Maluruh Raratan Bapa Ceni, Guru Kabatinan Moh. Ambri - Lugiena De

Makam Uyut Ceni di Désa Baginda.


Moh. Ambri (1892-1936) téh kaasup pangarang entragan Balé Pustaka anu pangpunjulna. Najan yuswana pondok, tapi produktif medalkeun karya. Salian ti éta, novél-novélna bisa disebutkeun nenggang jeung novél ti papada pangarang Balé Pustaka séjénna jaman harita. Dina novél-novélna, Ambri mah leuwih réa nyaritakeun kahirupan cacah, lain ménak. Upamana Ngawadalkeun Nyawa jeung Burak Siluman.

Taun 2008, kaparengkeun mimiti maca biografi Moh. Ambri dina buku Pancakaki anu ditulis ku Ajip Rosidi (medal taun 1996 ku pamedal Girimukti Pasaka). Kawilang mundel tur lengkep sakitu mah. Bubuhan bahan-bahanna réa suméndér kana hasil panalungtikan Biografi dan Karya Sastrawan Muhammad Ambri (1984-1985), anu disusun ku Abdurrachman, Edi S. Ekadjati, Maryati Sastrawijaya, jeung Etty Rochaeti (Etti RS).  Salian ti éta, dadaran Ajip ngeunaan biografi Moh. Ambri dina Pancakaki téh suméndér ogé kana skripsi Abdurrachman, anu judulna Mohammad Ambri; Pengarang Sunda yang Beraliran Realisme (1977). Hanjakalna, basa kuring nelepon ka Ceu Etti ngocal-ngocal éta dua hasil panalungtikan saméméhna, anjeunna lalieun di mana nyimpenna. “Kudu diungkaban heula,” saurna.

Anu rada nyosok jero ditulis dina buku Pancakaki, sarta kawasna can kungsi dibahas dina panalungtikan séjén, nyaéta ngeunaan tapak lacak Moh. Ambri dina dunya kabatinan. Bubuhan salian ti neuleuman sastra Sunda, Moh. Ambri ogé keur jumenengna kungsi muhit élmu (ajian) kasumedangan. Sawangan Ajip kana peran Moh. Ambri dina élmu kabatinan téh dumasar naskah surat-surat Moh. Ambri ka Muh. Husna, salah saurang murid Moh. Ambri dina élmu kabatinan. Kabéhanana aya dalapan surat, sarta éta surat-surat Moh. Ambri téh milu dimuatkeun ogé dina buku Pancakaki. Ari jalanna Ajip Rosidi tiasa kénging surat-surat Moh. Ambri nyaéta ngaliwatan Moh. I. Amir, mantuna Muh. Husna. Malah lain waé surat-suratna anu katampi ku Ajip Rosidi ti Moh. I. Amir téh. Tapi ogé kaasup naskah pedaran élmu kabatinan anu ditulis ku Moh. Ambri. Ngan éta mah teu milu dimuatkeun dina buku Pancakaki. Bisa jadi meureun ku lantaran kandel teuing, sarta eusina kaasup sénsitip saupama dibuka keur publik téh.

Dina buku Pancakaki ditulis yén Moh. Ambri guguru élmu kasumedangan téh ka Bapa Ceni, urang kampung Baginda, Sumedang kidul. Ari mimiti katajina cenah sabada natambakeun istrina (Nyi Onéng Karnasih) anu harita teu damang payah ka hiji dukun (Bapa Ceni?), bari tuluy cageur. Nya harita Moh. Ambri mimiti diajar ngulik hal-hal anu sipatna mistik, sarta guguru élmu kabatinan ka Bapa Ceni. Malah cenah jadi murid kadeuheusna. Saterusna Moh. Ambri ogé milu ngajarkeun éta élmu ka sawatara kawawuhanana. Malah ku Moh. Ambri ditepungkeun ogé jeung Bapa Ceni. Salian ti aktif ngajarkeun kabatinan, Moh. Ambri ogé kaceluk bisa ngubaran ku jalan gaib, sarta seukeut wirasatna dina “nempo” kajadian anu baris tumiba (ngaramal).

Nya perkara Bapa Ceni anu jadi matak panasaran téh. Ku lantaran dina buku Pancakaki, Bapa Ceni—anu ku Moh. Ambri disebut “Emang” dina surat-suratna—saeutik pisan kasabitna. 

***

Poé Kemis tanggal 8 April 2021, kuring ngahajakeun nganjang ka Désa Baginda. Tétéla teu hésé tatanya téh. Basa nepungan aparat désa, langsung meunang raratan. Malah ku éta urang désa langsung dituduhkeun ka rundayanana Uyut Ceni. Atuh makam Uyut Ceni gé singhoréng teu jauh, di sisi jalan, ngahiji jeung pamakaman umum, anu perenahna paeunteung-eunteung jeung masjid jami.

“Di dieu mah disebatna Uyut Ceni. Anjeunna téh kalebet salah sahiji karuhun Désa Baginda,” cenah.

Ibu Entin.

Ti dinya tuluy nepungan Ibu Haji Entin, hiji-hijina incu Uyut Ceni anu masih jumeneng kénéh. Umurna geus nincak 75 taun. Perkara Uyut Ceni ti Ibu Entin teu pati loba anu kakobét, bubuhan teu kungsi tepung. Kitu deui perkara Uyut Ceni sok ngubaran atawa ngagem élmu kabatinan.

“Perkawis Uyut Ceni mah—Ibu mah nyebatna aki meureun—pun biang langki dodongéng. Tapi perkawis Moh. Ambri mah kantos nguping ti pun biang téh. Saurna mah anjeunna téh salah sahiji muridna Uyut Ceni,” cenah.

Ceuk katerangan Ibu Entin, Uyut Ceni téh nikahna dua kali. Istrina anu kahiji teu kapaluruh saha jenenganana. Ti istrina anu kahiji, Uyut Ceni kagungan putra dua, nyaéta Ibu Amria, cikalna, jeung Ibu Écéh. Sabada istrina anu kahiji maot, Uyut Ceni nikah deui ka Ibu Karsiah, laju kagungan putra hiji, nyaéta Ibu Junasih. Di antara éta putrana anu tilu, anu kasohor bisa ngubaran téh nyaéta Ibu Amria, biangna Ibu Entin. Ibu Amria putrana aya genep. Cikalna Pa Eno. Ari Ibu Entin bungsuna.

“Perkawis ngalandongan ogé lebeng Ibu mah teu terang nanaon. Da éta mah nurunna ka raka anu cikal, nyaéta Pa Eno. Sabada Pa Eno ngantunkeun, diteraskeun ku Yayat, putra Pa Eno anu cikal,” pokna deui.

Sabada tepung jeung Ibu Entin, ti dinya tuluy nepungan Pa Yayat. Salian ti sok ngubaran, Pa Yayat ogé ayeuna téh dipapancénan jadi kuncén makam Baginda.

Pa Yayat.

Basa gok tepung, tuluy ditanya perkara Moh. Ambri, Pa Yayat gasik ngajawab, “Moh. Ambri téh murid kahiji Uyut Ceni. Anu kapungkur ngarang buku Si Kabayan jadi Dukun. Tapi da lebeng abdi mah can kungsi maca bukuna. Terang téh ti pun bapa wé, dongéngna,” pokna.

Najan perenahna ka Bu Entin téh bibi, tapi umurna pakokolot supa. Umur Pa Yayat ayeuna geus 76 taun. Ceuk kateranganana, Uyut Ceni téh kalebet putra bupati Sumedang baheula, nyaéta Pangéran Sugih. “Uyut Ceni téh putra Pangéran Sugih ti salah sahiji selirna. Mung duka saha, teu terang. Ma’lum apan ménak kapungkur mah seueur selirna,” pokna deui.

Saupama nilik kana pedaran Nina Herlina Lubis dina buku Kehidupan Kaum Menak Priangan 1800-1942, bisa jadi éta katerangan Pa Yayat téh bener. Bubuhan Pangéran Sugih téh, anu jenengan aslina Pangéran Suria Kusumah Adinata, sarta kungsi lila ngajabat jadi bupati Sumedang (1838-1882), kasohor sugih raja kayana sarta “sugih” rundayanana. Da putrana waé cenah leuwih ti 60 urang. Ari istrina aya 31 urang, kaasup 4 anu statusna resmi. Atuh Uyut Ceni ogé ku itungan perkiraan mah lahirna téh sabudeureun taun 1870-an.

Ongkoh deuih dina surat-suratna Moh. Ambri nétélakeun, yén sungapan élmu kasumedangan téh salah sahijina ngaliwatan Pangéran Sumedang. Urang cutat baé saeutik tina buku Pancakaki kaca 286 jeung kaca 289:

Ayeuna meureun kamanah héséna hayang papendak sareng Bagénda Ali. Dina munajat Ayi pangheulana papanggih jeung Akang, geus kitu Emang, ditéma ku Pangéran Sumedang, ditéma deui ku Embah Ratnawulan, ti dinya kakara urang bisa papanggih jeung Bagénda Ali, engké dina waktuna.

 

Saréhna ayeuna Ayi parantos uninga panta-pantana: Akang, Emang, Pangéran Sumedang, Embah Baginda, kakara bisa panggih jeung Bagénda Ali.

Coba lomaan sing bener Kiai Moh. Ambri gaibna; ari hartina loma téh leungit mangmang tina haté, ulah aya basa nyaho, tapi samar. Urang téh sing jadi sobat hakékatna. Geus loma jeung éta mah rasa Akang moal sesah teuing ngalomaan Kiai Guru Baginda (lahirna mah Emang téa), tuluy ka Pangéran Sumedang, heug ka Embah, kakara ka Bagénda Ali.

Dina sajalan mimiti nu dicarioskeun dina serat Ayi nu tipayun némbongkeun overzicht jalan (laratan). Kadua kalina némbongkeun nété tarajé, nincak hambalan pikeun salira Ayi, sabab pikeun salira Ayi Akang pamuka lawangna, ari Akang apan ti Emang, ari Emang jeung Pangéran Sumedang ti Embah, ari Embah nya ti Bagénda Ali.” 

Wallohu a’lam, duka Pangéran Sumedang anu mana anu dimaksud ku Moh. Ambri dina surat-suratna téh. Da bubuhan sakur ménak Sumedang anu kungsi ngajabat bupati mah geus tangtu bakal disebut Pangéran Sumedang. Tapi sidik yén hambalan sabada Emang téh (Bapa Ceni), nyambungna ka hambalan Pangéran Sumedang.

Dina wangkongan saterusna Pa Yayat nerangkeun, Uyut Ceni téh maotna waktu jaman Walanda. “Tangéh kénéh ka kamerdikaan. Duka taun sabaraha. Upami Uyut Karsiah mah ngantunkeunana waktos sim kuring nuju murangkalih kénéh,” pokna nambahan. Ari Ibu Amria cenah ngantunkeunana taun 1987. Geus sepuh pisan harita téh. Malah maotna kapayunan ku Pa Eno, putrana, taun 1982.

Ti sageletukna Pa Eno, anu harita ditiupan nuluykeun tapak lacak bapa téh nyaéta Éman, adina Pa Yayat anu nomer opat. Ibu Engkay ogé, biangna Pa Yayat, sarua deuih kungsi diajar ngubaran ti Pa Eno. Ibu Engkay mah masih jumeneng kénéh, sarta yuswana geus sepuh pisan.

“Balaka wé, sim kuring mah teu kawaris nanaon pisan ti pun bapa téh. Dalah sim kuring tiasa ngalandongan ogé diajarna ti Uyut ku jalan gaib, dina impénan. Kajantenanana dua taun sabada pun bapa nilar. Ti dinya langsung dipasrahan neraskeun élmu ku Uyut,” cenah.

Kungsi éta gé cenah aya pusaka warisan Uyut Ceni, réana sakoper. Tapi taun 1985 dibikeun ka hiji haji urang Bandung anu cenah deuheus ka makam Uyut Ceni. Nepi ka ayeuna ka makam Uyut Ceni téh sok aya ogé anu jarah, najan tara noron unggal minggu.

Kuburan Uyut Ceni.

***

Najan tibang ngelemeng, naon anu disebut élmu kasumedangan rada kagambar ogé dina surat-surat Moh. Ambri. Bisa jadi “élmu” anu ayeuna “dipuhit” ku Pa Yayat saenyana geus jauh tangéh jeung élmu anu didadarkeun ku Moh. Ambri. Jalan hiji-hijina taya lian kudu dipaluruh deui sumber-sumberna, dibandingkeun sing gemet. Sakumaha anu didadarkeun dina buku Pancakaki, nalika jumenengna Ajip Rosidi nampi ogé naskah pedaran ngeunaan élmu kasumedangan anu dijudulan Kasumedangan Élmu Leuwih. Kawasna éta naskah anu ditulis ku Moh. Ambri sarta tuluy disaralin ku murid-muridna téh kudu dicukcruk deui dina koléksi dokuméntasi kagungan Ajip Rosidi di Pabelan. Naha nyampak (kénéh) atawa henteu.

Tapi tina hasil ngabandingkeun antara wangkongan jeung Pa Yayat jeung dadaran Moh. Ambri dina surat-suratna, katara aya anasir anu sarua. Upamana waé perkara jalan gaib atawa pituduh gaib anu di antarana datang ngaliwatan impénan. Sakumaha anu dicaritakeun ku Pa Yayat, manéhna bisa ngubaran téh sabada ngimpén dirampa parindikanana ku Uyut Ceni. Pa Yayat ogé ngubaran téh teu weléh bari dijurung ku pituduh gaib Uyut. Lahirna mah Pa Yayat. Tapi gaibna mah Uyut Ceni. Saupama nu gaib teu ngidinan, Pa Yayat ogé moal daék.

Kitu deui dina surat Moh. Ambri, aya hal anu kurang leuwih sarua. Urang cutat saeutik tina buku Pancakaki kaca 304 jeung kaca 306:

Kaduana kawasna kersana Gaib, Akang kudu ngawalonan sakalian bari ngawartosan Ayi hal lalakon Akang sabot ngampleng, cara anu notorékkeun manéh, da sanés serat ti Ayi baé nu teu buru-buru diwalonan téh, serat ti Sumedang ogé nya kitu, diwalonanana pairing-iring baé sareng ka Ayi.

 

.... Barang Emang eukeur pingsan, sumping Karuhun Dayeuhluhur ditimbalan ku kersana Gaib, mopoyankeun, yén Emang kudu ajal, lamun Akang neruskeun lalakon (nawajuhan). Karuhun Dayeuhluhur mulih, Emang lilir, teras nyarios, pada naros ngajawab: Aya dawuhan ti Dayeuhluhur kitu-kitu dipihatur ka Emang. Putusanana nya serat nu katampi ku Akang téa. Dicegah perkara éta dipuragaan kudu ngamajukeun kamatihan, tegesna nyampé mah ulah dieureunan. 

***

Mungkaskeun tulisan.

Tina naon anu diguar di luhur, élmu kasumedangan anu dipuhit ku Moh. Ambri téh tangtu kudu ditalungtik deui eusiningna. Taya lian tujuanana nyaéta pikeun maluruh kumaha prosés gumulungna sinkrétismeu antara agama Islam jeung kapercayaan Sunda, sarta kumaha transformasi kamekaranana nepi ka kiwari. Hasilna tangtu bakal jadi pamuka lawang pikeun mikanyaho alam ruhaniah karuhun urang Sunda baheula. Atuh leuwih jauhna, bakal bisa dipaké pamarekan pikeun ngaguar alam pikiran kabaheulaan anu muncul dina karya-karya penting Moh. Ambri, kayaning Ngawadalkeun Nyawa, Munjung, jeung Burak Siluman, anu justru ditulis dina mangsa Pamaréntah Kolonial Walanda keur tihothat melakkeun alam pikiran rasional ka kaom pribumi ngaliwatan—di antarana—buku bacaan Balé Pustaka.

Salah sahiji conto pasualan tina sinkrétismeu Islam-Sunda anu can kajawab nyaéta perkara jengléngan katut perenahna Bagénda Ali, anu dina surat-surat Ambri nepi ka kasabit aya kana sapuluh kalina. Bagénda Ali téh dina panta-pantana élmu kasumedangan mah perenahna aya dina hambalan pangluhurna, sarta satékah polah kudu bisa “ditepungan” ku sakur nu muhit élmu kasumedangan. Atuh dina dongéng Prabu Kéan Santang ogé deuih—anu sakitu populérna—ditétélakeun, yén Prabu Kéan Santang asup Islam téh sabada éléh ngadu jajatén jeung Bagénda Ali di tanah Arab. Hartina posisi Bagénda Ali téh kawilang istiméwa. Tapi naon sababna patron anu dicokotna bet Ali bin Abi Thalib, lain Umar bin Khatab atawa Abu Bakar, upamana? Islam anu kumaha saenyana anu baheula mimiti sumebar di tatar Sunda téh?

Ngeunaan sasakala ngaran lembur Baginda ogé gedé kamungkinan raket patalina jeung élmu kasumedangan anu kungsi hirup di éta lembur. Atawa bisa jadi élmu kasumedangan anu munjung muja ka Bagénda Ali téh ti éta lembur asalna, tug ka antukna éta lembur téh disebut Baginda.***





LUGIENA DE, lahir di Bandung taun 1983. Barcelonista, kiper di cacandran.com. Nulis dina basa Sunda jeung Indonesia. Anu ditulisna samakbruk, ti mimiti carpon, artikel, puisi, nepi ka naskah drama. Kungsi meunang hadiah sastra LBSS taun 2005 jeung taun 2011. Bukuna anu geus medal kumpulan carpon Jeruk (2016) jeung novél Layung Ngempur di Kampus Bungur (2020). Ngajar basa Sunda di SMPN Satu Atap Tamansari, Cibugel, Sumedang. Matuh di Selaawi, Garut, bari ngokolakeun pamedalan Silantang di Bandung.



Posting Komentar

1 Komentar