéh di perjalanan loba. Lain warga non pribumi baé ahirna nu diévakuasi téh, pituin urang dinya gé, urang Banti, Utikini jeung Kimbéli, aya nu hayang ngungsi, bubuhan kaayaan keur genting.
Manéhna misahkeun manéh, diuk nyorangan dina bangku kai handapeun tangkal. Kantong babawaanana ditunda gigireun. Ukur pakéan jeung berkas nu parenting baé nu dibawa. Nu séjénna mah ditunda di bédéngna. Pikiranana ngaguruh kénéh can rerep. Rupa-rupa rasa campuh ngegelek dina angenna. Tadi subuh basa manéhna sadar, keur dirariung ku baris awéwé. Pada hariwang, bisi tuluy maot teu hudang deui. Manéhna luak-lieuk can kumpul pangacian. Horéng keur disandera, pagegelek di dinya di kandang babi. Loba nu sararé kénéh, nyarampay kana tonggong nu lian. Anggota KKB lajag-léjég niténan kaayaan. Nu séjénna gemprah kénéh sararé. Manuk récét dina tatangkalan mapag panonpoé nu kakara meleték di tebéh wétan. Halimun lalaunan nyingray, némbongkeun pasir jeung gunung nu biru maleukmeuk di kajauhan. Teu lila kaayaan tingtrim téh. Ti handap ti lebah pilemburan, kadéngé sora témbakan tingjaledor tingjelegur. Saréréa curinghak. Anggota KKB tingkoréjat. Rajeg sayaga, ngokang bedil séwang-séwangan. Dérédéd males témbakan ti handap. Manéhna jeung para sandera nu lian darepa, ngarapetkeun manéh kana taneuh. Bungah aya serangan nu nulungan, tapi geumpeur sieun katémbak. Pasukan gabungan TNI-Polri terus ngangseg. Neregteg nembakan. Teu lila anggota KKB nu diserbu téh geus birat kalabur, ngalolos ka jero leuweung. Maranéhna nu disandera hang-hing careurik. Bungah asa disambung nyawa. Tuluy diévakuasi, sina tarurun ka lembur.
Manéhna nyangsaya ngalelerkeun rarasaan. Nyarandé lungsé kana papan bédéngna. Beungeutna geus diberesihan. Keur kitu jol aya tentara nu nyampeurkeun bari némbongkeun foto. Tétéla foto manéhna.
“Ini benar Ibu Lala?” ceuk éta tentara bari rut-rét kana foto jeung kana beungeut nu ditanya. Manéhna unggeuk. “Ini ada surat dari Panglima, buat Ibu!” pokna bari song mikeun surat. Ku manéhna ditampanan. Harita kénéh dibaca. Tulisan leungeun salaki lanceukna. “Lala ulah bedang. Kudu milu diévakuasi ayeuna. Uih baé ka Jayapura. Ulah ngajar deui di Banti. Akang geus nugaskeun tentara, sina ngajemput Lala ka Timika. Sing nurut ka Akang!” Ngan sakitu, pondok teu papanjangan. Manéhna nurut. Tadi isuk-isuk milu ngaleut laleumpang ka Tembagapura.
Manéhna ngarénghap jero naker.
Jalma-jalma nu rék diévakuasi beuki loba ngagimbung. Kaayaan nu pohara matak ketirna. Beungeut-beungeut nu liwung, nu diusir biheung ku saha, teuing ku naon. Ras inget kana omongan Yambisé hiji waktu. Situ Wanagon téh cenah tempat karamat keur sélér Amungmé. Caina hérang ngagenyas tina salju ti puncak Jayawijaya. Di dinya arwah para karuhun karumpul keur mulangkeun kahadéan alam, méré karaharjaan dina ngocorna walungan Aijkwa jeung Kabur nu ngaléor meulitan sababaraha pilemburan. Karuhun gé cenah nitipkeun alam dina kembang angkrék hideung, nu ngan aya di bumi Papua. Pulas hideung kolopakna, perlambang urang Papua, ari pulas wungu di tengahna minangka simbul kanyaah kaasih. Alam kudu diriksa dipiara sangkan méré kahadéan ka manusa. Manéhna kungsi pok sababaraha kali hayang dipangalakeun éta angkrék. Panasaran jeung kacipta ahéngna. Ngan teu babari néanganana cenah. Ongkoh aya pantrangan keur sélér Amungmé mah. Nu ngala angkrék hideung sok cilaka meunang dodoja. Tapi manéhna nu resep kana kekembangan keukeuh panasaran, hayang melak. Yambisé gé ahirna léah, jangji iraha-iraha cenah rék mangalakeun. Bréh kacipta deui kajadian tadi peuting, Yambisé keur kekejetan sakarat, nahan tumbak nu nanceb kénéh dina dadana. Manéhna peureum bari meungpeunan beungeut.
Beus jemputan ti Timika geus jul-jol daratang. Aya puluhna. Nu rék diévakuasi nungtutan naraék. Manéhna hulang-huleng kénéh. Asa ngoléang teu puguh rarasaan. Mandeg-mayong. Batinna mah teu mikeun manéhna kudu ingkah ti Banti téh. Tapi kaayaan sakieu keur gentingna. Surat ti dahuanana apan sakitu tandesna. Lamun ayeuna teu nurut, tangtu bakal jadi mamala. Keur hulang-huleng kitu, ujug-ujug torojol Timo nyampeurkeun bari nyoléndangkeun kantong noken. Rénghap-ranjug bangun capé, beungeutna ngucur ku késang. Manéhna banget kagagas, gabrug ngarangkul éta budak. Timo nya kitu deui. Nangkeup tipepereket kawas sieun kaleungitan. Tadi cenah nénéangan manéhna ka bédéng. Tuluy leumpang milu ngabring jeung jalma-jalma nu rék diévakuasi.
“Bapa mati. Ibu jang pi ….” ceuk Timo bari rambisak. Manéhna teu bisa némbal, ngan cipanonna baé juuh murubut. Pikiranana kebek tur teu bisa dikedalkeun. Basa diajak sina milu jeung manéhna ka Jayapura, Timo gigideug. Sanggeus leler, Timo ngodok nokenna. Song mikeun kembang.
“Mama Yémima bilang, bapa su cari ini bunga, buat Ibu!” pokna bari ngasongkeun kembang, angkrék hideung. Manéhna ngarénjag. Angkrék dicekel, dipencrong. Karasa aya nu tingsariak nyaliara kana uratna. Angkrék hideung, kembang amanat ti luluhur sélér Amungmé, diangseu lalaunan. Teu kaambeu nanaon, tapi karasa mistisna. Manéhna tanggah ka langit hideung, ka pasir-pasir Tembagapura nu jarempling. Yambisé asa keur neuteup manéhna, ngajanteng biheung di lebah mana. Lain, éta angkrék lain kembang anu kudu dibawa dipimilik ku manéhna, tapi sina hirup langgeng di bumi Papua. Song dibikeun deui lalaunan ka Timo, bareng jeung sora mégapon nu nitah jalma-jalma naraék kana beus. Timo ukur colohok, neuteup baé kana beungeutna.
Beus lalaunan ngageleser ninggalkeun buruan kantor Polsék Tembagapura. Tina jandéla katénjo Timo ngajanteng kénéh sorangan bari nyekelan angkrék. Gugupay laun ka manéhna. Kawas nu teger ditinggalkeun, padahal tétéla panonna beueus cimataan.
***
1 Komentar
Tegep. Ngiring reureus pisan. Salam sastra!
BalasHapus