Dina Hiji Poé - Tetti Hodijah


Flowers and Fruit in White and Pink Bowl (1840-1860) koleksi MET Museum.


TARA-tara ti sasari, turun tina mobil Anida nyelang ngaroris buruan.

“Turunkeun suplir, Ding," pokna ka supir. Dading teu talangké dititah ku dunungan téh, blak muka bagasi, regeyeng mangku pot kembang.

"Dikamanakeun, Bu?" tanyana. Urat dina tarangna kaciri maranteng.

“Tah di dinya," curuk Anida nunjuk kana lebah teras. Ati-ati pisan Dading nunda pot.

"Bibiii ..." Anida ngagorowok.

"Iah, disaur ku Ibu," Dading ngoloyong ka dapur.

"Baruk, aya naon?" paroman Nyi Iah kaciri bangun reuwas, sapu nu keur dicekelna sasat dialungkeun, leumpang rurusuhan nyampeurkeun dununganana.

"Aya pikersaeun naon, Ndén?" Nyi lah dodongkoan.

“Cabutan, tah!" curuk Anida mani bentik nunjuk kana lebah pelak bawang jeung céngék.

"Meungpeung usum hujan, Ndén. Lumayan, sakalieun ari nuju peryogi,” Nyi lah nyaritana bari tungkul, bangun teu wasa neuteup pameunteu dununganana

“Eééh, ti iraha Bibi kumawani ngalawan?" panon Anida molotot. 

"Pokona, cék abdi cabutan, cabut...!" gejlig indit. Leumpangna ngagedig. Blus ka kamarna.

"Ya, ampuuun," pokna bari ngalungkeun tas kana luhur kasur. Panonna nelek-nelek hordéng. Sirahna gogodeg.

"Bibiii ..." gorowokna deui.

"Iah, disaur deui ku Ibu," Dading noél Nyi lah.

"Hah?" Nyi Iah nu keur dodongkoan nyabutan pelak bawang buru-buru cengkat.

"Buru, itu disauran. Geura ngumbah leungeun ka dituh," Dading ngarebut pelak bawang tina keupeulan Nyi lah. 

"Tong dipiceun, lebar," Nyi lah ngaharéwos, koloyong nyampeurkeun keran, tuluy ngumbah leungeun.

"Bibiii ..." sora Anida mingkin ngajéréwét.

"Sakedap, Ndén," Nyi lah leumpangna seret ka titatarajong, "Aya pikersaeun naon?" pokna sanggeus nepi ka lawang kamar.

“Tuh ... udaran deui. Nyanyahoanan!" curuk Anida nunjuk kana hordéng.

"Maksad Endén?" ayeuna mah Nyi lah maksakeun neuteup pameunteu dununganana, halisna kerung.

"Pikir ku sorangan," biwir Anida kuraweud. Léos ka rohangan tengah. Brek meubeutkeun awakna kana korsi, napasna ngahégak.

Weléh teu ngarti ku polah Si Bibi, gerentesna. Cacak geus lila cicing di dieuna téh, masih kénéh can hideng, Enya geura, buruan ngahaja dipapantes dihadé-hadé, der dipelakan bawang jeung céngék. Matak sareukseuk deudeuleuan! Dititah nyeuseuh hordéng, der dipasang deui ku sorangan.

Hihidenganan! Dititah sotéh nyeuseuhan, lain jeung masangkeunana. Leuheung mun balég, da ieu mah mani garéwol, jeung siga maké paku payung nerapkeunana ogé. Hordéng sakitu mahalna, beunang ngahaja pesen, nu masangna ogé henteu bisa sagawayah jelema, kudu ku tukangna. Lah, dasar urang udik, teu ngarti kana seni!

“Tok tok tok," sora nu ngetrokan panto.

"Saha?" Anida curinghak.

"Abdi," écés sora Dading.

"Aya naon, Ding?" panon Anida ngarérét ka lebah panto.

"Manawi kawidian, abdi badé wangsul," Dading rengkuh.

"Oh, enya. Wayahna wé isuk mah kajeun poé Ahad ogé ka dieu. Ibu bantuan mémérés buruan," Anida nyarandékeun awakna kana panyarandéan korsi.

"Insya Allah," témbal Dading. Satadina mah ari poé libur téh hayang istirahat, gerentesna, peupeurihning sapopoéna remen balik peuting. Enya, kapan ka béhdieunakeun mah remen kudu nungguan dunungan rapat nepi ka peuting. Komo sanggeus Bu Anida jadi Kapala Kantor mah, teu sirikna saban rapat kudu ditungguan. Baréto onaman keur kapala nu ti heula, teu kieu-kieu teuing, Pa Sumadi mah sok pirajeunan kersaeun nyupiran ku nyalira. Jigana, mun seug Ibu Anida henteu ngantep anjeun léléngohan waé mah moal ngariweuhkeun teuing. Enya, mun pareng rapat balik peuting téh meureun aya nu mapagkeun, carogéna. 

Héran, naon atuh nu kurang dina diri Bu Anida téh? Rupa geulis lain pupulasan, kagungan kalungguhan, kantenan kakayaanana mah saréréa tos pada terang. Sakolana ogé, béjana lulusan mancanagara.

"Lah, kateuteuari mikiran Bu Anida. Mudah-mudahan mah benduna ka Nyi lah ulah kateterusan, karunya," Dading norowéco sorangan.

*

Isuk-isuk kénéh pisan Anida geus hudang, sasarina mah mun poé Ahad téh tabuh salapan karék nguniang. Bangun enya-enya ceuceubna ka Nyi lah téh, da ti kamari soré ogé teu kungsi diajak nyarita. Nyi lah jongjon nongton televisi sorangan di patengahan, Anida ngerem manéh di kamar. Enya, di kamar hareup, kamar paranti tamu, da puguh kamar manéhna mah cagablag kénéh, hordéngna can dipasang deui.

"Endén moal waka sarapan, itu geura Bibi ngadamel goréng sangu, mani seungit, da seueur bawang daunna," Nyi lah lahlahan nyampeurkeun dununganana basa kaciri Anida nyalindangkeun anduk rék asup ka kamar mandi.

"Ari panon Bibi awas kénéh, teu?" Anida molotot.

"Maksad téh engké, sabada Endén siram," Nyi lah nyéréngéh.

"Hemh," Anida ngawetkeun biwir, blus ka kamar mandi.

Basa sukuna nincak ubin kamar mandi karasa leueur. Gap kana kantong rinso gedengeun mesin cuci, burulu diawurkeun kana ubin. Ceg kana sikat seuseuh, gesruk-gesruk sora sikat paadu jeung ubin keramik.

“Dasar urang lembur, sangkilang kamar mandi bararau ogé, hih diantep wé, sugan irungna meded?" Gap kana shower, tuluy dikurilingkeun. Budah rinso nu muyutuk téh palid.

"Kukupingan téh Endén nuju ngaberesihan jamban, sawios ku Bibi atuh Ndén," Nyi lah nyaritana ditompokeun ka lebah panto kamar mandi.

Panon Anida ngadilak ka lebah panto, biwirna kuraweud. Leungeunna teu eureun-eureun ngosokan keramik sakuriling kamar mandi, clé suku kéncana nété kana biwir closet, seureuleu, gebru! 

"Warraaawww ... " Anida ngajéréwét.

"Endén, aya naon? Buka pantona, Ndén," Nyi lah angger nangtung hareupeun panto WC, awakna ngeleper.

"Hadduuuh ..." biwir Anida nyengir bangun nahan kanyeri. Awakna ugal-ugil teu bisa hudang.

"Ndén, buka pantona," Nyi lah ngetrokan panto.

Dasar belegug, nyaho batur teu bisa hudang, hantem ninitah muka panto! Anida kukulutus jero haténa.

"Haddduuuh, ampuuun, euiiih ..." Anida muringis, leungeunna ngusapan cangkéng parat nepi kana pingpingna.

"Endén, ieu Bibi, buka pantona," Nyi lah bangun teu bosen-bosen ménta dununganana muka konci.

"Aya naon, bet ngajanteng hareupeun WC?" Dading norojol.

"Leuh, kabeneran!" Bi lah curinghak. "Itu Endén, sigana mah geubis di lebet, pantona dikonci. Iah hoyong nulungan ogé teu bisa. Kumaha ari geus kieu?" Nyi lah kaciri bangun bingung.

"Bu, ieu Dading," Dading ngagorowok.

"Haduh, Ding. Ibu teu bisa hudang," témbal Anida. Beungeutna beuki muringis.

"Bongkar waé kitu pantona?" tanya Dading.

"Kumaha Dading wé," jawab Anida pasrah.

Dading ngoloyong ka garasi, dituturkeun ku Nyi lah. Blak muka kotak wadah paparabotan. Ceg kana tang, gap kana obéng.

"Tah, palu bawa," cék Dading ka Nyi lah. Teu talangké dititah téh, ceg leungeun Nyi lah kana palu. Leumpang ngiciprit nuturkeun Dading.

Najan rada lila Dading ngutrak ngotrék konci, teu burung panto bisa muka.

"Deudeuh teuing, Endén," Nyi lah ngarangkul dununganana.

"Tulungan Ibu, Ding," Anida ngarérét ka Dading.

Dading siga nu mandeg mayong rék mangku dununganana téh, da puguh ragab.

"Buru, Ibu tulungan ...” leungeun Anida ranggah.

"Cingan lah, keun ku Dading. Bismillah," regeyeng awak jangjing leutik téh dipangku, tuluy dibawa ka kamar. Sok luhur kasur.

"Pangmasangkeun hordéng, sakalian," cék Anida, beungeutna angger muringis.

"Naha moal teras ka dokter, Bu? Bilih kumaonam," tanya Dading.

"Dading daék kitu nganteur?" Anida malik nanya.

Kakaraeun teuing Bu Anida maké nanya daék atawa henteu, sasarina mah tara sing tunyu tanya, mun nitah téh sok kudu daék waé, teu meunang henteu.

"Daék teu, nganteur Ibu ka rumah sakit?" tanya Anida ngaduakalian.

"Kantenan waé," témbal Dading.

"Kumaha mun Ibu kudu dirawat di ditu?"

“Kapan aya Nyi Iah," walon Dading.

"Ibu mah hayang ditungguan ku Dading."

"In ... Insya Allah," Dading narik napas.

Anida ngarenyu. Kasép jeung sopan budak téh, hanjakal wé ukur jadi supir, gerentesna. Nu matak kesel mah, éta ku bageur-bageur teuing ka si Bibi, kawas ka kabogoh! Anida ngawetkeun biwirna.

"Dupi mémérés buruan kumaha, Bu?" tanya Dading sanggeus rada lila taya nu nyoara.

"Kumaha atuh, nya?" Anida kalah malik nanya. Tadina ogé lain hayang-hayang teuing dibantuan ngurus buruan, hayang sotéh nguji kasatiaanana, Anida bacéo jero haténa. 

***



TÉTTI HODIJAH,  lahir di Tasikmalaya, 20 Juni 1960. Kungsi ngajar di SMP Negeri Cikalong Tasikmalaya (1983), di Museum Sri Baduga Maharaja (1984-2014) jeung di Monumén Perjuangan Rakyat Jawa Barat (2014-2019). Mimiti nulis carpon taun 1980-an dina Manglé, tuluy dina Kujang, Galura, Giwangkara, Pikiran Rakyat, Suara Daérah, Bandung Pos, Mitra Désa, Mingguan Pelajar, Cupumanik, jrrd. Lian ti nulis fiksi, ogé nulis laporan, kolom jeung artikel. Bukuna nu geus medal di antarana Batik yang Cantik (1997), Pasaduan (2006), Sariak Layung (2016), Peuting Nu Éndah (2016) tur Ulin ka Monumén (2017) nu meunang Hadiah Samsudi 2018.

Posting Komentar

0 Komentar