Jemplang Pangéling - Sajak-Sajak Godi Suwarna

"Susoshiki with Maple Leaves in the Tatsuta River" (1920-1940), koléksi Rijksmuseum.
 



JEMPLANG PANGÉLING

aing keur natah aksara
kana batu dina kalbu nu hurung kahuru waktu 
kecap-kecap wening, kalimahna nu dumeling
medar warnaning katresnan jeung cahyaning katineungna
sabada mumunggang umur dikepung lalayung gandrung 

aing anteng nganggit angin
nu ngahiuk ti sampalan pangumbaran angen-angen
jadi galindeng kamelang jeung siriwik kapeurihna
basa gending mirig jempling digelar geter kakayon
di hiji leuweung nu keur sumedeng nyoréngcang

aing nu ngaréka mangsa
rerencepan mulas laut ku balébat jeung layungna
Ngagenclang-genclangkeun béntang satengahing samagaha
barang mangpirang parahu kalangsu di banjarkarang 
basa lambak nu ngagolak bet manjang ngabarungsinang

(08)  





SANGHIANG GEULANG

aya hiji geulang
beurang-peuting hibar lebah pigeulangan
cahayana sumarambah kana daging jeung tulangna  
langkung hurung batan asih nu marengan ngajuringkang
ti lulurung waktu nu direureumpeuk halimun
ka mumunggang umur nu ngagulubur

aya hiji geulang
rerencepan namperkeun genclang katineung 
boa ngan jadi karaha satengahing gelebug panéka wanci
sanggeus hirup ngaguritkeun ruruhit kana raraheut
kari gurat ngarorocét guliweng warnaning luang
nu kasampeur ti saban sisimpang mangsa

aya hiji geulang
nu ngahiang tina pamuntang pigeulang
kumalayang ka handeuleum ilang satengahing mongkléng
nilar mangpirang kalangkang paburantak ‘na kongkolak
kari ramo susur-sasar ngajeungkalan jalan angin
nu nyiriwik ka lawang jugang sorangeun

(08) 





SITUS NAGRI LAYUNG

dina hiji sorĂ©, sanggeus ringkang gararing digarang beurang   
geuning anjog kalangkangna ka lawang leuweung karamat
létah nu karasa hangit ukur ngelun ngalisankeun sampurasun
dirampésan ku séah sora turaés, dihiap-hiap tonggérét
lalaunan rĂ©rĂ©gan mimiti peuray tina kalbu nu ngabatu   
     
nincak lawang sakéténgna asa hanjat kana umpakan halimun
sirah ngebul; aksara jeung angka-angka, ringkang mojang,
sajak nu tacan parat dirumat, sĂ©wu rusiah nu teu kateguh, 
sesebitan kayakinan, jadi saab tingkalayang tina tarang
kaseuseup ku rénghap daun, namper jadi bukur jempling

ngalinjing ngukur kukujur tengahing dingding kakayon    
jangkung mana tungtung hulu nu kungsi nyuhun purnama 
jeung pucuk-pucuk kadaka nu antaré nyusud imut panopoé
geuning beuheung bet koropok balas nananggeuy babatok
nu beurat da leuwih rembet alahbatan sahunyudan alimusa

cunduk ka puseuring leuweung kagembang jumblengan waktu 
kapireng kawih bihari gumalindeng ngaludang sakur katineung;
ngukir-ngukir kalakay katut sirungna, natah batu jeung lukutna,
nyusun ruruntuhan angin, nangtungkeun catang jeung pangpung,
ngajanggĂ©lĂ©k jadi hiji nagri agrĂ©ng pangimpungan gebur layung             
 
(08)






LAKON KAKAYON

ngajujut lacak kakayon
nu akar katut jangkarna nanjeurkeun leuweung karamat 
ti abad-abad kalarung, ratusan windu maheutkeun jangji
yén satampah lemah suci kudu langgeng dililiuh ku parancah
dibénténg ririung tangtung sangkan teu diranjah wayah
sanajan rarangkang rangsak tapak tatu nyiksik kalbu

tangkal demi tangkal
aranteng ngaragameneng, manteng ka jabaning langit 
gentur tapa ngisat rasa di jagat nu gunjang-ganjing

ngaguar galur kakayon
nu areuyna ngantengkeun tatalibatin ti hiji nagri bihari
ti puseur handeuleum sieum panyeungceum luang karuhun  
mulan-malĂ©n dangdaunan namperkeun inghak jeung surak 
nyakséni tiitistinulis nu dipahat dina batu, dina angin
satacan dangiang bencar jadi pirang-pirang lumar 

rénghap régang
nyeuseup hujan nu gumulung ngepung pangpung 
jeung katiga nu ngadadak ngagentak ngaduruk pucuk

nyukcruk lalakon kakayon
nu katĂ©mbong tingjungkiring maku waktu tanding batu 
jeung nu runtag tinggal tunggul, ngababatang jadi catang
lir nyaksian ratusan taun wewesĂ©n tengahing kalang papastĂ©n   
di leuweung nu beuki oléng, nu nyoréngcang semu lénglang
kekembangan nu ngahiang bakal manjang dumalingding  
  
kalakay demi kalakay
kumalayang ka tungtung buana nyungcung
kawas pirang-pirang mantra nu rabeng digerendengkeun

(08)






GODI SUWARNA, lahir di Tasikmalaya taun 1956. Taun 1976 kungsi kuliah di IKIP Bandung. Salila kuliah aktip dina kagiatan tĂ©ater jeung sastra. Dina widang tĂ©ater, Godi remen jadi aktor, nulis naskah, nepi ka nyutradaraan. Taun 1980-an ngagabung jeung grup tĂ©ater STB. Manggungkeun naskah drama “King Lear”, “Sang Naga”, jeung “Impian di Tengah Musim”. Ari dina sastra Sunda, Godi kaasup pangarang gulangkep. Buku kumpulan sajakna nyaĂ©ta Jagat Alit (1979), Surat-Surat Kaliwat (1982), Blues KĂ©rĂ© Lauk (1992), Sajak DongĂ©ng Si Ujang (1998), jeung Tariking Angin (2013). Ari buku kumpulan carponna nyaĂ©ta Murang-Maring (1985), Serat Sarwa Satwa (1995), jeung Carios Si Urat Emas (2018). Taun 2007 medal novĂ©lna, SandĂ©kala. NĂ©ma kana DĂ©ng anu medal taun 2009. Tilu kali dilĂ©lĂ©r hadiah RancagĂ© pikeun taun 1993, 1996, jeung 2008. Sarta sababaraha kali dilĂ©lĂ©r hadiah sastra LBSS, DK Ardiwinata, jeung Oeton Moehtar. Remen diondang manggung maca sajak ka luar negeri. Di antarana ka Belanda, Itali, Jepang, jeung Australia. Taun 1998 mokalan nyieun acara kasenian Nyiar Lumar di Kawali, anu tuluy manjang nepi ka kiwari. Ayeuna tumetep di Ciamis. Sajak "Jemplang PangĂ©ling" jeung sajak-sajak sĂ©jĂ©nna samĂ©mĂ©hna kungsi dimuat dina majalah Cupumanik, No. 67 Taun VI No. 7 PĂ©bruari 2009.

Posting Komentar

1 Komentar

  1. ...kalakay demi kalakay... Al Ashr beutina tea. emut ka karya ngawitan Neng Peking..

    BalasHapus