Dina Hiji Waktu - Sajak-Sajak Aditia Gunawan

lowers of Abstraction (1924) kénging Georgia O'Keeffe


 DINA HIJI WAKTU

hiji waktu. papatong eunteup di méja kantor urang 
nu keur anteng ngarawélan 
aksara ngangluh koran-koran
hiji waktu. katumbiri masieup méja makan urang
nalika nohonan kahayang budak pelesiran
ka mumunggang impian

laju ras basa urang niup lilin ka lilin
spanduk wates kota, gunting pita,
kertas undian jeung
dokter nu némbongkeun tés urine: “Wilujeng!”

ceuk papatong jeung katumbiri 
dina hiji waktu

2006



SAJAK KABULUSAN

“tiris!” ceuk hiji peuting ka béntang
nu saged jajap balébat. halimun deui
mupulkeun wedak bihari
mangsa birahi sumedeng mangkak
na palangkakan nyawa

“tiris!” srangéngé rumahuh paranas tiris
dibaguded simbut bari sasambat
ngidungkeun katineung tulang igana
“tiris!” ceuk korsi bari humaregung
di rohang suwung ditilar kapercayaan

“tiris!” ceuk sajak bari beberengkes
nataharkeun simpé

2006



LEMBUR KAPINIS

bring saabringan kapinis 
nandonkeun lalakon muru kulon
nutur-nutur srangéngé lingsir 
mangsa kalimah wanci kari titikna

ciduh kami geus teu metu
campuh jeung bulu-bulu
ucap kami geus teu nyata
ukur aweuhan rohang tengah

nu harélok jul-jol ti saban pongpok
curuk-curuk patunjuk-tunjuk 
liang irung geus teu nyésakeun sayang
pancakaki jeung kamalir lahan garapan

“Cikahuripan!” nu kaweur pahibut

bring saabringan kapinis
nyingkahan lembur nu kahuru

2006



GIGIREUN RANJANG URANG NUNGGUAN
- Anita nu kingkin

gigireun ranjang urang nungguan 
harepan usik malik tapi pongpok 
meureut beuki heureut rohang jembar
haté urang. kapan aisan geus diécagkeun
basa pasar kojéngkang cikénéh 
miang pirang-pirang anggangna

gigireun ranjang urang nungguan
mangsa gurat mangsi juru mata 
nalingakeun kalam ninggang alum
salju jeung kamar béda nyecepna 
kana balung nu saban peuting nafakuran 
posisi mana pangtumaninahna

“sakiceup deui!” ceuk anjeun
bari nyingkahan angin nebak kongkolak 

gigireun ranjang urang nungguan
waruga saha nu diboyong dimandian

2006



WANGKONGAN WARUNG KOPI

ti iraha seunggah marékplékan saban
wiletan rénghap? ceuk anjeun
bari ngadéangkeun warung kopi jeung situs porno
na tingkeban hawu mongkléng
tapi kopi jeung catetan sajarah 
can kungsi ledis nepi dedekna. regot
deui urang silih alokan ku rupa-rupa
senggak ngunghak pada-pada urang
nyirep panon panghideungna
mangsa nu curaling ceceremed
rungkag-rengkog dikedok raray urang 
nu galécok teu rinéh-rinéh

2006



WANOJA NU NGUYUP MATANA

sela-sela guneman méja makan
wanoja nguyup matana
laut weureu ngemu peuheur
“teu perlu aya nu nyangkrung” tuluy

lawon hideung ngabaguded matana
sataranjang dangah matek aji 
sadrah. taya nu ngembeng 
iwal ibun hujan munggaran

wanoja nguyup matana
tina sésa peureutan seuseuheun 
béha jeung lawon hideung
nu pangeusina ngamalirkeun asih
pangsusuna

kuring gé jadi lalay lapar
“kenyot bageur, kenyot!
teu perlu aya nu nyangkrung!”

2006








ADITIA GUNAWAN lahir di Cianjur taun 1983. Leuwih dipikawanoh minangka filolog jeung kurator naskah Sunda di Perpustakaan Nasional RI. Sawatara karanganana dimuat dina majalah Cupumanik, Manglé, jeung Tribun Jabar. Sakapeung dina tulisan fiksina sok maké sandiasma Ananta G. Karangan éséyna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS.



Posting Komentar

0 Komentar