Tulung Indung - Sajak-Sajak Imas Rohilah

 

Ilustrasi : "Bark of Dante" (1859) kénging Édouard Manet 


TULUNG INDUNG

Tulung indung
Aya jurig nyiliwuri
Aya ririwa mindarupa
Ngéngkang-ngéngkang ngahalangan téténjoan
Ayang-ayang gung nyeceléh, nyacampah, surakna ayeuh-ayeuhan

Tulung indung
Ranggéténg huntuna
Ngelél létahna
Nyuriwidil biwirna ngenyé ngajebéngan

Jurig nyiliwuri
Ririwa salinrupa
Ngingintil na saban ketak

Sieuh! 
Ka euweuh 
Palias pagilinggisik
Halik! 
Ka taya
Palias patumpang sora

Sang andereweng ngajeten
Seretu teu metu
Supata teu meta

Rang ataran....
Rang ayonan....

Batok nangkub kebek mulek
Bet mata dijual ka peda
Lain jurig lain ririwa!
Puguh ménak terusing andanawarih

Wéya geulis, ka dieu kana pangkonan
Ulah pundung, Mbu kangen mirungrum 
Hengén kasép, ka dieu kana lahunan 
Ulah ilang, Mbu honeng ngaminyakan jeung nyisiran
Baeu ka dieu sumanding na angin ririh
Geulis-Kasép, lain meujeuh sasapihan

Baring supagi
Mun geus seubeuh panggaléntor
Cacap sono gulet guntreng bagujregan
Bral keupat eundang nyongsoéng ka tebéh teuing

Cianjur, 2011




SAJAK TEPANG SAJAK SONO

Akang, Aceuk,
Daramang?
Sobat-sobat babaturan
kumaha nya kaayaan?

Usum naon di lembur?
Di kami mah usum hiji, usum dua
Weuh riweuhna kumaha boa
Éar jagat sanagara
Tepi meureunan ka dinya

Aéh Akang, 
sabarahiji pamajikan?
Ah siah geuning borangan!
Pajah nyandung kacapangan
Geuningan ukur wangwangan

Euleuh Aceuk,
balad kami mangsa banter
bencing bitis imbit éyor
gamuleng pipi barenteng
Kumaha kiwari?
Geus karuhan perawatan
Naha irung ngamancungan?
Ssstt... ari salaki nu éta kénéh?
Geus ganti sabarakali?
Jeung nu itu, ku naon henteu ngajadi?

Anak-incu nu lalucu
Abenkeuneun na wangkongan
Deuh ku hadé mun bébésanan

Kedot-kedot enya urang geus karedot
Péot-péot leumpang gé ngan bisa boyot
Tawéhwoh, teu bisa lancar aléwoh
Panon paor bonconong dikéler kandel
Jagreug dedeg pédah baé iteuk weweg

Akang, Aceuk,
Itungan mangsa kalarung
Ni’mat Gusti liwat langkung
Nuhun urang bisa tepung 
Méméh dipundut Yang Agung

Tepangna urang jeung urang
Sonona urang jeung urang
Mugia jadi lantaran
Ngocorna asih Pangéran

Cianjur, 26 April 2019




MUN SEUG
: Ibu Inggit Garnasih

Mun seug salira budig cawigwig
Teu rumawat teu rumaksa
Teu ngasay teu ngurus raray
Bateuing mo aya nu disebut merdika

Mun seug salira wanoja piharta
Piduit, pan puguh nénéhna ringgit
Heug pedit korét ku milik
Pikeun hiji perjuangan
Bateuing mo aya kamerdikaan

Mun seug salira wanoja tuna
Domba bikang taya daya tan upaya
Mangsa carogé dibanda
Boa, opat lima taun biasa

Nya salira, Zus Kar....
nu dimaksud ku Ibu Sud
Déwi agung nu meujeuh diugung-ugung
Nya salira nu hégar nu sabar nu matak asih
Nu tihothat micinta reujeung buktina 
Reujeung baktina

Rep,
Randeg, salira sinuku tunggal
Ngumpul kakuatan kawibawan
Wanoja nu wanoh kana jatina
Nu tukuh kana cintana
Nya cadu, kaputusan nu saéstu
Manusa kudu merdika

Jempol tengen tuduh jalan
Tah... lawang sakéténg, Kus!
Sup bayu ka kurungan
Poma kabur pangacian
Manusa kudu merdika!

Cianjur, 5 Januari 2021




BALAKA

Hé, nu nerekab nu ngacak-ngacak nu ngawut-ngawut
Balaka, naon kahayang?

Hayang kami aréling ka Pangéran?
Puguh wé, kami inget ka Gusti
Mangsa ambulan singharéang ngabukbak jalan
Mangsa tamela dipak dipatri ngarédés ngantri
Mangsa buldoser jeung gecruk pacul sareundeuk ngigelan pati
Tetengger pipilueun singparentul cul-cel jaradi
Boa kek, boa kek, kami kacerek
Palias

Aréling ieu gé (sawaréh)
Geuning nu basilat basangkal 
Tuh, teu kareueungeun ku ajal
Nu hianat nu gasab ngagandeuang ongkang-ongkang

Geuning dulur salembur baraya sanagara
Dulur saiman patelak silih hualkeun
Pahereng-hereng jiga musuh bubuyutan
Geuning nu labas méngpar papahaman
Héngkér paélmuan urusan kaimanan
Kolu tandon nyawa
Keur surga dirina nu teuing di mana

Aréling ieu gé (sakapeung)
Geuning nu poya-poya
Ngahambur-hambur barana
Diguguntur kamashuran
Teu ngaraskeun batur ngahero
Ngalekik neureuyan ciduh.

Hé, nu nguwak-ngawik
Poma tong bibilasan
Palias kami tumpur sapisan
Tuh, burey tipeureum-peureum
Ngelewungkeun tahfid
Ngaderes alip-ba-ta
Tina buku iqro jeung rékaman ém-pé tilu

Hé, nu amuk-amukan
Béré kami kasempetan
keur tobat jeung sukur ka Pangéran

Cibinong, 2021





IMAS ROHILAH, lahir di Cianjur, 12 Nopémber 1971. Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah IKIP Bandung (UPI ayeuna). Carpon, sajak, jeung éséyna dimuat dina Manglé, Galura, Cupumanik, jeung sajabana. Bukuna anu geus medal nyaéta kumpulan carpon Bulan Sésa (Silantang, 2020). Kiwari matuh di Cianjur, jadi guru basa Sunda di SMPN 1 Warungkondang sarta kapeto jadi pupuhu MGMP Basa Sunda SMP Kab. Cianjur.

Posting Komentar

1 Komentar