Nyukcruk Carita Tunil - Atép Kurnia

Mingguan Siliwangi (édisi taun 1921-1922) 
réa ngamuat carita nyambung tunil.


NAON ari tunil? Mun nyukcruk kamus-kamus basa Sunda, antarana beunang R. Satjadibrata (1954: 354) jeung R.A. Danadibrata (2006: 605), duanana mupakat yén nu disebut tunil téh sarua jeung sandiwara. Nu rada méré katerangan leuwih mah nya Danadibrata, palebah sandiwara téh. Cenah gé, “sandiwara: lalakon atawa carita nu dipintonkeun ku sababaraha urang di panggung ... sok disebut ogé tunil”.

Kumaha mun disawang tina sajarahna? Tah ngeunaan hal ieu mah urang ngindung baé kana katerangan Haryadi Suadi nu kungsi nulis rada panjang ngeunaan sajarah tunil di Pulo Jawa, pangpangna di Batavia. Haryadi nulisna dina HU. Pikiran Rakyat meunang opat tulisan nyambung antara 14 April nepi ka 2 Méi 1988. 

Cék Haryadi dina tulisanana nu kahiji (“Sekalipun Dikepung Tentara Sultan Agung Pertunjukan Tonil Berjalan Terus,” PR, 14 April 1988), “Sedang orang Belanda memperkenalkan tonil yang lambat-laun tumbuh subur menjadi kesenian yang sangat digemari di tanah air kita”. Jadi sidik, mun ngindung kana éta katerangan mah tunil atawa tonil téh kasenian nu diwanohkeun ku urang Walanda ka wewengkon urang. Sok sanajan kitu, cék Haryadi kénéh, di Jawa méméh Walanda ngawanohkeun tunil geus bogaeun seni sandiwara cara wayang orang, kitu deui urang Tionghoa di Batavia sok ngayakeun adegan-adegan sandiwara dina arak-arakan Cap Go Méh.

Dua satengah abad sanggeus diwanohkeun ku urang Walanda, cenah mimiti urang pribumi maraén tunil. Sawatara pakumpulan tunil nu kamashur di urang dina awal taun 1900-an di antarana Miss Riboet Orion, Union Dahlia of Malaka, Dardanella Opera, jsté. 

Kumaha ari dina kandaga budaya Sunda, tunil téh? Tah, kamekaran sastra lakon atawa drama dina kandaga sastra Sunda mah kungsi dibahas ku Tini Kartini saparakanca dina Sastra Lakon dalam Bahasa Sunda (1982). Saméméhna Ajip Rosidi kungsi sausap saulas ngabahas dina Kesusastran Sunda Déwasa Ini (1966).

Cék Tini Kartini, spk. sacara umum sastra drama Sunda tumuwuh kalawan babarengan jeung mucunghulna wangun gending karesmén. Ari gending karesmén cék Ajip mimiti dipikawanoh ku urang Sunda kira-kira dina taun 1920-an, nyaéta sanggeus urang Sunda wawanohan jeung opera Barat ngaliwatan komédi Stambul, kalawan panaratasna R. Soerawidjaja. Tapi cék Wahyu Wibisana (1977 dina Tini Kartini, spk., 1982) gending karesmén téh mimitina taun 1904, nalika di Sakola Karang Pamulangan aya guru nu ngaranna Saléh ngayakeun pagelaran tunil tembang, minangka pangaruh tina langendria jeung komédi stambul. Oejeng Soewargana (1977, masih tina Tini Kartini, spk., 1982) mah nyebutkeun aya istilah taman karesmén nu munggaran diwanohkeun ku R. Méméd Sastrahadiprawira dina taun 1924.

Rupa-rupa pisan pamanggihna nya. Ngan mun ku urang ditengetan mah, kabéh pamanggih nu didadarkeun di luhur téh méh sajajar jeung katerangan ti Haryadi Suadi. Kabéhanana nétélakeun yén urang Sunda mimiti nyieun pagelaran drama, sandiwara, gending karesmén, atawa tunil modéren téh dina awal abad ka-20. Nya mun dikalangan mah kira-kira ti taun 1900-an nepi ka 1920-an mimiti ayana téh.


Carita Tunil dina Basa Sunda

Lantaran tunil téh carita nu dipintonkeun dina panggung, timbul pertanyaan: naha dina jagat sastra Sunda kungsi hirup tradisi nulis carita tunil? Ti mimiti iraha kapanggihna carita tunil dina basa Sunda téh? Tuluy dina naon baé kungsi medalna? Soal-soal éta pisan nu matak ngajurung pikeun ngungkaban buku-buku katut média-média Sunda ti baheula téh. Hayang terang baé najan saeutik mah.

Sanggeus dilalaran, sihoréng lumayan ogé hasilna. Nu matak nu ditulis ayeuna ogé maksudna mah hayang nepikeun deui hasil nyukcruk jeung ngagunduk-gunduk fakta-fakta nu aya patalina jeung tradisi nulis carita tunil nu kungsi hadir dina kandaga literasi Sunda. Dina emprona, nu hayang ditepikeun di dieu téh nu kapanggih tina mingguan Siliwangi antara taun 1921 nepi ka 1922, dua judul buku Sunda nu husus mangrupa carita tunil, jeung Joehana salaku tokoh nu lain baé nulis carita tunilna tapi ogé boga grup tunil sorangan deuih, samalah sapoé saméméh maotna ogé masih nguruskeun pagelaran tunil di Tasik. Hayu baé ayeuna mah urang babarengan tengetan.

Numutkeun nu kapanggih tina Ensiklopedi Sunda (2000: 595), Siliwangi téh surat kabar mingguan basa Sunda nu dikaluarkeun ku Paguyuban Siliwangi di Bandung antara taun 1921-1922. Pamingpin redaksina Kosasih Soerakoesoemah, redakturna E. Bratakoesoemah jeung M.O. Soetisna Sendjaja, demi direkturna A. Wirasasmita. Salian ti ngamuat warta-warta, cenah, ieu mingguan téh réa midangkeun artikel ngeunaan téosofi, guguritan, feuilleton atawa carita nyambung mangrupa tunil (sandiwara). Samalah disebutkeun deuih, yén ieu mingguan kungsi ngamuat liputan dipagelarkeunana gending karesmén Lutung Kasarung, nu disutradaraan ku Kartabrata, dina panutupan Kongrés Java Institut (Juni 1921).

Sidik pisan apan, Siliwangi kungsi ngamuat carita nyambung tunil. Tah, naon baé nu kungsi dipidangkeunana? Tuluy saha baé nu ngarangna? Keur ngajawabna mah, kuring mukaan mingguanana. Geura urang tataan.

Dina Siliwangi nomer 5, taun ka 1, 7 Juli 1921 kapanggih carita tunil Bis Baé Katara, geus maju bagian kadalapan. Hartina bisa jadi ti nomer kahiji kénéh, Siliwangi geus ngamuat carita tunil Bis Baé Katara. Satuluyna dina Siliwangi nomer 9, taun ka 1, 6 Agustus 1921 aya carita tunil Katipoe, nu tamat dina nomer 14, taun ka 1, 11 Séptémber 1921. Satuluyna dina nomer 16, taun ka 1, 17 Séptémber 1921 dimuat carita tunil Indoeng ti Pakoeringan nepi ka nomer 22, taun ka 1, 21 Nopémber 1921 dimuatna mah, genep nomer kabéhna. Sakitu nu tina taun 1921 mah. Alhasil mun diitung mah, bari jeung teu kaliru, kabéhna aya tilu judul carita tunil dina jero taun 1921 téh.

Ayeuna urang nindak kana taun 1922. Dina édisi Salasa, 26 Séptémber 1922, Siliwangi mimiti ngamuat carita tunil Lalakon Bis Baé Katipoe minangka “toenil goegoejon”. Tamatna dina nomer 47, taun ka II, 16 Désémber 1922. Ku lantaran nu kapapay téh sakitu, bisa jadi cara taun 1921 baé, dina taun 1922 ogé mungkin aya tilu atawa leuwih carita tunil nu kungsi dimuat dina Siliwangi.

Tina nu kapanggih, carita-carita tunil dina Siliwangi téh kabéhanana ogé teu dibéré katerangan saha nu ngarangna. Ku kituna, aya sababaraha kamungkinan nu matak kitu téh. Kamungkinan kahiji, carita-caritana dijieun ku pihak redaksina, jadi teu kudu diasupkeun ngaran nu ngarangna. Kamungkinan kaduana, bisa jadi carita-caritana aya nu ngirim ti luar, ngan basa dimuat henteu diasupkeun ngaran nu ngarangna. Ngan boh kamungkinan kahiji boh kamungkinan kadua ogé sidik nétélakeun paling henteu nepi ka taun 1922, konsép kapangarangan téh tacan pati dihargaan dina média Sunda téh, nya paling henteu dina mingguan Siliwangi.


Joehana jeung Tunil

Mun dina awal taun 1920-an kitu kaayaanana, béda deui jeung nu dipigawé ku Achmad Bassach (ca. 1894-1929) alias Joehana mah. Sabada dipecat tina kelompok gerakan kiri di Bandung dina taun 1925, Achmad Bassach tuluy maké ngaran Joehana pikeun nyumputkeun idéntitasna enggoning kurung-karang dina basa Sunda. Lebah Joehana mah, dunya tulas-tulis téh mangrupa jalan keur pangupa jiwana. Nu matak, manéhna mah sadar pisan enggoning maké ngaran dina karya-karyana téh.

Lebah karya-karya tulisna, sihoréng réa di antarana nu dijarieun carita tunil atawa repertoar nu digelarkeun ku grup-grup tunil nu ti taun 1920-an jeung 1930-an rarenung di Tatar Sunda. Geura mun nuturkeun warta-warta dina Sipatahoenan, antarana aya grup Sport en tooneelvereeniging “Veteranen” di Tasikmalaya (Sipatahoenan, 8 Juli 1931), Toeneel Vereeninging “Loetoeng Kasaroeng” nu kungsi midangkeun carita Mantri Djero karya R. Méméd Sastrahadiprawira di Bandung (Sipatahoenan, 21 Mei jeung 11 Juni 1931), Tooneelgezelschap Miss Tjitjih midangkeun carita Moegiri karya Joehana di Oranje Park, Bandung (Sipatahoenan, 26 Oktober 1933), Tooneelgezelschap Miss Tjitjih kungsi midangkeun carita tunil nu diangkat tina Rasiah noe Goreng Patoet karya Joehana di Garut (Sipatahoenan, 23 April 1934).

Samalah kungsi aya pasanggiri tunil sagala deuih. Ngeunaan ieu hal pasanggiri bisa diilikan dina Sipatahoenan édisi 27 Januari 1933. Di dinya disebutkeun yén dina 31 Januari 1933 jeung 1, 2, katut 3 Pébruari 1933 di Oranje Park, Bandung, bakal diayakeun Concours Tooneel. Di antara nu mariluanana grup tunil Roekoen Wargi nu bakal midangkeun carita Daradjat Bawa ti Koedrat, grup Tjioeng Wanara midangkeun carita Doeriat Nemahan Pati, grup Roekoen Mimitran midangkeun Napsoe teh Lampoen Digoegoe, Kadoehoeng Tangtoe Noetoerkeun

Salah sahiji carita tunil anu dimuat dina mingguan Siliwangi

Tina koran Sipatahoenan di luhur, urang jadi meunang gambaran yén raket patula-patalina antara roman Sunda jeung tunil téh. Maksudna, boh sakabéhna boh sawaréhna tina roman téh aya poténsina dijieun jadi carita nu bisa dipagelarkeun dina tunil di panggung. Nya kabuktian pisan tina roman-roman Joehana nu ditataan di luhur. Samalah roman sajarah samodél Mantri Djero karya Méméd Sastrahadiprawira ogé dijieun carita nu bisa dipanggungkeun. Hartina deui, roman Sunda minangka prosa nu maké basa lancaran geuning ti baheulana sok dijieun carita panggungkeuneun. Da puguh mun nilik carita-carita tunil nu dipidangkeun dina Siliwangi nu karéréanana mah winangun basa lancaran baé cara roman, henteu dipisah-pisah mangrupa papasingan guneman kawas naskah drama cara kiwari.

Peun soal éta. Ayeuna urang ngabalénan deui ngeunaan Joehana. Mun mapayan deui Sipatahoenan, urang ogé bakal meunang raratan yén Joehana téh aktif pisan dina dunya tunil. Manéhna malah boga grupna sorangan. Ngaranna Sport, Muziek en Tooneelvereeniging “Sasaka Domas”. Dina Sipatahoenan edisi 11 Méi 1929 ditétélakeun yén dina tanggal 6 jeung 7 Méi 1929, grup “Sasaka Domas” pingpinan Achmad Bassach geus mintonkeun tunil di Galoenggoeng Bioscoop, Tasikmalaya. Demi carita nu dipintonkeunna nyaéta Kalepatan Poetra, Dosana Iboe Rama jeung Hoetang Lara Bajar Lara

Sidik pisan ti dinya ogé, Joehana sorangan maké karya romanna pikeun pintonkeuneun dina tunil. Jadi curiga yeuh, naha Joehana nulis sakabéh roman téh mémang diancokeun pikeun gelarkeuneun dina panggung atawa husus nu maca. Da sigana katumpangan ku niat ngahaja nyieun roman téh keur pidangkeuneun dina panggung. Geuning réa karya-karyana nu dipanggungkeun ku grup tunil boh nu manéhna sorangan boh nu batur. Sakaligus ku katerangan di luhur ogé bisa nerangkeun ngeunaan Rasiah noe Goreng Patoet deuih. Éta roman téh kawasna mémang asalna carita tunil. Atawa mémang roman-roman karya Joehana téh kabéhanana asalna mangrupa carita tunil? Pasti matak narik mun bisa kajawab téh nya.

Boekoe Toneel Tjarios Dasar Kiat Djodo jeung Boekoe Toneel Tjarios Pamaksa Sepoeh,
ditulis ku E. Moechtarman, voorzitter B.P.I. Cianjur,
medalna ku Tjiandjoersche Drukkerij, taun 1932

Satuluyna naha kungsi aya buku Sunda nu eusina carita tunil? Puguh baé aya mah. Da geuning sanggeus dicukcruk ngagoréhél dua judul buku carita tunil. Nu dua téh nyaéta Boekoe Toneel Tjarios Dasar Kiat Djodo jeung Boekoe Toneel Tjarios Pamaksa Sepoeh. Duanana ditulis ku E. Moechtarman, voorzitter B.P.I. Cianjur. Nu medalkeunana ogé sarua deuih, ku Tjiandjoersche Drukkerij, taun 1932. 

Mun nilik panjangna nu ngan 12 kaca séwang, dina basa lancaran deuih, boh Tjarios Dasar Kiat Djodo boh Tjarios Pamaksa Sepoeh téh méh aya sasaruanana jeung carita-carita tunil nu kungsi dimuat dina mingguan Siliwangi taun 1921-1922. Kabéhanana bisa diréken parondok. Ku kitu téh atuh bet jadi kapikiran yén eusina téh mangrupa sinopsis, tingkesan, atawa bagal tina carita roman nu leuwih panjang, nu bisa jadi kakara bisa manjangan téh upama dipanggungkeun ku para aktorna ngaliwatan improvisasi. Atuh déskripsi nu biasa mapaésan atawa nguatan gambaran kasang carita dina roman, bisa diganti ku tata panggung ana digelarkeun jadi tunil mah. Matak narik deui waé pan!

Keun soal éta mah sugan bisa kasampeur deui engké. Ngan ayeuna keur saayeunaeun mah, soal-soal nu diasongkeun dina awal tulisan téh geus bisa dijawab. Dina jagat sastra Sunda kungsi aya tradisi nulis carita tunil nu dipublikasikeun dina mingguan jeung buku. Demi nu ngarangna dina mingguan mah henteu disebutkeun, ngan nu winangun buku disebut ngaranna. Sedeng waktu publikasina dumasar kana cukcrukan mah antara taun 1920-an nepi ka taun 1930-an. Nu kudu dikobét, dijeroan deui, nya lebah patula-patalina antara carita tunil jeung roman Sunda nu harita sarua keur meumeujeuhna sirungan. 

Mun dipatalikeun jeung katerangan Haryadi katut Tini Kartini, spk. di luhur, sidik pisan carita tunil nu dimuat dina "Siliwangi" katut buku-buku karya Moechtarman téh bisa kakolomkeun minangka calecer kamekaran drama Sunda modéren deuih.

***





ATÉP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng; Wabah Sampar di Priangan, 1925-1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.

Posting Komentar

0 Komentar