Bumi Adat Panjalin. |
MUN nganjang ka Majaléngka, kawasna moal réa nu apal ka daérah Panjalin. Bubuhan tuda ieu daérah téh adek ka Cirebon. Malah urang Panjalin ogé leuwih réa ulin ka Cirebon batan ka Majaléngka. Atuh dina sual makéna basa ogé matak kerung urang Priangan mah. Tuda lentongna baé geus jiga urang Cirebon; medok. Geus karuhan ari kekecapanana mah, réa nu kapangaruhan ku basa Cirebon, upamana pit (sapédah), kandita (rék ka mana), gandéla (jandéla), gendul (botol), jrrd.
Nu matak narik, di Panjalin gé aya situs Bumi Adat Panjalin (BAP), anu nepi ka kiwari masih weweg ngadeg di tengah lembur. Perenahna mah di Kampung Dukuh Tengah, Désa Panjalin Kidul, Kec. Sumberjaya, Kab. Majaléngka. Kaitung gampang muru ka tempatna téh. Mun kana beus ti arah Bandung kari nuturkeun jalan nu rék ka Cirebon. Turun lebah Pasar Parapatan, Kec. Sumberjaya. Ti dinya mah kari leumpang, lima welas menitan geus nepi ka nu dituju.
Ana gok ogé katangén ngajenggléng wangunanana, nenggang jeung runggunukna padumukan séjénna. Mun seug dititénan, BAP téh éstu béda jeung bumi adat nu aya di wewengkon Jabar. BAP sakabéh wangunanana maké bahan kai jati, tihangna aya 20 siki (12 tihang ukuran 30 x 30 m, 8 tihang ukuran 25 x 25 m). Hateupna tina injuk—ti taun 90-an diganti maké kenténg—, suhunanana wangun julang ngapak, jeung lanténa palupuh nu disangga ku kai golondongan ukuran 5-10 m.
Pantona ukur hiji, rubakna 1,5 m jeung panjangna 1,8 m. Ari jerona kabagi dua rohang nyaéta rohang tamu jeung dapur (séwang-séwang méh sarua legana 8 x 4,5 m), ditepungkeun ku panto nu ukuranana leuwih leutik. Sedengkeun imah séjén di sabudeureunana mah geus kabéh ku témbok.
Ngadegna Bumi Adat
Nurutkeun babad Panjalin (A. Wahidin, 2004), ieu bumi adat téh diadegkeun ku Buyut Sanata—teureuh ti Sanghiang Talaga—muridna Embah Buyut Pager Gunung. Waktu Buyut Sanata namatkeun tolab élmuna, manéhna diparéntah sangkan tapa kentir di walungan Ciwaringin. Teu ukur tapa, Buyut Sanata gé diamanatan upama aya wanoja nu nitah hanjat tina walungan, geura sampeurkeun laju ajak kawin.
Palebah walungan nu kaliuhan tatangkalan, manéhna panggih jeung wanoja nu ngaranna Nyi Seruni. Ras inget kana talatah ti Embah Buyut Pager Gunung téa, laju disampeurkeun ku manéhna. Waktu disampeurkeun, wanoja téh bet ngabecir lumpat, mabur bari jejeritan ménta tulung ka bapana. Buyut Sanata tuluy ngabeberik Nyi Seruni nepi ka padumukanana, nyaéta ka tempat Embah Buyut Atas Angin.
Barang amprok jeung Embah Buyut Atas Angin, Buyut Sanata tuluy ngadadarkeun naon pangna manéhna ngabeberik Nyi Seruni. Ku sabab élmu Embah Buyut Atas Angin mah leuwih luhung, tangtu apaleun naon maksudna téh. Geus kajudi ku manéhna mah yén datangna Buyut Sanata téh rék mileuleuheungkeun Nyi Seruni.
Ngan teu gampang pikeun Buyut Sanata dina ngalamar Nyi Seruni téh, aya saratna, nyaéta kudu ngababad leuweung geledegan nu aya di éta tempat pikeun lahan padumukan. Buyut Sanata nyanggupan, tuluy léos baé manéhna téh ka kulon, sup ka leuweung. Tapi barang ningali kaayaan leuweung, Buyut Sanata teu mampuh keur ngababadna. Manéhna baluweng. Ari rék maksa ngababad tangtu matak picilakaeun. Rék boboléh baé matak éra. Ahirna mah manéhna kabur, balik deui unjukan ka Embah Buyut Pager Gunung.
Sasaduna Buyut Sanata ka Embah Buyut Pager Gunung téh tétéla direungeukeun ogé ku adi sapaguronna nyaéta Buyut Banjar. Duanana tuluy ngajugjug deui leuweung geledegan, bari dibekelan. Buyut Sanata mah dibekelan panékér jeung kanjut koja, ari Buyut Banjar mah dibekelan kujang jeung dudukuy tokok.
Tatangkalan baradag jeung areuy riut rengked teu jadi hahalang. Ku kasaktian jeung kujang téa, teu lila leuweung téh geus tutas dibabadna. Ngan basa duanana ningali tatangkalan hasil ngababad patulayah di mana-mana, maranéhna papada bingung, kumaha deui cara mérérésna. Ras inget baé kana bekel Buyut Sanata téa nyaéta panékér. Cekés baé panékér téh tuluy baé seuneu ngabela, ngarambat ngaduruk tatangkalan hasil ngababad.
Sabada Embah Buyut Atas Angin ngawinkeun Buyut Sanata ka Nyi Seruni, buyut Banjar ka adina Nyi Seruni. Saterasna Buyut Sanata ngadegkeun imah di tengah-tengah leuweung nu urut diduruk ku manéhna. Nepi ka kiwari éta imah téh ngadeg kénéh, nu tuluy dingaranan Bumi Adat Panjalin.
Kagiatan di Bumi Adat
Nurutkeun Apip (32), kuncén Bumi Adat, kagiatan di BAP mah béda jeung kagiatan-kagiatan di bumi adat séjénna. Kagiatan nu sipatna ritual téh éstu euweuh, teu cara di Cikondang upamana, nu aya acara ‘Wuku Taun’ atawa ‘Séléh Taun’ dina unggal bulan Muaharram.
"Tapi ari kanggo miéling jeung mikatineung Bumi Adat mah aya éta ogé, biasana mah unggal milangkala Désa Panjalin Kidul, tanggal 31 Oktober," cék Apip.
Ari prak-prakan ieu kagiatan téh digelar ku jalan sukuran, nyieun tumpeng. Atuh pikeun ngirut tur ngaubkeun kabéh masarakat Panjalin Kidul, kagiatan numpeng téh sok dilombakeun. Malah diwajibkeun ka unggal kampung nu aya di Désa Panjalin Kidul. Tuluy éta tumpeng—nu dibawa ku masarakat unggal kampung—dikumpulkeun heula di balé désa, laju diabringkeun ngurilingan kampung, sarta pamungkasna dibawa ka BAP.
Tapi kagiatan téh teu semet ngarak tumpeng wungkul. Sabadana nu milu iring-iringan téh ngariung pikeun ngabandungan Babad Panjalin, anu dibacakeun ku sesepuh désa Panjalin. Macakeun Babad Panjalin téh lain ukur ritual taunan, tapi éta hal téh minangka tarékah ngajaga tur ngawariskeun ajén budaya ka masarakat, husuna generasi ngora, sangkan teu mopohokeun ngadegna Désa Panjalin.
Lian ti éta, di BAP ogé diayakeun tadarusan unggal maleman Jumaah kaliwon. Ari udaganana mah pikeun ngado’akeun karuhun atawa sesepuh Panjalin. Nya anu remen datang ogé nu aya sabudeureun BAP wungkul.
Mémang can aya sumber nu pasti ngeunaan kagiatan nu sok diayakeun di ieu tempat. Pangpangna mah kagiatan saméméhna, boh nu sipatna ritus boh nu sipatna sérémonial. Malah pasualan titinggal ogé—parabot bumi adat—méh teu kapaluruh naon baé jenis jeung jumlahna, sarta sawaréhna teuing diampihan ku saha.
Kitu deui nu jadi kuncén ngurus ieu bumi. Éstu tanpa aya sarat adat anu tangtu. "Nu penting mah keresa ngurusna baé," kitu cék Apip.
***
0 Komentar