Rubrik “Implik-implik” dina Sipatahoenan Taun 1929-1934 - Atép Kurnia

 

Rubrik "Implik-Implik" dina Sipatahoenan.


TI saprak medal kira-kira bulan Juli 1924, koran Sipatahoenan sigana geus muka rubrik “Implik-implik”. Éta rubrik téh bisa jadi mangrupa Sundana tina kecap “feuilleton” nu cék Encyclopædia Britannica (1911) hartina téh “an installment of a serial story printed in one part of a newspaper” atawa cicilan carita serial nu dicitak dina salasahiji bagian tina koran. Cindekna mah pasna téh sigana carita nyambung waé dina basa Sunda mah. 

Sedengkeun dina kamus-kamus Sunda, “implik-implik” dihartian minangka “appendix, ad denda, postcript” (Hardjadibrata, 2003), “panambah” (Sacadibrata, 2005), jeung “keretas atawa naon baé nu digantélkeun dina juru sisi langlayangan pikeun ngabeungbeuratan langlayangan anu dina keur ngapung ngan déngdék baé, sok disebut ogé sisinting; kecap implik-implik ogé sok dimaksudkeun ka panambah omongan atawa katerangan, sok disebut ogé komentar” (Danadibrata, 2006). 

Jadi, kahartina dina basa Sunda mah implik-implik téh pangémboh baé. Hartina deui, bisa jadi carita-carita nu dimuat dina Sipatahoenan téh minangka panambah kana pidangan utama éta koran, nyaéta warta-warta katut opini-opini. Ari kangaranan panambah téa, kakolom sunah ayana “Implik-implik” téh. Dina euweuhna ogé teu jadi matak.

Ari dina ieu tulisan, nu rék dipedar téh rubrik “Implik-implik” nu kalalaran dina Sipatahoenan antara taun 1929 nepi ka taun 1934. Nya kurang leuwih lima taun. Dina jero waktu éta, Sipatahoenan ngalaman sababaraha kali robahan. Robahanana patali jeung nu medalkeunana, kantor redaksina, frékuénsi medalna, katut redakturna.

Mun disinggetkeun mah kieu. Koran Sipatahoenan téh mimitina dikaluarkeun ku Paguyuban Pasundan Cabang Tasikmalaya. Nya kantorna ogé mimitina mah di Tasik baé. Ku lantaran satuluyna disanggap ku Pangurus Besar Paguyuban Pasundan, Sipatahoenan téh antukna ti mimiti édisi 9 Nopémber 1931 mah alamatna di Bandung. Demi périodeu medalna, mimitina mah saminggu sakali. Ti mimimti No. 1, Taun ka-6, Rebo, 2 Januari 1929, jadi saminggu dua kali medalna (Rebo-Saptu). Satuluyna ti mimiti 1 Januari 1930, éta koran medalna unggal poé iwal Minggu jeung poé libur. 

Lebah redaktur nu ngokolakeunana robah-robah deuih. Mimitina mah taya pamingpin redaksi, nu aya téh redaktur baé, pangpangna antara 1924-1929. Harita mah redaksina dicepeng ku Mo. Soetisna Sendjaja babarengan jeung Atmawinata. Ti mimiti 11 Oktober 1930, nu jadi pamingpin redaksina nyaéta Bakrie Soeraatmadja (di Bandung), déwan redaksina aya Mo. Soetisna Sendjaja-A.S. Tanoewiredja. Sanggeus 11 Oktober 1930 nepi ka Méi 1931, déwan redaksina robah-robah deui rada kerep. Tah dina éta lolongkrang, ti mimiti No. 249 (Senén, 3 Nopémber 1930), Moh. Koerdie alias Sjarif Amin jadi redaktur di Sipatahoenan. Samalah engkéna mah kaselir ngaganti Bakrie jadi pamingpin redaksi. 

Nya éta mah minangkana keur ngawahanana. Sangkan méré gambaran ngeunaan kamekaran koran Sipatahoenan. Ayeuna hayu urang ngamimitian nyawang salalaran ngeunaan rubrik “Implik-implik” antara taun 1929 nepi ka taun 1934 téa.   

Lamun teu kérok ngitung, dina jero lima taun téh, redaksi Sipatahoenan ngaluarkeun 67 judul carita nyambung. Ngan dina sataun-sataunna jumlahna téh béda-béda. Tadi téa gumantung antarana jeung robahan frékuénsi medalna Sipatahoenan. Nya mun ditéték mah sigana kieu: dina taun 1929 aya 1 carnyam; 1930 aya 10 carnyam; 1931 aya 15 carnyam; 1932 aya 14 carnyam; 1933 aya 16 carnyam; jeung 1934 aya 11 carnyam.

Ari nu ngarangna rupa-rupa deuih. Ngan aya sawatara catetan penting. Nu kahiji, katémbong masih gedéna pangaruh tradisi lisan, nyaéta anonimitas ngaran pangarang. Da horéng tina sakitu puluh carnyam téh masih aya hiji nu teu dibéré katerangan nu ngarangna, nyaéta “Gouden Tjiente, Istri Modérn (Sekar Ligar di Taman)” (2-28 Oktober 1931). Réa di antarana ditulis ku pangarang nu ngan maké inisial kayaning K.M., E.S.W., X, M.S., jeung KK. Aya ogé pangarang nu nyumputkeun dirina dina ngaran sandiasma kayaning Tjantrik Wilis, Goenem Tjatoer, Bapa Tjoetjoe, jeung Kaleuwinanggoeng. Ieu téh keur sorangan sasoranganeun mah ngandung harti yén ajén inajén tradisi citak tacan sagemblengna ngalemah dina galeuh-galih para pangarang nu narulis dina basa Sunda alam harita. Sok padahal ari ajén inajén pangkatarana tina tradisi citak téh nya individualitas nu mangrupa ngaran pribadi nu ngarangna.

Salian ti éta, aya ogé para pangarang nu antukna remen midang, samalah diaku jadi pangarang Sunda anu moyan. Saperti Nanie, nu gedé kamungkinan mah tangtu Nanie Sudarma. Dina jero lima taun, Nanie ngirimkeun tilu karya. Nu munggaran, carita “Njiliwoeri” antara 11 April 1930 nepi ka 14 Juni 1930. Satuluyna aya A. Karna Winita ti Ciamis nu nulis lima carita. Moh. A. Affandie mah aya tilu carita. Engka Widjaja sacarnyam. Nu pangnyongcolangna tangtu baé Sjarif Amin. Dina jero lima taun téh aya dalapan carnyam nu dimuatkeun. Nu matak narik, aya ogé ngaran Barmara alias O.K. Jaman, Digulis manten alatan kalibet babaruntakan PKI dina taun 1926, nu ngarang carita “Koering djeung Manéhna” sarta dimuatkeun dina Sipatahoenan antara 1 Méi 1934 nepi 31 Méi 1934.

Demi wanda karya nu dimuatna bisa dipasing-pasing jadi sababaraha gundukan. Réréana mah manjing kana nu disebut novelét téa, da ngan aya welasan nepi 50-an kali muat. Aya ogé nu bisa dianggap jadi novél atawa roman kayaning carita “Ngadaoen Ngora” (5 Januari 1929 nepi ka 24 Agustus 1929, 66 kali muat) jeung “Politik Soegih” (7 Januari 1930 nepi ka 28 Maret 1930, 64 kali muat). Duanana karya K.M. Tapi aya nu ngan 3 kali nepi ka 10 kali muat, nu cék timbangan mah meujeuhna jadi carita pondok. Nu 3 kali muat antarana aya “Katindih koe Kari-kari” karya K. Soekram Tamoea (27-29 Januari 1931) jeung “Tjiandjoer” karya Sjarif Amin (12-14 Oktober 1933). Nu 4 kali muat aya “Hama Pesak Dikotrak-kotrak” beunangna K. Soekram Tamoea (22-26 Januari 1931).

Moh. A. Affandie sakumaha nu dipikaterang ku urang ayeuna, nulisna téh maneuh ngeunaan carita wayang. Tiluanana nyaéta “Baratayuda” (3 Désémber 1931-12 Pébruari 1932, 55 kali muat), “Tirtasoeta” (7-21 Nopémber1932, 13 nomer), jeung “Artja Séwoe” (27 Januari 1933-9 Pébruari 1933, 10 édisi). Bari jeung kabéhanana disusun winangun wawacan. Nu ngarang dina wangun wawacan téh ngan katambahan ku Bastiar nu ngarang “Soekmaraga” dina taun 1934. Ieu téh keur sorangan mah ngandung harti yén dina taun 1930-an wawacan geus mimiti kadéséh ku wangun prosa atawa basa lancaran. Sigana ieu ogé mangrupa pangaruh tina ajén inajén tradisi citak nu geus mimiti sumerep kana bayah para pangarang Sunda alam harita. Sok sanajan, aya ogé nu masih ngajégang antara prosa jeung puisi (wawacan, guguritan) enggoning ngarangna téh. Cara “Hoetang Njeri Bajar Njeri” karya A. Karna Winita (6 Maret 1931-9 April 1931). A. Karna Winita masih remen nyelap-nyelapkeun guguritan dina narasi nu winangun prosa. 

Salian ti nu ditataan di luhur, aya ogé carita-carita nu beunang nyundakeun tina basa séjén. Kayaning “Babad” beunangna E.S.W. tina Suluh Rajat Indonesia (19 Nopémber 1930-1 Désémber 1930). Kitu deui, “Heroe Tjokro” beunangna Tjantrik Wilis (13-17 April 1931) tina sumber nu sarua. Kitu deui upamana “Logodjo” atawa béh dieu disebut “Logojo Paris” beunang nyalin Sjarif Amin tina basa Walanda. Éta tarjamahan téh mimiti dimuatna dina 6 Oktober 1934 nepi ka ahir taun 1934 téh jumlahna geus ngahontal 70 nomer. 

Fakta séjénna nu matak narik téh palebah patalina antara carnyam dina Sipatahoenan jeung pamedalanana deui jadi buku. Samalah aya anu teu dianggeuskeun dimuatna jadi carnyam, da kaburu disusun jadi buku. Contona nu kapanggih salila lima taun dina Sipatahoenan nyaéta “Katilar koe Toendangan” karya Md. Sastrawidjaja nu ngan tepi ka nomer 18. Sabab sakumaha nu ditulis ku redaksina dina édisi 29 Oktober 1930: “Koe margi ieu implik-implik koe noe ngarangna djrg. Hd. Sastrawidjaja badé dikaloearkeun djadi boekoe, sanaos pandjang kénéh ogé kapaksa distop baé. Noe palaj oeninga terasna oelah henteu ngagaleuh boekoena – Red. Sip)”. 

Kitu deui carita “Baratajoeda” karya Moh A. Affandie nu dieureunkeun nepi ka nomer 55 (12 Pébruari 1932). Bari dina tungtung éta édisi pamungkasna dibéré katerangan kieu: “Terasna didamel boekoe”. Ku kituna, nu kapikir téh, tayohna Sipatahoenan bisa dianggap minangka pamidangan para pangarang Sunda saméméh karya-karyana dikaluarkeun jadi buku. Atuh nyata pisan gedéna jasa Sipatahoenan téh enggoning ngeuyeuban pamedalan buku-buku Sunda nu meujeuhna ceuyah dina taun 1930-an. Jaman nalika raraména buku-buku roman picisan téa. 

Komo atuda kabandungan pisan tina judul-judul carnyam nu dimuatna ogé. Tamba kawaranan, mangga geura ieu yeuh antarana: “Teu Soelaja tina Djangji”, “Megatkeun Doeriat Poetra”, “Katideresa atawa Tjinta noe Mawa Tjilaka”, “Rasiah Sadérék Sasesep”, “Korban Kartoe djeung Tjandoe”, “Lantaran Sapoe Tangan”, “Bongan koe Lampah Sorangan”, “Teu Iasa Ngenjed Geureuha”, “Ditipoe Doekoen”, jeung “Nu Geulis Djadi Weredjit noe Lendjang Djadi Baroeang”. Apan asa maca judul-judul buku-buku roman pop Sunda nu medal antara 1960-1970-an nya? Atawa sabalikna judul-judul roman pop nu pandeuri téh sabenerna nuturkeun nu geus lumangsung ti baheulana? Kitu sigana saheulaanan mah beunang ngalalaran tina rubrik “Implik-implik” dina Sipatahoenan taun 1929-1934 téh. 

***




ATÉP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng; Wabah Sampar di Priangan, 1925 - 1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.

Posting Komentar

0 Komentar