Catetan Saabad Sastrawan Muh. Rustandi Kartakusuma - Cecep Burdansyah

 

Novél Mercedes 190.


I

MIMITI wanoh ka nu jenenganana Muh. Rustandi Kartakusuma (lahir di Ciamis 20 Juli 1921–pupus di Jakarta 11 April 2008)–sakapeung namina ditulis Mh. Rustandi Kartakusumah–téh jaman diajar nulis dina beungkeutan Harupat, asuhan Kang Adang S., taun 1983-an. Saminggu sakali ngayakeun gempungan ku cara nguriling di imah para peserta diajar ngarang, tapi anu seseringna mah di bumina Pa Tjetjep, da anjeunna mah geus ngaluarkeun buku carita barudak tur kaasup peserta diajar ngarang anu weweg ékonomina, saumuran jeung Kang Adang. 

Mun ku jaman ayeuna mah, mirip beungkeutan diajar ngarang asuhan Ceu Aam Amilia, Panglawungan 13, nguriling ka saban peserta anu sanggup jadi pribumi. Kabeneran Kang Adang S. jeung Ceu Aam Amilia saentragan, tur duanana diangken ku Pa Rustandi Kartakusuma minangka asuhanana.

Métode Kang Adang sama sakali henteu didaktis. Peserta sina diajar ku cara ngadéngékeun ceramah pangarang nu geus asak. Jadi saban minggu Kang Adang ngadatangkeun para pangarang moyan kana riungan, tuluy sina ngadongéngkeun prosés kréatif, kumaha bagbagan nulis, ti mimiti nyusun kalimah, milih kecap, cara nuliskeunana, konsép narasina, nepi ka topik atawa jejer carita.

Ampir kabéh pangarang nu karya-karyana geus makalangan kungsi didatangkeun ku Kang Adang S. Di antarana waé Aam Amilia, Abdullah Mustappa, Taufik Faturohman, Godi Suwarna, Ningrum Djulaeha, Duduh Durahman, Karno Kartadibrata, Wahyu Wibisana jeung loba deui nu séjénna.

Tapi anu pangseringna tur ampir tiap minggu sumping mah, Pa Rustandi Kartakusuma. Kang Adang miguru pisan ka Pa Rustandi, dugi ka dianggap perlu jadi méntor husus nu wajib hadir saban minggu. Saur Kang Adang, carpon-carpon jeung carnyam Pa Rustandi mah detil tur nyunda. Dina anggapan Kang Adang mah Pa Rustandi téh sastrawan jadugna.

Tapi lain hartina Kang Adang ngarahkeun peserta kudu nurutan Pa Rustandi. Ngan soal déskripsi, Pa Rustandi dianggap jadugna, pangpangna ngagambarkeun suasana jeung watek tokoh-tokohna. Sanajan Pa Rustandi harita nyebutkeun karya-karya Godi abrut-abrutan alias aabsuran tur lain turutaneun, Kang Adang tetep ngadatangkeun Kang Godi sina ngadongéngkeun prosés kréatifna. Jadi sanajan miguru ka Pa Rustandi anu fanatik kana wanda réalis, Kang Adang mah henteu fanatik tur teu sadaya kasauran Pa Rustandi kudu diheueuhan.

Salian ti ngadatangkeun para pangarang, komunitas Harupat ngalanggan média basa Sunda jeung basa Indonésia, ku cara udunan. Kabéh peserta dititah maca, ti mimiti carita pondok, carnyam, berita, feature jeung sagala rupa tulisan nu aya dina koran jeung majalah. Terus diskusi naon anu kira-kira teu ngarti jeung perlu penjelasan, Kang Adang nerangkeun sakaterang anjeunna. Setia Permana (almarhum) nu tuluy kungsi jadi Ketua KPU Jabar sarta anggota DPR RI, kaasup peserta anu dipercaya jadi luluguna, lantaran Setia mah tulisanana tos rabeng dina koran. Jadi salian ti Kang Adang, Kang Tia gé sok méré pituduh rupa-rupa wanda karangan dina koran.

Tina modal ngaregepkeun dongéng para pangarang ladang maca jeung diskusi téa, pangarang diwajibkeun ngarang tur hasilna kudu dibawa dina gempungan minggu hareupna. Karangan téh ku Kang Adang diilo, nu kira-kirana geus pantes tur kéwes, dikirimkeun ka Manglé atawa ka média séjén. 

Aya papatah Kang Adang anu nepi ka ayeuna inget waé. “Omat, pangarang anyar mah, komo nu kakara clék diajar, ulah sakali-kali ngarang ngeunaan bobogohan. Sok réhé. Jeung moal nguntup kana carpon Pa Rustandi anu judulna ‘Mojang Dusun Meledug.”

Lantaran Pa Rustandi dianggap guru tur karanganana dianggap hadé ku Kang Adang, antukna panasaran. Sanajan harita masih kénéh diseragam SMA anu tangtu seuseut ku duit, maksakeun meuli buku kumpulan carpon Sawidak Carita Pondok, terus maca carpon beunang Pa Rustandi nu judulna “Mojang Dusun Meledug”. Hayang nyaho siga kumaha carpon bobogohan Pa Rustandi nepi ka dianggap alus. Jaba réputasi Pa Rustandi apan lain sastrawan joré-joré. Kungsi ngajar di Harvard University jeung Massachusetss Institute of Technology, dua paguron luhur anu jaman harita ogé geus kaasup universitas papan atas. 

Lantaran taun 1985-an keur meujeuhna cunihin ka awéwé, maca “Mojang Dusun Meledug” mani resep kabina-bina. Meureun luyu jeung jiwa nu keur mangkat begér, jiwa nu labil, suasana bobogohan antara Kang Har jeung Iin, katut ocon antara Sylvia, Fonnie, Lukman jeung Sam, matak deungdeuleueun. Nu paling narik, téhnik Pa Rustandi lebah ngagambarkeun dialog batin Iin dina nyawang kalalakian Ir. Djauhari alias Kang Har. Nu kitu téh, saur Pa Rustandi, disebutna téhnik inner interior. Sumpah, baheula mah can ngarti naon maksudna. Kakara ka dieunakeun rada nyay-nyayan kana nu disebut téhnik inner interior, sabada macaan karya-karya deungeun jeung buku-buku ngeunaan bagbagan sastra. Anu matak kayungyun deui, lebah ngagambarkeun adegan dina mobil waktu nu genepan indit ka Palabuanratu rék ngadon piknik. Sanajan kuring can kungsi ningali Pa Rustandi nyetir mobil, tapi ngagambarkeun kumaha luak-léokna mobil tur pangaruhna ka nu keur otél dina jero mobil karasa hégar pisan. Bener sakumaha kasauran Kang Adang, Pa Rustandi mémang detil, kaasup nyebutan barang-barang anu jaman harita keur jadi modeu, kayaning mobil impala, panékér mérek Ronson jeung sajabana. Malah geus muncul istilah sex-bom jeung sex kitten. Lebah ngagambarkeun kontrasna kalakuan Sylvia si mojang modéren jeung Iin si mojang dusun urang kampung, mungguh matak tibelat.

Kasauran Kang Adang soal Pa Rustandi aya benerna, tapi aya salahna ogé ceuk kuring mah. Soal gambaran anu detil, henteu nogéncang. Tapi mun topik bobogohan alias cinta karya Pa Rustandi henteu réhé nepi ka moal aya nu nguntup, salah ceuk kuring mah. Sanggeus rada sawawa, ka dieunakeun, mun maca deui “Mojang Dusun Meledug” leuwih réa réhéna batan éndahna. Adegan-adegan mimitina mah, ieu carpon anu dimuat dina Manglé No. 83 Séptémber 1964 téh, karasa éndahna, sabab ngagambarkeun kumaha geter Iin jeung Kang Har anu silih sidem. Cinta papantengan alias platonis. Tapi hanjakal pisan, plot saterusna, pangpangna adegan di Palabuanratu, komo palebah Kang Har ngahuapkeun jeruk ka Iin, sarta Iin nyarandé kana dada Kang Har, karasa pisan réhé. Anu tadina sarwa nyumput, da puguh duanana pada-pada nyidem geter nu ahéng, dipungkas ku jadi sarwa ngaliglag. Ari anu ngaliglag téa, sok matak leungit kapanasaran, ajén éstétisna jadi ngurangan, mun teu disebut leungit ogé. Karakter tokoh anu asalna weweg lir beton, rubuh taya bédana ti kardus. Saupama dibandingkeun jeung carpon karya Abdullah Mustappa anu judulna “Nu Teu Kungsi Kalisankeun”, jelas nguntupan pisan kana carpon Pa Rustandi, malah ajén carpon “Nu Teu Kungsi Kalisankeun” angger éndah tug ka ayeuna. Kitu deui carpon Wahyu Wibisana anu judulna “Déhém” jeung “Aki Warung”, geterna karasa nepi ka ayeuna.

Mun nginjeum istilah Budi Darma, anu nyieun papasingan antara sastra jeung kitsch alias pop dina bukuna Téori Sastra, carpon “Mojang Dusun Meledug” anu awalna karasa nyastra, ahirna mah jadi ngepop sarta tigebrus jadi kitsch. Ceuk Budi Darma kénéh, sastra mah kaéndahanana tembus jaman, karawat nepi ka iraha baé gé, dikatégorikeun kana seléra tinggi. Sedeng kitsch, lantaran sarwa nonggérak, asupna kana seléra rendahan. Kang Ajip kungsi sasauran, mun téa mah buku Sawidak Carita Pondok rék diterbitkeun deui, carpon “Di Cindulang Aya Kembang” karya Aam Amilia kudu dicabut sabab ngepop. Ari ceuk kuring mah carpon “Mojang Dusun Meledug” karya Rustandi ogé kaasup anu kudu dicabut. 


II

WAWANOHAN jeung Pa Rustandi téh rada manjang. Kungsi sabémo, basa kaparengkeun tepung di kantor Manglé terus indit ka tempat gempungan, asana mah ka Gedong Merdéka. Basa beungkeutan Harupat bubar, Kang Adang nyieun beungkeutan anyar, Caraka Sundanologi. Lantaran garapan Caraka Sundanologi mah ngalegaan, lain ukur diajar ngarang, tapi dibarengan ku diajar sisindiran jeung maén sinétron, kuring henteu aktip. Kahijina henteu kataji ku sisindiran jeung sinétron. Kaduana harita geus lulus SMA, balik ka lembur, ngadon gawé di perkebunan. Tapi dina sabulanna kuring merlukeun indit ka Bandung, ngadon ngabandungan pangarang mun jadwal di Caraka ngadatangkeun pangarang. Biasana ngumpulna di Gedong Merdéka. Ka dieunakeun, Caraka Sundanologi ngumpulna di juru YPK, kagiatanana geus henteu fokus kana diajar ngarang, malah beuki museur kana sisindiran da gawé bareng jeung TVRI Bandung. Pet wéh geus tara ngelol pisan. 

Di Caraka, jaman ririungan kénéh di Gedong Merdéka, wawanohan jeung mahasiswa IKIP Jurusan Basa Sunda nu ngaranna Cece Hidayat (almarhum). Kuring kaasup nu resep ka pribadi Cece, lantaran kritis dina ngajén hiji karya. Kadaék jeung produktifitasna nulis kritik sastra harita geus mimiti katémbong. Cece gé sarua deuih, henteu pati resep kana kagiatan sisindiran, museurna kana diajar nulis. Sigana Cece harita sarua kasengsrem ku gaya tulisan Pa Rustandi, kaasup ku gaya hirupna anu nyeniman. Hiji waktu Cece nyarita, “Kumaha mun urang guguru ka Pa Rustandi, ulah ngandelkeun di Caraka? Mending ka imahna yu!” pokna. Kuring satuju, malah asa aya batur. Kuring gé surti naon sababna Cece kasengsrem ku Pa Rustandi. Cece keur fokus diajar nulis kritik. Ari Pa Rustandi apan katotol jago nulis kritik. Malah Pa Rustandi kungsi kasinugrahan hadiah kritik pilem dina Festival Film Indonesia (FFI) taun 1983 di Medan.

Sosobatan jeung Cece Hidayat téh nya ti harita, lantaran ampir saban minggu nganjang ka bumi Pa Rustandi di Jalan Pajagalan, Kota Bandung. Bumina persis paeunteung-eunteung jeung Pasantrén Persatuan Islam Pajagalan. Nganjang ka bumi Pa Rustandi téh saban poé Juma’ah, da Pa Rustandi alimeun dianjangan poé Saptu atawa Minggu. Bumina anu sakitu legana, bisa disebutkeun jadi heurin, lantaran buku jeung koran samakbruk, ngabayak minuhan rohangan. Cara nyimpenna gé henteu rapih, patulayah. Di tukang aya rohangan leutik, dapur. Parabot dapur kayaning kastrol pasoléngkrah. Rohang kerja Pa Rustandi aya di tukang teu jauh ti dapur. Aya korsi, méja kerja, jeung mesin tik. Saban ka dinya sok bari mawa kadaharan, maksud téh améh ngobrolna bari ngopi. Tapi Pa Rustandi sok nyaram mun kuring jeung Cece mawa kadaharan téh. Anjeunna kalebet jalmi anu teu resep ngopi. Pet wéh tara mawa kadaharan deui.

Obrolan jeung Pa Rustandi museur kana soal ngarang jeung karya-karya anu kudu dibaca. Pa Rustandi nyebatkeun, carpon-carpon Sunda téh umumna henteu nyunda, henteu ngagambarkeun manusa Sunda. Nu matak teu anéh naon sababna oplah Manglé nyirorot. Terus ngabandingkeun jaman anjeunna jadi rédaktur di Manglé, kaasup karanganana anu pada mikaresep, lantaran nyunda, saurna. Saur Pa Rustandi kénéh, karangan anu aralus tur wajib dibaca mah nyaéta karya-karya Aam Amilia, Holisoh ME, Adang S., Tétty S. Nataprawira, jeung Yooke Tjuparmah. Éta anu ditataan téh diangken murid ku anjeunna. Kaasup karya Ceu Aam, kapendakna ku Pa Rustandi, minangka pangarang anu ku rédaktur Manglé karanganna tara dimuat, ngan sabada anjeunna janten rédaktur tuluy mayeng dimuat. Tur kabuktian loba nu resep kana karangan Aam Amilia, saurna. 

Perkara ieu kuring kungsi meunang konfirmasi anu nguatan kasauran Pa Rustandi. Waktu ngalakonan tugas jurnalistik ka Ciamis, bari ka pasisian deuih, kungsi tepung jeung hiji ibu-ibu anu ngaku kasengsrem ku carita nyambung Pa Rustandi dina Manglé, judulna “Mércédés 190”. Nepi ka si ibu méré ngaran ku budakna nu awéwé Néndén, tokoh utama dina carnyam Pa Rustandi. Mun Pa Rustandi sering sasauran ngagul-ngagul dirina, lain sakadar umangkeuh, da kanyataanana ogé meureun kitu.

Ngeunaan kapunjulan pleus kakurangan Pa Rustandi lebah ngadidik calon pangarang, Duduh Durahman kagungan kamandang kieu: Rustandi téh guru sastra anu pinunjul, tapi sakaligus gagal. Pinunjul lantaran geus ngalahirkeun pangarang-pangarang sakelas Aam Amilia, Adang S. jeung nu lianna. Ari gagalna, lantaran gaya nulis muridna teu bisa leupas tina gaya nulis Rustandi. Éta kamandang téh didugikeun ku Bah Duduh ka Teddy Muhtadin di bumina. (Ilikan tulisan Teddy Muhtadin dina Tapak Lacak Duduh Durahman, Penebit Kiblat-PP-SS, 2016, kaca 199.)

Lebah ngajén karya sastra dunya, Pa Rustandi langkung muji ka William Saroyan ti batan ka Ernest Hemingway. “Nu nyastra mah William Saroyan, lain Hemingway,” kitu saurna. Kasauran kitu téh hiji isarah sangkan kuring leuwih macaan Saroyan batan Hemingway. Tapi ku lantaran Bah Duduh Durahman dina saban riungan sok muji-muji Hemingway, ahirna kuring jadi panasaran kana karya-karya Saroyan jeung Hemingway. Dirasa-rasa mah, duanana mémang aralus. Malah kuring ogé jadi resep ka John Steinbeck jeung William Faulkner sagala.

Ku lantaran keur ngalap élmuna, sarta harita mah kaasup budak jaringao, kuring jeung Cece Hidayat leuwih loba ngabandungan. Tara némpas, komo nyempad mah. Paling sakadar nanyakeun. Palebah Pa Rustandi hantem-hateman ngiritik karangan Kang Godi gé harita mah balem wé. Ngan aya anu rada hémeng jeung saenyana hayang ngabantah, basa Pa Rustandi nyebatkeun karangan Holisoh ME geus meujeuhna meunang hadiah sastra Nobel. Balaka wé, éta mah asa ngaganggu kana pikiran. Ari sababna, ti mimiti resep maca nepi ka ayeuna, kuring mah kaasup anu henteu kataji ku karya-karya Holisoh ME. Sigana lantaran kuring urang kampung, jadi ngarasa teu kataji mun aya carpon nyaritakeun kahirupan di lembur, kawas gambaran nu keur napi béas, ngisikan, maraban hayam, atawa paséa rongkah antara salaki jeung pamajikan. Najan haté mah nyeungseurikeun, tapi ari nyawad mah harita teu wani. 

Dikersakeun taun 2002 buku kumpulan carpon kuring medal, judulna Anak Jadah, bareng jeung medalna novél Holisoh ME, Kembang-Kembang Petingan. Aya dua karya nu jadi nominasi Rancagé, Anak Jadah jeung Kembang-Kembang Petingan, sarta saterusna hadiah sastra Rancagé ragragna téh ka Holisoh ME. Sedih déh ... hé hé hé. Tapi najan kitu, nepi ka ayeuna kuring mah angger teu kataji ku karangan Holisoh, sanajan kuring jeung Holisoh kawilang loma, sabab Holisoh mah jalmana bangblas wening ati, hadé haté, ka sasaha loma jeung sonagar waé. Malah waktu Ceu Isoh—sebutan akrab ka Holisoh ME—meunang hadiah sastra LBSS anu acara pembagianana di Gedong Isola UPI, kuring ngaheureuyan, “Ah, da karya Euceu mah arawon, ngan meureun jurina karunyaeun. Maenya unggal hadiah LBSS Euceu tara meunang,” ceuk kuring. Ceu Isoh lain ambek, kalah ngabarakatak bari ngarangkul kuring. Jadi ku pribadina anu hégar tur teu pundungan, kuring kacida resepna ka Holisoh, malah kungsi nganjang ka sakolana di Cileunyi. Ngan kuring teu apal lamun Ceu Isoh kagungan putra istri, tur tétéla geulis. Apal-apal sotéh ti Dhipa Galuh Purba, da singhoréng sok babarengan jeung Dhipa.

Sajeroning nganjang ka bumi Pa Rustandi, kuring jeung Cece terus néangan karangan Pa Rustandi, boh anu dina basa Sunda, boh anu dina basa Indonesia. Lebah ngumpulkeun buku mah harita kuring katétér ku Cece. Karangan Pa Rustandi harita mah hésé pisan, sabab anjeunna mah kaasup pangarang anu nyalsé, bangun anu henteu gura-giru palay karanganana geura-geura medal. Ceuk istilahna mah, aya nu nerbitkeun sukur, henteu kajeun. Nu penting keur anjeunna mah ngalakonan hirup salaku pangarang, anu tugasna ngan ukur hiji: nulis. Perkara medalkeun mah lain tugas pangarang. Jadi kacida héséna taun 1980-an mah hayang maca tulisan Pa Rustandi téh. Ka dieunakeun kungsi manggihan karangan éséyna dina basa Indonesia, judulna “Internasionalisasi Ciliwung” jeung naskah drama “Lagu Kian Menjauh” dina majalah Kebudayaan Indonesia. Ceuk kuring, éta karangan, utamana “Internasionalisasi Ciliwung”, minangka kritik ka para sastrawan Indonésia anu ngalahirkeun Surat Kepercayaan Gelanggang. Peureus tur ngeuna, da didukung ku data. Tulisan anu bener-bener hadé. Jadi pantes mun Pa Rustandi disebut kritikus pangdipikaserabna téh. Kaasup dina dunya pilem.

Aya deui tulisan Pa Rustandi nu ngainspirasi. Walohu alam, naha Cece Hidayat kungsi maca atawa acan, sabab kuring gé manggihan éta tulisan katompérnakeun, sabada Cece ngantunkeun taun 2014. Pa Rustandi kungsi nyawang pintonan drama Réndra, “Lysistrata”, dimuat dina koran Kompas, Salasa, 13 Méi 1973. Judulna “Dunia Rendra Dunia Kita Juga,” tur dimuat deui dina buku anu judulna Rendra, Ia Tak Pernah Pergi, dimedalkeun ku Penerbit Buku Kompas, taun 2009. Ceuk kuring mah éta ulasan téater Pa Rustandi alus pisan, sarta bisa jadi bahan babandingan keur nu hayang bisa nulis ngeunaan téater.***


Bandung–Semarang–Jakarta, 2019–2021.





CECEP BURDANSYAH, nulis fiksi jeung non fiksi, dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Sawatara carponna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Buku kumpulan carponna, Anak Jadah, medal taun 2002. Ayeuna jadi jurnalis di Tribun Network.

Posting Komentar

0 Komentar