"Vertemnus" (1591) kénging Giuseppe Arcimboldo
GETOL pisan tadina mah ngarangna téh. Éta wé da geus rada réa carpon Jang Hadim nu dimuat dina majalah atawa koran. Tapi sanggeus aya carponna nu meunang Hadiah Sastra, Jang Hadim téh katémbongna bangun nu rék gantung mesik tik.
Manan ngetik, Jang Hadim téh kalah mindeng mencrong piagem Hadiah sastra nu ngagulubur, dipajang di tepas béngras. Kaciptaeun kénéh pisan, lampu sorot, kaméra tipi, duit sagepok, piagem, nu ngarajak sasalaman, nu malotrét. Beuki dieu, Jang Hadim téh beuki mindeng ngalamunna. Kituna téh bari umat-imut baé.
“Diondang ku Pa Kuwu, Dim!”
“Dihaturanan ku Pa Camat!”
“Ka ditu cenah, saur Haji Abing!”
“Kang Hadim, salam ti Néng Yusi!”
Kitu jeung kitu, ti ondangan, ti parasmanan ka parasmanan. Jang Hadim téh ngadon moyan di mana-mana. Ngaresmikeun lapang méngbal, ngaresmikeun balé kampung, dina wayang, dina tablég, dina dangdut. Jang Hadim sok aya baé. Mun tas kitu, toko méh teu kawadahan. Djarum Coklat metet dina saban saku.
“Murah tuda ngarang mah!” cék si Mamat nu sok ngalukis di lembur.
“Murah? Murah kumaha, A?” cék si Dartam sobat si Mamat.
“Murah diajarna! Murah migawéna! Geura, mesin tikna bisa nginjeum! Keretasna bisa ménta! Piraku wé teu gancang meunang piagem! Mahal ngalukis mah! hésé rék meunang piagemna téh!” walon si Mamat nu karasa beuki sirik.
Sok aya wartawan nu ngadon ka lembur, ngadon ngawawancara Jang Hadim. Hasilna ditayangkeun dina tipi, dimuat dina koran, dina majalah. Jang Hadim beuki ngajaul. Urang lembur teu weléh taranggah baé. Jang Hadim téh jadi sering biantara, di jalan di pasampangan. Balaréa masang ceuli séwang-séwang sanajan teu ngalartieun kana naon anu dipedar. Globalisasi, posmo, jeprut, paradigma, paradaok, péréngkél jahé jeung sabangsana ngaburudul tina baham nu ngabudah di mana-mana.
“Gampang tuda ngarang carpon mah! Sarua wé jeung ngadongéng! Nu hésé téh ngarang sajak! Teu bisaeun si Hadim gé ngarang sajak mah!” cék si Mamat nu sok rajeun nulis sajak sanajan tacan aya nu dimuat.
Tah, caritaan si Mamat kitu téh tungtungna mah kadéngéeun ku Jang Hadim. Nyeuneu mimitina mah Jang Hadim téh. Malah maké jeung rék ngontrog sagala rupa. Untung wé tepung heula jeung Néng Yusi. Silih teuteup heula. Néng Yusina imut leleb. Puguh wé Jang Hadim méh kapiuhan. Antukna mah poho wéh kana ngontrog mah.
Ti harita Jang Hadim téh mindeng suwung mun diangkir. Teu sirikna saban usik Mang Kulisi bulak-balik ngahaja ngangkir Jang Hadim, dijurungan ku Pa Kuwu. Haji Abing luh-lah baé di imahna, sabada Jang Hadim ngampleng teu katémbong na Bandungan. Cék béja mah, Néng Yusi gé terus humarurung baé sanggeus parat katiruk jamparing asih.
“Mulang heula, Jang Hadiiim! Diantos ku Pa Kuwuuu!” Mang Kulisi nyorowok ti ponclot pasir.
Nya éta atuh, Jang Hadim téh jadi getol ngasruk léngkob, nyorang leuweung, muru ponclot-ponclot pasir, ngalanglang sosoranganan. Jang Hadim téh jadi resep saba leuwi saba reuma, geugeut jeung hujan, jeung angin, jeung reumis, angkrék leuweung, bincarung jeung saterusna.
“Geus jam tilu, Diiim! Cuang Bandungan, Hadiiim!” Haji Abing nyorowok ti hulu cai.
Nyawang langit mindeng parat sapeupeuting. Jang Hadim betaheun naker nyawang genclang imut Néng Yusi dina béntang nu baranang. Aya bulan silanglang di awang-awang. Aya Néng Yusi nu ngahibaran lelembutan. Jang Hadim hahariringan, angin peuting ngajentréngan. Subuh-subuh, pucuk cahaya balébat lir gupay rema Néng Yusi.
“Kang Hadim, uih heula! Yusi keueung, Kang!” bet asa kapireng baé kitu haréwos Néng Yusi.
Kakocapkeun, lir Panengah Pandawa nu nembé lugay ti Indrakila, Jang Hadim katingal medal dijajapkeun gurilap tungtung balébat. Bruh-bréh pisajakeun badis lumar nu negal di puseur kalbu. Gék sila nyanghareupan mesin ketik di imahna. Imut Néng Yusi ngagelek minuhan dadana, minuhan kamarna.
Nya ti wangkid harita pisan Jang Hadim jadi panyajak, teu tulus gantung mesin tik. Sajak-sajakna ngageunjleungkeun urang kota, ngariribut urang lembur. Mimitina sajak cinta keur Néng Yusi anu dimuat. Sajak supi! Sajak bodasan! Basajan tapi éndah! Kitu kasauran para kritikus nu mahabu dina koran, dina majalah.
“Anak aing dikirim sajak geura! Teu suka, deuleu, aing mah!” cék Pa Yusi bada tamat maca sajak.
Urang lembur guyur majar Jang Hadim diontrog ku Pa Yusi. Jang Hadim dicabok, cenah. Jang Hadim getihan, cenah. Jang Hadimna ngambek, cenah. Galunganana gé tilu poé tilu peuting, kebon sampeu dua bau ancur kaguley, cenah. Teu parok jeung batur Pa Yusi mah! Batur mah ngarep-ngarep anakna dikirim sajak! Cék nu tingkecewis ti pipir ka pipir.
“Teu nanaon atuh, Yusi! Kawas teu ngora heula!” saur Haji Abing basa tepung jeung Pa Yusi.
“Ngéwa tuda, Kang Haji! Budak kuuleun kitu! Jaba bangun nu mengi deuih! Moal mahi kana naktak mundak nu kitu patut mah!” cék Pa Yusi nerag naker.
Geus kitu titis tulisna, Néng Yusi téh diungsikeun ka uana, dipindingan gunung-gunung, direumpeukan leuweung ganggong. Mung kantun Jang Hadim liwung, siang wengi ngalanglayung. Jang Hadim sering rumahuh. Beuki mindeng rumahuhna, sajakna beuki haradé. Ka dieunakeun mah ngaranna gé ditambahan sangkan sieup sireupeun. Dina koran jeung majalah, beuki sohor panyajak nu ngaranna Ahmad Hadim Jsb.
“Hébat geuning Kang Hadim téh! Kuateun tapa tilu poé tilu peuting di Curug Tilu!” cék si Mamat nu ayeuna jadi mindeng babarengan jeung Jang Hadim.
Kalan-kalan, Jang Hadim téh sok ngadon maca sajak di saung, di tengah sawah. Karasaeun ku urang lembur panén téh bet jadi mucekil pisan. Da éta wé cenah paréna téh teu teurak ku sihung hama nu biasana mahabu kabina-bina. Malah basa cur hujan munggaran sabada halodo panjang, réang béja yén brengna téh sabada Jang Hadim macaan sajak di tegalan eurih garing.
“Peuting tadi, Kang Hadim tepung jeung Buyut Undaksara!” si Mamat ngaharéwos ka si Dartam sanggeus sapeupeuting maturan Jang Hadim ngabungbang di leuweung Tonjong.
Béja pabéja-béja. Éta béja kapireng ku kasepuhan désa. Olot Uhyi cangkem kénéh yén Buyut Undaksara téh nyaéta hiji karuhun nu ngajaring, ngaraksa-ngariksa désa. Bujangga karaton Galuh cenah Buyut Undaksara téh. Kari-kari kiwari némbongan deui. Puguh wé, kasepuhan jeung pada kasepuhan deui tingkecewis saban soré.
“Tétéla lain budak samanéana téh!” Olot Uhyi ngaharéwos.
“Gurat emas Jang Hadim téh!” saur sepuh nu sanésna.
“Muga-muga wé désa sing terus raharja!” nu sanésna ngagerendeng.
Barang apal yén Jang Hadim mindeng pisan narima wésel, si Mamat gé beuki haget guguru nyieunan sajak. Hiji-dua mimiti aya anu lolos, dimuat. Si Mamat narima wésel, beuki réa pamuda nu hayang nyastra. Los ka leuweung, los ka gunung, ayeuna mah Jang Hadim téh teu weléh diabring-abring. Réa nu maturan numpi di hulu cai. Loba nu marengan mulan di leuweung Tonjong.
“Dibaturan ku lodaya mulan téh!” cék si Dartam hiji mangsa.
“Manéh mah! Buyut éta téh!” si Mamat megat kalimah.
“Ningali kitu, A?” si Dartam panasaran.
“Puguh wé! Malah ngabring biasana mah!” walon si Mamat.
“Ah, maenya, A?”
“Jih, teu percaya ka Kang Hadim?” si Mamat muncereng.
“Jih, percanten! Percanten pisan!” témbal si Dartam.
Kacaturkeun, teu méncog tina sangkaan sakumna kritikus sastra, teu lepat pirasat para sesepuh désa téh, sajak-sajak Ahmad Hadim Jsb. dilélér Hadiah Sastra. Tétéla, lain baé kana nyarpon, kana nyajak gé tapis pisan Jang Hadim téh. Tétéla deuih, Hadiah Sastra téh matak hurung salelembur, matak hibar sadédésa. Angkrék leuweung maridang. Bincarung jeung manuk ciung patémbalan dina dahan tangkal tanjung. Jang Hadim! Jang Hadim di mana-mana! Jang Hadim ngahijikeun saban biwir!
1 Komentar
Carpon Ang Perb mah teu weléh matak panasaran....
BalasHapus