Tangis keur Anarkis - Toni Lesmana

The Great Day of His Wrath (1851) Kénging John Martin

Sirineu pulisi jurat-jerit, paberik-berik. Hawar-hawar, gumuruh karéta api ti jauhna. Di hiji kamar, Anarkis ngulisik. Geulis kacida, sawaréh buuk beureumna nutupan pipi kénca, tujuh anting dina ceulina bangun sésélékét hayang katempo. Amis cauna leubeut, tarang semu anu nangtang, halis hileud bulu, panon semu mélétét, buluna carentik, irung leutik bangir, biwir rekah eros kayas. Leungeunna masih ngeukeupan buku Emma Goldman, rapet raket neueul neuhneur. Kaos héjo daun rada nyiklak lebah bujal. Tindik. Lévis hideung rada ngetat mungkus suku nu ngaréngkol. Ngaréngkol tunjangeun Ripkipik nu karék lilir, kerung, tuluy anteng neuteup anteb nu ngaréngkol luhureun sajadah pulas beureum. 

“Ngurunyung ogé.” Ripkipik bangun ngomong sorangan. Halon, gumeter.

Di luareun kamar, hujan kapireng. Ngerepan. Ripkipik nguniang. Ukur disasarung. Dada ngaliglag, buuk kusut ngarumbay. Ngaléngkahan awak Anarkis. Muru korsi deukeut jandéla, leungeunna muka rérégan seutik, noong ka luar. Rérégan dibuka deui saeutik, méh setengahna, tuluy diuk nyawang hujan, rada kahalangan ku tihang-tihang beusi tower toren kontrakanana nu nampeu pisan kana jandéla, nyeueung hujan nu kasorot lampu jalan. Lampu-lampu beueus. Kelemeng wangunan-wangunan satengahing ngecrek. Kota nu simpé jeung remek. Baseuh kakeueung. Taya nu katénjo ngulampreng. Lebah émpér minimarkét nu karék kamari diraranjah, peuntaseun pisan jandéla, aya anjing ngaringkuk ditalikung police line. 

Geus méh sabulan nu démo teu manggih reureuh, laju gangas. Ngagalaksak. Ngaranjah. Kituna mah bulan-bulan katalangsara. Teu meunang ka mamana. Sagala dihulag, ari pangabutuh sapopoé teu disayagian. Awalna mah narurut narumpi di imah, puguh apan jaman sasalad téa. Pamaréntah kota Anjir metakeun leungeun beusi kakawasaan. Meunang kaluar imah saukur jang balanja kaperluan, éta gé kudu ka mol jeung minimarkét anu dibéré kabébasan ku pajabat. Pasar mah ditutup, siga kuburan. Sakola kitu deui. Ripkipik ogé apan bulan-bulan ngajar saukur ngandelkeun internét, teu kungsi nincak kampus. 

Bulan-bulan nyirekem teu burung rarengkung. Aman tina sasalad, katideresa ku kalaparan. Leuwih réa anu jadi korban kalaparan batan jadi korban sasalad. Antukna hiji dua lalumpatan deui ka jalan. Nyiar kipayah. Teu diantep. Gerewek wé ku aparat. Aya deui, gerewek deui. Rahayat antukna leungit kasieun. Kasieun ku sasalad, kasieun ku aparat antukna sirna jadi gedur pirunan amarah nu kamarang kamanting. Sasalad onaman teu kadeuleu, hésé ngalawanna, aparat mah apan puguh bungkeuleukanana, sidik panyicinganana. Papada meuncit. Nu hiji ku kasakit nu hiji ku lapar. Nya, lawan wé nu aya. Papada matak nyangsarakaeun ieuh, matak maténi. 

Kitu nu kiwari aya dina kayakinan rahayat kota Anjir. Atuh aparat leuwih ngagalaksak deui, néwakan rahayat. Kota nu bulan-bulan siga kuburan alatan sasalad kiwari ngagedur alatan nu baruntak. Aparat teu méré ombér. Siga palu ngagempur nu tingkuliat di mamana.

Ucing bulu coklat asup tina panto kamar nu méléngé. Kulimis. Mencrong Anarkis nu ukur kulasak-kulisik. Ngeteyep. Jleng. Luncat kana pingping Ripkipik. Depong lebah dinya bangun kabulusan.

“Ti mana manéh, méong?”Ripkipik nyelang ngarérét nu depong laju nyelegon. Laju diusapan. 

Di luar, hujan beuki ngecrek. Sirineu pulisi jurat-jerit deui, silih berik. Ngadeukeutan. Sebrot lampu mobil satengahing hujan. Mobil pulisi tingbelesur. Lain patroli ieu mah. Bangun keur aya udageun. Ripkipik mencrong Anarkis. Aya sorot kahariwang dina teuteupna ka nu ngaringkuk. Saha nu rék nyangka lamun ieu wanoja camperenik nu ngagerakkeun wawanén rahayat pikeun ngalawan tur baruntak. 

“Ieu sasalad dipaké kasempetan ku pamaréntah kota jang ngeukeuweuk jeung nyekék rahayat.” 

“Apan ieu mah saréréa katarajang, lain kota urang wungkul.”

“Sasalad saukur alesan. Kota-kota séjén sidik apan jeung bélana, pajabatna ngaduakeun huap jeung rahayat. Kota urang wungkul nu dipeuncit kuriling.”

“Lamun sakola, agama, pamaréntah geus euweuh. Naon deui?”

“Cinta. Cinta nu merdéka. Rahayat nu merdéka. Manusa nu merdéka.”

“Tapi ....,”

“Kieu wé, Pik. Aing moal papanjangan. Aing rék bajuang nurutkeun kayakinan. Ngan, lamun sakali-kali aing datang ka ieu kamar, kadar milu mandi atawa ngopi, naha pantona bakal muka?”

“Pék téh teuing, manéh nyaho sorangan panto kamar tara kungsi dikonci.” 

Ripkipik anteng ngusapan méong. Ngumbar katineung. Lawas, obrolan éta jol ngaronghéap deui. Di kamar ieu pisan. Hujan kieu pisan. Harita saenyana Ripkipik hayang ngajéntrékeun yén lain ukur panto kamar nu salilana muka, panto nu séjénna ogé salawasna muka; panto nu aya dina dirina, panto haté. 

Ti harita les. Lep wé. Ngiles nu kadua kali keur Ripkipik. Nu mimitina pas indit sakola ka kota séjén sabada tamat SMA. Ari ngiles nu kadua mah, ukur béja jeung carita nu nepikeun ketak Anarkis geus ngarambat ka mamana. Mahasiswa, budak sakola, malah geus asup ka désa-désa. Ka lembur-lembur. Taya nu salah sabenerna mah, Ripkipik ogé surti Anarkis béla ka rahayat. Ngan kalan-kalan talajakna sok teu merenah. Tapi dina kondisi kawas kieu, pikiran-pikiran Anarkis gampil pisan nyerep. Ngagedurkeun kawani rahayat sangkan yakin ka diri sorangan, kawani leupas tina jaruji agama, katut pamaréntah. Manusa kudu bébas. Bébas merdéka siga cinta. 

“Cinta teu butuh panyalindungan, sabab cinta panyalindungan nu saéstuna.” Anarkis ngaharéwoskeun kekecapan Emma Goldman dina hiji hajatan kawin babaturanana. Padahal harita pisan Ripkipik rék balaka hayang ngajak kawin ka Anarkis. Atuh pugag, teu betus. Ukur ngarénghap panjang nyanghareupan kayakinan nu lir karang. Ripkipik apal kacida kalimah satuluyna nu dituliskeun ku Emma dina éta paragraf. Kalimah nu tandes sakaligus mundeskeun harepanana ka balé nyungcung jeung Anarkis. Rek teu apal kumaha da apan puguh buku éta hadiah ulang taun ti Ripkipik sorangan, pas Anarkis panceg 17 taun.

Ripkipik nguniang. Si méong lalaunan diteundeun dina harigu Anarkis, nyelegon. Si méong jol ngaringkuk. Leungeun Anarkis jol usik nangkeup si méong. Rapet raket jeung buku. Neueul neuhneur. Ripkipik jol nyéréngéh, manéhna asa inget hiji quote dina IG nu nyebutkeun yén ucing téh sato panganarkisna, nyutat Hemmingway mun ingetanana teu nyalahan. Anarkis nangkeup anarkis nu séjén. 

Ripkipik ngojéngkang. Nyingkabkeun samping tutup lomari. Tungtung samping dikaitkeun kana parantina. Ngarongkong nyokot baju jeung calana tina tumpukan beulah tengah. Rap calana jeung baju. Gap kana jékét dina kapstok. Lomari poho ditutupkeun deui. Méméh ngaléngkah kaluar tuluy meundeutkeun panto, rét heula manéhna ka nu ngaringkuk nangkeup Emma jeung si méong luhureun sajadah. Léos ka téras kamar. Tingkat dua. Kota nu tibra leuwih némbrak ti lebah dieu, kota nu keur dikuramasan hujan. Lampu-lampu beueus. Belegbeg wawangunan. Jalan-jalan mongkléng. 

Kota leutik nu teuing jadi pangling keur Ripkipik alatan usikna ramo-ramo pikiran Anarkis. Léngkahna kebat, teu nolih hujan, bangun masrahkeun awak kana kerepna hujan pasusubuh, leumpang kana tangga, turun. Teu lila geus aya di buruan kontrakan. Muka gerbang nu méléngé, pastina urut tadi Anarkis jebul, tuluy Ripkipik ngiciprit. Huhujanan sapanjang jalan, sasalingkeran di kota nu paburantak.

Hujan beuki ngabadagan. Ripkipik geus ngajanteng hareupeun masjid agung. Ngagebeg nénjo police line ngulibeng masjid. Boa aya kajadian nu manéhna teu apal. Bisa jadi léngkah Anarkis geus nepi ogé ka beulah dieu. Pulisi di mamana. Manéhna hémeng. Geuning sagalana geus dikeukeuweuk ku pamaréntah. Sirineu deui. Paberik-berik. Kota mingkin ketir, hujan tambah rosa.

Rék ka mana deui? Ukur éta tempat nu salila ieu ku Ripkipik dijugjug mun bosen nyirekem. Sakadar mulangkeun panineungan, apan lebah dinya pisan Anarkis kungsi ngawuruk ngaji ka manéhna, baheula, jaman SMA, teu kungsi nepi ka bisa, da harita mah apan sakadar hayang deukeut jeung nu ngawurukanana. Anarkis boboléh, manggih murid siga Ripkipik. Nepi ka Anarkis indit kuliah ka kota sejen, Ripkipik teu kungsi nepi ka bisa ngaji. Nepi ayeuna teu bisa-bisa. Najan hayang bisa.

 “Takdir manéh éta mah. Jalan manéh méh leuwih husu ibadah. Mun nepi bisa mah boa manéh moal kawas kieu. Moal insap.” Anarkis nyarita bari heureuy sabot mulang deui, méh sapuluh taun ngumbarana, geus robah jadi Anarkis nu ayeuna. Teu riuk-riuk sono ka jaman baheula.

Keur anteng Ripkipik nyalingker bari jibreg, jol bur-ber mobil pulisi. Ka saban jalan. Sirineu rabeng. Ripkipik ngadadak tagiwur. Sukuna ngadadak hayang buru-buru lumpat muru kontrakan. Sirineu saampar kota. Ripkipik norobos hujan, lumpat ka gang meredong, jalan motong. Bras ka pipireun kontrakan. Sora sirineu bet miheulaan, nu séjénna gé kawas rék nyayang di dieu. Museur ka palebah dieu. Boa-boa. Pamohalan jalan hareup. Rét kana tower toren nu puncerna saluhureun jandéla kamar. 

Sirineu. Ripkipik sababaraha kali méh tisolédat. Nepi kana tihang nu sajajar jeung jandéla kamar, rérégan muka kénéh. Malah ngaliglag pisan. Anarkis hudang, gerentesna. Ngalacat deui leuwih luhur. Ripkipik ngagebeg. Aya nu keur diuk luhureun sajadah, maké mukena. Mukena warisan indungna, Ripkipik apal pisan. Mukena nu diamanatkeun jang mas kawin. Ripkipik naék deui leuwih luhur. Gusti, keur ngaji. Sidik éta mah kitab nu salila ieu ku manéhna dirawatan. Kitab paméré Anarkis mangsa boboléh ngajar ngaji téa. Kitab nu dipusti-pusti ku Ripkipik sanajan teu kungsi bisa macana. Mukena nu dipusti-pusti bari nganti ka saha eusi amanat bakal ragragna. Duanana disimpen bareng dina lomari pangluhurna. Lir jimat. Taun-taun kitab disimpen luhureun mukena dina lomari nu ukur ditutupan ku samping, da pantona geus lawas rujad.

Ripkipik méh lésot pamuntangan. Hayang ngajorowok nitah Anarkis lumpat méméh diringkeb sirineu. Tapi kalah kemba nénjo kana jandéla kamar, nénjo nu keur ngaji hareupeun si méong nu depong gigireun buku Emma. Ripkipik bet nénjo diri manéhna sorangan persis si méong. Persis kitu mangsa baheula jaman diwurukan ku Anarkis di masjid agung.

Sirineu beuki meuweuh. Ti mamana. Reg. Sirineu nyayang lebah dieu pisan. Ripkipik ukur bisa meureumkeun panon bari tipepereket muntangan tihang towér mangsa tina jandéla nu ngaliglag, katénjo panto kamarna ngadadak muka sakaligus. Sup ringkang-ringkang aparat, aya usik bedil dikokang. Ripkipik meureumkeum panon, tapi teu bisa ngabendung nu bedah lir hujan pasusubuh. Tangis. Tangis keur Anarkis.*** 



TONI LESMANA, lahir di Sumedang taun 1976. Nulis puisi jeung prosa dina basa Indonesia jeung basa Sunda di sababaraha média lokal jeung nasional. Kungsi dilélér hadiah sastra LBSS taun 2006, 2008, jeung taun 2011. Bukuna anu geus medal dina basa Sunda nyaéta kumpulan carpon Carita Lain Caritakeuneun (Geger Sunten, 2013). Ari anu dina basa Indonesia nyaéta Jam Malam Kota Merah (2012), Kepala-Kepala di Pekarangan (2015), jeung Tamasya Kota Pernia (2018). Buku kumpulan sajakna dina basa Indonesia nyaéta Tamasya Cikaracak (2017) jeung Peta dalam Rumah (2020). Kiwari dumuk di Ciamis. Carpon "Citangis Ratri" saméméhna kungsi dimuat dina Pikiran Rakyat, 14 Juni 2015.


Posting Komentar

0 Komentar